SIKEP URANG SUNDA NU ALUS PIKEUN KAMAJUAN SUNDA

URANG SUNDA TEH KUDU :
1.Congo nyurup kana puhu, ka luhur sirungan ka handap akaran.

2. Cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer.

3. Nu weruh ka semuna apal ka basana, rancingas rasana, rancage hatena.

4. Nu bisa ngajaga panon ku awasna, ngajaga ceuli ku dengena, ngajaga letah ku ucapna, ngajaga hate ku ikhlasna.

5. Subur di lembur, bagja di kota.

6. Heug urang teundeun di handeuleum sieum, geusan sampeureun. cag urang tunda di hanjuang siang, geusan alaeun.

7. Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah, rea ketan, rea keton, buncir leuit, loba duit. Di hareup undeureun, di tukang alaeun, di pipir petikeun, di kolong aya si jambrong, na parango aya si jago.

8. Kawung mabur carulukna, samak leungiteun pandana, ciamis tinggal paitna, ciherang tinggal kiruhna, resi leungiteun ajina, pandita ilang komara, kaduruk hawa napsuna, bangkong di kongkorong kujang, ka cai mawa cameti.

9. Karaton manjing dangiang, Galudra ajeg wiwaha, Jatayu tinemu semu, Sagara bareng jeung seah.

10. Landung kandungan, laer aisan, leuleus jeujeur liat tali, hade congcot, gede bacot, someah hade ka semah.

11. Ciri sa bumi, cara sa desa, jawadah tutung biritna, lain tepak, sejen igel.

12. Bumi manjing ka langitna, ti langit seah hujana, lembur subur, kota bagja, masjid jeung diri ngahiji, harta geus ngawujud harti, hukum geus ngawujud adil, nyanding pamingpin ka rakyat, pandita ajeg wiwaha, ucap jeung langkah sarua, pitutur ngawangun subur, ayat ngawujud ka Adam.

13. Sareundeuk sa igel, sa bobot sa pihanean, ka cai jadi sa leuwi, ka darat jadi sa logak.

14. Pait getih pahang tulang, jauh tinu balai, parek kana rejeki, ginulur karahayuan, ginanjar kawilujengan

15. Caina herang, laukna beunang, listrikna caang, sawahna ngemplang, nu ulin senang.

16. Gemah ripah, repeh rapih, sugih mukti lemah cai, wibawa karta raharja...

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona