Ngamumule karakter urang sunda

tina blog : Desa Kertahayu Pangandaran
http://kertahayu.blogspot.com/
 
Asal muasal kecap ngamumule;
Kahiji ; Ngamuliakeun, Ngajenan, Ngaagungkeun, kesenian samodel pentas, bahasa make bahasa Sunda, baju atawa sikap jeng etika.
Kadua ; Ngahartian makna anyar.
Katilu ; Ngawangun kreasi anyar dina widang perkakas atawa teknologi.
Kaopat ; Ngajonjatkeun kabudayaan karuhun urang, saperti bahasa sapopoe, kasusastraan, seni," jelasna
Naon atuh nu kudu dironjatkeun teh, nyaeta dina budaya Sunda;
-Hiji dina harti lokalitas wilayah jeung kasajarahan.
-Kadua, dina pawarisan nu terus kontinyu.
Naha nudisebut urang Sunda teh nu sok make iket, baju pangsi, nyoren bedog? Lamun ningali kana kabiasaan atuh urang henteu asup kasebut urang Sunda lamun kitumah.
Ngemulule Sunda "Kedah dikawitan tina bahasa. Henteu majuna bahasa Sunda kusabab aya nu kuat nyepengan undak-unduk bahasa Sunda.

Malihan dina kamus Sunda nu dijieun panungtung tahun 1975an seueur bahasa ayeuna anu hente lebat kana kamus eta, Saestuna bahasa Sunda kedah ngiring ngaluyukeun kaayaan.
Oge tiasa ngigelan zaman, utamina kana perkakas (teknologi) supaya henteu katingaleun zaman.
Bahasa Sunda bakal paeh ku bahasa Sunda sorangan kulantaran ayana bahasa lulugu atawa Priangan, khususnya Bandung dialektika Cirebon, Banten, Cianjur kabehananan kudu siga bahasa urang Bandung.
Sareng deui aya kesan yen budaya Sunda teh milik budayawan jeng sastrawan wungkul. Masyarakat sunda mah hente ngarasa?
Subkultur di Pasanten nu kuat nyepeng tetekon, bahasa jeung nulis ku aksara jawi atawa pegon hente diakui hiji cara keur ngamumule budaya Sunda,
Hiji deui faktor nu leungit dina urang Sunda teh etika atawa sopan santun. Someah hade ka semah. Ieu anu leungit leuwih ti heula, anu nyesa ayeuna mah ngan saukur bahasa.
Di handap ieu katingali karakter urang sunda nu maju ka punah.... cobi tingalian meuni wararaas nya...

Roroyongan ngahadean imah nu miskin


 


 
Sabilulungan ngawangun Mushola



 
Babarengan mindahkeun imah

 
 
Sabilulungan ngadamel saluran cai bersih
 
 
Gotong royong dina ngureubkeun Layon


 
Ngadamel Cukang / jembatan
 
 
 
 
Ngajarkeun tradisi ka barudak
 
 
Idul Qurban di urus sarerea
 
 

Dahar alakadarna beu aya ku nikmat rajen jeung oseng lauk asin
 

Istri anu sasarengan ngabantu dinu Hajatan



Sakitu mugiya janteun inspirasi.
Wasalam

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona