PAWAYANGAN (Dok.Salakanagara)

Pikeun di daerah Sunda mah, kana kasenian wayang the hamo bireuk deui, sabab mindeng ditaranggap dina boga hajat. Wayang anu kawentar di tatar Sunda jeung anu mindeng di tanggap nyaeta wayang golek.
Supaya barudak terang kana hiji-hijina ngaran wayang,urang tataan ngaran wayang anu aya dina wayang golek :
1. SANGHIANG TUNGGAL. Anu ngarajaan para dewa di Sawarga Maniloka
2. SANGHIANG RANCASAN. Putra cikal Sanghiang Tunggal. Pasipatanana hawek.
3. SANGHIANG ISMAYA. Putra na Sanghiang Tunggal anu salin jinis jadi Semar.
4. SANGHIANG ANTAGA. Putra Sanghiang Tunggal anu salin jinis jadi Togog.
5. SANGHIANG PARAMESTI. Putrana Sanghiang Tunggal anu neraskeun sesepuh para Dewa di Sawarga Maniloka, nganggo jenengan Batara Guru.
6. BATARA BAYU. Golongan Dewa di Sawarga Maniloka,
7. BATARA INDRA. Dewa anu pangkasepna di Sawarga Maniloka.
8. BATARA SURYA. Anu ngatur panonpoe di Sawarga Maniloka.
9. PANJI NARADA. Kabayan Dewa, purah diutus ku Batara Guru.
10. DEWI SUPRABA. Prameswari Batara Guru. Pamingpin para widadari.
11. SEMAR. Aslina Sanghiang Ismaya.Jadi panakawan Pandawa.
12. DEWI SUTIRAGEN. Istrina Semar cicicng di Karang Tumaritis.
13. ASTRAJINGGA. Katelahna CEPOT anak-anakan Semar pangcikalna.
14. UDAWALA. Anak-anakan Semar.
15. NALAGARENG.Katelahna GARENG, anak-anakan Semar anu bungsu.
16. BAGAWAN PALASARA.Tutunggulna Kurawa jeung Pandawa.
17. BAGAWAN ABIYASA. Putrana Bagawan Palasara ti Dewi RARAMIS.
18. PRABU DESTARATA. Putra cikal Bagawan Abiyasa. Lolong ti barang lahir.
19. PANDU DEWA NATA.Putrana bagawan Abiyasa anu nyepeng nagara Astina.
20. BISMA. Putrana Bagawan Abiyasa, pamanna Kurawa sareng Pandawa.
21. DEWI KUNTI NALIBRATA. Prameswarina Pandu Dewa Nata.
22. PRABU YUDISTIRA/DARMAKUSUMAH/SAMIAJI. Putra cikal Pandu Dewa Nata.Jeneng Raja Amarta.
23. BIMA/WERKODARA. Putra ka dua Pandu Dewa Nata.
24. ARJUNA /JANAKA. Putra ka tilu Pandu Dewa Nata
25. NAKULA. Putra Pandu Dewa Nata ti Dewi Madrim (kembar)
26. SADEWA. Putra Pandu Dewa Nata ti Dewi Madrim (kembar)
27. DEWI DRUPADI. Prameswari Prabu Yudistira.
28. DEWI ARIMBI. Garwana Bimadi Nagara Pringgandani.
29. DEWI SUMBADRA. Garwana Arjuna di Madukara
30. DEWI SRIKANDI. Garwa ka dua Arjuna.
31. PRABU SUYUDANA. Putra Prabu Destarata.Raja Astina.
32. DURYUDANA. Putra Prabu Destarata.
33. PRABU DRAWATI. Katelah Prabu Kresna papayung Pandawa ti Meralaya.
34. PRABU BALADEWA.Rakana Prabu Darawati (Kresna)
35. ADIPATI KARNA.Putra Dewi Kunti titisan Batara Surya.
36. PANDITA DORNA. Sesepuh nagara astina , asal ti Nagara Atas Angin.
37. PRABU SANGKUNI.Paman KKUrawa ti ibuna.
38. BAMBANG ASWATAMA. Putra Dorna ti Dewi Wilotama.
39. SENCAKI. Patih nagara Meralaya.
40. DEWI BONOWATI. Prameswari Prabu Suyudana.
41. DEWI JEMBAWATI.Prameswarina Prabu Kresna.
42. PRABU PRABAKESA.Pamanna Gatotgaca, Raina Arimbi.
43. DEWI GANDARI. Prameswari Prabu Destarata, ibuna Kurawa.
44. TOGOG TEJOMANTRI, Aslina Sanghiang Antaga ngawula ka Prabu Rahwana di karajaan Alengka.
45. PRABU RAHWANA/DASAMUKA. Raja murka nagara Alengka.
46. INDRAJIT. Putrana RAHWANA.
47. BAGAWAN GONJAKA. Ramana Pandita Dorna.
48. HANOMAN. Monyet bodas sakti.
49. NYAI GEDENG PERMONI. Ratu Silumanti nagara Setra Ganda Mayit.
50. GATOTGACA. Putrana Bima ti Dewi Arimbi,anu bisa ngapung.
51. ANTAREJA. Putra Bima ti Dewi Naga Gini, anu bisa nerus bumi.
52. JAKATAWAN.Putra Bima anu bisa hirup di laut/cai
53. ABIMANYU. Putra Arjuna ti Dewi Sumadra.
54. PANCAWALA. Putra Yudistira ti Dewi Drupadi.
55. SAMBA. Putra Kresna
56. PATRA KOMARA. Putra Suyudana.
57. WERSASENA.Putra Adipati Karna.

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona