ASAL – USUL JEUNG PRA SEJARAH KI SUNDA (Dok.Salakanagara)

Ku, Prof. Dr. R. P. Koesoemadinata
Guru Besar Emeritus Geologi
Fakultas Ilmu dan Teknologi Kebumian
Institut Teknologi Bandung

Disundakeun ku Sundamaya

Saripati/Abstraks

Ngahaeub Perang Dunya kadua loba pisan situs artefak (lolobana talawengkar obsidian) nu kapanggih di pasir-pasir sabudeureun cekungan Bandung. Ieu situs jeung artefak-artefak teh geus dibahas ku Koenigswald (1935) jeung Rothpletz (1951). Ieu artefak-artefak teh ngan kapanggih lebah puncak-puncak pasir nu jangkungna leuwih ti 725 m saluhureun beungeut laut, ieu fakta nu bisa dijieun bukti yen kungsi ayana talaga bihari/purba (talaga Bandung). Nu ceuk dongeng rayat Sunda mah “Sasakala Sangkuriang” artefak nu kapanggih di wetankidul Bandung, lolobana cewiran batu obsidian, mindeng sagede tungtung jamparing, peso, pesoraut, jeung jara: parabot tina batu teh, aya nu winangun halu leutik, kampak, batu dua muka tina batu kalsedon, geulang, tina batu atawa cewiranana. Aya oge sesemperan barabadan, atawa winangun batu pangecoran parunggu atawa beusi. Beh dituna situs-situs teh ngungkab ayana keramik impor Hindu/Cina ti abad ka 18. Ieu situs teh jadi kayakinan yen tuluy-tumuluy diancikan ti jaman neolitikum, ngaliwatan jaman parunggu Dong son, nepi ka kurang ti300 taun kaliwat. Karuhun Ki Sunda di wewengkon Bandung geus ngagawean industri logam jeung buniaga parabot (batu),

Panalungtikan geologi ku van Bemmelen (1934) ngakurkeun ayana talaga purba nu jadina pedah kapendetna walungan Citarum purba/bihari. Tina kocoran lebu gunung-api masal, akibat hebatna bitu gunung Tangkuban Parahu nu di mimitian ku runtuhna gunung Sunda bihari/purba kulonkalereun Bandung, tur winangun kaldera nu ditengahna Tangkuban Parahu mucunghul. Erupsina plinian nu geus nutup padumukan kalerkuloneun Bandung. Sabab taya artefak nu kapanggih lebah dieu. Kaimplengna yen karuhun Sunda kungsi nyaksian ieu kajadian hebat, matak nepi ka aya legenda Sasakala Sangkuriang. Kulantaran harita can aya metoda modern nakhrihkeun radiometric, ieu kajadianteh ukur di-kira-kira kajadian dina sabudeureun 6000 taun Saemeh Masehi, dumasar kana artefak zaman Neolitikum.

Panalungtikan geologi anyar-anyar ieu, nuduhkeun yen leutak tamperan talaga bihari/purba geus ditangtukeun umurna 125 rebu taun, sedengkeun erupsi plinian kajadian dina umur150 jeung 55-50 rebu taun. Asal mula talaga bihari, talaga Bandung disababkeun ku bitu plinian, naja kocoran lebu mimiti bisa wae bisa ngantebkeun kapastian talaga bihari. Pungkasan talaga bihari teh ditangtukeun dina 16 rebu taun kaliwat. Ieu fakta nandakeun yen mustahil karuhun Sunda nyaksian kabendungna Citarum jeung mucunghulna Gn. Tangkuban Parahu., sabab munculna manusa modern (homo sapien) di Afrika Kidul kira-kira 120 nepi ka 100 rebu taun kaiwat. Leuwih asup akal mun karuhun Sunda kungsi nyaksian bitu plinian kadua, nu geus nerebkeun padumukan di kuloneun Cikapundung, (Beulah kaler jeung kulonkidul Bandung) dina periode 55-50 rebu taun kaliwat, sabab homo sapien kahot nu kapanggih di Australia kidul, umurna 62 rebu taun kaliwat, jeung di pulo Jawa munculna manusa Wajak (wajakkensis) dina 50 rebu taun kaliwat. Spekulasi sejenna ngan homo erectus wungkul nu kungsi nyaksian kabendungna talaga Bandung jeung munculna Gn.Tangkuban Parahu. Hadirna ieu mahluk di Jawa kira-kira 1,7 juta taun kaliwat tur geus ngalaman budaya obsidian (obsidian culture). Najan kumaha oge konci dina ngarengsekeun kapanasaran, ku cara milampah panalungtikan situs-situs artefak ti Bandung nu kawilang beunghar, make teknik nahrikhkeun/nyindekkeun nu modern.

PANGANTEUR

Maksud ieu tulisan keur nalaah pra sajarah dataran Bandung ditempo tina jihad data-data geologi mutahir. Sakumaha anu kanyahoan yen di sabudeureun dataran tnggi Bandung, nu dina istilah geologi disebut cekungan Bandung, geus kapanggih situs-situs artefak nu nuduhkeun yen wewengkon Bandung geus dieusi padumuk/manusa,ti rebuan malah puluhan rebu taun kaliwat. Ieu situs-situs teh meh teu kaperhatkeun ku para arkeolog ti sanggeus pngukasan perang dunya kadua. Padahal panalungtikan ieu teh bisa ngungkab karuhun Ki Sunda jeung kabudayaanana.

Nu nulis hayang nyuguhkeun hasil panalungtikan geologi mutahir sabudeur wewengkon Bandung, pangaruhna kana panahkrihan/panangtuan kana ti iraha Ki Sunda dumuk di wewengkon Bandung. Sakumaha nu kanyahoan yen panalungtikan geologi geus nuduhkeun kungsi ayana talaga Bandung dina Sasakala Sangkuriang, bisa disebut hiji kanyataan.

HASIL PANALUNGTIKAN SABUDEUR PERANG DUNYA KADUA

Ka-aya-an/eksistensi artefak di budeureun Bandung mimiti kaboker ku para ahli partambangan Hindia Walanda nu boga kantor pusat di Bandung, di antarana; Dr.A.C. de Jongh, pupuhu dines Partambangan, dina taun 1920-30. Nu manggihkeun situs sesemplekan obisidiandi pasir Dago-Pakar sohor disebut Tugu Triangulasi KQ 380 (Ayeuna disebut Pasir Kordon), Kaayaan ieu artefak the diteruskeun ku panalungtikan sabudeureun Bandung ku Dr.G.R.von Koenigswald saurang ahli paleoantropologi moyan nu manggihkeun manusa purba di Jawa. Hasil panalungtikan Koenigswald dipublikasikeun taun 1935, di antarana kapanggih kampak batu nu geus dipoles, tapi lain tina batu obsidian, tina batu sejen saperti calchedon jeung kwarsit. Malah artefak obsidian ge lain mangrupa sesemplekan (spliter, chips),tapi loba nu geus ngabentuk kawas tungtung jamparing,peso,pangraut ,mata bor, jsb. Umumna umumna teu dipoles jeung laleutk, nepika disebut istilah budaya mikrolit (microlith culture),artefak tina batu calchedon, jaba ti kampak batu nu geus dipoles kapanggih deui mutu.batu asahan,geulang, Ceuk Koenigswald (1935) ieu artefak titinggal zaman Neolithicum. Perlu apal yen batuan kawas obsidian, kalsedon, jeung kwartsit asalna lain ti wewengkon lebah mana kapanggihna situs, teu mustahil dina eta jaman geus aya buniaga batuan, ku jalan tukeur. Petan tina asal eta batuan tina puncak pasir nu jangkungna leuwih ti 725 meter tina beungeut laut. Ieu bedana jeung budaya kiwari , yen padumukan biasana ngadeukeutan sumber cai, di lengkob, sisi walungan atawa deukeut seke. Tembong tina ngaran kampong loba nu make kecap CI atawa Seke, kalawan make jangkung minimum ieu situs, Koemigswald nafsirkeun yen kaayaan talaga badag purba, luhurna 725 m tina beungeut laut, mun eta gurat kontur ditarik lempeng, mangka bakal ngawangun buleudan nangkub, kajaba di wewengkon Sanghyang Tikoro, kuloneun Rajamandala ayeuna, nepika walungan Citarum meulah pagunungan kapur. Panalungtikan geologi beunang van Bemmelen (1934) dina waktu nu sarua nandeskeun pangrojong kana ayana talaga Bandung Purba. Malah inyan rengse nulis sajarah geologi. Dumasar paniten ungkaban batuan jeung wangun morpologi tina gunung-gunung api sabudeur Bandung. Cindekna sajarah geologi Bandung dimimitian ti jaman Miosen (kira 20 juta taun kaliwat) harita wewengkon bandung kaler mangrupa laut, dibuktikeun ku lobana fosil koral winangung terumbu karang sapanjang umpakan pasir Rajamandala, nu ayeuna jadi gunung kapur jeung pangalian marmer nu polana tina fauna purba. Pasir gunungan seuneu diyakinkeun aya keneg di Jawa Kidul. Dina 14 nepi ka 2 juta taun kaliwat, beungeut laut disurung sacara tektonik jadi wewengkon pagunungan, tuluy t i4 juta taun kaliwat kasered ku aktifitas gunung seuneu nu ngakibatkeun mucunghulna pasir-pasir nu nunjang kaler ngidul, antara Bandung jeung Cimahi, di antarana, Pasir Selacau, hasil gunung seuneu the jadi batuan beku, nu bisa dikali(diala,ditambang), Gunung Lagadar (antara Leuwi Gajah-Ciwidey). Dina 2 juta taun kaliwat aktifitas gunung seuneu the ngeser ka kaler, nepi ka ngawujud gunung seuneu purba, nya eta Gunung Sunda, nu jangkungna kira 3000 meter tina beungeut laut. Sesa Gunung Sunda the ayeuna jadi tonggong pasir Situ Lembang (salsahiji puncakna ayeuna disebut Gunung Sunda), Gunung Burangrang diyakinkeun jadi salasahiji punclutna gunung Sunda,sesa liana nyampak di kalereun Bandung nepi ka Gunung Manglayang nu ku van Bemmelen (1934,1949) disebut Pulusari Schol (Blok Pulusari). Tah di padataran ieu loba kapanggih ieu situs-situs artefak the. Nu dituluykeun ditalungtik ku Rothpletz dina jaman Jepang jeung mangsa jajahan Walanda ngahaeub perang kamerdekaan. Sesa sejenna tina Gunung Sunda teh nya eta Gunung Putri di wetaneun Lembang. Gunung Sunda Purba teh runtuh nimbulkeun kaldera (kawah) gede ukuran 5 x 10 Km, ti tengahna mucunghul gunung Tangkuban Parahu, nu disebutna tina hasil erupsi A ti Cisarua-Lembang- Gn.Manglayang. Tur misahkeun dataran luhur Lembang jeung dataran luhur Bandung.

Ieu kajadian kiraan van Bemmelen (1949) dina 11.000 taun kaliwat hiji erupsi catacliysmic kadua lumangsung 6000 taun kaliwat mangrupa caah lebu panas nu neumbang Bandung kaler (Sisi Gunung Sunda Purba) kuloneun Cikapundung, nepi ka Padalarang lebah Citarum purba ngocor ka luar Bandung,caah lebu vulkanik ieu nu ngabendung Citarum purba, mangka jadi talaga purba Bandung. Kalawan nimbang legenda sasakala Sangkuriang, harita sabudeureun Bandung geus aya jalma, nu nyaksian bituna Tangkuban Parahu purba jeung kapendetna Citarum dina sapeuting. Erupsi Gn.Tangkuban Parahu nu pipindahan ti kulon ka wetan nimbulkeun datar puncak eta gunung kawas parahu tibalik. Koenigswald (1935) nafsirkeun suwungna data-data artefak di kuloneun Cikapundung sabab kabulen ku lebu vulkanik nu kandel nu nib aka eta lelemah. Gerakan potongna Sesar Lembang kajadian deui, nepi ka tomggomg pasir Lembang (lebah Observatorium Boscha), nyingkabkeun jeung ngungkab deui kocoran bekuan lava ti Gn.Sunda Purba, nu ayeuna disebut Batugantung. Erupsi badag kajadian deui (Erupsi C) nu geus ngocorkeun lava ka Cikapundung nepi ka Walungan Cimahi, ngawujudna curug Dago jeung curug Panganten. Ngeunaan Talaga Purba Bandung, lalaunan ngeureut jajaran pasir kapur nu hipu, nu disebut Sanghyang Tikoro. Van Bemmelen (1934) jeung ahli geologi liana nyualkeun asal talawengkar obisidian nu digunakeun bahan artefak. Ngan 2 tempat nu kapanggih nu aya batu obisidian sacara alamiah, nya eta kocoran lava kentel nu kaya ku silica, deukeut Nagreg, jeung wewengkon Nagrak deukeut geotrmal Darajat kuloneun Garut. Hartina ngeunaan industry jeung buniaga batuan obisidian dipilampah meuntas talaga Purba Bandung.

Rothpletz (1951) nuluykeun pagawean Koenigswald museurkeun panalungtikan di wetan-kulon Bandung nu disebut Pulusari Schol. Di sababaraa tempat kapanggih jaba ti bahan tina batu obisidian, oge aya kampak batu malah barabadan, jeung tempat citakan pangecoran parunggu jeung beusi, sarta sesa leburan beusi (iron slags), malah kapanggih aya barabadan jeung manik-manik nu asalna ti India jeung China dina abad ka 9 nepi ka abad 18. Rothpletz (1951) nyindekeun yen situs-situs teh mangrupa padumukan nu dieusi tuluy-tumuluy rebuan taun ti zaman microlithikum/mesolithicum, zaman parunggu Dong-son nepi ka zaman Hindu.

Malah Dago pakar nu dipastikeun tempat industry logam nyieunan alat-alat perang kawas seuseukeut tumbak jeung liana. Rothpletz ge di Wetaneun Dago Pakar manggih kuburan nu dipastikeun kuburan pra-Islam, tur nafsirkeun ayana padumukan purba nu dilengkepan ku solokan pertahanan. Tapi ieu padumukan the kawsna ditinggalkeun dina awal abad ka 19, din abukuna ditulis yen kalereun Bandung aya leuweung nu tara kasaba ku jalma sabab loba maung nu liar. Tapi dina abad ka 20 Bandung kaler khusuna wetaneun walungan Cikapundung geus jadi huma, kebon tur loba deui padumuk, sakumaha nu ditepikeun ku Koenigswald (1935) jeung Rothpletz (1951). Tina panalungtikan samemeh perang dunya ka II diyakinkeun yen kabudayaan geus mekar di wewengkon Bandung kaler sacara turun-tumurun,dicaritakeun sacara legenda, kawas Sasakala Sangkuriang.

PANALUNGTIKAN GEOLOGI MAPAG AHiR ABAD KA 20

Mapag ahir abad ka 20, kira taun 90-an panalungtikan geologi ngaronjat, utamana dina raraga mikabutuh cai Bandung, jeung kapentinganlianna nu ngawujudkeun thesis jeung disertasi magister jeung doctor.
(Kintunan : Drs.Asep Idjuddin)

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona