Dongeng Sasakala Surade (Dok.Salakanagara)
- Get link
 - X
 - Other Apps
 
Sakiduleun
 kota Sukabumi aya hiji tempat anu rada kajojo ku jalma – jalma anu 
resep pelesiran. Eta tempat teh ngarana nyaeta SURADE.
 
 Reana 
jalma nu datang ka eta tempat ku sabab genah tur seger hawana, katambah 
aya hiji tempat pikeun pelesiran nyaetaUjung Genteng.
 
 Kumaha asal muasal ngaran eta tempat teh.
 Kieu geura : ceuk sakaol carita baheula aya hiji sepuh anu luhung ku 
elmu, jembar ku pangabisa, sugih ku pangarti, saciduh metuh saucap 
nyata. Eta sepuh teh wastana EYANG MAS ARYA SANTRI DALEM anu katelah 
namah EYANG CIGANGSA.
 
 Eyang Cigangsa kagungan saderek istri anu
 wastana NYI MAS SURADEWI. Anjeuna kacida nyaah tur deudeuhna sabab kana
 sagal piwuruk teu wurung diturut, hirup teu lepas tina aturan, itungan 
jeung ugeran.
 
 Ari pangawakan Nyi Mas Suradewi, geulis kawanti – wanti, endah kabina – bina, estu geulis bawa ti ajali endah bawa ti kudratna.
 
 Keuna kana babasaan :
 Rambut galing muntang
 Taar teja mantrangan
 Halis ngajeler paeh
 Soca cureuleuk seukeut
 Pangambung kuwung – kuwungan
 Damis kadu sapasi
 Waos gula gumantung
 Taktak taraju emas
 Panangan beuntik ngagondewa
 Ramo racut mucuk eurih
 Angkeng lengkeh lir papanting
 Bitis jaksi sajantung
 Pakulitan hejo carulang
 Mun seung leumpang lir macan teunangan.
 'Kitu kaayaan Nyi Mas Suradewi.
 
 Sok sanajan can rimbitan, Nyi Mas Suradewi geus bubuara di hiji tempat 
anu teu pati jauh ti lembur cigangsa. Kabungkus ku pasipatanan, di eta 
lembur anjeuna di angkat jadi pamingpin. Dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah 
nagara estuning pikayungyunen teu cueut kanu hideung teu ponteng kanu 
koneng estuning adil, jujur tur bijaksana. Atuh kaayan eta lembur jadi 
subur makmur gemah ripah repeh rapih.
 
 Dina keur meujeuhna hejo 
lembok raweuy beuweungeun reumbay alaeun, sepi paling towong rampog taya
 begal ngalalana, Nyi Mas Suradewi ngumpulkeun para abdi katut 
rahayatna. Anu maksud jeung tujuanana anjeuna seja nitipkeun kakawasaan 
keur sawatara heula. Sabab anjeuna bade nyumponan pangangkir nu jadi 
dulurna nyaeta Eyang Santri Dalen di cigangsa.
 
 Saur Nyi Mas Suradewi :
 “Para abdi katut rahayat sakabeh ngahaja ku kaula dikumpulkeun anu 
maksud jeung tujuanana, kaula seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara 
heula, sabab kaula bade nyumponan pangangkir nu jadi saderek nya eta 
Eyang Santri Dalem di cigangsa. Kade salila ditinggalkeun sing carincing
 pageuh kancing, sing saringset pageuh iket, bisi aya hiji hal nu teu di
 piharep.”
 
 Harita keneh anjeuna miang ninggalkeun ta lembur.
 Takdir teu beunang di pungkir. Kadar teu beunang di singlar, di 
satengahing perjalanan waktu keur meuntas di walungan Cigangsa anjeuna 
palid kabawa caah nepi kahanteuna jasadna dipulasara di eta lembur anu 
teu pati jauh ti cigangsa.
 
 Waktu ker ngadenge yen anu jadi 
pamingpina geu taya dikieuna, sakabeh rahayatna ngumpul bari sedih 
kingkin sarta leuleus tur lungse, lir kapuk ka ibunan lir kapas 
kahujanan.
 Dina keur kaayaan kitu, datang Eyang Cigangsa ka eta lembur anjeuna biantara.
 
 Saur Eyang Cigangsa :
 “Para abdi katu rahayat pangeusi ieu lembur, ngahaja ku Eyang 
dikumpulkeun, anu lain waktu anu maksud jeung tujuanana, pamingpin 
aranjeun geus taya dikieuna, urang ngaranan we ieu tempat teh SURADE. 
Nyaeta itung – itung pangeling – ngeling ngalap ngaran hiji pamingpin 
anu adil, jujur tur wijaksana.
 Para abdi katut rahayat pangeusi eta lembur nyatujuan kana kaputusan eyang Cigangsa.
 
 Tah ti harita ngaran eta tempat teh katelahna SURADE, nyaeta keur 
pangeling – ngeling ka hiji pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana.cag
 
- Get link
 - X
 - Other Apps
 
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.