JABANG TUTUKA

Kanggo ka sadaya kadang wargi anu mikacinta ka budaya sunda, diantawisna Seni Wayang Golek, simkuring nyanggakeun ieu ringkasan Lakon-lakon Wayang Golek . Mudah-mudahan sing janten motivasi kanggo ka urang khususna para nonoman nu aya di tatar sunda, supados tiasa ngajenan, ngamumule, tur ngaronjatkeun budayana.

Asa ku lebar pisan budaya urang (sunda) nu sakitu beunghar tur luhung ajenna dimomorekeun ku urang nu pituin sunda. Ulah dugikeun ka "Jati Kasilih Ku Junti" (Budaya urang kasilih / kalibas ku budaya deungeun).


Tahap awalmah urang diajar mikaresep heula ka seni budayana, diantawisna dihandap ieu simkuring parantos nga-posting carita pondok/ringkasan wayang golek, Salian ti hiburan wayang golek teh mangrupi hiji jalan kanggo urang mulungan elmu agama, da numutkeun sajarahna waktos jaman Sunan Kalijaga, mantena tiasa nyebarkeun agama islam kalayan lancar tur gampil ditarima ku umat, salah sawios jalana nyaeta ku Seni Wayang.


Mudah-mudahan sing seueur pulungeunana kanggo urang, kalayan manfaat dilarapkeun dina kahirupan, nu dipalar salamet urang di dunya tur akheratna. Amin.


JABANG TUTUKA


SURALAYA: Kacarios Bhatara Guru nuju dideuheusan ku Resi Narada, nyawalakeun yen kadewatan geus kadatangan Prabu Naga Percona katut wadya-baladna maksa menta Dewi Supraba nu ayeuna nunggu di saluareun Selapatangkeup, sadibubarkeun nana ku pangawasana Batara Bayu.Kaduana, Bhatara Guru nerangkeun yen Dewi Arimbi tos ngalahirkeun jabang bayi ngan bae tali ari-ari na teu bisa di teukteuk.Batara Guru ngutus Narada maparin “Kontabasma” ka Dipati Arjuna.




GUNUNG WATANGAN: Bambang Aradea nuju menekung muja semedi kasumpingan Batara Surya .ku nyaahna ka putra Bhatara Surya ngancik dina dirina Radea anu rupina jebres/sarupi sareng Arjuna.teu lami sumping Narada sok wae eta Konta teh dipasihkeun ka rd.Radea.Sasokna Konta sang Surya medal tina garbana Radea.Radea teras bae indit gagancangan,tanpa pamit.Resi Narada kasamaran lajeng enggal-enggal nepangan Arjuna / milarian dipati Arjuna.




DI ALAS KRENDAWAHANA: Dipati Arjuna nuju mileuweungan maksad seja milarian senjata kanggo nugel tali ari-arina bayi nu nembe medal/lahir,kauningaeun ku Resi Narada teras di sampeurkeun sarta diterangkeun yen pusaka konta kanggo nugel tali ari-ari na bayi the geus di rebut ku Rd.Radea.ayeuna buru-buru nyusul sarta penta eta senjata teh. Arjuna muru kapalebah Radea sapendakna guneman ger perang parebut senjata.antukna “eusina”kacandak ku raden aradea ari “warangkana” karebut ku Arjuna, bari teras lumpat sabab pangarasa nu karampas teh sapuratina.nanging Semar surti kalawan waspada teras wae mulang ka nagara-laporan.



PRINGGANDANI:Prabu Darmakusumah,Bima,Nakula,Sadewa,Sri Bhatara Kresna nuju ngariung jabang bayi. Teu lami sumping Arjuna katut pawongan anu nguningakeun hasil karyana.Bima bendu,nanging hal ieu ku Kresna dipiwarang digunakeun.Warangka dianggo neukteuk tali ari-ari nya harita sapat, mung wae eta warangka teh rapet ngahiji sareng udel jabang bayi. Sarengsena sumping Narada seja mundut tulung sangkan jabang bayi ka candak ka Suralaya, di sarengan ku pawongan kanggo nyaksian eta kajadian/peperangan.



SELAPATANGKEP: Sadugina ka selapatangkep ieu jabang bayi di sodorkeun ka Naga Percona. Ku naga percona di cetrok, jabang bayi maot sapada harita. Nya ku Resi Narada dideuheuskeun ka Hyang Jagat Nata sarta terus diparentahkeun sangkan digodog di Kawah Candradimuka oge para dewa kedah ngasupan rupa-rupa logam kayaning: waja, emas, tambaga, inten, berlian katut sapadana,bari di pangwatekkeun “waringin sungsang”.teu lami bayi ngawujud satria di deuheuskeun ka Bhatara Guru sarta dinamian : Gatotkaca, Krincing wesi, Suryapringga, Mlajangtengah, Jabangtutuka, Bimaputra, Kancing jaya. Satuluyna diparentahkeun supaya ngalawan deui prabu Nga Percona.harita keneh ger perang prabu Naga Percona pegat genggerongna, maot sapada harita. Bhatara guru nganuhunkeun sarta Batara Guru jangji yen Gatot kaca bakal di angkat raja di Suralaya pikeun sawatara waktu.satutasna nampi wangsit Dewa Gatotkaca miang Ka Amarta.



AMARTA: Para putra pandawa kalayan disesepuhan ku Bhatara Kresna nuju sami ngantos jabang bayi. Teu lami sumping pawongan ngiringkeun jabang bayi nu tos salin jinis ponggawa nu sembada.Saterasna sumujud ka para sadaya sarta Semar medar sagala rupa anu kajadian di Suralaya.Sadayana para Pandawa sami aya dina kabungahan, salajengna nunuhun ka maha tunggal kalayan ngayakeun syukuran sarta diayakeun pesta anu pohara ramena.

http://www.kalangsunda.net/apps/forums/topics/show/4466900-jabang-tutuka

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona