RD. DEWI SARTIKA (dok.Salakanagara)

Pahlawan Pendidikan Wanita asal Sunda
Ku: Djodi Prihatna, A.Md.-MG

Loba kapeurihna jaman budak alatan sesebutan anak buangan. Tapi sanggeus nempo kagiatanana nu hayang ngamajukeun kaom wanita bangsana, pamarentah Hindia Walanda ngadukung cita-citana. Naon sababna kiwari jenenganana teu pati kadenge gaurna di kalangan murid-murid. Padahal jasana sarua jeung Kartini, Cut Nya Dien, Christina Martha Tyahohu, jrrd.

RADEN DEWI SARTIKA dibabarkeun di Bandung tanggal 4 Desember 1884, pupus tanggal 11 September 1948 di Cineam, Kabupaten Ciamis. Ramana nya eta Rd Rangga Somanagara demi ibuna jenengan Rd Ayu Rajapermas. Henteu aya hal nu luar biasa waktu bayi Sartika lahir mung kabagjaan bae anu dirasakeun ku ibu ramana. Putra Rd Somanagara teh aya lima, nyaeta: Rd Somamur, Rd Dewi Sartika, Rd Saripamerat, Rd Entis, Rd Yunus.

Rd Rangga Somanagara kantos jadi Patih afdeling Mangunreja di Kabupaten Tasikmalaya, estu jabatan anu penting, urutan kadua bada Bupati. Anjeunna putra Rd Demang Suriadipradja, sedengkeun ibuna nyaeta RA Komalanagara. Rd Demang Suriadipradja teh Jaksa Kapala (Hoof Djaksa) di Bandung. Salian ti eta anjeunna katurunan Dalem Timbanganten nu ngadegkeun Kabupaten Bandung. Rd Ayu Rajapermas teh putri RAA Wiranatakusumah IV, Bupati Bandung antara taun 1846-1874, nu jujulukna Dalem Bintang. Dalem Bintang kamashur paduli ka rahayat sarta arif wijaksana. Mun keur henteu seueur damel, sok nyamar jadi rahayat biasa, ilubiung dina kagiatan sapopoe pikeun nyerep aspirasi masarakat. Jadi ana kitu Rd Dewi Sartika teh putri ti kulawarga ningrat.


Taun 1891 waktu umur Sartika 7 taun, Rd Somanagara dimutasi jadi Patih Bandung, ngawula ka RA Kusumadilaga. Anjeunna sakulawarga nempatan imah dines di Kepatihan Straat (ayeuna jalan Kepatihan). Sartika atawa nenehna Uwi disakolakeun di Eerste Klasse School campur jeung barudak Walanda, Indo, jeung barudak ningrat sejenna. Beda jeung golongan bumiputera sejenna anu ngan bisa sakola di Tweede Klasse School (Sekolah Angka Dua). Pangajaran di Eerste Klasse School mah leuwih luhur kualitasna.
Memang harita pamarentah Hindia Walanda ngahaja nyiptakeun diskriminasi sosial di kalangan bangsa urang. Contona bae dina widang atikan, kaom ningrat mah dibere hak leuwih ti batan cacah kuricakan. Kahirupanana oge estu ngareunah, sare dina ranjang, dahareun luhur gizina, papakean harade, meunang palayanan ti abdi dalem, mun indit-inditan make delman nu dihiasan endah, kudana gagah, kusirna sopan, bersih tur tegep. Estu hiji kahirupan nu salawasna jadi impian sing saha bae.

Salian ti di eta sakola Sartika meunang les tambahan di imahna. Ngeunaan etika atawa budi pekerti sabage wanita Sunda, paripolah, masak, ngaput, nyulam, jste. Sanajan kudu make kabaya, disamping, rambut disanggul, Sartika mah henteu peleya-peleye, tapi lincah, gesit jeung wanian. Nyaritana gagah, teu kawas wanoja sejenna. Mun jaman ayeuna mah tomboy, ditambahan ku sipat kalalakian. Dina hiji poe ku lantaran pembawaanana nu tomboy, waktu arulin jeung dulur-dulurna kungsi geubis nepi ka ngalaman potong leungeun. Nya ti harita Uwi jadi kede, leungeun kenca leuwih aktif batan leungeun katuhu.

KAJADIAN NU PANGDIPIKASEDIH

Karek ge dua taun jadi Patih, Rd Rangga kapeto ngawakilan tugas-tugas Bupati, lantaran harita RAA Kusumadilaga teu damang reumatik kronis, kudu salilana ngalempreh di ranjang. Harita dokter tacan aya nu bisa nyageurkeun. Bupati beuki parna teu damangna. Kabeneran Rd Somanagara bisa ngalaksanakeun tugas kalawan lancar. Roda pamarentahan tetep lumangsung. Ku kituna figur sang Patih jadi popiler nepi ka rahayat Bandung loba nu spekulasi, malahan nepi ka aya gosip yen nu bakal ngaganti Bupati teh pasti Rd Somanagara. Ieu gosip ngalegaan nepi ka sakabeh lapisan rahayat nyaho, nu tungtungna jadi akar konflik kapentingan di Kabupaten.

Reputasi karir Somanagara memang positif. Taun 1858 anjeunna jurutulis Hoof Djaksa Bandung, 1866 diangkat jadi Asisten Wadana Banjaran, 1871 Asisten Wadana Palasari, 1872 Asisten Wadana Gandasoli, 1874 Wadana Banjaran. Taun 1884, dilantik jadi Patih Mangunreja sarta taun 1891 dimutasi jadi Patih Kabupaten Bandung. Pretasina beuki hade sarta nembongkeun kapasitasna sabage pamingpin. Tanggal 11 April 1893 Bupati Bandung, RAA Kusumadilaga pupus lantaran kasawatna nu kronis tea. Ngantunkeun istrina RA Sukarsih jeung putrana Rd Muharam nu engke bakal jadi Bupati Bandung ngagem gelar Raden Aria Adipati Wiranatakusumah V atanapi Dalem Haji.

Ku lantaran roda pamarentahan kudu lumangsung, Residen Priangan, Joseph Daniel Harders, nunjuk Rd Rangga Somanagara sabage pajabat sementara. Hal ieu beuki ngayakinkeun masarakat, yen Rd Somanagara bakal jadi Bupati Bandung. Padahal ieu pisan anu ngajengkelkeun Residen, lantaran dianggap ngaremehkeun eksistensina sabage urang asing nomer hiji nu ngawasa Priangan. Lantaran apan ngan ku kawasana wungkul, kaom bumiputera bisa jadi pamingpin atawa henteu.

Ku alatan kitu Residen nyiptakeun gosip tandingan, nangtukeun ngaran sejen anu bakal jadi calon Bupati, nyaeta Rd Demang Suriakarta Adiningrat, lanceuk Rd Ayu Rajapermas, jadi raka patuangan Rd Somanagara. Ngaran sejenna deui Asisten Wadana Buahbatu, Rd Wiranagara. Jeung aya deui, Pangeran Suriaatmaja nu harita jadi Bupati Sumedang.
Gosip tandingan ieu anu ngabalukarkeun rurusuhan teh. Lantaran kacida anehna, Asisten Wadana bet dicalonkeun jadi Bupati. Kitu deui, naha Bupati Sumedang anu sarua geus jadi Bupati bet dicalonkeun? Anu pangkeuheuleunana mah Rd Demang Suriadipradja nya eta ramana Rd Somanagara. Anjeunna nganggap Harders nyapelekeun kalangan ningrat Bandung. Demang Suriadipradja nyusun kakuatan dibantu ku Rd Wirasudibja, Mantri Gudang Kopi manten di Banjaran, jeung Rd Argawidjaja, jawara kasohor nu mukim di Andir.
Nyaho kajadian kitu Harders malah atoh sarta ningkatkeun konflik di kalangan ningrat Bandung. Ngaran-ngaran nu kasebut di luhur pikeun calon Bupati, ngadadak laleungitan teu puguh. Muncul ngaran anyar: Rd Martanagara, nu harita nyepeng kalungguhan Patih afdeling Mangunredja, Tasikmalaya.

Suriadipraja beuki kapancing ku kalakuan JD. Harders. Tuluy miwarang Somanagara nyieun surat anu ditujulkeun ka Gupernur Jenderal di Batavia. Eusina ngalaporkeun tindakan Residen Harders dina nangtukeun calon Bupati Bandung. Harders sorangan sanggeus nyaho yen Rd Somanagara wawanianan nulis surat ka Gupernur Jenderal, gagancangan nyieun surat, menta persetujuan sangkan Gupernur Jenderal netepkeun Rd Martanagara jadi Bupati Bandung ngaganti RAA Kusumadilaga anu parantos tilar dunya. Harders nekenkeun yen usulanana teh kalawan rekomendasi ti Karl Frederick Holle nu nyaho persis reputasi jeung prestasi Rd. Martanagara.

Nyaho Rd Martanagara geus ditetepkeun jadi Bupati bari disaluyuan ku Gupernur Jenderal, Demang Suriadipraja beuki ambek sarta ngarencanakeun pemberontakan. Didukung ku Rd Kartadireja (wadana Conggeang), Rd Danugara (manten Mantri Gudang Banjaran), Rd Natanagara (salasaurang putra almarhum RAA Wiranatakusumah IV), Rd Sudibja, Haji Abdul Kahar, Ritan alias Iksan, Rd Argawijaya katut balad-baladna. Nya dina tanggal 9 juni 1893 diayakeun pasamoan di imah Rd Argawijaya, Andir. Di dinya Somanagara ngeceskeun yen JD. Harders geus nyapelekeun kaom ningrat Sunda lantaran netepkeun Raden Martanagara anu asalna ti Sumedang pikeun jadi Bupati Bandung. Respon ti peserta pasamoan kacida hadena. Rd Danugara siap nyumbang 2 dinamit nu bisa ngancurkeun Bandung. Syech Abdulrahman nyumbang 1500 gulden keur ongkos pemberontakan. Kabeh satuju karusuhan di Bandung bakal diayakeun dina acara pelantikan Bupati. Saterusna tanggal 3 Juli 1893 diayakeun pasamoan di imah Rd Somanagara, anu nagih jangji kasatiaan sarta mimiti ngarencanakeun karusuhan.

Tanggal 7 Juli 1893 rombongan Rd Martanagara ti Mangunreja cunduk di pendopo Kabupaten Bandung ditarima ku Rd Somanagara jeung stafna. Nya tanggal 12 Juli 1893 Rd Wirasudibja jeung Rd Argawijaya ngaevaluasi persiapan aksi karusuhan.

Tanggal 14 Juli 1893, waktu ondangan geus minuhan pendopo Kabupaten, aya sora ngajeleger di jambatan Cikapundung sarta mimiti panik di unggal juru.
Isukna, Ritan alias Iksan nu sabenerna jadi kordinator karusuhan di Bandung Wetan, manggihan Residen Harders kalawan demit. Manehna penghianat dina ieu karusuhan. Ritan ngeceskeun yen dina acara ngadu kuda di Tegalega, Rd Martanagara rek ditelasan.

Tanggal 17 Juli 1893, rencana nelasan Bupati Bandung anyar dina acara ngadu kuda, digagalkeun ku patugas. Isukna JD Harders ngayakeun rapat khusus, netepkeun Rd Suriadipraja, Rd Somanagara jeung sawatara tokoh sejenna sabage dalang karusuhan. Pikeun ngalancarkeun panalungtikan, Somanagara dimutasi ka Mangunreja.

Tanggal 19 Juli 1893, Pangeran Suriaatmaja ngirim pasukan Sumedang pikeun jaga-jaga tina sagala kamungkinan. Pasukanana ditempatkeun di Soreang. Isukna, JD Harders nyarita ka Rd Martanagara yen kadatanganana teu ditarima ku bangsawan Bandung. Ku sab kitu Harders nugaskeun sangkan Rd Martanagara nangkep sakabeh pemberontak.
Tanggal 21 Juli 1893 pasukan Kabupaten Bandung dipingpin ku Mas Kumendang ngalaksanakeun operasi nangkep 56 urang bangsawan Bandung sarta dijebloskeun ka panjara Banceuy. Tanggal 22 Juli 1893 Rd Rangga dimutasi ka Mangunreja. Sanggeus cukup bukti jeung panalungtikan lancar, Rd Demang Suriadipraja jeung Rd Ayu Komalanagara dibuang ka Pontianak, sedengkeun Rd Rangga Somanagara jeung Rd Ayu Rajapermas dibuang ka Ternate. Sawatara kitu Rd Wirasudibya, Rd Argawijaya jeung balad-baladna dihukum kerja paksa.

MANGSA RUMAJA DI CICALENGKA

Kumaha ari Raden Dewi Sartika? Uwi, rumaja anu kakara umur 9 taun, dititipkeun di uwana nyaeta Rd Demang Suriakarta Adiningrat (lanceukna RAA Rajapermas) nu jadi Patih afdeling Cicalengka. Salila di Cicalengka, perlakuan ti uwana beda jeung saperti urang ka dulur sorangan. Lantaran Dewi Sartika teh anak pemberontak, uwana oge aya kasieun lamun kudu nembongkeun kahadean ka suanna. Kamarna oge dipernahkeun di tukang, bareng jeung abdi dalem. Kahirupanana estuning prihatin, jauh ti ibu rama, ti dulur jeung babaturanana baheula.

Uwi wajib ngalaksanakeun tugas rutin babarengan jeung abdi dalem sejenna, saperti: nyeuseuh, popoe, sasapu, nyadiakeun kadaharan pikeun kulawarga Patih, jste. Tapi sanajan kitu, hal nu tara dipopohokeun nyaeta solat 5 waktu. Malahan Uwi mindeng puasa sunat, salian ti puasa Romadon. Kaprihatinanana jadi upaya ngasah batin jeung ahlakna.
Diantara abdi dalem aya nu galak, nyaeta Bi Emeh, jeung sok kasar deuih ka Uwi. Lain wae omonganana nu garihal jeung ngahina, malahan kungsi nyiksa. Kungsi waktu Uwi cape tur lapar, ngawani-wani maneh menta dahar, Bi Emeh anggur nakol make cukil kana tarang Uwi : “Lapar, lapar bae, batur ge can dahar!” Uwi ngan bisa ngarahuh bari nahan lapar.
Tapi aya hal sejen anu matak pikaseurieun. Uwi bisa diajar ti Agan Eni, nyaeta istri kaopat uwana, bareng jeung palaputra menak tingkat handap nu mondok di kapatihan. Nyaeta anakna cutak, kuwu, carik, mantri ulu-ulu, jste. Pangajaran nu ditepikeun rupa-rupa, umumna mah ngeunaan kawanojaan, saperti masak, ngatur meja, cara neundeun dahareun, cara dahar make sendok jeung garpuh, cara nyarita, tingkah polah, dangdan jeung milih pakean, jste. Ngan hanjakal Agan Eni henteu mere pangajaran nulis jeung maca. Jadi lamun maranehna rek nulis surat keur lalaki, kenalanana di Bandung, sok menta bantuan ti Uwi. Boh keur macakeun surat atawa nyieun balesan.

Lamun aya nu menta mangmacakeun, Uwi sok ngaheureuykeun. Eusi surat nyebutkeun yen eta lalaki geus teu hayang neruskeun hubunganana. Tapi ku Uwi dicaritakeun yen eta lalaki teh sono jeung geus teu sabar hayang papanggih. Sabenerna mah eta teh ngan karangan Uwi. Tapi ku lantaran eta budak henteu nyahoeun jeung teu bisa maca, manehna percaya jeung kacida atoheunana. Ka babaturanana nu sarua ngadengekeun, manehna muji kabogohna. Padahal jero hatena Uwi hayang seuri, lantaran eusi eta surat sabenerna pikanyerieun jeung nembongkeun kateupanujuan eta lalaki.

Kitu deui lamun aya babaturanana menta dipangnuliskeun surat pikeun kolotna di lembur, anu eusina menta duit keur bekel, Uwi nulis anu unina eta budak geus mandiri jeung teu butuheun deui bantuan ti kolot. Antukna eta budak awewe nunggu-nunggu kiriman anu teu datang-datang, sedengkeun kolotna moal rek ngirim duit deui lantaran percaya budakna geus mandiri sarta embung nyusahkeun kolot.

Tina eta pangalaman, Uwi nyieun kacindekan, yen awewe kudu bisa jeung kudu nyaho hal naon bae. Lantaran awewe nu pinter moal bisa ditipu ku kaom lalaki atawa sing saha bae.
Ti taun ka taun teu karasa umur Dewi Sartika geus 18 taun, anjeunna geus salin rupa jadi wanoja anu geulis. Sanajan statusna teu robah, jadi abdi dalem Patih Cicalengka, sorot jeung keureut beungeutna tetep nembongkeun gurat menak. Cek papatah ge ”Sanajan loyang diteundeun di etalase atawa tempat nu hade, tetep loyang. Sedengkeun emas sanajan aya di tempat kumuh, tetep emas ngaranna”.

Sawatara kitu kalawan taya nu nyahoeun, Raden Kanjun, salasaurang putra Patih Cicalengka, neundeun hate ka Sartika. Padahal manehna geus boga pamajikan. Malahan geus boga anak hiji. Kalawan rupa-rupa tarekah Rd Kanjun menta sangkan Sartika daek jadi istrina, nu kadua. Tapi kalawan lantip Sartika nampik, lantaran Rd Kanjun teh masih lanceuk misanna. Rd Kanjun tetep menta sangkan daek, Dewi tetep nolak. Nepi ka akhirna datang beja, yen RA Rajapermas parantos mulih deui ka Bandung, saparantos Rd Somanagara pupus di pangbuangan. Jadi salila 8 taun Raden Dewi Sartika nganjrek di uwana, Patih Cicalengka, ngaliwatan waktu anu pinuh ku katunggaraan. Salila 8 taun Uwi meunang pangalaman hirup nu pait nepi ka dirina dewasa jeung wijaksana dina ngagayuh kahirupan.

SAKOLA ISTRI

Nasib kaom wanita di jaman penjajahan Walanda estu matak prihatin. Maranehna teu dibere kasempetan pikeun mekarkeun diri. Hirupna kudu salawasna aya di imah, tugasna ngan hiji nyaeta ngawula ka salaki. Lamun salakina geus maot maranehna henteu bisa nanaon. Cindekna kaom wanita gumantung ka kaom pria. Sabage rumaja Sartika paham kana eta hal. Contona wae ibuna, nyaeta RA Rajapermas mending milih milu ka caroge Raden Somanagara dibuang ka pulo Ternate, tinimbang ngasuh jeung ngadidik barudak nu laleutik keneh.

Hal ieu anu nyadarkeun Sartika sangkan kaom wanita dibere kasempetan diajar, sangkan bisa mandiri, bisa jadi tihang kulawarga nu panceg. Ti indung anu hade bakal lahir barudak nu hade. Dina salasahiji artikel karanganana disebut: “di sagigireun atikan anu hade, wanita bumi putera kudu dibekelan pangajaran nu luhur ajenna. Lantaran legana kaweruh bakal mangaruhan kana moral. Pangaweruh ngan bisa ditarima di sakola …”

Taun 1902 Sartika geus babarengan deui jeung ibuna, RA Rajapermas, nempatan imah saderhana di Simpang steg (ayeuna: gang Simpang) tukangeun imah dines Patih Bandung, imah kulawargana baheula. Gg Simpang teh mangrupa jalan anu ngahubungkeun Pasar Baru Straat jeung Regents Weg.

Samulihna ti Ternate, Rajapermas nyanghareupan kanyataan pait. Rea hartana nu leungit, aya nu dicokot ku dulur, atawa ku saha bae teu kanyahoan. Kapaksa anjeunna hirup tanpa bekel nu cukup. Keur kulawarga buangan mah pamarentah Hindia Walanda henteu mere santunan boh pangsiun atawa tunjangan.

Tapi pikeun Sartika anu salila 8 taun hirup prihatin di Cicalengka, hal ieu henteu jadi pikir. Anjeunna ngajak sababaraha dulurna pikeun diajar kaparigelan kaom wanita. Misilna masak, ngaput, jrrd. Rupana loba oge barudak awewe anu harayangeun diajar. Jadi Sartika ngokolakeun sakola leuleutikan di rohangan tukang imahna. Pikeun imbalanana Sartika meunang bantuan mangrupa beas, uyah, kalapa, jrrd, nu bisa mantuan kalangsungan hirup kulawarga.

Ti waktu ka waktu pangajaran anu dibikeun ka barudak awewe teh ditambah. Maranehna oge diajar maca jeung nulis, boh basa Sunda, Malayu jeung basa Walanda. Kaasup elmu ngitung, sakumaha anu geus kacangkem ku Sartika waktu diajar di Eerste Klasse School jeung ti Agan Eni waktu di Cicalengka.

Rupana bae kagiatan ieu teh kanyahoan ku pamarentah Hindia Walanda. Ieu resiko pikeun jalma nu kungsi ngamusuhan pamarentah harita. Dina kaayaan naon bae bakal jadi objek pangawasan. Kaasup waktu Sartika ngayakeun pendidikan informal.

Pikeun mastikeun naon anu dipigawe ku putri Patih Bandung manten teh, C. Den Hammer, Inspektur Pangajaran Hindia Walanda di Bandung, ngadongdon langsung ka Simpangsteg. Saupama ieu kagiatan bakal jadi ancaman pikeun pamarentah, bakal dieureunkeun. Tapi lamun henteu ngabahayakeun, meunang dituluykeun bari tetap meunang pangawasan.

Kadatangan Den Hammer anu curiga kana sagala kagiatan Sartika, sanggeus panggih jeung dialog langsung, malahan ganti jadi simpati. Kangewana ka kulawarga urut pemberontak, robah jadi simpati jeung asih. Hal anu luarbiasa pisan kaalaman ku C.Den Hammer.

Sanggeus diuk dina sofa kai, CD Hammer nyarita: “ Luyu jeung jangji kuring rek kadieu, rek nempo kagiatan pangajaran yufrow. Kira-kira aya sabaraha muridna?”
“Mung aya sapuluh urang, Tuan. Ieu sanes kagiatan resmi, mung kagiatan kulawarga” tembal Sartika.
“Wajar hal eta teh, yufrow Uwi. Hal anu gede apan dimimitian ku hal nu leutik heula…”
“Kangge ngadegkeun sakola, maksad Tuan?”
“Leres…”
“Tangtos abdi gaduh maksad kitu, Tuan. Namung abdi terang, eta kahayang teh teu benten sareng ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara. Ku margi kitu ku abdi diwatesanan mung kulawarga nu caket bae…”

Tuluy Den Hammer diajak nempo kagiatan diajar masak jeung ngaput nu lumangsung di tukangeun imah. Ieu nu nimbulkeun simpati C. Den Hammer.
“Naon maksadna yufrow Uwi ngajarkeun masak, nyulam, maca jeung nulis?”
“Abdi hayang masihan kapinteran pikeun kaom wanita bangsa abdi. Supaya maranehna percaya diri, henteu gumantung ka lalaki atawa ka batur…”

C. Den Hammer nganggap Uwi nu karek 18 taun geus ngabogaan sawangan nu kacida hebatna. Pikeun Den Hammer, jalma nu paduli kana pendidikan kaom wanita, tangtu eta jalma paham kana ningkatkeun peradaban bangsana. Antukna Den Hammer nawaran Uwi jadi guru di sakola kaom bumi putera. Tapi Uwi nolak, lantaran inyana leuwih ngarasa ajeg lamun jadi guru di sakola sorangan. Sanggeus ditimbang-timbang Den Hammer ngadukung cita-cita Dewi Sartika pikeun nyieun sakola sorangan.

Uwi nepungan sabaraha kulawargana di kalangan ningrat Bandung. Tapi taya saurang oge anu sadia ngabantu. Malahan loba anu nyebutkeun yen cita-cita Sartika teh ngalawan adat. Dibarengan ku dua dulur misan, Nyi Purwa jeung Nyi Uwid, Sartika datang ka Den Hammer nyaritakeun kagagalanana umajak ka baraya-barayana. Den Hammer sorangan manghanjakalkeun kaom ningrat Bandung anu teu ngadukung kana ieu gagasan. Inyana ngusulkeun sangkan menta bantuan jeung dukungan ka Rd Martanagara.

Tadina Uwi embung menta bantuan ti Rd Martanagara anu geus ngahukum ramana, nya eta Rd Somanagara. Komo deui RA Rajapermas mah, tadina ngaulah-ulah. Ngamaklum kana eta kaayaan, Den Hammer ngadatangan Bupati Bandung, Rd Martanagara, pikeun ngajelaskeun cita-cita mulya Sartika. Harita mah Rd Martanagara tacan nyanggupan, lantaran kudu musawarah heula jeung anak buah katut sobat-sobatna.

Henteu nepi ka dinya. Den Hammer ngadatangan Asisten Residen geusan nepikeun dukunganana kana gagasan Sartika. Rupana bae Asisten Residen nyaluyuan. Geus kitu mah Den Hammer mere saran sangkan Sartika gancang ngadatangan Bupati bandung, sanajan eta hal lalawanan jeung pribadi atawa kulawarga.

Di luar dugaan, Bupati Bandung sadia ngabantu. “Nya atuh Uwi, ari Uwi panteng jeung keukeuh hayang mah, mugi-mugi bae dimakbul ku Allah nu ngawasa sakuliah alam. Urang nyoba-nyoba nyieun sakola sakumaha kahayang Uwi. Pikeun nyegah bisi aya kateungeunah di akhir, sakola teh alusna mah di pendopo wae heula. Lamun nyata henteu aya naon-naon, pek bae ngalih ka nu sejen”, kitu pokna.

Uwi atoh pisan. Nya mimiti 16 Januari 1904 Sakola Istri diadegkeun. Pikeun sawatara lokasina di paseban wetan di kompleks pendopo Kabupaten Bandung. Jumlah siswi nu daftar harita 60 urang. Hiji kanyataan yen minat masrakat harita kana pendidikan pikeun kaom wanita teh gede kacida.

Sataun ti harita, 1905, jumlah siswa ngalobaan. Rohangan di paseban wetan geus teu nyukupan. Uwi nyengcelengan sarta upayana hasil. Deukeut ka ahir taun 1905 Sakola Istri bisa dipindahkeun ka bangunan anyar di Ciguriangweg.

Samemeh Dewi Sartika ngadegkeun Sakola Istri taun 1904, di Bandung geus aya sakola pikeun kaom wanita bumi putera ti kalangan bangsawan atawa anak pajabat. Misilna bae Eerste Klasse School, HIS (Holandsche Indische School), MULO, HBS (Hogere Burger School), AMS (Algemeine Middelbare School), jrrd. Kitu deui sakola husus saperti Ambacht School ( ayeuna ITB), Ambtenar BB, Sakola Dokter Jawa.

KAWIN KA DUDA

Kagiatan Uwi sabage kapala sakola dipigawe ti isuk nepi ka sore. Inyana sumanget pisan milampah pagaweanana henteu aya kacape, komo bosen mah. Mireungeuh kanyataan kitu Rajapermas mimiti hariwang, bisi putrina teu mikiran pisalakieun. Dina salasahiji kasempetan Rajapermas nanyakeun ngeunaan rumah tangga. Tapi Uwi embung ngabahas masalah jodo, iwal ti masrahkeun hal eta ka Gusti Nu Mahasuci. Rajapermas nalangsa, sieun putrina tambah umur tambah anggang tina jodona.

Dina hiji poe datang utusan Kasultanan Banten anu mawa amanah ti Pangeran Djajadiningrat. Baheula waktu Rd Rangga Somanagara masih jadi Patih Bandung sosobatan jeung kulawarga Pangeran Djajadiningrat. Malahan harita kungsi cacarekan ngajodokan anak masing-masing. Sanggeus lila taya hubungan nanaon, Pangeran Djajadiningrat ngirim utusan ka Bandung nu taya lian iwal ti rek ngalamar Dewi Sartika. Tangtu bae Rajapermas atoheun. Tapi kacida ngangresna waktu dina kanyataanana mah Sartika nolak lamaran. Alesanana mah teu can siap rarabi.

Dina hiji poe Rd Martanagara menta bantuan ka Sartika jeung guru-guru Sakola Istri pikeun ngurus konsumsi pangajian di pendopo Kabupaten. Ondangan rea pisan, diantarana aya Raden Agah Kanduruan Suriawinata, guru di Eerste Klasse School Karang Pamulang. Dina eta acara Uwi kenalan jeung Agah. Rupana bae duanana pada-pada katarik asih.
Ti mimiti perkenalan di pendopo, hubungan Sartika jeung Agah beuki deukeut. Padahal Agah teh duda boga anak dua, ngan tacan lila, sanggeus pamajikanana nu ti heula maot, hiji diantara anakna oge maot. Kiwari Agah ngan babarengan jeung ibuna, katut anakna nu hiji deui. Sartika simpati kana kahirupan Raden Agah. Ceuk sawanganana Agah lalaki anu tabah, jujur jeung bageur. Tali asih antara Sartika jeung Agah beuki nganteng. Unggal poe Agah nyampeur jeung nganteur Uwi ka sakola atawa ka imah.

Rajapermas hariwang jeung sungkan lamun Uwi kudu meunangkeun Agah, duda anak hiji anu status kaningratanana henteu satahap. Kitu deui Rd Somamur, lanceuk Uwi, henteu satuju kana eta hubungan. Ku kituna aranjeunna neangan akal sangkan Sartika pisah ti Agah. Tapi beuki keras usaha pikeun misahkeunana, beuki sengit perlawanan ti Uwi ka lanceuk sareng ibuna. Malah tekadna geus buleud pikeun nikah ka Raden Agah. Dialog antara Nyi Purwa jeung Nyi Uwid, beuki negeskeun patekadanana. “Ngurus anak pahatu teh ibadah”, kitu saur Dewi Sartika. “Samemeh aceuk nikah, geus jadi indung sakabeh barudak awewe anu jadi murid di sakola urang,” tambahna.

Dina hiji peuting Agah tafakur di makam Wiranatakusumah IV, aki Dewi Sartika. Utamana pikeun nyuhunkeun restu jeung pituduh lamun jadi nikah ka Dewi Sartika. Ku jalan tafakur teh, akhirna RA Rajapermas jeung Rd Somamur mere restu kana pernikahan, anu lumangsung saderhana tapi khidmat.

SAKOLA KAOETAMAAN ISTRI

Ti mimiti pindah ka Ciguriangweg, murid Sakola Istri beuki rea. Lolobana rahayat leutik. Jigana kaom wanita harita sarumanget kana diajar. Ieu hiji pertanda bangsa urang hayang maju, hayang mibanda pangaweruh saperti bangsa lian. Keur ngantisipasi lobana murid, sababaraha bangunan geus dilegaan. Malahan aya bangunan anyar pikeun kelas anyar. Kitu deui guru-guruna ditambah. Sakabehna dumasar swadaya nu dilakukeun ku Dewi Sartika.

Sakola Istri beuki populer di Bandung. Agah oge ngabantuan mekarkeun jeung ningkatkeun kualitas pendidikanana, sanajan henteu sacara langsung, lantaran masih ngajar di Eerste Klasse School Karang Pamulang. Anjeunna rajin maparin saran ka istrina dina ngamajukeun sakola, utamana dina ngalaksanakeun kagiatan diajar ngajar. Sababaraha media nu terbit di Bandung saperti De Preanger Bode, Media Priyayi, Poetri Hindia, Tjipatahoenan, jrrd mindeng ngawawarkeun perkembangan jeung kagiatan Sakola Istri.
Kasadaran organisasi kaom bumi putera beuki ningkat, bareng jeung ngadegna sababaraha pakumpulan saperti SDI (Sarekat Dagang Islam) disusul ku Boedi Oetomo. Tanggal 5 November 1910 diadegkeun pakumpulan Kaoetamaan Istri ku Residen Priangan WFI Boissevain di imah dinesna nu kiwari disebut Gedong Pakuan. Ieu pakumpulan teh gagasan istri Residen Priangan anu simpati jeung paduli kana perkembangan Sakola Istri. Anu hadir dina acara pembentukan ieu pakumpulan teh Inspektur Pangajaran JCJ Van Bemmel, Bupati Bandung RAA Martanagara, Raden Dewi Sartika jeung Raden Agah Kanduruan Suriawinata.

Tujuan utama pakumpulan Kaoetamaan Istri pikeun ngabantu perkembangan jeung pangwangunan sakola anu dipingpin ku Sartika, nya eta Sakola Istri. Salasahiji usahana nyaeta ngumpulkeun dana ti bangsa kulit putih jeung bumi putera sangkan bisa mantuan usaha pendidikan di Sakola Istri. Sabenerna Sartika jeung guru-guru Sakola Istri henteu gumantung kana pangbantu ti nu sejen, lantaran harita ge geus bisa dikelola sacara swadaya. Tapi ku diadegkeunana pakumpulan anu rek mantuan Sakola Istri, aranjeunna ngarasa kagagas. Sanajan kumaha bae oge pakumpulan ieu teh bukti usaha jeung simpati kana kamajuan Sakola Istri. Pikeun penghargaan kana ieu usaha, Dewi Sartika ngaganti ngaran Sakola Istri jadi SAKOLA KAOETAMAAN ISTRI.

Lantaran dipingpin ku istri Residen tur didukung ku para pajabat, pakumpulan Kaoetamaan Istri geus mampuh ngumpulkeun dana anu lumayan gedena. Nepi ka bisa ngadukung pangwangunan jeung ngadegna cabang Sakola Kaoetamaan Istri di Tasikmalaya, Sumedang, Garut, Cianjur, Purwakarta jeung Sukabumi. Sawatara kitu pikeun ningkatkeun kualitas atikan, kurikulumna disaluyukeun jeung kurikulum Tweede Klasse School, sanajan pangajaran kaparigelan wanita masih jadi rujukan utama.
Dina paringetan 7 taun ngadegna sakola, Bupati Bandung, RAA Martanagara, ngayakeun acara khusus di Sociteit Paroekoenan sakalian bazar hasil karajinan murid Sakola Kaoetamaan Istri. Acara ieu meunang tanggapan positif ti pajabat Walanda nepi ieu sakola kakoncara ka nagri Walanda.

Taun 1913 jumlah murid geus nepi ka 251 urang, sedengkeun lulusan 107 urang. Jadi harita mah sakola ieu teh kaasup sakola swasta nu panggedena. Geus ngabogaan 12 rohangan kelas kalawan fasilitas nu lumayan. Kanyataan harita 91,24 % muridna asal ti masrakat anu pangasilan kolotna kurang ti f 100, (saratus gulden). Murid-muridna henteu ngan saukur ti Bandung atawa wilayah Priangan, aya oge anu ti Sumatera.

Popularitas ieu sakola oge kaemper-emper ka Gupernur Jenderal Idenburg. Dina salasahiji waktu jalma nomer hiji Hindia Walanda teh kungsi ngadongdon Sakola Kaoetamaan Istri. Sarta taun 1916 sakali deui meunang kahormatan didongdon ku Gupernur Jenderal nu harita dijabat ku van Limburg Stirum.

Dina waktu anu sarua Agah mindeng panggih jeung dr Sosrokartono, lanceuk RA Kartini, anu mukim di Pungkurweg. Sartika ngamangpaatkeun hubungan salakina jeung dokter Jawa anu kamashur ahli kabatinan teh. Kagiatan sabage ahli kabatinan sabenerna mah kamuflase wungkul, lantaran cicing-cicing ieu dokter Jawa keur nyusun pergerakan pikeun ngalawan pamarentah Walanda. Di imahna sok karumpul dr Darmawan Mangoenkoesoemo adi dr Tjipto Mangoenkoesoemo, dr Eduard Douwes Dekker atawa Setiabudi, Abdoel Moeis jeung RM Soewardi Soerjaningrat.

Waktu kaen batik mimiti kamashur di Bandung, Sartika hayang ngasupkeun pangajaran ngabatik dina kurikulum sakolana. Sangkan murid-murid bisa nyieun batik, anu mangpaatna paling saeutik keur dirina jeung kulawarga. Tangtu bakal leuwih hade engkena jadi usaha anu bisa nambahan pangasilan jeung kahirupan kulawarga.

Taun 1916 sabada kunjungan nyonya van Limburg Stirum ka sakolana, Sartika indit ka Kendal rek diajar ngabatik ka RA Kardinah, adi RA Kartini, nu enggeus jadi istri Bupati Kendal. Wawuhna Sartika ka Kardinah ngaliwatan Sosrokartono anu nyobat jeung Agah.

Kardinah atoheun pisan jeung ngadukung minat Sartika kana seni karajinan batik. Sartika diajar pangaweruh ngeunaan batik, kaasup rupa-rupa batik sarta hubunganana jeung kahirupan budaya masarakat Jawa. Henteu lila Sartika geus nyaho teknik ngabatik jeung pangaweruh budaya batik. Waktu Sartika balik ka Bandung, dibarengan Mbok Suro nu ditugaskeun ku Kardinah supaya ngabantu di sakola ngalatih murid-murid ngabatik. Bareng jeung pangajaran batik, Sartika oge ngasupkeun basa Walanda jeung Inggris dina kurikulum sakola. Ku kituna basa Walanda jeung Inggris lain bae dipikanyaho ku kalangan ningrat tapi oge ku masarakat.

Henteu gampang neangan urang Walanda anu daekeun ngajar basa Walanda. Tapi sanggeus sababaraha kali masang iklan di media massa, aya hiji nona anu hade hate, van Stiebe, putrina dokter Stiebe anu pandanganana humanis, anu daekeun ngajar basa Walanda di Sakola Kaoetamaan Istri.

PELOPOR PERGERAKAN

Tumuwuh jeung mekarna rupa-rupa pakumpulan sosial di masrakat jadi cikal bakal sadar politik kaom bumi putera, leuwih nyadarkeun hak maranehna kana pentingna kamerdekaan. Merdeka ngawangun nagara sorangan, mingpin jeung ngolah nagara sorangan anu merdeka, leupas tina penjajahan. Taun 1912 Sarekat Dagang Islam (SDI) bubar lantaran pamingpinna nya eta Raden Mas Tirto Adi Suryo ditangkep sarta dibuang ku pamarentah jajahan. Tapi di Surabaya malah ngadeg Syarekat Islam (SI) dipingpin ku Haji Oemar Said Tjokroaminoto. Oge di Surabaya bangsa Indo walanda anu ngaran Hendrick Snevliet ngadegkeun pakumpulan ISDV (Indische Societeit Democracy Vereiniging).
Taun 1912 di Batavia ngadeg pakumpulan kaom wanita bumi putera Putri Mardika anu meunang dukungan ti pakumpulan Boedi Oetomo. Kagiatan utama Putri Mardika ngupayakeun pendidikan pikeun kaom wanita sakabeh golongan di Batavia. Syarekat Islam jeung Muhamadiyah oge ngabentuk bidang wanita dina organisasina.
Taun 1920 di Jogyakarta ngadeg organisasi wanita bumi putera nu disebut Wanita Oetomo, Wanita Moelyo, Wanita Katholik, jrrd. sedengkeun di Surabaya ngadeg Poetri Indonesia, Jong Islamieten Bonds James Afdelling, Jong Java Meisjeskring, Wanita Tamansiswa.

Di Bandung anu tadina milu ka SDI parindah jadi anggota SI. Lamun tadina SDI mangrupa pakumpulan sudagar bumiputera, SI mah ambahanana leuwih lega teu kawatesanan ku kaom padagang. Dina waktu sakeudeung ampir kabeh bumiputera arasup jadi anggota Syarekat Islam. Kitu deui Agah jeung para sudagar di Pasar Baru jeung Kalipah Apo arasup ka SI. Agah ayeuna jadi aktifis SI.

Komunikasi Bandung-Surabaya jeung sabalikna beuki lancar. Nepi ka dina hiji waktu warga SI di Bandung ngagelar rapat raksasa diluuhan ku ketua SI nyaeta Tjokroaminoto. Dina sela-sela ngaluuhan rapat akbar tea, anjeunna nyadiakeun waktu pikeun ngadongdon Sakola Koetamaan Istri. Nitenan hasil karya murid anu dijual jeung dipamerkeun dina bazaar, timbul rasa reueus dina diri Tjokroaminoto. Inyana teu nyangka barudak awewe bangsa pribumi di Bandung bisa ngahasilkeun karajinananju sakitu hadena.

HOS Tjokroaminoto ngondang Sartika sangkan datang ka Surabaya mere ceramah pikeun ngamotivasi warga SI di Surabaya. Sartika nyanggupan sarta datang ka Surabaya mere ceramah ka warga SI utamana kaum wanitana. Ieu kagiatan lumangsung terus, Sartika mindeng ka Surabaya kitu deui Tjokroaminoto mindeng ka Bandung.

Ngaran Dewi Sartika putri Rd Rangga Somanagara anu baheula kamashur musuh pamarentah, ayeuna jadi seungit. Dewi mimiti nulis artikel ngeunaan pamikiran jeung pamadeganana di media masa nu terbit di Bandung, Surabaya jeung Jogya. Materi artikelna lolobana ngeunaan atikan pikeun kaom wanita, nentang poligami, prostitusi jeung sejenna deui. Cek Sartika, awewe nu henteu ngabogaan pangaweruh jeung kaparigelan bakal teu bisa nanaon waktu kaleungitan salaki. Kukituna awewe kudu mekelan diri ku pangaweruh jeung kaparigelan nu mampuh ngajadikeun dirina mandiri, mibanda harepan jeung impian geusan kahareupna.

Tina artikel jeung pidato anu ditepikeunana, bakal nimbulkeun pertanyaan. Kumaha bisana hiji awewe saperti Sartika boga pamikiran kawas kitu di jaman penjajahan? Padahal apan kasangtukang pendidikanana oge ngan saukur drop out ti Eerste Klasse School nu ayeuna mah meureun Sekolah Dasar (SD). Sajaba ti kitu, sabage pendidik inyana teu kungsi diajar di sakola guru malahan teu boga pangalaman sabage guru. Tapi mungguhing Pangeran maparin berkah anu moal bisa kapimilik ku unggal jalma. Nya eta peka kana kahirupan, pinter, mulya, luhur daya pikirna, mampuh ngebrehkeun gagasan anu kreatif jeung inovatif pikeun bangsana. Inyana bisa mingpin Sakola Kaoetamaan Istri nu cabangna ampir di unggal daerah. Sanggup mere ceramah di mana bae, tampil sabage manusa anu otodidak plus pinuh ku rasa percaya diri. Sartika memang lain wanita jore-jore.

Taun 1922 lantaran jasana dina widang pendidikan, pamarentah Hindia Walanda mere anugerah mangrupa bintang perak (Silver Cross).

Dina Kongres Perempuan, Dewi Sartika salawasna ilubiung. Tanggal 22-25 Desember 1928 diayakeun pasamoan antar pakumpulan wanita bumiputera di Jogyakarta. Ieu pasamoan anu dipingpin ku Nyonya Soekanto teh mangrupa Kongres Perempuan I nu sapuk ngadegkeun Perserikatan Perkumpulan Perempuan Indonesia (PPPI). Kagiatanana: mere beasiswa pikeun murid awewe nu pinter tapi kurang mampu, ngayakeun kursus kasehatan, kampanye larangan kawin ngora, ngamajukeun kapanduan puteri, jrrd.
Taun 1929 waktu Sakola Kaoetamaan Istri geus ngadeg 25 taun pamarentah Hindia Walanda mere hadiah mangrupa gedong anyar ikeun sakola. Sarta ti harita Sakola Kaoetamaan Istri diganti ngaran jadi Sakola Raden Dewi (Raden Dewi School).

Tanggal 28-31 Desember 1929 diayakeun Kongres Perempuan II di Batavia nu eusina ngeunaan kalungguhan kaom wanita sarta hak meunang pagawean nu sarua jeung kaom lalaki. Oge disawalakeun ngeunaan perkawinan, utamana masalah poligami jeung kawin paksa.

Tanggal 22 Maret 1930 di Bandung ngadeg pakumpulam kaom wanita bumi tera Istri Sadar. Sarta 30 April 1930 ngadeg Pasundan Istri babagian ti Paguyuban Pasundan.
Saterusna 20-24 Juli 1935 diayakeun Kongres Perempuan III dipingpin ku ibu Sri Mangunsarkoro nu ngahasilkeun 6 putusan diantarana: panalungtikan masalah perburuhan, pemberantasan buta huruf, netralitas kaagamaan, jrrd. Kongres Perempuan IV dina bulan Juli 1938 di Bandung nu dipingpin ku ibu Emma Puradiredja netepkeun tanggal 22 Desember sabage Hari Ibu sarta ngadesek pamarentah nyieun rarancang aturan perkawinan nu adil.

Dina paringetan 16 Januari taun 1939 sanggeus 35 taun ngadegkeun sakola, Dewi Sartika dileler anugerah bintang emas ti pamarentah jajahan lantaran jasana dina widang pendidikan, utamana keur kaom bumi putera.

RADEN AGAH NGANTUNKEUN

Poe Salasa tanggal 25 Juli 1939 ti isuk keneh suasana Bandung mendung. Beda ti biasa. Dewi Sartika saperti biasa indit ka sakola sedengkeun Raden Agah ngadep ka Bupati Bandung, RAA Wiranatakusumah VI atawa Dalem Haji. Sabage tokoh Syarekat Islam inyana diajak marengan Bupati Bandung, rek anjangsana ka masjid Nagrek nemonan para ulama.

Teu aya saurang oge anu nyangka poe eta mangrupa isuk-isuk anu panganggeusan pikeun Agah babarengan jeung istrina. Konsep Sartika ngawangun jeung ngabina rumah tangga kacida hadena, saling babagi pasualan jeung kabagjaan. Mun aya beda pamadegan teu kudu jadi konflik, tapi dibeberes kalawan pangartian masing-masing. Hal ieu geus loba nu nyaho. Saperti ilubiungna Raden Agah dina ngabantu jeung ngabingbing istrina ngurus jeung ngamajukeun sakola. Raden Agah leuwih milih tetep jadi kapala sakola di Eerste Klasse School Karang Pamulang, batan jadi penilik (School Opziender) di Banten, lantaran hayang salawasna babarengan jeung istrina.

Tapi dina poe Salasa tanggal 25 Juli 1939 waktu milu dina acara silaturahmi jeung para ulama di Nagrek, Agah meunang serangan jantung, tanpa aya kila-kila samemehna, pupus sapada harita. Jenasahna dibawa balik, bareng jeung rombongan Bupati. Sore eta keneh Raden Agah dimakamkeun dihadiran ku barudak jeung kolot-kolotna ti Sakola Raden Dewi jeung Eerste Klasse School katut para pajabat Bandung.

Ti saprakna dikantun ku caroge, kasehatan Raden Dewi beuki turun. Teu damang diabetes. Anu tadina sakitu gendutna, beuki kuru. Loba istirahat di imah, putrina anu bungsu Rd. Dewi Ine Tardine mimiti ngabantuan ngajar. Najan kumaha kaayaanana, sakola kudu terus lumangsung.

TENTARA PANONPOE

Taun 1942 Jepang nyerbu ka saantero nusantara. Tentara Jepang mawa jangji kaamanan jeung persatuan pikeun bangsa Indonesia. Pamarentah Hindia Walanda nyerah, kakawasaan pindah ka tentara Panonpoe. Dina alih kakawasaan di Kota Bandung loba kajadian anu teu disangka samemehna. Contona, bangunan sakola Raden Dewi anu lain wangunan kantor pamarentah oge diasupan sarta barang-barangna diruksak. Sakola anu diadegkeun kalawan hese beleke teh ancur kawas kapal pejah. Tentara Jepang kalasar, teu ngahargaan sakola. Tujuan maranehna iwal ti ngarampas jeung ngawasa.

Dina kaayaan geringan Sartika ngadenge eta kajadian. Anjeunna nalangsa. Milik anu pangdipikameumeutna dirampas kalawan paksa. Dewi ngan bisa nyarita jero hatena, “Nu kitu tentara Jepang? Nu kitu ahlak bangsa nu ngaku sabage lanceuk?”

Dina jaman penjajahan Jepang sakabeh sakola dasar dijadikeun hiji disebut Sakola Rakyat. Sedengkeun sakola Raden Dewi diganti ngaranna jadi Sakola Gadis No. 29. Duka kumaha bet kitu jadina. Ngan anu jelas ti mimiti Jepang ngawasa Bandung, sakola Raden Dewi papanna diganti make huruf kanji judulna Sekolah Gadis No. 29. Komandan pasukan Jepang nepungan Dewi Sartika sarta menta sangkan Dewi jeung putrina jadi Kapala Sakola jeung guru di dinya. Tapi Dewi Sartika jeung Raden Ine nolak kalawan alesan nu lemes. Raden Dewi Sartika nolak make alesan geus kolot, mindeng gering ripuh. Sedengkeun Raden Ine nolak alesanana kudu ngarawat ibuna.

Tentara Jepang ngamaklum tanpa prasangka nanaon. Sakola Gadis No. 29 dibuka make kurikulum nu geus ditetepkeun ku pamarentah Jepang nu ayeuna jadi penjajah anyar. Pangajaran nu utama basa Jepang jeung basa Indonesia. Muridna lolobana asal ti SR No. 2 Balonggede, ngan saeutik nu asalna murid Raden Dewi School. Pangajaran masak jeung kaparigelan wanita ngan diajarkeun sapoe dina saminggu. Pangajaran agama masih aya. Kagiatan anyar nyaeta unggal isuk para siswa wajib ngabongkokkeun tonggong ka panonpoe anu disebutna sei keirei pikeun ngahormat ka kaisar Jepang nu ngaranna Tenno Haika. Sanggeus kitu diteruskeun ku senam nu disebut taiso.

Beda jeung bangsa Walanda, bangsa Jepang mah kalasar sarta marentahna kawas ka “budak beulian” malah leuwih handap deui ajenna, kawas ka sato. Kaom wanita boh nu geus boga salaki atawa randa, parawan, loba nu dinista kalawan sawenang-wenang. Teu saeutik nu jadi budak nafsu tentara Jepang. Kaom pria wajib kerja paksa nu disebut romusha. Harta mangrupa perhiasan boh emas atawa lianna dipenta kalawan paksa make alesan keur beaya perang.

Ti poe ka poe, ti waktu ka waktu sakola anu dirintis taun 1904 ku Sartika beuki robah. Ciri sakola ngan katembong pedah muridna kabeh awewe. Hanjakalna atikan nu diajarkeun lain khusus pikeun kaom wanita, tapi rupa-rupa hal anu tujuannana ngabantu kapentingan pendudukan Jepang.

SANGGEUS MERDEKA

Perang Dunya terus lumangsung. Cicing-cicing bangsa Indonesia nyusun kakuatan piken ngalawan. Nepi ka tanggal 14-15 Agustus 1945 waktu kota Hiroshima jeung Nagasaki dibom ku tentara Sekutu, mere pangaruh gede pikeun eureunna Perang Dunya. Tentara Jepang nyerah. Ieu mangrupa kasempetan hade pikeun bangsa Indonesia. Tanggal 17 Agustus 1945 Proklamasi Kamerdekaan dibacakeun ku Ir. Soekarno.

Tapi sanggeus Indonesia merdeka, Sekolah Gadis No. 29 teh ditutup. Dewi Sartika beuki nalangsa, lantaran rea panineungan nu aya di eta sakola. Dewi teu kuat nempo wangunan sakola nu beuki dieu beuki teu kapiara jeung geus leungit komarana. Sanggeus proklamasi dibacakeun sarta bandera beureum bodas dikelebetkeun sabage bandera kabangsaan, para pamuda ngangkat senjata pikeun mertahankeun nagara. Pasukan Jepang senjatana dirampas, maranehna pasrah bae ditawan ku pamuda.

Pikeun nyegah konflik dikirim pasukan perdamaian nyaeta tentara Inggris, Perancis jeung Ustrali. Tapi teu disangka tentara Walanda ngabonceng ka tentara Inggris, daratang deui, hayang ngajajah deui Indonesia. Ieu ngondang masalah anyar. Rakyat Indonesia teu narima kadatangan tentara Walanda. Perang antara tentara Walanda jeung pamuda mindeng kajadian. Hiji mangsa pamuda nu ngagabung ka TKR (tentara Keamanan Rakyat) mere racun dina sumber cai di Dago, nyaeta cai pikeun kabutuh tentara Walanda. Balukarna loba tentara Walanda nu paraeh. Pasukan Walanda males ku cara ngancurkeun bendungan Cikapundung, nepika loba rahayat nu imahna deukeut walungan paralid.

Perang fisik tuluy lumangsung saperti nu kajadian di Lembang, Viaduct, Lengkong, Bumi Siliwangi, jeung lianna deui. Komo deui sanggeus pasukan Gurkha, tentara bayaran Walanda mihak ka para pajoang, perang beuki ngalegaan. Nepi ka kajadian Bandung Lautan Api.

Dewi Sartika dibarengan ku Rd Ine ngungsi ngajugjug Bandung kidul. Sanggeus istirahat di Dayeuhkolot, Dewi neruskeun lalampahanana. Motong kompas ngaliwatan Garut nepi ka Tasikmalaya akhirna nepi ka Cineam. Salila di perjalanan inyana teu weleh sedih mikirkeun kaayaan sakola nu ditinggalkeun.

Bumen-bumen di imah leutik nu saderhana di desa Cineam, teu damangna beuki parna. Nepi ka akhirna tangal 11 September 1948 Dewi Sartika pupus di desa Cineam, Ciamis. Pamarentah RI dina SK Presiden No. 252 taun 1966 tanggal 1 Desember 1966 parantos ngaleler gelar pahlawan kamerdekaan nasional ka Ibu Raden Dewi Sartika ditawis langsung ku Presiden Soekarno.****

Bacaan:
Meniti Jembatan Emas, Yan Daryono, Grafitri Budi Utami, 2008
Raden Dewi Sartika Sang Perintis, Yan Daryono, Grafitri Budi Utami, 2008
Gapura Basa, Gegersunten

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona