UCAPAN RINEKA SASTRA (dimuat bilih hilap deui)

Urang Sunda mah gede rasa sumaduduluranana sarta gede kanyaah. Ku kolot mindeng diucapkeun : Hirup kudu sabilulungan jeung dulur kudu akur runtut raut sauyunan nya kitu deui kudu welas asih ka sasama. Sakabeh a nu diucapkeunnana oge henteu luput tina tujuan hayang ngangeunahkeun ka anu ngadengekeun, contona :

ANDUK ANDUK PALALAKU
Neda agung cukup lumur mugi jembar panghaksami, bilih aya kalepatan, kirang tata titi,kirang duduga peryoga, tuna harta sepi harti, awon garihal basana,pondok nyogok panjang nyugak, matak jaheut mamanahan, ulah kirang nya nawakup, mugi ageing hapuntenna.

MASRAHKEUN
Nyanggakeun bandanna sakujur,getihna satetes, buukna salambar, ambekanna sadami.Ti luhur sasipat rambut ka handap sahibas dampal. Kabodoanana,katalingeuranana, kalaipanana,siangna,wengina, ilang-ilang marga hina, katinggang pangpung diudag maung,sumangga nyanggakeun.

NARIMA
Ditampi ku asta kalih, kasuhun kalingga murda, bingah amarwata suta, bingah anu teu aya hingana. Sanaos teu diantos ditampi pisan,henteu diteundeun di handap handap estu disuhun dina embun-embunan.

PAPASTEN
Tos cunduk kana waktu, ningang kana mangsa, takdir teu beunang dipungkir, kadar teu beunang disinglar, sumerah ka nu kaasa,titis tulis bagja awak.

PASRAH
Bobot pangayon timbang taraju. Bade dibeureum bade dihideung,nyanggakeun tikoro gorokeun, suku genteng belokeun.Bade dicacag diwalang walang,di siksik di kunyit kunyit, moal bade aral subaha,seja tumut kana kapalay pangersa.

TUNGKEB
NGaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat ngembat nyatang pinang. Ti suklakna ti siklukna,ti naggerang lila beurang ti nangorek lila poek pada ngajugjug ka puseur dayeuh.

KASARUNG
Turun gunung unggah gunung,nyorang lebak jeung bubulak, mipir gawir nu lungkawing, nete akar ngeumbing jangkar,indit kalunta lunta, leumpang sakaparan paran nuturkeun indung sukuna.

KAMASHUR
Kamashur ka awun-awun,kawentar ka janapria.nagara sugih mukti beurat beunghar, rea ketan rea keton.

TENTREM
Ayem tentrem,sepi paling towong rampog,repeh rapih,gemah ripah loh jinawi.

NGADOAKEUN
Omat kudu mawas diri, hirup masing ati-ati, sing bisa nitipkeun diri nyangsangkeun badan.Pait daging Pahang tulang,jauh balai parek rejeki.

MIKAREP
Hirup rukun, runtut raut sauyunan, sapapait samamanis,sabagja sacilaka.Kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salebak.Sabata sarimbagan.

BALUWENG
Pikir henteu genah cicing, ting seredet kana hate, sumarambah kana bayah.Peureum kadeuleu beunta karasa.Ti peuting ka impi-impi ti beurang kagugundamkeun. Guguling nu digugulung dipake tilam keeling.Baluweng rea kamelang,kabingung teu manggih tungtung.

PANYELANG
Heg urang teundeun di handeuleum sieum, urang tunda di hanjuang siang, sampeureun geusan alaeun.

HARA HARAEUN
Lembur singkur,leuweung ganggong sima gonggong.Loba jurig nyiliwuri, tempat ririwa sarila,dipake kemit dedemit jadi pangupukan ipri. Jin setan ting jaligrah, siluman sileman pagaliwota, ngageugeuh leuweung larangan.

BEBELA
Seja ulun kumawula,bade nyebakeun diri.Bok bilih aya maung ngamuk gajah meta, najan kudu pecah dada,perlaya di danalaga. Kuring moal unggut kalinduan gedag ka angina.

RUMASA
Tos rumaos heureut pakeun, deukeut deuleu,pondok lengkah tuna tina pangabisa.

BARANGASAN
Ambekna sakulit bawang. Sipatna bedang wangkelang. Cupet budi,heuras beuheung. Ngomong songong geplak Pahang. Sahaok kiadua gaplok.Tukang bobok tukang rampog.Teu kapok mindeng dibui

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona