Karajaan Arcamanik (Dok.Salakanagara)


Ku : Aan Merdeka Permana

BAHEULA di tatar Sunda, salian ti Pajajaran, aya karajaan-karajaan leutik. Bisa bae ngadegna bareng jeung Pajajaran aya. Tapi bisa jadi deuih mimiti ngadegna teh sanggeusna Pajajaran burak, nyaeta taun 1579 Masehi.
Karajaan leutik anu kakara ngadeg sanggeusna Pajajaran burak, di antarana nyaeta Karajaan Arcamanik. Ieu karajaan ngadeg dina taun 1608 Masehi. Nu ngadegkeunana Prabu Pamungkasan, salah saurang pangagung Pajajaran anu lumpat ti Pakuan Bogor, ka tebeh wetan.

Karajaan Arcamanik diadegkeun, lian ti ayana katineung anu gede ka Pajajaran, oge bari sakalian ngamankeun rajakaya Pajajaran.
Ceuk sakaol, di wewengkon Kampung Arcamanik tug ka kiwari aya pependeman atawa harta karun. Ngan teuing di mana ayana. Ti taun 1920-an keneh tepikeun ka kiwari, sok aya anu ngahaja kukurusuk kana rungkun-rungkun bala. Cenah mah anu rek nyiar pependeman tea.

Prabu Pamungkasan ngadegkeun karaton leutik di hiji pasir. Ngan eta karaton ancur ku sabab aya lini badag. Taun 1631 Masehi, diadegkeun deui karaton anyar. Tempatna rada beh luhur. Perenahna di Kampung Mandang Kamulya, Desa Sindang Kaprabonan.
Henteu kacaritakeun, kumaha riwayatna Prabu Pamungkasan. Karajaan Arcamanik, kapanggih lalakonna mah sanggeusna dirajaan ku Prabu Suryadiraksa Panangkaran.

Prabu Suryadiraksa Panangkaran teh turunan Kulawarga Panangkaran. Ti jaman Karajaan Sunda keneh geus aya papatih anu make ngaran kulawarga Panangkaran. Ki Giring Merta Panangkaran papatih ti Karajaan Sunda, lanceukna Prabu Suryadiraksa Panangkaran. Ki Giring Panangkaran boga anak katelahna Ki Pragola Panangkaran. Tepikeun ka jaman Pajajaran, Ki Giring masih keneh babakti. Suryadiraksa jeung Pragola oge milu babakti.

Sawaktu Pajajaran burak, Suryadiraksa Panangkaran katut Pragola Panangkaran milu ka Arcamanik, tur ari Suryadiraksa mah ahirna tepikeun ka jadi rajana pisan. Pragola Panangkaran jadi papatihna.

Prabu Suryadiraksa Panangkaran, jadi rajana tepikeun ka taun 1835 Masehi. Bisa jadi raja pamungkas. Da ti harita lalakon Karajaan Arcamanik oge milu ngiles. Ceuk sakaol mah disebut tilem. ***

Sempalan tina Buku SASAKALA KARAJAAN ARCAMANIK

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona