BANDUNG KOTA PANINEUNGAN (Dok.Salakanagara)

Harita, taun 1970-an, kaayaan Bandung tacan sarumpek teuing kawas ayeuna. Bemo anu ngagantikeun cator, masih keneh pasuliwer di Alun-alun, mawa penumpang anu ka jurusan Buahbatu. Oge oplet jurusan Cimahi, masih keneh ngaliwatan jalan Cibadak, laju ngulon ti mimiti jalan Kelenteng, brasna ka Cimahi, malahan ka nepi ka Padalarang. Beca masih keneh pasuliwer di jalan-jalan protokol di tengah-tengah kota, sedengkeun angkutan kota anu kawilang popiler harita, nyaeta ‘honda’ anu trayekna nyaeta Kebon Kalapa Dago sarta ka Ledeng, najan ari nu ka Ledeng mah sabenerna lain mobil merek Honda, tapi Colt Mitsubishi anu leuwih gede sarta bisa mawa muatan leuwih loba.

Kitu deui kaayaan pasar-pasar, masih keneh loba pasar tradisional anu jadi pangjugjugan kaom ibu anu rek baralanja. Wangunan pasar anu ngabogaan ciri mandiri nyaeta Pasar Andir – samemehna oge Pasar Baru sarta Pasar Kosambi sarua ngabogaan ciri mandiri – anu nepi ka kiwari masih nyampak, sedengkeun Pasar Kosambi mah geus jadi pasar moderen. Komo deui Pasar Baru, geus asa teu merenah lamun rek disebut pasar oge, da wangunanna sorangan kacida agreng sarta arsitekturna moderen tepi ka leuwih payus lamun disebut ‘super (malahan hiper) market.’

Samemeh taun 70-an, Alun-alun anu ngalaman sababaraha kali ‘dibebenah’, mangrupa tempat anu kawilang representatip pikeun istirahat, ngareureuhkeun kacape lantaran indit-inditan umpamana, sabab di Alun-alun masih keneh nyampak aya tatangkalan anu kawilang garede tur arariuh. Di dinya, disagigireun ngareureuhkeun kacape, oge bisa bari jajan rupa-rupaning kadaharan saperti, soto, lontong, emih kocok jeung sajabana.Kitu deui Mesjid Agung, sanajan kungsi ngalaman ‘ganti rupa’, tapi henteu total teuing robahna teh. Alun-alun malahan kungsi dijadikeun tempat lumangsungna kagiatan Festival Bandung anu diiluan di antarana ku Radio Mara-Mersi 100 (Mara 27 jeung Mersi 73).

Kitu deui di jalan-jalan Dalem Kaum atawa Kepatihan, tacan jlug-jleg wangunan anu jararangkung, paling-paling hiji-dua , saperti di antarana puseur balanja ‘King’ anu ngagunakeun lahan urut kantor pulisi.

Tebeh wetan Alun-alun, ngajajar bioskop anu jadi pangjugjugan kaom rumaja utamana mah, anu midangkeun film nurutkeun ‘jalur distribusina’. Bioskop Nusantara lolobana muterkeun film Barat. Kitu deui Bioskop Puspita sakalereunna. Ari Bioskop Aneka leuwih loba muter film Mandarin kayaning silat jeung kung fu, sedengkeun Bioskop Dian anu pernahna di pengkolan jalan Dalem Kaum – Jalan Pasundan, seseringna mah medar film India.

Sabada dirombak, Bioskop Puspita ‘dilebur’ jadi hiji jeung Bioskop Nusantara sarta Aneka, ngajanggelek jadi wangunan puseur balanja anu dingaranan “Palaguna-Nusantara”. Waktu masih keneh miboga fungsi minangka bioskop, boh Puspita atawa Nusantara, remen dipake tempat resepsi pipisahan siswa sawatara SMA. Tapi sabada diwangun jadi ‘Palaguna-Nusantara’, film anu diputer bisa dilalajoan kalayan kawates pisan tempatna, henteu cara saperti keur masih keneh bioskop galede. Ari Gedong Miramar anu pernahna di pengkolan Jalan Asia Afrika-Jalan Alun-alun Timur, baretona mangrupa jejeran sawatara ‘kios kumplit’, oge rumah makan padang.

Jalan anu cukup rame diliwatan mangpirang sarana patalimarga, nyaeta Jalan Asia Afrika, anu tepi ka kiwari masih keneh jadi salah sahiji jalan utama anu kacida pagaliwota. Di ieu jalan, bareto kungsi aya toko galede anu ngaranna cukup kamashur, nyaeta Toko Kota Tujuh anu pernahna di pengkolan Jalan Asia Afrika-Jalan Alketeri, sarta Toko Sinar Matahari (Dezon) tebeh wetanna. Ngan kiwari eta toko anu geus dirombak teh kurang pati rame henteu saperti waktu-waktu ka tukang. Toko Kota Tujuh jadi puseur elektronik sarta Sinar Matahari sakali-kalieun sok dipake kagiatan pameran.

Saguliwek Alun-alun tepi ka Jalan Otto Iskandardinata, bisa jadi pikeun urang Bandung mah mangrupa tempat-tempat anu hamo bisa dipopohokeun, wuri-wuri kaayaan Bandung harita mah tacan sakumaha rupek jiga ayeuna, boh sarana patalimarga boh manusa pangeusina. Anu jadi marga lantaranna nyaeta pedah di saguliwek eta patempatan teh mangrupa tempat anu ‘matuh’ pikeun dijadikeun puseur kagiatan para rumaja anu keur ngalaksanakan ibadan saum dina bulan Ramadhan. Subuh-subuh, bada saur jeung solat subuh, terus jalan-jalan ka Alun-alun. Loba anu terus ka Mesjid Agung pikeun milu kuliah subuh, tapi teu kurang-kurang anu ngan saukur jalan-jalan, meakeun waktu subuh bari nungguan isuk-isuk.

Kitu deui sorena. Dina bulan puasa mah puseur kota Bandung teh estu dijadikeun patempatan anu pangtumaninahna pikeun jalan-jalan bari ngabuburit. Dur bedug magrib, Masjid Agung anu harita mah tacan salega ayeuna, jadi tempat pamuruan pikeun ngabatalan, ditema solat jamaah. Atuh jalan-jalan jadi sararepi, tiiseun naker lamun keur waktuna buka puasa mah. Ngan di saban tempat jajan, utamana mah anu ngajarualan anu amis-amis sabangsaning kolek jeung candil, pinuh ku anu ngadon jarajan, ngabatalan bari ngaganjel beuteung anu sapoe jeput teu dieusian naon-naon. Leuwihna, boh nyubuh boh ngabuburit, pada dipikaresep ku kaom rumaja teh pedah dina eta waktu bisa dijadikeun kasempetan pikeun ‘ngeceng’.

LAMUN pareng salse, jalan-jalan di sapanjang Jalan Braga mangrupa hiji hal anu nyugemakeun hate. Jalanna teu pagaliwota teuing ku kendaraan kawas ayeuna, tepi ka bisa jalan-jalan kalayan rineh.

Toko Sarinah harita mah minangkana toko anu paling gede, sanajan wangunanna henteu tingkat. Kitu deui tebeh kalerna, masih keneh tacan aya bakery-bakery saperti Franch jeung Canary. Nu aya teh, tug tepi ka kiwari, nyaeta Sumber Hidangan sarta Braga Permai anu ceuk sakaol mah baretona jadi pangjugjugan menir-menir jeung nonih-nonih Walanda.

Aya embohna. Harita teh kuring kakara diajar nulis. Resep temen lamun aya tulisan anu dikirimkeun ka redaksi suratkabar, heug dipidangkeun dina eta koran. Kuring oge harita keur meumeujeuhna ngarasa “jadi seniman”. Koran anu sering jadi pangjugjugan harita di antarana Harmoni, Rikat, Berita Tunggal, Gala, sarta Mandala. Sanggeus sawatara waktu , kakara ‘wani’ ngirimkeun tulisan ka Pikiran Rakyat, malahan koran Jakarta oge teu burung dipaju, dikiriman naskah.

Ti harita kuring wawuh ka ngaran-ngaran anu kiwari geus jadi inohong dina dunyana, boh minangka sastrawan atawa budayawan; malahan jadi presiden pisan najan presiden penyair oge; Sutardji Calzoum Bachri. Aya sababaraha urang anu bareto kungsi babarengan, tapi kiwari geus taya di kieuna, umpamana Uddin Lubis, oge Hamid Djabbar anu karek bulan kamari ninggalkeun, mulih ka jati mulang ka asal dipundut ku nu kagunganana. Tapi teu kurang-kurang anu tepi ka ayeuna teu kungsi manggihan laratan-laratanana acan, saperti Gumilar Suparya, Djauhari Tamara Dirasutisna (Tamara Kasima), Emanuel Maleala jeung sajabana.

Kota Bandung tambah lila tambah heurin ku tangtung, sugan jeung sugan tetep dipikatineung ku barudak entragan sabada kuring sabatur-batur.

Dihenteu-henteu oge, Bandung teh geus mere harti anu jero pikeun kahirupan pangeusina, boh kahirupan sacara lahiriah atawa sacara batiniah, ti jaman aki-nini nepi ka anak-incu, kahayang mah. (Kintunan : Aam Muharam)Cag.***

gambar tina Google

Comments

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona