Candi Jaman Salakanagara Kadétéksi ku Satelit NASA - Dok Salakanagara
- Get link
- X
- Other Apps
Ku : Aan Merdeka Permana
NASA, badan luar angkasa AS, kungsi motrét tumpukan batu di wewengkon
Lebak Cibedug Banten. Ieu adegan jiga candi, legana leuwih ti duakalieun
Candi Borobudur.ngan jangkungna sahandapeun Borobudur.
SAWATARA waktu anu kaliwat badan luar angkasa AS, NASA, kungsi manggihan
hiji adegan jiga bangunan candi, perenahna di Lebak Cibedug, wewengkon
Banten. Ceuk maranéhna, éta tumpukan batu téh legana duakali ngaleuwihan
Candi Borobudur. Ieu papanggihan, teu digegedékeun da meureun teu
dianggap penting keur maranéhna mah, keur mah urang Indonésiana ogé jiga
teu hayang nyaho, nya kaasup urang Sunda, tempat dimana éta adegan jiga
candi aya. Nu nyarahona, pédah kabeneran maca artikel pondok anu dimuat
dina salah sahiji web internét. Ngan baé lamun mah urang Sunda eungeuh
kana pamoyok deungeun yén Sunda mah miskin ku titinggal nu mangrupa
fisik, nya ti dieu waktuna urang Sunda ngabantah kana pamoyok deungeun.
Pangaweruh urang Sunda ngeunaan kabeungharan bukti arkéologi, sabenerna
mah geus nyampak, sakurang-kurangna keur para kolot nu aya di lembur.
Da ceuk maranéhna mah, naon-naon anu jadi bukti lahir ngeunaan
sosial-budaya di Sunda téh geus nyampak ti jauh mula kénéh. “Kabudayaan
mah, datangna ti Sunda. Mimitina saréréa nyangka, ieu budaya Sunda téh
(ti kulon), dibawa ka wétan (Jawa), ku urang wétan kakara dimekarkeun.
Tétéla kabeungharan budaya Sunda teu basajan sarupa kitu. Malah ampir
satengahna planét bumi, dieusian ku budaya anu mimitina datang ti
wilayah Sunda,” ceuk almarhum Radén Lalam Wiranatakusumah dina paguneman
sataun ka tukang jeung UGa di Majalaya. Harita, mimitina mah ukur
dipapagkeun ku heueuh-heueuh bueuk, sabab can manggihan référénsi nu
dianggap sohéh ti para ahli. Ngan béh dieu béh dieu, geuning kalahka
beuki narémbongan bukti-bukti fisik mangsa lawas tatar Sunda téh.
Majalah UGa dua nomer ka tukang ogé pan kungsi ngalaporkeun yén di
wewengkon Wanaraja Garut, di jero taneuh, nyao sabaraha puluh méter ka
handap, kapanggih aya adegan jiga piramid. Ceuk kolot-kolot di dinya,
éta adegan pamujaan téh, geus aya ti 40.000 taun kalarung. Malah
tepikeun ka jaman Karajaan Galuh, urang Galuh gé masih kénéh apaleun.
Dina mass-média séjén ogé pan aya papanggoihan anyar deui, yén cenah
adegan jiga piramid, sarua geuskapanggih di wewengkon Gunung Lalakon,
Kabupatén Bandung, umurna geus puluh-puluh abad.
Balik deui
kana inpormasi kadétéksina adegan jiga candi Borobudur di Lebak Cibedug
ku satelit NASA, sabenerna ukur ngeuyeub-ngeuyeub inpormasi wé. Da jauh
saméméhna ogé ari kolot ti wewengkon Banten mah geus loba anu cacarita.
Ngan meureun teu dipalercaya téh, ari béja anu datangna ti kolot baheula
mah teu dianggaop ilmiah,malah deukeut-deukeut ka dianggap dongéng, anu
nu ngabuktikeunana bangsa deungeun mah, nyatana Amérika, saréréan
papada unggeuk ngaenyakeun da ieu mah écés ngawakilan pangaweruh anu
jembar ku paélmuan modérn. Ari ngadéngé kecap modérn mah urang téh sok
tara hamham.
Inpormasi anu jolna ti masarakat tradisional ngeunaan adegan jiga candi di Lebak Cibedug mah kieu.
Éta adegan pamujaan anu jiga candi téh, perenahna di mumunggang Gunung
Pulasari, kaéréh ka Kacamatan Menés, Pandéglang, Banten. Ieu téh
titiggal Karajaan Salakanagara, dijieunna dina jaman Raja Déwawarman
VIII, antara taun 348-363 Maséhi.
Ieu raja dina taun 348
ngararancang hayang nyieun bangunan puseur pamujaan. Tapi kakara dua
taun ti harita ari prakna mah. Nya raja téh masrahkeun proyék
pangwangunan ka para arsiték anu dipingpin ku insinyur bangunan nu
katelahna Ki Mahadhir Réndra. Ngan ku sabab di tengah-tengah
nganggeuskeun proyék, Ki Mahadhir Réndra maot, pingpinan proyék
disérénkeun ka Ayi Réndra, anakna insinyur nu maot téa.
Nu migawéna 350 urang kuli bangunan, dianémeran ku putra raja nu katelahna Ramayaksanwarman tur dikawal ku 93 ponggawa.
Salila 20 taun ieu proyék téh kakara réngsé, ladang beurang peuting
dipigawéna. Sanggeus réngsé, adegan pamujaan téh dingaranan Pura Trasna
Mandir, atawa ogé disebut Rakashan Déwa Natus.
Ieu adegan téh
mémang leuwih ti dua kalieun rubakna Borobudur. Ngan duméh ka luhurna,
jangkung kénéh Borobudur. Borobudur mah luhurna téh leuwih ti 144 méter,
ari Pura Trasna Mandir mah ukur 63 méter. Mun Borobudur ponclotna
mangrupa stupa agung, nyungcung ka luhur, ari Pura Trasna Mandir mah, di
puncakna datar, duakalieun lapang volly sabab dihaja jang dipaké tempat
sarila para jamaahna. Cenah mun sarila ngabérés rapih, bisa dipaké sila
ku 275 urang.
Pura Trasna Mandir diwengku ku salapan umpak
jiga Borobudur. Saumpak téh jangkungna salapan méter. Ieu pura
ngagunakeun bahan batu kapur. Arsitekturna leuwih basajan. Jeung anu
ngabédakeun jeung Borobudur, Pura Trasna Mandir teu maké arca. Hal ieu
ukur ngécéskeun yén urang Karajaan Salakanagara teu muja kana arca.
Kawas ceuk ucapan Raja, Pura Trasna Mandir jang ngagungkeun anu
yiptakrun bumi jeung langit katut sagala eusina. Jaman harita nyebutna
ka Anu Murbeng Alam téh Sanghyang Langlayang Déwa Rangketan Bumi.
Hanjakal, umur ieu pura kawilanag pondok, sabab dina taun 372 Maséhi
aya musibat alam, nyaéta musibat lini (gempa) anu kawilang badag. Pura
Trasna Mandir ancur burakrakan, batu-batuna ngaleuya ka mamana. Nu matak
anu katéwak ku sateliut NASA téh sabenerna mah ukur tumpukan batu. ***
Dimuat dina Majalah Sasakala Ujung Galuh No 18.
- Get link
- X
- Other Apps
ayam bangkok
ReplyDelete