PRINGGAWASI


Kintunan : Aan Merdeka Permana 

Hiji-hijina Perwira Awéwé Jaman Pajajaran

PRINGGAWASI, hiji-hijina awéwé nu jadi perwira Karajaan Pajajaran. Inyana hirup dina jaman pamaréntahan Prabu Ratu Déwata (1535-1543), kaasup limapuluh perwira Karajaan Sunda ti jaman ka jaman dina nyumbangkeun bala-tampur (taktik tempur) anu dicatet dina Pustaka Ratuning Bala Saréwu.

Pringgawasi ti keur umur 9 taun geus diurus ku karajaan, sabab geus pahatu-lalis. Biangna, Nyi Ami Sarih maot basa ngalahirkeun manéhna. Ari nu jadi bapa, Ki Tonggala, gugur di pangperangan sabab jadi prajurit Pajajaran dina jaman Prabu
Surawisésa ( 1521-1535).

Umur 10 taun geus disuprih élmu kanuragan. Geus déwasa nyiptakeun jurus Penca Maliput, Céndra Babak Sipur, jeung Gagak Lumpat, dicatetkeun dina Pustaka Ratuning Bala Saréwu sabab éta élmu kabéh keur stratégi bala-tampur.

Ti saprak ditinggalkeun maot di pangperangan ku nu jadi bapa,Pringgawasih cita-cita keyeng, hayang milu dina kamilitéran, nu matak ti bubudak terus nyuprih élmu gelut.


Dina umur 17 taun, Pringgawasih jadi mojang anu geulis kacida tapi teu nempatkeun dirina salaku wanoja andalemi jeung camperenik, sabab sapopoéna kalah nyekel senjata.

Dina umur 20 taun geus milu dina peperangan ngalawan Cirebon. Di pangperangan gé mingpin prajurit lalaki. Naon pangna kitu,sabab Pringgawasih dina umur anu sakitu ngorana geus dibenum jadi Basanpatih Sajayangwungga ( sinatria wanoja). Saterusna manéhna katelahna téh Basanpatih Mahapatih Sajayangwungga Pringgawasi.

Dina umur 25, ieu sintaria wanoja téh nikah ka Patih Suradipapar, tepikeun ka boga budak awéwé katelahna Sulaliawasi.

Pringgawasi, maot ku panyakit stroké, jaman harita katelahna panyakit muncak. Nu jadi gara-garana, duméh mireungeuh nu jadi salaki gugur dibinasa musuh nu baruntak bari taya rasrasan. Awak Patih Suradipapar disiksik diwalang-walang, disebarkeun di pakarangan imahna. *** 
 
Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh No.10

Ilustrasi gambar tina Google

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona