PURWAKA CARUBAN NAGARI (Dok.Salakanagara)

Yasana, Alm.Pangeran Arya Cerbon

Diserat dina basa Kawi Taun 1720
Disundakeun ku, Kang Asep Idjuddin

BISMILLAHIRROKHMANIRROKHIM,
Kalayan nyebat jenengan Alloh nu Maha Tunggal, nu tos ngeresakeun jisim kuring hirup bagja kanggo nyerat riwayat asal-usul nagara Caruban. Sanaos sanes padamelan enteng, naming upami dipidamel kalayan suhud, bari ikhlas tur nganggo aturan nu lazim tangtos tiasa ngahontal maksad.Mugi kauninga nagara Cirebon the nagara nu rahayatna hirup subur ma’mur, ieu riwayat disusun dina mangsa nagara Cirebon diparentah ku Susuhunan Jati Purba,salahsaurang wali di pulo Jawa nu ngajegkeun tur ngatur urusan Agama Rasul di tanah Pasundan, ngabahudenda di karaton Pakungwati di aping uwana nya eta Pangeran Cakrabuwana nu disebat Sang Mangana. Atanapi Ki Kuwu Cerbon nu ka dua. Kanggo ngaberkahan ieu nagara ngawitan disebat nagara Caruban nu hartosna campuran, teras disebat Carbon. Ieu nagara ku wali salapan disebat nagara Puseur- Bhumi.Disebat oge nagara nu aya ditengah pulo Jawa.Engkena ku rahayat disebat Negara Gedhe, lami-lami jadi Garage.Ahirna disebat Grage.

Dupi Prabu Siliwangi teh putra Prabu Anggalarang, Prabu Anggalarang putra Prabu Mundingkawati,(*) Prabu Mundingkawati putra Prabu Banyak Wangi, Prabu Banyak Wangi putra Prabu Susuk Tunggal, Prabu Susuk Tunggal putra Prabu Wastukancana, Prabu Wastukancana putra Prabu Lingga Wesi, Prabu Lingga Wesi putra Prabu Lingga Hyang, Prabu Lingga Hyang putra Prabu Sri Ratu Purbasari, Sri Ratu Purbasari putra Prabu Ciung Wanara, Prabu Ciung Wanara putra Maharaja Galuh Pakuan, Maharaja Adi Mulya jenenganana. Sadikantunna ku Ki Gedheng Sindangkasih, Ki Gedheng Tapa jadi Syahbandar,kalawan gelar Ki Gedheng Jumajan Jati, nu ngawasa sapanjang basisir nagara Caruban.Ieu syahbandar the pura Ki Gedheng Kasmaya nu marentah di Caruban Girang, nu kapungkurna disebat Wanagiri. Rayi Ki Gedheng Kasmaya kantos janten raja di Singapura nya eta Ki Gedheng Surawijaya-Sakti jenenaganana.Dupi rakana Ki Gedheng Tapa ngancik di Lemah Putih, jenengan Nhay Rara Rudra, teu kinten geulisna. Nhay Rara Rudra nukah ka Ki Dampu Awang ti nagara Campa (Ki Dampu Awang disebat oge Ma Huang, sekertaris Laksamana Cheng Ho, nu taun 1415 M kantos ngadongdon Cirebon).. Ki Dampu Awang the syahbandar nu beurat-beunghar,ti Nhay Rara Rudra ngalahirkeun Nhay Aci Putih, nu ditikah kuPrabu Siliwangi, ti Nhay Aci Putih lahir Nhay Rara Budaya.Mangsa Rumajaputrina kantos angkat ka Campa tur diajar elmu kaislaman ti Kyai Ibrahim Akbar.

Ki Dampu Awang oge kantos kagungan istri di pulo Penang. Eta ulama Islam the ramana Ali Rahmatullah, dupi Ali Musada kagungan putra Maulana Ishak, Maulana Ishak kagungan putra Raden Paku nu disebat Susushunan Ampel Denta nya eta panghulu sagala wali di pulo Jawa. Susuhunan Ampel kagungan putra Makdum Ibrahim nu disebat Susuhunan Bonang, rayina jenengan Masih Munat disebat Susuhunan Drajat, nya eta putra Susuhunan Ampel, nu lahir di nagri Campa. Diriwayatkeun pernikahan Prabu Siliwangi sareng Nhay Subanglarang kagungan putra tilu, hiji istri dua pameget. Nya eta Raden Walangsungsang, Nhay Rara Santang, tur nu bungsu Raden Jaka Sengara.Mangsa rumaja Nhay Rara Santang teu kinten geulisna sapertos ibuna. Sabada ibuna pupus, eta tilu rumaja the teu kinten sedihna margi diharina ku putra Siliwangi sanesna nu misah ibu.Ramana teu sempet nangting eta kaayaan margi repot nguruskeun nagara.Dina hiji wengi Pangeran Cakrabuwana ngalolos ti karaton Pakuan, ngetan ngaraksuk leuweuh Parahyangan, dugia dugi ka hiji tempat nya eta Gunung Tangkuban Parahu, nu aya bumi pandita agama Budha jenengan Ki Danu Warsih. Ki Danu Warsih kagungan putra istri nu kacida geulisna jenengan Nhay Endang rara Geulis, ditikahkeun ka Pangeran Walangsungsang. Teu lami jol Nhay Rara santang nyusul. Dupi Pandita Danu Warsih the putra Pandita Ki Gedheng Danusetra, pandita Budha ti gunung Dieng, nu tos lami tilar dunya di karajaan Galuh pakuan.Rayi Ki Danu Warsih nya eta Ki Danusela nikah ka Nhay Arumsari putra Ki Gedheng Cirebon Girang. Ki Danusela nganjrek di Cirebon Girang.

Sang Pangeran sareng istri tur raina ti gunung Tangkuban Parahu angkat ka Bukit Amparan jati, ngaguru agama Islam ka Syeh Datu Kahfi nu disebat oge Syeh Nurul Jati nu kawitna ti nagri Mekah.Rayina Syeh Bayanullah tetep di nagri Mekah.Syeh Datu Kahfi kantos, masantren di nagri Bagdad.Nikah ka Syarifah Mudaim, rayina Sultan Sulaiman Al Bagdadi . Kacarios harita di Bukit Gunung Sembung lan Amparan jati ngadeg padukuhan nu disebat Dukuh Pasambangan.Unggal dinten rame ku nu daragang, eta margina palabuan Muhara Jati rame ku kapal-kapal dagang nu jolna ti China, Arab,Parsi,India,Malaka. Tumasik, Pasai, Jawa Timur, Madura, Palembang.Dukuh Pasambangan rame ku nu daratang.Malah di puncak bukit Amparan Jati aya mercusuar nu upami wengi caang sapertos bentang di langit. Mangrupi ciri palabuan Muhara Jati nu di adegkeun ku expedsi Cina pingpinan Weng Ping (Numutkeun sumber China disebatna Kung Wu Ping) nu sumping nyarengan Laksamana Te-Ho, nu nyandak rebuan tentara Islam. Sindang ka Pasambangan dina raraga perjalanan ka Majapahit. Nganjrek sababara dinten di Muhara Jati, ngancik di Pasambangan.Ti dinya maparin padamelan ka Syahbandar, saparantos tujuh dinten tujuh wengi didaramelna, eta mercusuar the digaleuh ku syahbandar.Nu memang mangkubhumi, disebat Jumajan Jati, eta mercusuar diliron ku tarasi,beas, sasambaraan tur kai jati.Arinyana miang ka Jawa Timur sabada eusi parahuna cukup. Jaman Ki Gedheng Tapa janten Syahbandar,seueur sobatna para padagang nu ngabuniaga ka padumuk desa.Diantawisna Sekh Yusuf Sidik ulama kasohor ti Campa, Waktos dugi ka pulo Jawa, ngadegkeun pasantren Quro di Karawang, malah putri Ki Gedheng Tapa nya eta Nhay Subanglarang dipasantrenkeun di Syeh Quro Karawang salami dua taun.
Nuju masantren mah Nhay Subanglarang tacan ditikah ku Prabu Siliwangi. Aya deui Syeh Nuruljati disebat oge Syeh Idofi waktos sumping ka Pasambangan sareng rencangna dua welas urang pameget sareng dua istri, janten duta karajaan Persi nu puseur dayeuha di Bagdag (Rupina kasaliru, pan Bagdag puseur dayeuh Irak). Syeh Quro ngamukim di Karawang the, utusan raja Champa, nya dipernahkeun tempatna ku Mangkubhumi. Dicarioskeun sabada tilu taun ngaguru ka syeh Datu Kahfi, Pangeran Cakrabuwana sareng istri oge rayina, Nhay Rara Santang, tos sampurna elmu Islamna, mangka Sang guru miwarang ngadamel padukuhan di Kebon Basisir kiduleun bukit Amparan Jati. Didinya Raden Walangsungsang nu tos gaduh gelar Ki Samadullah ngababad leuweung, ngadegkeun tajug,tur saung darurat sisi laut. Didinya tos aya Ki Danusela disebat Ki Gedheng Alang-alang, nu ngawasa Lemah Wungkuk.Unggal dinten inyana ngala rebon sareng lauk di walungan nu aya wetaneun bumina.Malih sok ngala ka laut, teras dijantenkeun tarasi petis sareng ngadamel uyah. Ti Nhay Arum Sari, Ki Danusela kagungan putra istri nya eta Ratna Riris nu diebat Nhay Kancanalarang. Nya Ki Samadullah areng istri, oge rayina ngalih ka bumi Ki Danusela.Da Nhay Endang rara Geulis kapi paman ka Ki Danusela.Nya ki Samadullah babantu ngabina padukuhan.Ahirna ngadeg we padukuhan Tegal Alang-alang nu engkena janten Caruban. Padumuk Pasmabangan ge seueur nu ngaralih ka Tegal Alang-alang, patani, pamayang, padagang, nu milari lauk sapanajang basisir. Lami-lami Padukuhan the rame janten desa, Ki Gedheng janten kuwu, Ki Samadullah diangkat janten Pangraksa bhumi kalawan gelar Ki Cakrabhumi.Saatos tilu taun, Tegal Alang-alang digentos janten Caruban. Padumukna rupi-rupi benten agama, basa, kabiasaan.pangupa jiwa. Teras disebat Caruban Larang. Caruban sami sareng campuran.

Syeh Datu Kahfi nganasehatan muridna sangkan nyampurnakeun sareat Islam, ku cara munggah haji ka Mekah. Nya Ki Samadullah angkat ka Mekah sareng rayina, istrina teu ngiring margi nuju bobot.Teu dicarioskeun kumaha dijalanna, eta dua rumaja rayi-raka the dugu ka Mekah.Di Mekah nganjrek di bumi Syeh Bayannulah nya eta saderekna Syeh Nuruljati nu nganjrek di Amparan Jati.Di Mekah Sang Pangeran ngaguru ka Sekh Abdul Yazid.Sang Pangeran sareng rayina dugi ka kengeng gelar Haji ti guruna. Harita Nhay Rara Santang nikah ka Maulana Sultan Mahmud disebat Syarief Abdullah putra Nurul Aliem ti seler Bani Hasyim turunan Nabi Ismail a.s. nu marentah Bani Israil di Palestina. Eta daerah the kabawah ku nagara Mesir.Teras Nhay Rara Santang dipaparin jenengan Syariah Mudaim, rakana disebat Abdullah Iman.Mangsa Syarifah Mudaim bobot salapan sasih, angkat deui ka Mekah sareng caroge, rakana tur pangiringna. Di antawisna Panghulu Jamaluddin.Patih Jamaluddin, Mantri Abdul Jafar, Mustafa,Khalil Al-Hudyn, Ahmad, Abdullah Iman.

Dupi Patih Ongkah Yutra, rayi raja, teu ngiring, margi nyuluran raja ngaheuyeuk nagara. Di Mekah Syarifah Mudaim ngalahirkeun, ku ramana di jenenganan Syarif Hidayat. Saparantos 40 dinten,sadayana marulih. Tilu sasih ti harita Abdullah Iman mulih ka Pulo Jawa, ngalngkungan Champa, didinya ngaguru deui kaislaman ka Maulana Ibrahim Akbar.Ulama kamashur di nagri Champa.Malih ditikahkeun ka putrana jenengan Nhay Rasajati, putuna raja Champa. Tina eta pernikahan Syeh Abdullah iman kagungan tujuh putra; Nhay Lara Konda, Nhay Lara Sejati,Nhay Jatimerta,Nhay Jemaras,Nhay Mertasinga,Nhay Champa, Nhay Rasa Malasih. Saparantos dua tahun Syarifah Mudaim ngalahirkeun deui putra Syarief Nurullah. Teu lami Syeh Abdullah tilar dunya, tahta karajaan diteraskeun ku rayina, patih Ongkra Yutra, Raja Ongkrah.

Kacarios Haji Abdullah Iman di Caruban ngajarkeun agama rossul ka padumuk nu tambih seueur.Teras ngadamel masjid sisi basisir nu disebat masjid Jalagrahan katut bumi nu ageung. Ki Raksabhumi, sareng istri tur putrana Nhay Pakungwati, dua urang Arab,ngamukim di eta bumi. Haji Abdullah Iman nikah deui ka Nhay Ratna Riris pura Kuwu Caruban munggaran, engkena gentos nami janten Nhay Kencana Larang.Kagungan putra pameget jenengan Pangeran Cerbon, nu tumetep di Cerbon-Girang di bumi eyangna.Engkena Pangeran Cerbon diangkat janten kuwu di Caruban Girang.Ki Kuwu ieu nikah ka Nyai Cupluk putri Ki Gedheng Trusmi.Nuju alitna Pangeran Trusmi disebat Bung Cikal, teras disebat Pangeran Mangana Jati. Dupi wewengkon Caruban harita aya dina kakawasaan Bupati Galuh jenengan Pangeran Jayaningrat.Nu janten patihna nya eta Arya Kiban.Sabada Ki Geheng Alang-alang tilar duya, pangeran Cakrabuwana diangkat janten kuwu Caruban ka dua. Eyangna nu janten ratu Singapura ge tilar dunya, tapi Cakrabuwana alim janten raja, Ahirna mung nampi warisan hartana wungkul. Harta warisan eta nu dianggo ngadamel istana Pakungwati Ti harita dibentuk pasukan.Prabu Siliwangi satuju pisan, ngarestuan putrana ngadegkeun karaton Pakungwati, malah ti Pajajaran ngirim utusan mawa piagam karajaan, malah Cakrabuwana dileler gelar nobat Sri Mangana. Eta piagam dibawa ku Tumenggung Jagabaya, dianteur ku Jaka Sengara, kabeh pasukan Pajajaran nu ka Pakungwati taya nu mulang deui ka Pajajaran, da lalebet Islam. Malah Jaka Sengara mah teras ibadah haji ka Mekah, gentos jenengan Haji Mansur.
Nikah ka Nhay Halimah ti nagri Champa nu sumping ka Jawa ngirng ka pangeran Cakrabuwana.Gentos jenengan janten Nhay Gedheng Kalisapu. Kacarios mangsa Syarief Hidayat nincak yuswa 20 tan, teu kinten taqwana ka Alloh swt, cita-citana palay janten ulama Islam. Anjeuna ge teras angkat ka Mekah
Ngaguru ka syeh Tajmuddin Al Kubri dua taun, teras ka Syeh Atoilah Syazili nu nganut mazhab Syafii salami 2 taun, ti dinya Syarief Hidayat angkat ka Bagdad neuleuman elmu tasauf Islam, di Bagdag nganjrek di pamanna, Ongkah Sutra nu ngawakilan karajaan ramana.Syareif Hidayat dileler gelar Nuruddin, sedengkeun para ulama Bagdad ngaleler gelar Ibrahim, Mahapatih Ongkah Yutra sasauran: “ Anaking Syarif Hidayat, hidep kudu siap-siap jadi raja. Sabab taya saurang oge nu pantes jadi raja di ieu nagara iwal ti hidep.”Diwaler ku Syarief Hidayat.” Nun kangjeng rama paman, teu kinten saena upami nu janten raja the pun adi, nagentos jisim abdi. Dupi jisim abdi mah parantos pageuh hoyong janten mubaligh Islam di pulo Jawa”.Kikutina rayina diangkat janten raja kalayan gelar Sultan Syarif Nurullah. Syarief Hidayat ge dileler deui gelar Sayid Kamil ku guruna di Mekah. Beres kitu Syarief Hidayat angkat ka Pulo Jawa. Kapalna dugi ka nagri Gujarat, teras sindang heula di nagri Pasai, nganjrek di wargina jenengan Sayid Ishak, ulama Islam nu kantos sumping ka Blambangan. Didinya salami 2 tahun Syarief Hidayat guguru deui kaislaman.Neraskeun deuii lalampahan ka Pulo Jawa, dugi ka hanjat di Banten. Di dinya tos seueur jalmi nu lebet Islam, ku yasana Sayid Rahmat, nya eta wali ti Ampel Gading, nu sohor disebat Sunan Ampel, kalebet wargina keneh. Ti dinya Syaid Kamil neraskeun perjalananan ka Ampel, tumpak parahu urang Jawa Timur.Harita sadaya wali di Jawa tos kagungan tugas nyebarkeun Islam di wewengkon sewang-sewangan ka rahayat nu masih keneh ngagem agama Budha.Sayid Kamil kengeng tugas di Gunung Sembung, nyarengan uwana Syeh Abdullah Iman.

Dina lalampahan ka Gunung Sembung, tepang sareng Adipati Keling, nu nyandak prajuritna salapana puluh langkung dalapan urang.Saparantos diislakeun, sadayana ngiring ka Syarief Hidayat.Di Gunung Sembung Syeh Syarief disebat Maulana Jati atanapi Syeh Jati.Teras ngadegkeun pasantren.Seueur jalmi nu ngaguru ka Syeh Syarief.Malih waktos ngajar agama Islam di Babadan, inyana nikah ka putri Ki Gedheng Babadan.Ki Gedheng Babadan sareng sadaya rahayatna lebet Islam.Ki Syarief matuh di desa Babadan sareng istrina.Hanjakal Nhay Babadan tilar dunya.Kitu mungguh Takdir Mahasuci.Istrina nu kadua nya eta Nhay Lara Bagdad, nu disebat Syarifah Bagdad.Nya eta rayina Maulana Abdurrahman al Bagdady nu teras disebat Pangeran Panjunan.Ki Syerief sareng istrina matuh di desa Pasambangan. Tina eta pernikahan Ki Syarief dipercanten ku Yang aha Agung, kagungan 2 putra pameget, nya eta Pangeran Jayakelana sareng Pangeran Bratakelana nu gelar Pangeran Gung Anom, engkena bakal nikah ka Nhay Ratu Nyawa, putri Raden Patah, raja munggaran di karajaan Demak. Dupi Raden Patah, nya eta putra Prabu Brawijaya Kertabhumi ti Majapahit nu nikah ka putri China. Eta putri nuju bobot dipiwarang angkat ka Palembang sareng Arya Damar, lahir Raden Praba, ku ibuna dijenenganan Jin Bun nu diageungkeun ku Arya Damar bupati Palembang, saatos dewasa Jinbun angkat ka Jawa kalayan jenengan Raden Patah, disarengan rayina Raden Kusen, putra Arya Damar. Nya eta Arya Dilah.Raden Kusen ku Prabu Brawijaya diangkat janten bupati Teterung.Harita Raden Patah diwisuda janten Sultan Bintoro mibanda gelar Sultan Alam Akbar Al Fatah Amiril Mu’minin di Jawa Timur, sabab Jawa Barat diparentah ku Susuhunan Jati Purba putu raja nu marentah di Pajajaran.Dupi nu ngarestuan Raden Patah nya eta para wali salapan nu diluluguan ku Susuhunan Ampel Denta, sabada burakna karajaan Majapapahit.

Kacarios Sayid Kamil angkat ka Banten, nyebarkeun agama Islam.Di Banten Sayid kamil nikah ka Nhay Kawunganten, rayina bupati Banten.Tina eta pernikahan lahir dua putra hiji istri hiji pameget.Nu istri disebat Ratu Winaon nu engkena nkah ka Pangeran Atas Angin, atanapi Pangeran Raja laut.Nu pameget dijenenganan Pangeran Sebakingkin nu engkena janten Hasanuddin Sultan Banten munggaran di karaton Surasowan.Berkah nikah ka Nhay Kawunganten, bupati Banten, sareng sadaya rahayatna lebet Islam (Kawitna Banten bupati wilayah Pajajaran).Teu lamiSyarief Hidayat diangkat ku uwana, Cakrabuwana, janten Tumenggung Cirebon kalayan gelar Susuhunan Jati.Eta kajantenan janten kabingah para wali, sareng sadaya rahayat basisir Pasundan. Para wali ngaleler gelar Panetep Panata Agama Rasul, di kawasan Pasundan, di tahta Cirebon ngagentos Syeh Nurul Jati nu tos tilar dunya. Susuhunan Jati marentah di karaton Pakungwati sareng uwana,Pangeran Cakrabuwana. Harita basa Susuhunan jati janten pangawasa Pakungwati, Cirebon liren ngintun upeti Tarasi, Udang, uyah ka Pajajaran.Sabada musyawarah areng Adipati Keling, para Ki Gedheng, Ki Kuwu Caruban, Susuhunan Jati nangkes sagala tanggungjawab mayunan Pajajaran.Eta sababna sadaya prajurit pajajaran sareng Tumenggung Jagabaya, lalebet Islam taya nu wantun ngalawan margi wibawa Cakrabuwana teu kinten ageungna. Kaleresan saparantos utusan Pajajaran arislam, Sang Prabu Siliwangi pupus.Banjir cimata para gegeden karajaan, nyakitu para prajurit Pajajaran, oge rahayat, kantenan para wargi Sang Prabu mah, teu kinten ngangluh-wuyungna.Sadaya rahayat Pajajaran tumplek ka karaton, seja bela sungkawa pupusna raja agung. Layon Sang Prabu disucikeun, teras diduruk nganggo kai nu seungit.

Nyempal carios cenah tina pertikahan Pangeran Gung Anom sareng Rau Nyawa salami dua taun teu kagungan putra. Cenah parahu nu dianggo ku Pangeran Gung Anom nu balayar ka Caruban, di tengah laut dicegat bajo, nepika kapaksa tarung ngalawan bajo. Dina eta bitotama, Sang Pangeran sapasukanana sadayana palastra. Najan meh satengahna bajo ge ditumpes. Layon Pangeran Gung Anom, sareng sadaya pangawalna dialungkeun ka tengah laut, nu ahirna nyangsang di basisir Mundu, nu prnahna wetaneun karaton Pakungwati. Ku eta kajadian Susuhunan Jati marentah Ki Gedheng Bungko, Pangeran Caruban, Dipati Keling tur diiring ku pasukan nu jumlahna meh tujuhratus urang,ditambah dua rebu urang pikeun numpes bajo di laut Jawa.Para bajo kasarempek di basisir Gebang, der kajadian perang ccampuh, kabeh bajo ledis dipateni. Ti harita Pangeran Gung Anom, katelah Pangeran Sedhang Lautan( asal-usul ngaran Sindang Laut). Lajeng Susuhunan Jati nikah deui ka Nhay Tepasari putri Ki Gedheng Tepasan ti Majapahit.

Tina eta pertikahan lahir dua putra nya eta, Nyi Ratu Ayu sareng Pangeran Mohamad Arifin, nu dileler gelar Pangeran Pasarean. Nyi Ratu Ayu nikah ka Pangeran Sabrang Lor, teras ngagentos ramana, Raden Patah jadi raja Demak nu ka dua.Mung tilu taun marentah, Sang Pangeran pupus teu kagungan putra. Nyi Ratu Ayu kengeng warisan gamelan sakaten, nu dicandak ka karaton Pakungwati. Nyi Ratu Ayu nikah deui ka pangeran ti Pasai, Fadhillah katelahna, jalmana kulit bodas.Tina eta pertikahan lahir dua putra, nya eta Nyi Wanawati Raras, sareng Pangeran Pangeran Sedang-Garuda.Dupi Pangeran Pasarean nikah ka Ratu Nyawa, tilas istri rakana nyeta Pangeran Gung Anom. Pangeran Pasai nikah deui ka Nyi Ratu Pembaya(Pembayun), janten istri ka dua, inyana putri Raden Patah, rayi Pangeran Trenggana. Ratu Pembaya randa Pangeran Jayakelana, raka Pangeran Sedhang Lautan, putra Susuhunan Jati purba.Pangeran Pasarean kagungan genep putra; Pangeran Ksatryan, nikah ka putri Tuban, teras matuh di Tuban, Pangeran Losari janten panembahan di Losari. Pangeran Swarga, janten adipati anom di Cerbon gelar Pangeran Adipati Pakung Ja atanapi Pangeran Sedhang Kemuning nu nikah ka Nyi Wanawati-Rararas. Nu ka opat, Ratu Emas, nu nikah ka Ratu Bagus ti Banten (identik sareng Maulana Muhammad,1580-1596). Nu ka lima Pangeran nu janten gegeden di Panjunan, nu ka genep Pangeran Weruju,cag

Catetan: (*) kanggo babandingan tingali Nagara Krtabhumi/naskah Pangeran Wangsakerta. Cenah rujukkanana Nagara KrtaBhumi, tapi asa aya nu teu luyu.

Comments

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona