AHLI KAMASAN Dina Jaman Pajajaran (Dok.Salakanagara)

Ku : Aan Merdeka Permana
KAMASAN atawa tukang nyieun perhiasan tina emas, geus aya ti jaman Karajaan Sunda kénéh, ngan baheula mah ngahususkeun kana perhiasan anggoeun raja. Makuta anu ayeuna diteundeun di Museum Pangéran Geusan Ulun Sumedang, dijieun ku Ki Aji Pandit Panuragan, ahli kamasan anu tetep satia tepikeun ka Pajajaran burak.

DISEBUTKEUN yén hiji ngaran lembur anu katelahna Bojongemas, wewengkon Kabupatén Bandung , baheulana téh, nyaéta jauh ka baheula, malah parat tepikeun ka jaman Pajajaran, mangrupa pusat kamasan, atawa pusat industri karajinan tina emas. Ari nu dijieunna, sabangsa karajinan pakeeun para raja katut kulawadetna. Hasil industri ti Bojongemas, Kabupatén Bandung téh oge diékspor ka nagara-nagara séjén, saperti ka Sriwijaya, malah ka Viétnam jeung Kamboja.
Tepikeun ka jaman Pajajaran ahir, masih kénéh kasampak kamasan sohor tur kapaké ku Raja. Anu nyieun makuta bikeuneun ka Prabu Geusan Ulun, ngaranna Aji Pandit Panuragan.
Aji Pandit téh anu kacatet jadi turunan pamungkas para ahli kamasan salila Pajajaran manggung. Manéhna dibabawa ku Prabu Séda ka Pulasari Banten, tur di dituna dititah nyieun makuta bikeuneun ka Prabu Geusan Ulun anu katelahna Makuta Prana Ma’jha Kasta.
Aji Pandit Panuragan téh turunan pamungkas anu kacatet. Ka luhurna, para karuhunna, sarua pancén gawé jadi ahli kamasan anu kapaké ku para Raja Pajajaran ti jaman ka jaman.
Tamba kawaranan, ieu di handap runtuyan kulawarga ahli kamasan di Pajajaran, ti jaman ka jaman:
Pranju Aji Mas Dandan Panuragan
Saprianji Panuragan
Lehan Sanju Panuragan
Tarmaji Abiaji Panuragan
Abi Ruhuy Nandan Panuragan
Aji Pandit Panuragan

Pranju Aji Mas Dandan Panuragan, jadi kamasan sohor anu kapaké pisan ku Sri Baduga Maharaja (1482-1521), Abi Ruhuy Nandar Panuragan, sohor ahli kamasan di pusat industri Bojongemas, ari Aji Pandit Panuragan, nyaéta anu kapaké ku Prabu Seda (1567-1579).
Maranéhna teu sakadar ahli, sabab baroga sumpah salaku ahli kamasan. Dina saban nyieun karyana, utamana pakéeun raja (makuta), para ahli kamasan téh ngucapkeun sumpah:
“Sumpah kamma parat ti jiwa
ngiji abad, nempak pimaké
raja ka’antar mipilanjut bihari
rang’kuh pa’tuh énjha
antara natusan pang’kuh
katsa niang bumi kerta
sumpah kamma ngalantun
lihar lambey sanghyang kalam, talak!”

(Geus jangji dina ieu jiwa, tina hiji jaman
makuta bakal dipaké ku hiji raja
nu bakal datang dina jaman engké
nu tukuh dina méré kasalametan ka rahayat
ratusan (taun) ka hareup
nu sakirana baris lahir turunan
nu bisa nangtayungan ka saalam dunya
Jangji kaula teu saucap létah
Kadéngé ku nu maha gaib. Inget!).

Maranéhna geus ngaramal, hiji waktu, ratusan taun ti harita, makuta asli Pajajaran bakal kapimilik ku pamingpin tapi anu jangjia teu saucap létah, sabab éta jangji kadéngé ku Nu Maha Gaib. *** 
Dikutip tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona