RUPA-RUPA LEUMPANG - dok Salakanagara

(Pangdeudeul pangajaran basa Sunda)
Ku: Iing Firmansyah

Boyot = leumpang kendor bangun beurat awak.

Déog/péngkor = leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok.

Dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho.

Égang/égol = leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jsté.

Gonjléng = leumpang awéwé bari ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki.

Ingkud-ingkuan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jsté.

Jarigjeug/jumarigjeug = leumpang bari semu rék labuh (biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering).

Jingjet = leumpang semu hésé ngaléngkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing.

Képoh = leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu (méh kawas aksara x).

Kukurubutan = leumpang rada dodongkoan di nu bala atawa di nu rembet kakayon.

Moyongkod/mongkoy = leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat sieun atawa éra.

Narabas = leumpang di nu bala atawa di nu rembet kalawan teu miduli cucuk, jsb.

Neker = leumpang di tempat nu nanjak pisan (netek).

Néléndén = leumpang budak, anca, pikalucueun.

Nelenyeng = leumpang nu asalna anca ujug-ujug gancang.

Niliktik = leumpangh budak nu kakara bias leumpang gancang, titiliktikan ka ditu ka dieu.

Nolog = leumpang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poék.

Noyod = leumpang nurutkeun karep sorangan, teu maliré ka nu nyaram.

Ngabadaus = leumpang (semu gancang) teu luak-lieuk.

Ngabéngbéos/méngpéos = leumpang teu luak-lieuk (biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema, jsté). Ngadaligdeug/dalugdag-daligdeug = jarugjag-jarigjeug, leumpang kawas nu mabok, kawas nu rék titotolonjong.

Ngadédod = (awéwé) nu leumpang anca sarta biritna ka kénca ka katuhu.

Ngagidig = leumpang gancang sarta segut.

Ngadigleu = leumpang kendor, semu bareurat ngléngkah.

Ngadudud = leumpang gancang teu luak-lieuk.

Ngandeuang = leumpang sale, dada ajeg, bari keupat laun.

Ngagéang = leumpang semu égang.

Ngageblay = leumpang awéwé, anca, bari keupat laun, geblay-geblay.

Ngageblig = leumpang bari neundeut-neundeutkeun suku tepi ka kadéngé sora blig, blig, blig (sabalikna tina keketeyepan)

Ngagéboy = leumpang awéwé nu rada lintuh, awakna semu leuleus.

Ngagégag = leumpang kendor semu beurat awak.

Ngagéyot/ngagiyet = leumpang awéwé bari semu ngobah-ngobahkeun bujur.

Ngageuyeuggeung = leumpang laun nu keur gering atawa nu kakara hudang gering.

Ngagidig/ngagedig = leumpang gancang sarta segut (sarua jeung ngadigdig).

Ngagigeug = leumpang semu beurat ku awak, oyag ka kénca ka katuhu.

Ngagilincing = sesebutan keur nu leumpang teu mawa nanaon.

Ngagiplek = leumpang awéwé nu gendut, bujurna guplak-giplek.

Ngagitek = leumpang awéwé bari semu ngaghutak-gitek bujur.

Ngalanggéor = leumpang awéwé (biasana nu lenggik) nu alus katempona.

Ngaléjég/lajag-léjég = leuleumpangan di hareupeun batur bari ambek.

Ngalénghoy = leumpang alon lantaran cape.

Ngaleyad = leumpang anca diaplén.

Ngeteyep = leumpang laun ( biasana nu keur ngintip) sieun kadéngé atawa katempo ku batur.

Ngincid = leumpang gancang sorangan.

Ngingkig = leumpang gancang teu luak-lieuk.

Ngiciprit = leumpang keur waktu hujan atawa loba kénéh cileuncang.

Nyelengceng = leumpang gancang sosoranganan (miheulaan batur).

Ngungkug = leumpang gancang teu luak-lieuk.

Nyerenteng/nyirinting = leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari ambek).

Rarampéolan = leumpang semu leuleus (nu keur mabok, jsté.).

Rincug = leumpang teu bener lantaran nyeri dampal suku, atawa leumpang di nu bala sieun kacugak lantaran teu make sandal/sapatu.

Sasampoyongan = leumpang gagaléongan (nu keur mabok, jsté.).

Sésélékét = leumpang diantara jelema loba.

Seselendep = sarua jeung sésélékét.

Singkang = leumpang semu jegar lantaran sukuna (ti lebah tuur ka handap) semu ka luar, sabalikna tina képoh.

Tonggoy = leumpang teu luak-lieuk (bari tungkul), teu miroséa ka nu gegeroan.

Totolonjongan = leumpang kawas nu rék titotolonjong.

Turugtug, nurugtug = leumpang gancang di nu mudun.

Tuturubun = turun atawa leumpang rurusuhan, buru-buru.

NUDUHKEUN LEUMPANG LOBAAN :

Ngabring = leumpang babarengan.

Ngabrul = kaluar atawa indit babarengan.

Ngaburudul = kaluar ti hiji tempat (lobaan).

Ngaleut = leumpang babarengan (jalamana leuwih loba ti batan ngabring).

Ngantay = sarua jeung ngaleut.

Ngeungkeuy = saharti jeung ngaleut; ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang (paribasa).

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona