Banda Sajarah di Kab.GARUT (dok.Salakanagara)
- Get link
 - X
 - Other Apps
 
Sajarah
 jeung kapurbakalaan di Kabupatén Garut saenyana tacan kacatet 
sakabéhna. Hal ieu ngeunaan tacan ayana tanaga ahli anu mampu naliti 
jeung medarkeun sacara utuh, salian ti éta watesan kapanggihna bukti 
sajarah jadi bisa ngamumulé kanu aya. Dina aspék ngalestarikeun 
titinggal sajarah jeung purbakala, Garut ngabogaan poténsi. Dina aspék 
ieu perlu mekarkeun pamangfaatanana boh tina objék kajian ilmiah atanapi
 keur nunjang objék kepariwisataan. Sabab, pangbinaan ogé pamekaran kana
 titinggal sajarah jeung purbakala perlu ditingkatkeun.
 
 Salian 
ti barang-barang sajarah anu mangrupa Candi Cangkuang, situs budaya 
makam-makam kuno, jeung barang-barang di lingkungan situs cagar budaya 
saperti situs Kabuyutan  Ciburuy, anu lengkepna dipaparkeun dina kaca 
“Objek Wisata”, masih aya barang-barang sajarah lain anu perlu dititénan
 ku masarakat saperti Naskah Kuno jeung titinggal Banda Sajarah.
 
 Naskah Kuno
    Naskah kuno tumut kana UU no.5 tahunu 1992 nyaéta hasil tina 
karangan atanapi nyaritakeun anu mangrupa ketikan anu umurna 50 taun. 
Tina hartian ieu, pasti waé jelas pasoalan naskah kuno di Kabupatén 
Garut lumayan loba. Ngan anu jadi pasoalanana masih loba naskah kuno anu
 jadi “barang pusaka” masarakat anu diteundeun teu dibaca. Sacara umum 
makna tulisan naskah kuno anu di eusina ajaran agama, bahasa, hukum 
adat, mitologi, paririmbon, kamasarakatan, sastra, sajarah, kasenian, 
oge élmu séjéna.
 
 Salah sahiji naskah kuno anu kawilang buhun di
 Kabupatén Garut nyaéta naskah anu aya di situs Kabuyutan Ciburuy. 
Ditulis pada abad ke-15, menggunakan barang seukeut tina daun lontar ogé
 nipah anu ngagunakeun basa jeung abjad sunda kuno. Naskah ieu dipaparin
 ngaran “Amanat Galunggung”, anu eusina peupeujeuh ngeunaan étika jeung 
budi pekerti Sunda buhun, anu ditepikeun Rakeyan Darmasiksa, Panguasa 
Galunggung, ka putrana Ragasuci (Sang Lumathing Taman).Salian naskah 
éta, loba ogé naskah lian anu disusun abad ka-18 ngagunakeun huruf pegon
 (Arab), Jawa-Cirebon, dan Jawa-Sunda. 
 
 Banda Arkeologis
 
Sababaraha hiji hasil panalitian arkeologi dina taun 1994 di Kabupaten 
Garut ku Tim Balai Arkeologi (Balar) Bandung diantarana :
 
  1. Batu Pipisan dan Gandhik 
 Kapanggihna di buruan padumukan Bapa Engkar bin Sugandi, Kampung 
Sindangsari RT03/RW02, desa Cinunuk Wanaraja dina koordinat . Sabab 
banda arkeologis ini belum pernah ditemukan dina masa prasajarah, anu 
perkirakeun banda sajarah anu mangrupakeun paninggalan karajaan Sunda 
Kuno.
 
  2. Punden Berundak Pasir Lulumpang
 Ayana di areal 
perkebunan anu dipelakan tangkal jati jeung palawija, wilayah pasir 
lulumpang Kecamatan Banyuresmi dina koordinat. Dina areal penden 
berundak oge aya Batu Lumpang jeung Menhir. Ditafsirkeun ku tim taliti, 
banda ieu ngarupakeun titinggal tradisi megalitikum. 
 
  3. Prasasti Batu Tulis Barukai 
 Ayana disawidang kebon Bapa Mohamad Toha di sagigireun jalan Kampung 
Barukai, Desa Cigedug, Kecamatan Cigedug (dina waktu kapanggihna masih 
di Kecamatan Bayongbong), dina koordinat. Prsasti ditulis dina batu 
andesitic anu ngawentuk pasagi opat ngabogaan ukuran 130cm x 170cm jeung
 kandelna 15 cm ti dasar taneuh. Tulisan anu ngagunakeun huruf Sunda 
Kuno nyaeta “bhagi bhagya ka nu ngaliwat”.
 Sumber : Kabupaten Garut Dalam Dimensi Budaya, Drs. Warjita, Tahun 2000 
 
 Gambar : Kabuyutan Ciburyt Garut (Google)
Salian ti barang-barang sajarah anu mangrupa Candi Cangkuang, situs budaya makam-makam kuno, jeung barang-barang di lingkungan situs cagar budaya saperti situs Kabuyutan Ciburuy, anu lengkepna dipaparkeun dina kaca “Objek Wisata”, masih aya barang-barang sajarah lain anu perlu dititénan ku masarakat saperti Naskah Kuno jeung titinggal Banda Sajarah.
Naskah Kuno
Naskah kuno tumut kana UU no.5 tahunu 1992 nyaéta hasil tina karangan atanapi nyaritakeun anu mangrupa ketikan anu umurna 50 taun. Tina hartian ieu, pasti waé jelas pasoalan naskah kuno di Kabupatén Garut lumayan loba. Ngan anu jadi pasoalanana masih loba naskah kuno anu jadi “barang pusaka” masarakat anu diteundeun teu dibaca. Sacara umum makna tulisan naskah kuno anu di eusina ajaran agama, bahasa, hukum adat, mitologi, paririmbon, kamasarakatan, sastra, sajarah, kasenian, oge élmu séjéna.
Salah sahiji naskah kuno anu kawilang buhun di Kabupatén Garut nyaéta naskah anu aya di situs Kabuyutan Ciburuy. Ditulis pada abad ke-15, menggunakan barang seukeut tina daun lontar ogé nipah anu ngagunakeun basa jeung abjad sunda kuno. Naskah ieu dipaparin ngaran “Amanat Galunggung”, anu eusina peupeujeuh ngeunaan étika jeung budi pekerti Sunda buhun, anu ditepikeun Rakeyan Darmasiksa, Panguasa Galunggung, ka putrana Ragasuci (Sang Lumathing Taman).Salian naskah éta, loba ogé naskah lian anu disusun abad ka-18 ngagunakeun huruf pegon (Arab), Jawa-Cirebon, dan Jawa-Sunda.
Banda Arkeologis
Sababaraha hiji hasil panalitian arkeologi dina taun 1994 di Kabupaten Garut ku Tim Balai Arkeologi (Balar) Bandung diantarana :
1. Batu Pipisan dan Gandhik
Kapanggihna di buruan padumukan Bapa Engkar bin Sugandi, Kampung Sindangsari RT03/RW02, desa Cinunuk Wanaraja dina koordinat . Sabab banda arkeologis ini belum pernah ditemukan dina masa prasajarah, anu perkirakeun banda sajarah anu mangrupakeun paninggalan karajaan Sunda Kuno.
2. Punden Berundak Pasir Lulumpang
Ayana di areal perkebunan anu dipelakan tangkal jati jeung palawija, wilayah pasir lulumpang Kecamatan Banyuresmi dina koordinat. Dina areal penden berundak oge aya Batu Lumpang jeung Menhir. Ditafsirkeun ku tim taliti, banda ieu ngarupakeun titinggal tradisi megalitikum.
3. Prasasti Batu Tulis Barukai
Ayana disawidang kebon Bapa Mohamad Toha di sagigireun jalan Kampung Barukai, Desa Cigedug, Kecamatan Cigedug (dina waktu kapanggihna masih di Kecamatan Bayongbong), dina koordinat. Prsasti ditulis dina batu andesitic anu ngawentuk pasagi opat ngabogaan ukuran 130cm x 170cm jeung kandelna 15 cm ti dasar taneuh. Tulisan anu ngagunakeun huruf Sunda Kuno nyaeta “bhagi bhagya ka nu ngaliwat”.
Sumber : Kabupaten Garut Dalam Dimensi Budaya, Drs. Warjita, Tahun 2000
Gambar : Kabuyutan Ciburyt Garut (Google)
- Get link
 - X
 - Other Apps
 

mau yang asik ? adu ayam
ReplyDelete