KARAJAAN SUMEDANG LARANG (Dok. Salakanagara)

Hasil Tim Peneliti sejarah Jawa Barat, dicaritakeun deui, ku Asep Idjuddin.

Nurutkeun catetan Bujanggga Manik,deukeut gunung Tompo Omas, aya karajaan Medang Kahyangan, Ngaran eta karajaan kacatet oge dina naskah Carita Parahyangan mangrupa sasaran anu diserang ku Cirebon, dina mangsa kakawasaan Surawisesa. Can jelas naha aya patalina antara Sumedanglarang (larang=rata/datar, padalarang= rata/datar kabeh)jeung Medang Kahyangan? Ngan basa Bujangga Manik datang ka Medang Kahyangan, Sumedanglarang harita geus ngadeg nu puseur dayeuhna di Cipamengpeuk, deukeut kota Sumedang ayeuna.

Teu mustahil Bujangga Manik ngambah jalan sisi kaler gunung Tampomas. Sabab harita keur di perjalanan antara Cipunagara (kecamatan Cisalak, Subang) jeung Padabeunghar, kalereun gunung Cereme. Lamun Sumedanglarang teh Medang Kahyangan tangtu kudu nguriling ka kalereun gunung Tampomas. Jalan kalereun gunung Tampomas teh kungsi dipake ku VOC keur ngakut mariem, jeung amunisi, nohonan pamenta Bupati Rangga Gempol III. Eta mariem teh diakut kana rakit ngaliwatan Ciasem, nepi ka Cileungsing, tuluy dikunjal make jalan darat.Kanyataan sejen nya eta Kiduleun Sumedang ge aya deui karajaan nu ngaran Medang Sasigar. Nu dina abd ka 17 dibagi dua jadi Bandung jeung Parakanmuncang. Ku kituna can aya hiji bukti nu nyndekeun kana saruana ngaran eta dua karajaan. Medang Kahyangan urang anggap tatangga Sumedanglaran nu kahalangan ku Gunung Tampomas.

Nu ngadegkeun karajaan Sumedanglarang teh, Praburesi Tajimalela. Nu Karatonna di Gunung Tembong Agung, nu dina kropak no.410 disebut Mandala Hibar Buana. Can jentre timana asal-usul tokoh Tajimalela. Dina kropak 410 mah ieu tokoh teh disebut Panji Romahyang putra Demung Tabela Panji Ronajaya, ti dayeuh Singapura (deukeut Cirebon ayeuna. Pen.). Nurutkeun babandingan entragan, Tajimalela teh saentrag jeung Ragamulya (1340-1350 M.) raja Kawali, jeung Suryadewata bapa Batara Gunung Bitung, ti wewengkon Majalengka. Dina mangsa kakawasaan Wastukancana, Singapura dicekel ku putra nu kadua, Surawijayasakti, nu engkena diganti ku adi bungsuna Ki Gedeng Tapa, nu jadi jurulabuan disebut Jumajanjati.

Lamun aya patali antara Sumedang jeung Singapura, wajar mun dina kropak 410, Ki Gedeng Sindang Kasih, putra Wastukancana nu ka tilu, disebut Mangkubumi Sumedanglarang, sabab tangtu Sumedanglarang harita aya dina kakawasaan karajaan Galuh. Kasus munculna karajaan Sumedanglarang teh, sajalan jeung kasus munculna karajaaan Talaga. Dirintis ku Praburesi, jadi otonom, ngan sacara yuridis aya dina pangawasa Galuh.

Raja Sumedanglarang nu kadua nya eta Atmabrata, nu disebut Prabu Gajah Agung, karatonna di Cicanting. Carita munggaran ieu raja, dina naskah "Darmaraja" sarimbag jeung carita awal karajaan Mataram dina versi Babad Tanah Jawi.

Nurutkeun eta carita, Ki Ageng Sela nu ngala jeung nyimpen duwegan.Basa inyana indit, datang Ki Ageng Pamanahan, tuluy eta duwegan teh diinum. Atuh jadi turunan Ki Ageng Pamanahan nu untung, ngarundaykeun raja-raja Pulo Jawa. Dina naskah “Darmaraja†carita duwegan teh kajadian antara Prabu Gajah Agung, jeung dulurna, Lembu Agung.

Prabu Gajah Agung diganti ku putrana nu ngaran Wirajaya, atawa Sunan Pagulingan. Ngancik di Cipameungpeuk. Jadi tilu raja Sumedanglarang, ngancik di tilu tempat nu beda. Ciri yen eta karajaan teh,acan nepi kana tahap mapan, atawa can aya karaton anu “permanen†panyicingan turun tumurun.Kaayaan kieu lumangsung sababaraha entragan (generasi).

Putri cikal Sunan Pagulingan, ngaranna Ratu Ratnasih alias Nyi Rajamantri, dikawin ku Sri Baduga Maharaja. Eta sababna, adina nu ka opat, Mertalaya ngaganti kalungguhan Sunan Pagulingan, jadi raja nu ka opat ngawasa Sumedang, kalawan dileler gelar Sunan Guling.Aya nu nyebut yen Sunan Guling teh ngancikna di Ciguling (antara Sumedang-Tanjungsari) tapi teu disebut dina Pustaka Nusantara III/2. Sunan Guling diganti ku putra cikal Tirtakusuma, atawa Sunan Patuakan jadi raja ka lima. Raja ka genep, putrid cikal nya eta Ratu Sintawati alias Nyimas Patuakan. Sabab anak & bapa disebut dina gelar nu sarua “ patuakanâ€. Mungkin sacara siratan, dunana nganjrek di tempat nu anyar deui. Ratu Sintawati ngajodo ka Sunan Corendra, raja Talaga, putra Ratu Simbar Kancana ti Kusumalaya (putra Dewa Niskala). Jadi Sintawati teh incu-buyut nu ngawasa Galuh.

Sunan Corendra boga dua permaisuri, nya eta Mayangsari putri Langlang Buana, ti Kuningan, jeung Sintawati ti Sumedanglarang. Ti Mayangsari ngarundaykeun Ratu Wulansari atawa Ratu Parung, nu ngajodo ka Rangga Mantri, alias Sunan Parung Gangsa (Pucuk Umun Talaga) putra Munding Surya Ageung. Inyana putra Sri Baduga. Dina taun 1530 M. Sunan Parung Gangsa ditalukkeun Cirebon, tur asup Islam. Putrana, Sunan Wanaperih, ngaganti Sunan Parung Gangsa jadi raja Talaga ka dua, dina auban kakawasaan Cirebon.

Ti Sintawati, Sunan Corendra ngarundaykeun putri Satyasih.Nu engkena jadi raja Sumedang, make gelar Pucuk Umun. Dina mangsa pamarentahan Sintawati, agama Islam sumebar di Sumedang taun 1529 M. Nu nyebarkeun Islam di Sumedang nya eta Maulana Muhammad alias Pangeran Palakaran. Inyana putra Maulana Abdurahman alias Pangeran Panjunan. Samemehna, taun 1504, Pangeran Palakaran ngajodo ka putrid Sindangkasih. Tina eta perkawinan lahir Ki Gedeng Sumedang alias Pangeran Santri (kira-kira tanggal 29 Mei 1505 M).Pangeran Santri ngajodo ka putrid Satyasih ahli waris tahta Sumedang. Satyasih kakoncara gelar Pucuk Umun(umun =sembah). Dina naskah-naskah babad biasa ditulis umum (Arab).Sabab istilah umun geus teu dipiwanoh deui ku nu narulisna.

Sindangkasih kacida raketna patali jeung Sumedang. Eta sababna mindeng pahili jeung Sindangkasih Cirebon. Kiwari Sindangkasih duanana jadi ngaran desa.Nu hiji aya di kacamatan Majalengka,( deukeut Cideres), nu hiji deui aya di kacamatan Beber, Cirebon. Nyai Ambetkasih nu ditikah ku Siliwangi asalna ti Sindangkasih Cirebon. Sedengkeun tokoh nu ngawasa Majalengka, ngaranna Nyai Rambutkasih.
Sindangkasih nu ka hiji kungsi jadi puseur Dayeuh (ibukota) kabupaten Maja, dina abad ka 19. Tuluy ku SK Gub.Jend.Hindia Walanda, tanggal 11 Pebruari 1840, kabupaten MAJA nu Puseur Dayeuh (ibukota)na SINDANGKASIH, diganti jadi Kabupaten MAJALENGKA. Kecap lengka = pait . Eta sababna dina naskah Serat Centini, ngaran Majalengka jeung Majalangu, dipake pikeun sinonim ngaran Majapahit. Miturut sajarah Majalengka( stensilan, 1978), Rambutkasih dulur Munding Surya Ageung, dulur sabrayna Walangsungsang. Mun kitu bisa diteguh, yen Rambutkasih teh putri Sri Baduga ti Ambetkasih.Lanceuk sabrayna Subanglarang, ibuna Walangsungsang.Kulantaran inyana incu Ki Gedeng Sindangkasih, wajar mun Rambutkasih nerapkeun ngaran Sindangkasih keur ibukota karajaan panganjrekanana.

Pangeran Angkawijaya alias Geusan Ulun, dijungjunglungguh jadi raja Sumedang, 13 bulan sabada wafatna Pangeran Santri. Kaharti sabab harita Geusan Ulun umurna Karek 22 taun, sdengkeun nurutkeun tradisi heubeul, nu diangap dewasa teh umur 23 taun. Ari sababna nu utama, nurutkeun Pusaka Kertahumi I/2, nya eta:
" Ghesan Ulun nyankrawartti mandala ning Pajajaran kang wus pralaya, ya ta sirna, ing bhumi Parahyangan. Ikang kedatwan ratu Sumedanglarang haneng Kutamaya ri Sumedangmanala." (Geusan Ulun marentah wilayah Pajajaran nu geus runtag, nya eta sirna ti bumi Parahyangan. Karaton ieu raja Sumedang teh ayana di Kutamaya di wewengkon Sumedang).

Saterusna disebutkeun "Rakryan samanteng Parahyangan mangastungkara ring sira Pangeran Geusan Ulun" (Para penguasa sejen di Parahyangan/raja daerah, ngarojong Pangean Geusan Ulun). Kecap samanta = bawahan. Istilah anyakrawartti biasana ngan dipake ka pamarentahan, raja merdeka tur lega kakawasaanana. Daerah kakawasaan Geusan Ulun, watesna Cipamali di weta, jeung Cisadane di kulon, sedengkeun di kaler jeung kidul watesna laut. Sabenerna legana daerah kakawasaan Geusan Ulun teh katembong tina surat nu kungsi dikirim ku Rangga Gempol III ka Gubernur Jendral Willem van Outhoorn tanggal 4 Desember 1690. Dina eta surat Rangga Gempol menta sangkan daerah kakawasaanana dibikeun deui, sakumaha legana kakawasaan buyutna nya eta Geusan Ulun. Ceuk Rangga Gempol III, dina mangsa kakawasaan Geusan Ulun teh ngawengku 44 raja daerah 26 kandaga lante jeung 18 umbu (tapi ceuk babad mah, ngan 4 kandaga lante). Ranga Gempol III ngan ngawasa 11 daerah tina 44 teh. Sesana geus jadi kawasan Bandung(8 kandaga lante), Parakanmuncang (9 kandagalante), jeung Sukapua(16 kandagalante).

Pereleanana:
1. Di Kabupaten Bandung: Timbanganten, Batulayang, Kahuripan, Tarogong, Curug agung, Ukur, Marunjeng, jeung daerah ngabei Astra Manggala.
2. Di Kabupaten Parakanmuncang : Selacau, daerah ngabei Cucuk, Manabaya, Kadungoa, Kandangwesi (Bungbuang), Galunggung (Singapana), Sindangkasih, Cihaur, jeung Taraju.
3. Di Kabupaten Sukapura : Karang, Parung Panembong, Batuwangi, Saungwatang (Mangunreja), daerah ngabei Indawangsa Taraju, daerah ngabei Yudakarti Taraju, Suci, Cipinaha, Mandala, Nagara (Pameungpek), Cidamar, Parakan Tiga, Muara, Cisalak, jeung Sukakerta.

Dumasar eta kanyataan katangen yen kakawasaan Geusan Ulun ngawengku Sumedang, Garut, Tasik, jeug BandungWates ti wetan garis Cimanuk-Cilutung ditambah Sindangkasih, Beulah kulon garis Citarum-Cisokan. Nu luput tina perhatina panulis babad, nyeta ti taun 1482, Cimanuk geus jadi wates karajaan Pajajaran–Cirebon. Ciamis jeung Majalengka, ti mimiti perang Palimanan(1528), jeung perang Talaga (1530) geus jadi bawahan Cirebon.

Geusan Ulun/Angkawijaya meunang pangrojong, ti 4 sadulur urut senapati jeung gegeden Pajajaan, Nya eta Jayaperkosa, Wiradijaya(Nanganan), Kondang Hapa, jeung Pancar Buana. Arinyana vetean perang Pakuan nu masihkeneh mibanda kapanasaran, sabab gagal mertahankeun "Pakuan" puseur dayeuh Pajajaran nu geus dibelaan salila welasan taun. Najan kitu arinyana bisakeneh nyalametkeun mahkota, jeung atribut karajaan, nu nepi ka ayeuna masih keneh diteundeun di museum Sumedang. Sacara singget Pustaka Kertabhumi ngabewarakeun, ngeunaan eta 4 sadulur "Sira paniwi dening Pangeran Geusan Ulun. Rikung sira rumaksa wadyabala, sinangguhan niti kaprabhun mwang salwirya" (Maranehna ngabdikeun diri ka Pangeran Geusan Ulun. Maranehna mepek balad , ditugaskeun ngatur pamarentahan jeung lian ti eta).
Jayaperkosa urut senapati Pajajaran, sedengkeun Wirajaya, urut nanganan. Nurutkeun kropoak 630, nanganan leuwih luhur satingkat ti mentri tapi sahandapeun mangkubumi.

Kulantaran Geusan Ulun ngora keneh, teu kabeh ngarojong tina 44 raja daerah teh, tangtu we pangrojong teh teu ngadadak, bisa kateguh mun 44ananan kabeh ngarojong, hartina aya nu ngagarap, tur waktu nu lila, tangtu ieu usaha Jayaperkosa jeung adi-adina. Sabab Jayaperkosa jeung adi-adina dipiserab jeung diarajenen, jadi jaminan, kabeh raja daerah nu 44 samiuk ngarojong Geusan Ulun jadi â€narendra†ngaganti pangawasa Pajajaran nu geus musnah. Faktor umur jeung faktor politis ieu kawasna nu "nunda" Geusan Ulun jadi raja nepi ka sataun leuwih sabada wafatna Pangeran Santri.

Waktu anu dipilih pikeun ngajungjunglungguh Angkawijaya ge, geus ngagambarkeun suasana ka-Islaman, tanggal 18 Nopember 1580 M, poe Jumah legi/manis, ninggang tangal 10 Syawal 988 H. Suasana lebaran jeung poe Jumaah, mangrupa waktu nu hade, di sagigireun pasaran Legi/manis, mangrupa waktu nu alus keur mitembeyan perkara anu gede jeung penting. Sabab ngajenengkeun Geusan Ulung nyakrawati atawa jadi narendra, mangrupa "proklamasi" kabebasan Sumedang , sajajar jeung karajaan Banten jeung Cirebon. Harti penting tina eta kajadian, lir ngumumkeun yen Sumedang ahli waris nu neruskeun kakawasaan Karajan Pajajaran di bumi Parahyangan. Mahkota raja jeung barang sejenna nu dibawa ku Senapati Jayaperkosa ka Sumedang, dijadikeu bukti jeung legalisasi kakawasaan, Pajajaran, kawas pusaka Majapahit nu jadi ciri kaabsahan Karajan Demak, Pajang, jeung Mataram.

Peristiwa Harisbaya
Sajarah Geusan Ulun meh teu dipikawanoh, mun seug taya kajadian peristiwa Harisbaya. Ceuk carita babad, Prabu Geusan Ulun jeung 4 pangirngna mulang guguru ti Demak, nyimpang heula, anjangsono ka Panembahan Ratu nu ngawasa Cirebon. Di dinya panggih jeung Harisbaya, istri ka dua Panembahan Ratu, nu masih keneh rumaja, geulis, tur can lila ditikahna ku Panembahan Ratu. Cenah inyana putrid Pajang teureuh Madura, nu dihadiahkeun ku Panembaha Senopati Mataram ka Panembahan Ratu. Cenah sang pribumi Harisbaya, kapincut ku kakasepan, kagagahan tamuna. Nepi ka kawas kaedanan. Kalawan teu bisa ngawasa diri, Harisbaya ngolo, nyombo Geusan Ulun, sangkan mawa dirinya ka Sumedang, ngalolos ti karaton. Tengah peuting pasukan bhayangkara Cirebon ngudag Geusan Ulun, tapi bisa ditanganan ku pangiringna nu 4 an. Geusan Ulun salamet nepi ka Kutamaya. Urut pertempuran jeung pasukan bhayangkara Cirebon, disebut “Dago Jawa†atawa "Sindang Jawa"

Dua urang telik sandi nu ditugas ti Cirebon, nyamur jadi padagang peda, mangihan Harisbaya, keur balanja di pasar. Sanggeus laporan ka Cirebon, langsung Sumedang digempur tentara Cirebon. Tapi pasukan Cirebobon teh teu kungsi nepi ka Kutamaya, sabab dielehkeun ku tentara Sumedang nu dipingpin Jayaperkosa. Samemeh indit mapag musuh cenah Jayaperkosa nancebkeun tangkal hanjuang keur panayogean, yen mun inyana gugur pasti hanjuang teh perang/garing, tapi mun hanjuang mulus, cirri hirup keneh. KUalantara kajongjonan ngudag musuh, Jayaperkosa teh sasab, lila, misah ti pasukanana, nepika disangka gugur. Ki Nanganan mulang ka Kutamaya, ngolo Geusan Ulun sangkan ngungsi ka Dayeuhluhur. Kacida ambekna Jayaperkosa, basa mulang nyampak Kutamaya kosong ditinggalkeun ngungsi. Inyana nyusul, tuluy mateni Nanganan. KUlantaran ambek jeung kanyenyerian ku Geusan Ulun pedah ngungsi, Jayaperkosa indit ninggalkeun rajana, teu puguh jugjugan tur taya nu nyaho kamana leosna. Akibatna, pernikahan Geusan Ulun ka Harisbaya, kakara dilaksanakeu sanggeus talaqna ditukeuran ku daerah Sindangkasih. Kitu cenah lalakon Harisbaya jeung Geusan Ulun nurutkeun babad-babad kalawan versina sewang-sewangan.

Kawasna nu nulis babad kaleungitan cecekelan waktu, nepi ka tokoh jeung kajadian nu beda dicampuradukkeun, mere gambaran nu surem tina kajadian sabenerna. Utamana hubungan tokoh Harisbaya jeung Panembahan Senopati, umur Panembahan Ratu, beh ditu na kajadian nalukkeun Sampang ku pancakaki Rangga Gempol I. Sababaraha hal nu teu luyu jeung kajadian sabenerna. Nurutkeun Pustaka Krtabhumi I /2 kaca 70. Kajadian Harisbaya dina taun 1585 M. Harita puseur kakawasaan lain di Demak, sabab geus diganti ku Pajang ti taun 1546 M. Kalungguhan Senopati Sutawijaya masih keneh sahandapeun Pajang, mustahil Senopati bisa mere hadiah putri Harisbaya ka Panembahan Ratu Cirebon. Mataram ge can ngadeg. Pajang muncul sanggeus huru-hara Demak.cag

Comments

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona