SESEBUTAN KA JALMA NYOKOT TINA PATOKAN RUPA JEUNG WANDANA.
- Get link
 - X
 - Other Apps
 
Montok =  awak seseg jeung sehat
 Bongsor = haloghog = gancang ngagedean
 Kutet         = awak leutik bae
 Belekesenteng,buta tulang, Buta daging = Keur meujeuhna  ras
 Geulis = awewe anu boga rupa hade
 Kasep = lalaki nu boga rupa hade
 Bahenol = awewe anu rupana taya cawadeun sarta Pikabitaeun
 Songgeng = bujur nonjol ka tukang, cangkeng Dengkeng
 Telebeng = teu aya cangkengan
 Budayut =bureuteu = beuteung nyemplu
 Gembru = budak lintuh
 Lenggik = awewe nu cangkengna leutik
 Ceking = awakna leutik
 Bayuhyuh = lalaki lintuh
 Bucitreuk = gede beuteungna wungkul
 Pacer = bitisna leutik
 Gembil = pipina lintuh
 Bongkok = tonggongna bengkung
 Bongkok meongeun = bengkung palebah punduk
 Jebleh = biwir handap ngapleh
 Jeding = biwir luhur nyudik
 Dengkol = tarangna nongnong
 Deleng = panenjona menceng
 Ciriwis = buukna carang
 Beke         = awakna pendek
 Peang = awakna kuru teusaimbang jeung Jangkungna
 Pincang = sukuna leutik sabeulah
 Pinjeg = tetepokanana luhur sabeulah
 Rijep         = matana sering ngerejep
 Ngohngor = huntuna nonjol ka hareup
 Tonggar = huntu luhur nonjol ka hareup
 Deog pengkor = gempor teu bisa  leumpang
 Bedegul = awakna busekel
 Bopeng = pipina pinuh kuceda urut cacar
 Pecak = panonna teu nempo sabeulah
 Bewosan = pipina jeung gado pinuh ku bulu
 Sipit         = siki panonna leutik (bangsa cina)
 Bolotot = siki panonna gede
 Rebing = daun ceulina rubak
 Lolong = panonna teu nenjo
 Rejeh = biwir panon beureum sarta caian bae
 Pengkeh = sukuna upama nangtung saperti aksara O (polio)
 Teklok = sukuna upama nangtung saperti hurup X (polio)
 Egang = leumpang ngageang
 Ponges = irungna cacad
 Suwing = biwir luhurna beulah
 Butak         = buukna teu jadi saparo
 Pireu         = teu bisa ngomong
 Torek = teu bisa ngadenge
 Cadel = ngomongna teu bentes utama ngucapkeun Hurup R
 Candael = ngomongna anca
 Latah,gehgeran = sok nurutan omongan 
 Saliwang,  = anu salah pangdengena
 Sumbiar = upama nempo teu bisa mantep,kamana Karep.
 Mikung = ceulina leutik jeung daun ceuli kewung
 Cameuh = gadona nyueut ka hareup
 Kampeng = sirahna penjol
 Buntet = awakna pondok
 Jebrag = dampal sukuna meber ka gigir
 Kiting         =  Ramona  merengkel
 Kampreng = leungeunna paeh teu bisa diobahkaeun
 Cenggehan = Ramona aya nunempel (gene)
 Keueusan = huntu budak anu teu jadi, jiga ompong
 Karehol = huntuna teu beres
 Galing = buukna merengkel
 Galing muntang = galling tungtungna wungkul
 Kempot = pipina ngalewo upami imut saperti liang Undur-undur
 Bule         = kulit jeung buukna bodas saperti walanda
 Hideung santen = semu hideung jeung mulus beresih
 Gondok = panyakit  dina beuheung ngagayot
 Sengkek = beuheung pondok
 Ompong = huntuna parunglak
 Harigu manukeun = dadana nonjol ka hareup
 Taktak korangeun = taktakna mudun (saperti korang)
 Hulu peutieun = huluna leutik teu saimbang jeung badanna
 Beuteung anjingeun = beuteungna neros gede kaluhur (saperti Beuteung anjing)
 Beuteung bangkongeun = beuteungna rubak ka gigir
 Bengo = Sungutna menyon ka kenca/ka katuhu.
- Get link
 - X
 - Other Apps
 
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.