BAGUS RANGIN Pahlawan Majalengka (Dok.Salakanagara)

Dina abad ka 19 di Majalengka aya gerakan nu baruntak ka pamarentah Walanda, anu kaasup rongkah. Pikeun nyanghareupanana Walanda nepi ka kudu ngetrukkeun kakuatan, boh pasukan Walanda atawa pasukan pribumi anu biluk ka maranehna. Nu mingpin perjoangan di Majalengka teh nya eta Bagus Rangin. Ambahanana ngalegaan, geus puguh di Cirebon mah (harita Majalengka masih kabawah ku kasultanan Cirebon), ieu mah nepi ka Subang jeung Karawang.

Neruskeun Perjoangan Suriawijaya
Bagus Rangin teh pituin urang Majalengka, ti kampung Demak, Blandongan, Rajagaluh. Pernahna di tutugan kaler gunung Ciremay. anjeunna teh putra Sentayem alias Buyut Teyom, ajengan nu luhur elmuna sarta loba santrina. Salian ti guguru ka nu jadi Bapa, anjeunna oge guguru ka Rama Banten, ulama kamashur ahli tarekat. Bagus Rangin kaasup santri nu pinter, gede wawanen dina enggoning ngabela bebeneran. Sanggeus sawawa anjeunna kapapancenan mingpin kebagusan Jatitujuh ku Sultan Cirebon. Nya di Jatitujuh ayana puseur perlawanan Bagus Rangin.

Sabenerna perjoangan Bagus Rangin teh neruskeun perjoangan Pangeran Suriawijaya, nya eta raja Kanoman. Pangeran Suriawijaya baris jadi Sultan Kanoman lamun sultan sateuacanna wafat. Tapi basa Sultan Kanoman wafat, Walanda kalah ngangkat Pangeran Surantaka anu teu dipikaresep ku rahayat. Katambah kahirupan rahayat harita di padesaan kacida weritna sabab diperes ku Cina nu nyarewaan lahan desa. Rahayat ditibanan rupa-rupa pajeg. Aya pajeg tanah, pajeg jambatan, pajeg sirah, jrrd.

Pangeran Suriawijaya diusir ti karaton Kanoman. Atuh kateusugemaan rahayat beuki rosa. Ahirna rahayat nanduk kana parentah Walanda. Raja Kanoman diangkat pikeun mingpin perlawanan ka pamarentah Hindia Walanda. Huru-hara di mana-mana, Walanda ripuh. Pikeun ngungkulanana taya deui iwal ti kudu nangkep pamingpinna ku cara reka perdaya. Raja Kanoman diajak badami di Batawi. Tapi barang tepi ka Batawi, anjeunna ditangkep tuluy dibuang ka Ambon. Puguh bae rahayat Cirebon beuki ambek, perjoangan beuki dihangkeutkeun.

Rahayat Palimanan nu perenahna antara Jatitujuh jeung Majalengka mimiti baruntak, ngalawan para gegeden di daerahna. Sababna, wewengkon anu dicicingan ku rahayat disewakeun ku bupati ka bangsa Cina nu meres rahayat ku rupa-rupa pajeg tea. Rahayat Palimanan minangsaraya ka Bagus Rangin anu geus dianggap pamingpin maranehna. Cek Bagus Rangin anu wajib dipaehan ti heula teh nya eta Bupati jeung wakil Residen Walanda, sabab maranehna anu ngalantarankeun rahayat balangsak.

Geus kitu mah rahayat ngarurug kota Palimanan dipingpin ku adina Bagus Rangin nyaeta Bagus Serit. Pendopo kabupaten diburak-barik. Wakil residen dipaehan. Para pangagung dikepung imahna. Bangsa urang anu dianggap mata-mata Walanda mah loba nu dipaehan. Geus puguh sakur imah bangsa Cina mah kari urutna wungkul.
Sanggeus ngarurug Palimanan, rahayat baralik deui ka lemburna. Sawarehna deui ngagabung ka pasukan Bagus Rangin. Beuki loba wae anu ngagabung teh, kaasup urut anak buah raja Kanoman. Pasukanana datang ti mana-mana. Aya nu ti Subang, Karawang, Sumedang, Indramayu, Majalengka, Cirebon jeung Kuningan.

Perjoangan Ki Bagusrangin meunang sokongan ti rahayat, boh nu mangrupa tanaga, pakarang, bekel, jrrd. Malahan aya gegeden ti daerah anu ngarojong. Maranehna nyumbang pakarang saperti bedil, mariem, jsb. Hal ieu teh dilantarankeun perjoangan Bagus Rangin luyu jeung kahayang sakumna rahayat. Anu matak pasukanana leuwih tohaga, sarta dianggap baris ngabahayakeun ku pamarentah Walanda mah.

Pamarentah Batawi nugaskeun Nicholas Engelhard mingpin kumpeni pikeun numpes pasukan Bagus Rangin. Eta pasukan dibantu ku pasukan ti Bangkalan, Madura, nu dipingpin ku Mangkudiningrat. Aya sawatara bupati anu diwajibkeun ku kumpeni sangkan mantuan pasukan Walanda. Di antarana bupati Sumedang, Subang, Karawang jeung Cirebon. Kabeh ngarurug pasukan Bagus Rangin di wewengkon Bantarjati, Jatitujuh. Der we perang rongkah.
Perang nu mangbulan-bulan teh akibatna loba korban ti dua pihakanana. Pasukan Bagus Rangin kadeseh lantaran eleh loba jeung eleh katohagaan pakarang. Maranena lolos sarta nyumput pikeun sawatara waktu.
Raja Kanoman Jadi Sultan Sakeudeung
Walanda apaleun kana asal muasalna perjoangan Bagus Rangin. Jadi kacindekan maranehna, pasukan Bagus Rangin teu cukup ku dilawan make pakarang. Ahirna pamarentah Hindia Walanda ngayakeun perjangjian jeung Sultan Sepuh katut Sultan Anom. Diantara eusina nyaeta raja Kanoman dipulangkeun ka Cirebon sarta diangkat jadi sultan. Sedengkeun bangsa Cina teu meunang cicing di desa-desa, kitu deui para gegeden di daerah teu meunang meres rahayat.
Rupana bae eta perjangjian teu bisa mareumkeun perjoangan rahayat Jatitujuh. Komo deui sanggeus Gupernur Jenderal Wiese diganti ku Daendels mah. Daendels ngarecah kasultanan Cirebon, malah saterusna dijadikeun milik pamarentah Walanda. Sultan dijadikeun pagawe nagri anu meunang gajih ku Walanda. Raja Kanoman anu geus jadi sultan teu satuju kana eta aturan. Ku lantaran dianggap ngalawan pamarentah, raja Kanoman dipocot tina kalungguhanana.
Rahayat marudah deui, sabab maranehna leungiteun pamingpin anu wani merjoangkeun nasibna. Bagus Rangin teu tinggaleun, mepek balad deui. Dina waktu anu sakeudeung geus kumpul rebuan anak buahna. Tujuan perjoanganana leuwih jembar. Lain bae pikeun merangan kateuadilan pamarentah Walanda jeung antekna, tapi pikeun ngadegkeun nagara anyar nu mandiri. Ku ayana nagara anu mandiri tangtu tujuan geusan kamamuran rahayat bakal tereh kahontal. Dina programna, Bagus Rangin baris jadi raja, sedengkeun karajaanana dingaranan nagara Panca Tengah nu puseur dayeuhna di Bantarjati.

Walanda teu cicing terus ngeprik pasukan, nyaeta pasukan kumpeni ditambah pasukan para bupati anu biluk ka pamarentah Walanda ditambah deui ku pasukan Mangkunegara ti Solo jeung pasukan ti kabupaten Cianjur, Bogor katut Limbangan. Pasukan Bagus Rangin dikepung ku pasukan gabungan anu jumlahna leuwih loba. Der perang leuwih rongkah.

Lila-lila mah pasukan Bagus Rangin kadeseh. Sawareh bisa ditangkep, nu sejenna lolos. Bagus Rangin sorangan lolos, nyumput di wewengkon Pangayonan. Mepek balad deui. Tapi pasukan Walanda terus ngadeseh pasukan Bagus Rangin nepi ka kampung Sindang, malah diteruskeun ka desa-desa anu dianggap panyumputan balad Bagus Rangin.

Sanajan perjoangan geus eureun ku katangkepna Bagus Rangin, perlawanan rahayat Cirebon teu pareum. Masih diteruskeun ku pingpinan Bagus Jabin, alona. Diteruskeun deui ku Bagus Serit, adina Bagus Rangin. Sanajan ahirna bisa ditumpes ku pamarentah Walanda, ieu tetep jadi bukti sajarah nu nembongkeun kateuadilan jeung kasarakahan pamarentahan.

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona