Aji Mantri Putra Mahkota Prabu Seda (Dok.Salakanagara)

Ku : Aan Merdeka Permana
Lalampahan Aji Mantri
Muru Sumedanglarang

DINA catetan sajarah resmi teu kacatet ngaran Aji Mantri. Padahal makamna puguh aya di Cimalaka Sumedang tur urang dinya yakin kacida, yen ieu tokoh teh putrana Prabu Raga Mulya Suryakancana anu diutus nyerenkeun makuta raja ti Prabu Raga Mulya atawa Prabu Seda raja Pajajaran ka Prabu Geusan Ulun di Sumedanglarang.

PRABU Raga Mulya miang ti dayeuh Pakuan muru mumunggang Gunung Pulasari, Pandeglang, Banten. Ku panarajang Banten dina 1579 Masehi, Prabu Raga Mulya geus ngarasa yen Pajajaran geus mimiti lekasan. Ari miang ka Pulasari, lain dumeh sieun ku musuh tapi ku ayana eta kasadaran tea. Pulasari dianggap pangbalikan, sabab inyana percaya yen karuhun Sunda teh jolna ti dinya.

Samemeh Pulasari oge digempur tepikeun ka rata pisan, Sang Prabu ngutus putrana anu katelahna Aji Mantri pikeun nyerenkeun makuta raja ka Prabu Geusan Ulun di Sumedanglarang. Aji Mantri dikawal ku opat papatih Jaya Perkosa, Terongpeot, Sayang Hawu jeung Suradijaya. Tapi hayang muru Sumedanglarang teh susah kacida sabab teu weleh dibeberik ku musuh. Jang ngaganggu perhatian musuh, ieu rombongan leutik di tengah jalan ngabagi dua. Jadi dina muru Sumedanglarang teh teu irid-iridan.

Aji Mantri muru Sumedanglarang seja masrahkeun makuta raja, tapi lain Binokasih Sanghyang Pake. Prabu Raga Mulya ngahaja nyieun deui hiji makuta, rupana peresis Binokasih, dijieun tina emas murni. Ku Kangjeng Prabu dingaranan Makuta Prana Ma’jha Kasta.

Binokasih Sanghyang Pake tetep dicangking kudu jadi milikna Pajajaran sabab ngan eta ciri nu mawa citra Pajajaran teh. Lambang Pajajaran anu pinuh ku serat kanyaah, wibawa sang pamuja nyaeta raja anu nyambungkeun pangrasa tina ngajaga karajaan jeung ngawadahan rahayat ku anu asih wibawa jeung prawiharti (adil dina harta). Ceuk salah sahiji sumber, ari Binokasih Sanghyang Pake mah diamankeun ku Jaya Perkosa, disumputkeun di hiji tempat. Di mana eta tempat? Ujung Galuh nomer ka payun Insya Allah baris medar.

Aji Mantri anu kautus masrahkeun makuta tea, saterusna bumen-bumen di Sakawayana, wewengkon Sumedang. Ari opat papatih, nya ulun kumawula di Sumedanglarang.

Aji Mantri boga turunan genep, Santoan Kadang Serang (atawa Ariphati Manggang Kalanggang), Santoan Sawana Buana (atawa Arjaka Dirayu Sawang), Santoan Pregongjaya (atawa Gandhika Sandhianata Jaya), Santoan Jagabaya (atawa Jawhanggangga Baya), Nyimas Raden Ayu Sendayu Anthatika Palastri, Nyimas Ratu Jili (atawa Rhamijai Jilitahunju).

Tepikeun ka pupusna, Aji Mantri teu ingkah ti wewengkon Sumedang tur dipusarakeun di wewengkon Cimalaka Sumedang. ***

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona