Situs Gunung Piramid (Munjul) JELEKONG Kab.Bandung
- Get link
- X
- Other Apps
TEU
jauh anggangna ti Padépokan Giri Harja, antara Jelekong jeung
Manggahang di Kacamatan Balééndah, Kabupatén Bandung, aya pasir.
Tempatna nenggang di lahan padataran, atawa lahan pasawahan. Saliwat mah
siga gunung anu misahkeun diri. Misahkeun diri ti jajaran pagunungan
kidul Kabupatén Bandung anu katelah geger hanjuang.
Ceuk sakaol
mah, anu disebut munjul téh, baheulana urut patilasan Rakéan Santang
waktu maluruh laratan nu jadi bapa, Sang Jaya Déwata Pamanah Rasa
Keukeumbingan Rajasunu, Prabuguru Déwataprana.
Lalampahan anu geus sakitu lilana, masih kénéh can deuk manggih l;aratan. Lebeng ambleng, nya kamana atuh anu kudu disorang.
Ras inget kasauran tuang ibu, Ambu Subanglarang.
Cenah mudu terus ngulon mapay-mapay pakidulan, “Engké hidep bakal
manggih tempat, Disebut gunung, da lain gunung, disebut pasir, ogé lain
pasir. Estuning hunyur mandéan gunung téh jeung saenyana. Lain ukur
babasaan. Pernahna di lemah datar di tengah leuweung nu paselang jeung
lembur. Di dinya, hidep bakal panggih jeung Ama hidep. Sabab, nya ka
dinya pisan Ama hidep sok biasa nyingkur,” kitu kasauran ingkang ambu.
Harita, mémang enya, saméméh ngécagkeun kalungguhan tina kakawasaan
Raja Pajajaran, Sri Baduga geus ngabagi-bagi wilayah ajangkeuneun para
putrana sangkan ulah nepi ka kajadian parebutan kakawasaan dimana engké
kabéh geus nincak sawawa.
Ceuk sakaol, Sri Baduga téh gaduh
istri padmi aya kana limana, nyaéta, nu kahiji, Nyi Kentring Manik
Mayang Sunda, putrina Susuk Tunggal.ti karajaan Sunda (Bogor, ayeuna).
Anu kadua, Nyi Subang Larang, putrina Ki Gédéng Tapa ti Karajaan
Singapura (Muara Jati, Cirebon). Anu katilu, Nyi Ratna Ambet Kasih,
putrina Ki Gédéng Sindangkasih, ti Karajaan Sindangkasih (Garut,
ayeuna). Anu kaopat, Maraja Inten Déwata istri ti karajaan Timbanganten,
Jeung anu kalimana istri ti karajaan Pasir Batang (Jawa tengah).
Jaman Sri Baduga, éta lima karajaan téh disanagarakeun, katelahna
Karajaan Pajajaran kalawan ibukotana anu disebut Pakuan (Bogor). Nepi ka
antukna mah nelah Pakuan Pajajaran.
Ti sakabéh istri-istrina, Sri
Baduga puputra tohaan (ngagaduhan putra mahkota). Sangkan henteu
ngadatangkeun pacogrégan parebutan warisan kakawasaan, sanggeus para
putrana pada sawawa, saméméh undur ti karatuan, Sri Baduga ngabagi deui
sakabéh karajaan, jadi lima mandala atawa lima kakawasaan sakumaha titis
waris bawana ti indung.
Karajaan bawana Nyi Kentring Manik Mayang
Sunda (Pakuan), dipasrahkeun ka putrana, Sang Surawisésa Jayaperkosa.
Sedengkeun karajaan bawana Nyi Subanglarang (Kerajaang Singapura, anu
engkéna jadi karajaan Caruban Nagari)), dipasrahkeun ka putrana, Rakéan
Santang kalawan diwastu Prabu Cakrabuana. Ku sabab para putra ti
istri-istri nu lain can sawawa, harita mah Karajaan Pajajaran karék
dibikeun ka duaan.
Wilayah Caruban Nagari waktu mimiti dipasrahkeun
ka Rakéan Santang, kaitung lega. Méh sabeulahna Jawa Barat ayeuna. Ngan
sanggeus para putra ti Nyi Ratna Ambet Kasih, nyaéta Handé Liman
Sanjaya jeung putra ti Maraja Inten Déwata, nyaéta Sunan Permana
Dipuntang, sawawa, Rakéan Santang ngéléhan, karajaan Caruban Nagari,
dibagi jadi tilu bagian, jadi Karajaan Galih Pakuan, anu dipasrahkeun ka
Handé Liman Sanjaya, jeung Karajaan Timnanganten anu dipasrahkeun ka
Sunan Permana Dipuntang.
Kawijakan Rakéan Santang anu waktu
diwastu dibéré gelar Prabu Cakrabuana, ngabagi-bagi wilayah ka nu jadi
dulur-dulurna, tangtuna gé lain kaputusan dirina pribadi. Tapi, beunang
tatanya ka nu jadi rama, Sri Baduga, anu saenyana mah keur ngahening
tatapa, satutasna réngsé manggung di karatuan. Pangna perelu tatanya
téh, sabab dina mangsa harita kaayaan nagara keur meujeuhna
nganghareupan adu pangaruh kakuatan jeung kakawasaan, anu ceuk dina
tembang mah disebut jaman digenggong taraté. Pangpangna mah kakuatan
koalisi Cirebon jeung Demak anu keur meujeuhna nyebarkeun pangaruh syiar
Islam di wilayah urut kakawasaan karajaan Sunda-Galuh
Ku
kituna, saméméhna, Rakéan Santang ngahaja nepungan nu jadi rama. Rakéan
Santang miang ti karaton, maluruh nu jadi bapa. Naék gunung unggah
gunung, ngaprak-ngaprak jalan satapak. Saban gunung diunggahan. Saban
pasir disungsi, dianjangan. Enya baé, tepung-tepung sotéh di tempat anu
disebut munjul, nyaéta hunyur sagedé gunung. Henteu gampang manggihan
tempat anu disebut munjul téh. Méh di saban tempat. Matak, tong anéh
sakabéh anu ngaranna munjul mah sok dipatalikeun jeung patilasan Sri
Baduga, atawa Prabu Siliwangi téa.
Nya, di tempat anu disebut munjul téa, duka di munjul nu mana, Sri Baduga méré amanat ka Rakéan Santang,
“Ama percaya ka hidep, Radén. Jalan perang moal matak jadi anggeus
perkara. Ama leuwih loyog kana pamikiran hidep. Caruban Nagari, direcah
heula ka dulur anu sarua mudu kawaris. Rahayat mah baroga pamilih
engkéna, kamana nya biluk. Keun, tong diulah-ulah. Hidep mah nindak baé
dina jalan bener, atungtunan tangan jeung dulur-dulur. Bawa jimat
nagara, silih asih, silih asah, silih asuh. Nya, apan ayeuna pisan jaman
digénggong bakal tumiba. Digénggong ku taraté. Tangtu hidep moal
leungiteun cara jang ngungkulanana mah. Da aya di hidep. Hidep nu mudu
waspada, sabab, perang anu bakal disanghareupan téh, sasatna lain perang
pakarang, tapi éstu nanjeurkeun bebeneran,” Omong Sri Baduga, teu
ingkah tina pangcalikan, ukur batu nu geus lukutan.
Di dinya,
di tempat munjul téa, aya padungdengan anak jeung bapa, padungdengan
bathin lebah nyanghareupan mangsa anyar ngeunaan nasib karajaan. Rék
kumaha jeung rék kamana?
Nu jelas, Cirebon antukna kakuasa ku Pasukan Sunan Gunung Jati. Islam nanjung nepi ka danget kiwari. ***
Ceuk sakaol mah, anu disebut munjul téh, baheulana urut patilasan Rakéan Santang waktu maluruh laratan nu jadi bapa, Sang Jaya Déwata Pamanah Rasa Keukeumbingan Rajasunu, Prabuguru Déwataprana.
Lalampahan anu geus sakitu lilana, masih kénéh can deuk manggih l;aratan. Lebeng ambleng, nya kamana atuh anu kudu disorang.
Ras inget kasauran tuang ibu, Ambu Subanglarang. Cenah mudu terus ngulon mapay-mapay pakidulan, “Engké hidep bakal manggih tempat, Disebut gunung, da lain gunung, disebut pasir, ogé lain pasir. Estuning hunyur mandéan gunung téh jeung saenyana. Lain ukur babasaan. Pernahna di lemah datar di tengah leuweung nu paselang jeung lembur. Di dinya, hidep bakal panggih jeung Ama hidep. Sabab, nya ka dinya pisan Ama hidep sok biasa nyingkur,” kitu kasauran ingkang ambu.
Harita, mémang enya, saméméh ngécagkeun kalungguhan tina kakawasaan Raja Pajajaran, Sri Baduga geus ngabagi-bagi wilayah ajangkeuneun para putrana sangkan ulah nepi ka kajadian parebutan kakawasaan dimana engké kabéh geus nincak sawawa.
Ceuk sakaol, Sri Baduga téh gaduh istri padmi aya kana limana, nyaéta, nu kahiji, Nyi Kentring Manik Mayang Sunda, putrina Susuk Tunggal.ti karajaan Sunda (Bogor, ayeuna). Anu kadua, Nyi Subang Larang, putrina Ki Gédéng Tapa ti Karajaan Singapura (Muara Jati, Cirebon). Anu katilu, Nyi Ratna Ambet Kasih, putrina Ki Gédéng Sindangkasih, ti Karajaan Sindangkasih (Garut, ayeuna). Anu kaopat, Maraja Inten Déwata istri ti karajaan Timbanganten, Jeung anu kalimana istri ti karajaan Pasir Batang (Jawa tengah).
Jaman Sri Baduga, éta lima karajaan téh disanagarakeun, katelahna Karajaan Pajajaran kalawan ibukotana anu disebut Pakuan (Bogor). Nepi ka antukna mah nelah Pakuan Pajajaran.
Ti sakabéh istri-istrina, Sri Baduga puputra tohaan (ngagaduhan putra mahkota). Sangkan henteu ngadatangkeun pacogrégan parebutan warisan kakawasaan, sanggeus para putrana pada sawawa, saméméh undur ti karatuan, Sri Baduga ngabagi deui sakabéh karajaan, jadi lima mandala atawa lima kakawasaan sakumaha titis waris bawana ti indung.
Karajaan bawana Nyi Kentring Manik Mayang Sunda (Pakuan), dipasrahkeun ka putrana, Sang Surawisésa Jayaperkosa. Sedengkeun karajaan bawana Nyi Subanglarang (Kerajaang Singapura, anu engkéna jadi karajaan Caruban Nagari)), dipasrahkeun ka putrana, Rakéan Santang kalawan diwastu Prabu Cakrabuana. Ku sabab para putra ti istri-istri nu lain can sawawa, harita mah Karajaan Pajajaran karék dibikeun ka duaan.
Wilayah Caruban Nagari waktu mimiti dipasrahkeun ka Rakéan Santang, kaitung lega. Méh sabeulahna Jawa Barat ayeuna. Ngan sanggeus para putra ti Nyi Ratna Ambet Kasih, nyaéta Handé Liman Sanjaya jeung putra ti Maraja Inten Déwata, nyaéta Sunan Permana Dipuntang, sawawa, Rakéan Santang ngéléhan, karajaan Caruban Nagari, dibagi jadi tilu bagian, jadi Karajaan Galih Pakuan, anu dipasrahkeun ka Handé Liman Sanjaya, jeung Karajaan Timnanganten anu dipasrahkeun ka Sunan Permana Dipuntang.
Kawijakan Rakéan Santang anu waktu diwastu dibéré gelar Prabu Cakrabuana, ngabagi-bagi wilayah ka nu jadi dulur-dulurna, tangtuna gé lain kaputusan dirina pribadi. Tapi, beunang tatanya ka nu jadi rama, Sri Baduga, anu saenyana mah keur ngahening tatapa, satutasna réngsé manggung di karatuan. Pangna perelu tatanya téh, sabab dina mangsa harita kaayaan nagara keur meujeuhna nganghareupan adu pangaruh kakuatan jeung kakawasaan, anu ceuk dina tembang mah disebut jaman digenggong taraté. Pangpangna mah kakuatan koalisi Cirebon jeung Demak anu keur meujeuhna nyebarkeun pangaruh syiar Islam di wilayah urut kakawasaan karajaan Sunda-Galuh
Ku kituna, saméméhna, Rakéan Santang ngahaja nepungan nu jadi rama. Rakéan Santang miang ti karaton, maluruh nu jadi bapa. Naék gunung unggah gunung, ngaprak-ngaprak jalan satapak. Saban gunung diunggahan. Saban pasir disungsi, dianjangan. Enya baé, tepung-tepung sotéh di tempat anu disebut munjul, nyaéta hunyur sagedé gunung. Henteu gampang manggihan tempat anu disebut munjul téh. Méh di saban tempat. Matak, tong anéh sakabéh anu ngaranna munjul mah sok dipatalikeun jeung patilasan Sri Baduga, atawa Prabu Siliwangi téa.
Nya, di tempat anu disebut munjul téa, duka di munjul nu mana, Sri Baduga méré amanat ka Rakéan Santang,
“Ama percaya ka hidep, Radén. Jalan perang moal matak jadi anggeus perkara. Ama leuwih loyog kana pamikiran hidep. Caruban Nagari, direcah heula ka dulur anu sarua mudu kawaris. Rahayat mah baroga pamilih engkéna, kamana nya biluk. Keun, tong diulah-ulah. Hidep mah nindak baé dina jalan bener, atungtunan tangan jeung dulur-dulur. Bawa jimat nagara, silih asih, silih asah, silih asuh. Nya, apan ayeuna pisan jaman digénggong bakal tumiba. Digénggong ku taraté. Tangtu hidep moal leungiteun cara jang ngungkulanana mah. Da aya di hidep. Hidep nu mudu waspada, sabab, perang anu bakal disanghareupan téh, sasatna lain perang pakarang, tapi éstu nanjeurkeun bebeneran,” Omong Sri Baduga, teu ingkah tina pangcalikan, ukur batu nu geus lukutan.
Di dinya, di tempat munjul téa, aya padungdengan anak jeung bapa, padungdengan bathin lebah nyanghareupan mangsa anyar ngeunaan nasib karajaan. Rék kumaha jeung rék kamana?
Nu jelas, Cirebon antukna kakuasa ku Pasukan Sunan Gunung Jati. Islam nanjung nepi ka danget kiwari. ***
- Get link
- X
- Other Apps
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.