Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona
- Get link
- X
- Other Apps
*SISINDIRAN*
Sisindiran
 téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan
 anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu
 disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa 
kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu 
dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger 
ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah 
padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana 
wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara 
ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) 
rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, 
rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, 
nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.
 
 Conto sisindiran:
 
 Aya roda na tanjakan,
 
 katinggang ku pangpung jengkol.
 
 Aya ronda gogoakan,
 
 katinggang ku hulu kohkol.
 *PAPARIKAN*
 
 Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina 
kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang 
jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina 
unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: 
dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh 
cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan
 umumna dalapan engang. Contona paparikan:
 
 Boboko ragrag di imah,
 
 Ninggang kana pileuiteun
 
 Mun bogoh montong ka sémah
 
 Ari anggang sok leungiteun.
 
 Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. 
Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti 
tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina 
cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan 
kadua dina eusi.
 
 Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.
 Paparikan Silih Asih
 
 Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:
 
 Meuncit meri dina rakit,
 boboko wadah bakatul.
 Lain nyeri ku panyakit,
 kabogoh direbut batur.
 
 hiji deui :
 
 -Lain Bangban lain Pacing,
 lain kananga kuduna.
 lain babad lain tanding
 lain kadinya kuduna.
 
 Paparikan Piwuruk:
 
 Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:
 
 -Ka kulah nyiar kapiting,
 ngocok endog bobodasna.
 Ulah sok liar ti peuting,
 osok loba gogodana.
 
 Paparikan Sésébréd
 
 Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). Contona:
 
 -Daun hiris dibeungkeutan,
 dibawa ka juru leuit.
 Anu geulis ngadeukeutan,
 hayangeun dibéré duit.
 
 -Sapanjang jalan Cirebon,
 jalan butut diaspalan.
 Sapanjang dijajah Nipon,
 baju butut tatambalan
 
 * RARAKITAN*
 
 Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku 
cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna 
(mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu 
sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan 
(laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas
 anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal 
padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa 
bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari
 anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang 
jeung dua eusi. Contona:
 
 -Mihapé sisir jeung minyak,
 
 kadé kaancloman leungeun.
 
 -Mihapé pikir jeung niat,
 
 kadé kaangsonan deungeun.
 
 Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu 
golongan, nyaéta rarakitan silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan 
sésébréd.
 
 Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi; contona:
 
 -Sapanjang jalan Soréang,
 
 moal weléh diaspalan.
 
 Sapanjang tacan kasorang,
 
 moal weléh diakalan.
 
 Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat; contona:
 
 -Sing getol nginum jamu,
 
 nu guna nguatkeun urat.
 
 Sing getol neangan élmu,
 
 nu guna dunya ahérat.
 
 Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik); contona:
 
 -Rarasaan ngala mayang,
 
 teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
 
 Rarasaan konéng umyang,
 
 teu nyaho cakeutreuk hideung. 
* WAWANGSALAN*
  téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir
 diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara
 ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok 
murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik 
kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan 
sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan 
nyaéta dalapan engang Conto: 
 - Teu beunang di hurang sawa,teu beunang dipikameumeut: hartina 'Simeut'
 - Belut Sisit saba darat kapiraray siang wengi: : harti ' Oray'
 - Teu beunang di rangkong kolong,teu beunang dipikahayang : hartina 'Hayam'.
- Get link
- X
- Other Apps
Situs Terbaik Permainan Judi Taruhan Online, website judi dengan permainan terlengkap dan terbesar. .
ReplyDeleteBonus yang diberikan Agen BOLAVITA juga sangat banyak dan menguntungkan, baik member baru maupun member setia:
💱 Bonus Welcome Back Rp 200.000
💱 Bonus 10% untuk new member (SPORTSBOOK & SABUNG AYAM)
💱 Bonus 5% Deposit Harian (SPORTSBOOK & SABUNG AYAM)
💱 Bonus Deposit Harian 10% untuk permainan BOLA TANGKAS
💱 Bonus Referral 7% + 2%
💱 Bonus Rollingan 0.5% + 0.7%
💱 Diskon Togel KLIK4D & ISIN4D up to 66%
💱 Bonus Cashback 5% - 10%
💱 Bonus Cashback Bola Tangkas 10%
💱 Bonus Flash Deposit Setiap Jumat 10%
💱 Bonus Extra BIG MATCH 20%
Agen BOLAVITA menyediakan permainan yang sangat lengkap, berikut permainan yang disediakan:
• Bola Tangkas (Tangkasnet, Tangkas88 dan Tangkas1)
• Casino Online (WM Casino, Green Dragon dan SBOBET Casino)
• Sabung Ayam (S128, SV388 dan Kungfu Chicken)
• Taruhan Bola (SBOBET, MAXBET/ICB Bet dan 368 Bet)
• Togel Online (KLIK4D dan ISIN4D)
• Poker Online (POKERVITA)
• Games Virtual / Slot Games (Joker dan Play1628)
Daftar, main dan raih kemenangan Anda bersama kami di http://159.89.197.59/
Untuk info selanjutnya, bisa hubungi kami VIA:
BBM : BOLAVITA / D8C363CA
Whatsapp : +62812-2222-995
LINE : cs_bolavita
TELEGRAM : +62812-2222-995
Livechat 24 Jam
This comment has been removed by the author.
ReplyDeleteThis comment has been removed by the author.
ReplyDelete