Tilem/Ngahyang di alam kami

Ku : Edy Nugraha

PANGANTEUR
Ngahyang atawa tilem lolobana dinisbahkeun ka cara ninggalkeun alam dunyana Siliwangi jalma baheula di jaman Pajajaran (lain jalma ayeuna). Harti jeung maksud jalma sunda ayeuna ngeunaan kecap/konsep ngahyang atawa tilem rupa-rupa, misalna, Dina ensikolpedi sunda (2000) entri ngeunaan tilem euweuh. Aya oge ngahyang – dina entri kecap hyang- nu dihartikeun leungit jeung jasadna ngajadi hyang. Ari Hyang di sunda mah luhureun dewa-dewa - ‘Allah’ di sunda mah disebut diantarana Sang Hyang keresa (nu maha pencipta) jeung Hyang Seda niskala ( Maha Gaib). Dina kamus LBSS (1992) kecap ngahyang euweuh aya oge tilem nu dihartikeun ngaleungit jadi siluman.

Aya oge nu dinisbahkeun tilem/ngahyangna Siliwangi teh dipercaya lain leungit jeung jasad tapi paeh biasa mun teu salah mah ieu teh salah sahiji pamendak ti, diantawisna, Pa Yoseph Iskandar. Aya oge,… nu saukur ngagolongkeun ngahyang teh mitos (tahayul) jadi lain mang rupa hiji hal nu jadi kareueus da bohong. Kaasup nu nyebutkeun sarua/beda antara tilem jeung ngahyang ditambah bumbu ayana maung kajajaden.

Ari ieu tulisan… hayang ngajelaskeun sabisana yen tilem/ngahyang teh lain mitos/tahayul tapi hiji ulikan nu masagi…lain ngaleungit jadi siluman tapi balik ka Allah swt nohonan innalillahi wa innailaihi rojiun…sanajan baheula mah carana lain nganggo sareat Islam-Muhammad saw…bari badan/jasad awak-awakana sampurna dina harti sirna mulang ka asalna sakedet netra sab wawuh jeung nu lembut runtut jeung nu alus dalit jeung nu leutik galo jeung nu nyaho…jeung bisa wae dilakukeun jalma ayeuna nu nuturkeun sareat Sang Rahmatan lil alamin (islam)- lain baheula wae…. Bisa henteuna nu nulis mere katerangan nu ENYA keur ngadukung argumenna dina ieu tulisan gumantung kana panilaian nu macana.

….. urang jujut ti ‘konsepsi’ jeung paradigmana heula….

INNALILLAHI WA INNAILAIHI RAJIUN….(KABIASAAN)

Kekecapan innalillahi wa innailaihi roji’un nu dihartikeun sacara awam mah asal ti Allah balik deui ka Allah… loba/ilahar diomongkeun lamun aya/meunang beja aya jelema maot [Sanajan dina qur’ana (surat sapi bikang) mah nyebut kecap diluhur teh ciri mu’min lamun meunang musibah].
Sigana pedah ditinggal maot teh kaasup musibah kanu ditinggalkeun…

Atawa..

hiji ‘etiket’ nu terkadang ‘klise’,… bijilna kecap kitu teh supaya kasebut alus wae ku nu ditinggal maot yen urang ngilu sedih/kaleungitan…bari saenyana mah bisa wae teu sedih teu sing.
Kekecapan eta teh kaciri kalolobaanana tina ‘intonasi’ nu teu siga siga ngadu’a (neneda/miharep) tapi intonasina geus mangrupa ‘statement’.

Ngan…nu jelas mah…

Nyawa na jadi arwah…sok dihadiahan illa arwahi.. badanna jadi mayit…. Dimandian, dikafanan, disolatan terus Dikubur.

Naha enya nu maotna mah harita manjing innalillahi wa innailaihi rojiun?….wallahu alam…

Sabab lamun nurutkeun katerangan tina qur’an. ..aya nu bakal keuna siksa sapanjang langit jeung bumi … aya nu dikubur heula…ngalaman padang masyar…aya nu meunang rahmat/nikmat heula …aya nu lila rek tepina ….jeung aya oge aya nu langsung (diistilahkeun ‘secepat kilat’) meunang rido Allah bisa balik ‘panggih’ jeung Rabbna… Enya..enyana mah kabeh mahluk bakal balik deui ka Allah…ngan can tangtu harita (pas maot) …teuing iraha!!!!???? Boa sanggeus bumi langit rusak….

Malah saenyana hayang bisa manjing innalillahi teh manusa kudu usaha satekah polah salila hirupna pikeun panggih jeung Rabbna ??!! Wa’bud rabbaka hatta ya’tiyakal yakin….atawa kudu daek kaingetan ayana caritaan qur’an yen “lamun lolong didunya lolong diaheratna”….lamun teu apal ka Allah didunyana …diaheratna ge tangtu lolong teu apal…jrrd argumen nu bosen/klise lamun dituliskeun deui….

...sanajan aya oge nu boga pamanggih: “ah rek percaya we bakal balik ka Allah”….he..he..heueuh gampang pisan teu kudu susah-susah …tapi pan sakabeh kayakinan teh kudu jeung elmuna bener henteuna kudu kasungsi –kaharti karasa tur bukti- sabab bakal dipenta pertanggungan jawabna.

INNALILLAHI WA INNAILAIHI RAJIUN (ULIKAN)

Asal ti Allah balik ka Allah disunda (tiasa diaos heula sunda nganggo tanda kutip) leuwih diteuleuman. Paling henteu di sunda loba kekecapan nu ngajelaskeun leuwih rinci ngeunaan maot. Salah sahijina dijentrekeun ku kecap mulih ka jati mulang ka asal…dilembur mah ditambah ku sampurna…sampurna ning beak lebur papan karo tulis…kasalinan cahya …jeung saterusna….

Naha ? sabab baheula insan (urang) teh Laa syaian madzkuuran = euweuh – lain nanaon nu bisa disebutkeun (Al insaan).

Nya terus dijieun jadi insan jelema make bahan nutfah bari dibere ruh pangdenge pangdeuleu pangangseu pangucap jeung hate. Ahirna dina basa sapopoe di sunda mah eta kabeh….digolongkeun kana dua hal…kuring jeung kurung.. jirim jeung jisim..jasmani jeung rohani… aya jiwa jeung raga…aya nyawa aya badan …

Tah dina waktuna balik ka nu maha suci…innalillahi wa innailaihi rajiun teh..

urang sunda nu ngulik..bisa nganyahokeun…wanoh…jeung mampuh ngabedakeun mana nu kudu mulih ka jati mana nu kudu mulang ka asal.

Lamun nyawa/jiwa/jisim/kuring/ruhani …sing mulih ka jati
lamun badan/raga/jirim/kurung/jasmani…sing mulang ka asal.

.....pada tarapti mulangkeun dadasar.

kumaha cara jeung kanyataanana?

MULIH KA JATI

Ari mulih ka jati teh hartina asal euweuh balik ka euweuh. Nu euweuh teh –ulah salah - ka manusaan/ka insanan asal sirna balik deui jadi sirna. Asal laa syaean madzkuraan balik deui jadi laa syaean madzkuran (Al Insan). kainsanan ngan saukur dipake jeung aya salila di dunya, dina paeh mah euweuh/sirna. Siga kertas (jiwa) salila hirup ditulisan jadi jelema (tulis salaus alusna).

Tah dina ninggalkeun ieu alam dina jiwa/nyawa/jisim/kuring dihapus deui supaya kertas beresih deui euweuh tulisan kajelemaan nohonan statement qur’an manusa laa syaean madzkurran. Urang sunda nu ngulik teu Sieun leungit tulisan/kajelemaan ..da teu jadi sirna teu puguh. Sabab dina leungit tulisan teh aya keneh kertasna nya bodas nya nyacas… nu qadim balik jadi qadim.

Tulisanna urang sunda nu ngulik mah dihapusna teh make cara ‘cut’ atawa ctrl-x. Jadi dina kertas papan jiwana geus euweuh tapi lamun aya nu perlu ku tapak/kanyaho salila didunya bisa di paste/ctrl-v ku jelema nu hirup keneh. Siga kasus ngeunaan maung gaib nu bisa ngabelegedeg lamun dipenta dina hubungana jeung jalma nu tarilem baheula. Salila operating system dunya teu rusak/robah ieu ‘instruksi’/elmu di clipboard dunya moal leungit tinggal aya henteuna jelema ayeuna nu daek/wani/bisa/nyaho nga paste/nga downloadna. Jelema na mah geus balik ka jatina. Nu aya teh elmuna (lain jiwa/jisim/kuring/nyawana) di langit dunya sunda tara dibabawa paeh karidu ridu.

MULANG KA ASAL

Ari mulang ka asal. Asal tina Nur (sunda eusi) balik deui ka Nur (sunda eusi) nya eta nu jadi asal kurung/jasmani/raga/badan/jirim.

Naha ?

Mimitina asal awak ngagedean asalna tina hasil kadaharan..ari kadaharan asal tina sato/tutuwuhan…asal tina aci-acining CAI jeung TANEUH, nu diauban ku HAWA (baheula sok disebut angin) di usikeun ku berkah na panonpoe/energi ( baheula sok disebut unsur SEUNEU).

Bari diingetkeun ku qur’an yen sakabeh dunya jeung langit asalna tina Nur nu di jadikeun ku Nurusmawati wal ardhi (SUNDAna langit jeung bumi)…. matak kongas Allah teh nurrun ‘ala nurrin; - dina science mah geus teu bireuk deui bukti empiric ayana hubungan masa jeung cahaya e=mc2,. ...sedengkeun teu sakabeh frekuensi cahaya bisa katangen pangdeuleu/mata.

KAJADIAN MULANG KAASAL

Nu maot biasa raga na jadi bangke, terus biasana dikubur nya lila-lila terurai deui jadi taneuh jst..jst tapi masih keneh mangrupa unsur dunya, da masih keneh aya dina siklus atawa rantai makanan di dunya. Aya oge nu diduruk, lebu na aya nu disimpen aya nu diawurkeun ka laut ameh larut jeung alam tapi eta kabeh masih dina unsur dunya …da masih keneh muter di siklus dunya sanajan ari di awurkeun di laut mah meureun ngilu kana siklus dunya nu leuwih gede. Mulang ka asalna jalma biasa mah ngan nepi ka taneuh deui nu eta ge prosesna dibikeun ka alam/batur.

Nu maot na ngulik mah raga na teu nepi ka jadi bangke, sirna na eta raga ge teu jadi unsur ‘partikel’ dunya deui tapi dibalikkeun deui ka Allahna. Dipulangkeun deui ka sunda (nur) jati –teu aya dina alamna dunya. Sabab boga rasa rumasa, mulang tarima, asih ka diri nyaah ka badan:

1. Nganuhunkeun ku nyaah jeung asih ka diri/raga/badan/jasmani/kurung nu ku inyana teh urang sunda ‘nu ngulik’ bisa ngarasakeun ni’matna (nambah/katambahan terus) dunya…nu ku eta bisa ibadah ka Allah swt…bisa silih asah silih asih silih asuh silih getreng silih reheng silih rebut jeung sasamana jeung ku raga eta ‘nu ngulik’ bisa ngahontal ni’mat Allah di aherat nu euweuh batesna nya gede nya langgeng.

2. Kusabab raga eta asalna tina roh-roh hewan/tutuwuhan/taneuh jeung unsur-unsur dunya lainna, nganuhunkeun ka raga ieu sarua jeung nganuhunkeun ka eta kabeh nu geus dipake ku urang sunda nu ngulik (nu teu ngulik mah can tangtu boga rasa nganuhunkeun). Sabab sato jeung tutuwuhan ge ummat/mahluk nu hiji waktu bakal ruksak jeung kabeh ge (kudu) balik ka Allah “ilaihi turja’un”. Sedengkeun nu bisa ma’rifat /ni’mat boga agama teh ngan jelema. Ari sato/tutuwuhan mah henteu tapi ku dihakan teh mantuan jelema supaya kuat/bisa ibadah/ma’rifat.

Mulang tarima na ku mawa maranehna innalillahi wa innailaih rojiun sanggeus maranehna ibadah ku mantuan jelema hirup/usik malik. Jadina runtut raut silih tulung..sok disebut di lembur mah ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak.

(sabalikna lamun henteu bisa nyampurnakeuna..eta roh sasatoan/tutuwuhan the jadi hijab…pernah ningali nu rek paeh sesegrok?)

3. Tina nu dua eta nu utamana mah nganuhunkeun ka nu Maha Suci kana sadaya pamasihan Mantena, sadaya sab anugrah ti Mantena. Jadi dina baralikna teh, salah sahijina, diwangsulkeun deui pamasihanaNa ka asalna kalayan ikhlas putih beresih bari nganuhunkeun pisan… sadayana teu kirang teu langkung, teu aya nu diaku aku nu disumput sumput nu diantep dihilap hilap teu diwangsulkeun, ari dina tos waktosna kedah mulang.

Kumaha cara jeung kanyataan kajadianana ? ngahontalna?

KAJADIANANA

Kajadianana mulih ka jati mulang kaasal…rupa rupa.. kumaha pamilih jeung kamampuhna Aya nu heula mulih ka jati…mulang kaasalna nuturkeun ku program/do’a/ itikad memeh maot. jadi katingali ku batur mah siga paeh biasa…kawas mayit biasa; tah engke geus dikubur tuluy sirna sorangan dina itungan poe.

Aya oge nu bareng sakaligus teu ngagoler heula… langsung lebur/awor jeung jatina. Nya nu iyeu nu di nu disebut Tilem/ngahyang warisan turun manurun seuweu sunda. Ngan kajadianna matak helok matak ta’ajub.

CARA RINGKESNA

Ngeunaan carana, ‘Katerangan tina qur’an’ nu disebut diluhur,… urang gundukkeun deui:

1. Ayana badan raga jasmani nu asalna ceunah ceuk qur’an mah tina taneuh (caritaan ngeunaan adam), cai (sakabeh mahluk dijieun tina cai), diauban ku nafas hawa angin, jeung kasorotan berkah panonpoe- di lembur mah sok disebutkeun jasmani/raga/badan/kurung asal tina unsur taneuh, cai, angin (nafas) jeung seuneu (energi/panonpoe).

2. Ayana indra nu bisana nganyahokeun ngeunaan dunya. Bari jeung,..Pangdenge, pangdeuleu, pangangseu moal bisa (dipake) nganyahokeun Allah. Da cenah Allah mah moal katingali…moal kadenge moal… kahontal ku akal.

3. Ayana Ruh nu jadi urusan Allah – jelema mah cenah mun dibere nyaho ge saeutik…eta ge lamun dibere nyaho.

4. Ayana hate nu jadi panarima ngeunaan sagala hal ti dunya kaasup bisa nganyahokeun ayana Allah lamun mu’min caang beresih – didieu di sunda bijil istilah ngeunaan RASA nu dihartikeun awas na hate. Ngan kusabab pangaruh panca indera, akal, memori akal jst....rasa ieu kalimpudan ku warna warna rarasaan (rasa sajati),… hese madep hese aslamtu tumarima sab hatena gampang ‘bolak balik’ (qalb).

Jadi, ringkesna, Insan/jelema nu dibekelan 4 hal tea nu singgetna diwangun ku jasmani + indra+ hate + Ruh. ..

Lamun panca indera euweuh (teu dipake) … Nu aya dijelema tinggal raga + hate jeung ruh.

Tah dina ieu teknik…

lila..lila hatena beresih caang (nurani) teu kalimpudan kapangaruhan ku panca indera…da panca indera na di leungitkeun (heula) teu mere signal kadunyaan/mangruhan hate … nya si hate tinggal ngarasakeun (kamampuan hate jadi panarima-ku sikep aslamtu). Timbul rasa rumasa…. si hate ahirna bisa ‘nganyahokeun’ urusan-urusan ruhaniah (teu kacampuran kadunyaan) da nu katarima na tinggal raga+ruh.

(cat: jadi lamun aya nu ngomong nanya atuh ka hate nurani..eta mah moal bohong. Bener maksudna mah…ngan muguhkeun nu mana hate nurani rea nu ‘bodo’. Jadi rarasaan ka hate nurani padahal ka hate nu masih kalimpudan ku uteuk/panca inderana keneh….nu kitu nu disebut ngaenya enya nu lain nga lain lain nu enya….mun kitu terus cilaka era mah maneh.)

Ari raga/jasmani lamun indera na paeh (heula) katingal ku awasna hate/rasa teh bakal breh mangrupa cahaya (sunda) /e=mc2 (kantos mendakan ???)….matak loba nu dikir nepikeun ka ngageot rebu rebu,…menekung konsentrasi … ngarasakeun ketug jajantung,…ngilu kaluar kajerona nafas,… jrrd teknik keur ngurangan pangaruh dominasi panca indera museurkeun ameh bisa aslamtu hate (kade… di level alam ngawawuhan/introduksi ieu…aya nu murahan aya nu spekulan aya nu ukur ngajalanan aya nu enya pantes/bisa jadi cantelan).

Hate nu beresih caang nyunda nurani..penting pisan kahontal…pan kongas ningali Allah di dunya ku awasna hate/qalbu (rasa) lain ku mata denge sirah, Qalbu mu’minin baetullah…jrrd..jrrd…katasaufan nu klise/hambar lamun saukur nyaho bari teu karasa teu ka bukti.

(Ku waktu umur jelema ayeuna nu umumna mah ngan antara -60-80an (usia hidup)…geus kuduna nyiapkeun maneh milih teknik/metoda nu bisa kahontal ku kamampuhna bari jeung gancang nepi (nu penting hasilna lain prosesna) ameh leuwih gancang make jeung ngamalkeunana…meureun genah)

Saterusna,.. lamun tuluy diwanohan dijeroan dibersihan dicaangan,… eta rasa hate nu saencan kalimpudan ku panca indera teh,…rasana jadi wanoh kana jasad,…indicator utamana wanoh kana control saraf saraf para simpatik – nu teu dikontrol otak. Awas nyaksi kana ayana bahrul hayat …nepikeun ka asal asalna nutfah….ayana ruh …jst (tingali : pohaci sanghyang dewek)….lir ibarat murak tumpeng….tumpengan euy….bruh breh eusina nu saencan di purak mah sauukur kawas congcot…Tinggal upama pareng kabiruyungan kapasihan nugrahana nu Maha Suci awas kana trigger trigger qun dat-qun mutlak…nu sok diaranggo ku luluhur anu mulya dina proses tilem/ngahyang……Subhanallah wal hamdulillah wa laa ilaa ha illallahu allahu akbar.

Ieu nu disebut teknik empiric hiji ulikan sunda nu masagi..saha wae nu bisa migawe eta..bakal manggihan nu sarua saha wae bangsa naon wae iraha wae dimana wae –rek ngilu ngabuktikeun???. Teknik na aya nu ti Islam.. aya nu ti luluhur sunda…

lamun can engeuh …ceuk urang kampung mah tinggal nanya ka sorangan…nepi kamana ngulik agama + kasundaan ???

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona