HASTA BRATA

HASTA BRATA – DALAPAN PAPAGON HIRUP KUMBUH.

“Jeung satemenna Kami geus ngébréhkeun ka manusa dina ieu AlQur’an , tina rupa-rupa siloka, tapi manusa téh makhluk anu paling loba némpas”(QS Al Kahfi : 154)
Guaran ieu dumasar kana ajaran luluhur jeung hiji guru atawaUlama luhung ti Cirebon anu wastana Pandita Surya Sakti.  Ieu guaran téh disebutna Hasta Brata atawaDalapan Papagon Hirup.
Ieu dalapan papagon hirup téh pituduh kamaha di antaranaupama manusa hayang ngahontal kabagjaan hirup enggoning ngolah nagara. Kadalapanpapagon téh nyaéta:

1.     WANITA.

Perkara WANITA ieu hiji perkara anu pentingdina pilampahan manusa di dunya ieu. Pilampahan anu mangrupa naon baé lamunwanita henteu dibabawa, sigana urusannana moal pati bérés atawa lancar, naonsababna?

Dumasar kana Surat An Nisaa ayat 1 kaunggelkieu: “ Hé sakabéh manusa! Maneh manéh kudu taqwa ka Pangran manéh, anungajadikeun manéh tina hiji jiwa (Adam). Jeung AnjeunNa ngajadikeun tina hijijiwa éta jodona (Hawa)….”

Écés dina ieu ayat, yén Nabi Adam ogé kuKersaning Nu Maha Asih diréncangan ku Hawa (istri = wanita).

Allah swt. ngadawuh deui: “Geus dihias hatémanusa ku kacintaan/kahayang kana sagala anu disawang atawa dicita-citakeun, diantarana ka wanita” (QS Ali Imraan: 14).

Dina hakékatna éta siloka wanita téhperkara anu dicita-citakeun ku urang ngeunaan kadunyaan, pangkat atawapacabakan/jabatan, anu bakal nyalametkeun dunya jeung akhérat.  Kacindekanana, dina enggoning ngolah hirupnamanusa kudu boga pasangan, pria jeung WANITA, hartina WANITA kudu boga andilatawa dibéré andil.


2.     GARWA.

Ari GARWA geus ébréh maksuda geureuha atawapamajikan. Ari ceuk Kirata Ki Sunda mah kieu: GAR téh asalna tina SIGAR, anuhartina Beulah dua, atawa sarua gedéna. WA asal tina NYAWA atawa JIWA. Jadinahartina GARWA téh beubeulahan JIWA anu sarua gedéna atawa ajénna.
Maksud anu sabenerna nyaéta dina enggoninglaki-rabi jeung ngawangun imah-tangga anu bagja kudu lir nyawa Hiji dibagi dua,katelahna; SIGARANING NYAWA.

Ceuk paribasa téa mah “ka cai jadi saleuwi –ka darat jadi salebak, sareunceuk saigel sabobot sapihanéan, runtut=rukunsauyunan”.

Siloka Ki Sunda ieu kaunggel ogé dina AlQur;an Surat Ar Rum ayat 21, anu unggelna kieu:

“ Jeung sabagéan tina tanda-tanda Allah,nyaéta AnjeuNa ngajadikeun jodo-jodo pikeun maranéh tina jinis maranéh. Nyaétasupaya maranéh aya dina katingtriman jeung maranéhna. Jeung AnjeunNangajadikeun di antara maranéhna : Kacintaan jeung welas-asih. Satemenna dinaperkara ieu éta tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu ngabogaan akal”.

Tamada ka sing saha anu geus rarabi mangkadésing apik nala’ah eusi ayat di luhur. Singgetna kieu:

·       Tanda-tanda Allah téh: ngajadikeun jodo-jodo;ngalaksanakeunana mah babari, nyaéta kudu nikah saluyu jeung saréat agama;
·       Supaya aya dina katingtriman, kacintaan jeungwelas-asih; perkara ieu rada beurat dina ngalaksanakeunana, sabab umumnakacintaan jeung welas-asih mah datangna sok saméméh kawin/nikah. Naon susahna?Biasana lalaki lamun keur papacangan sok ngubar jangji majarkeun: ”Engkang téh asihka enung lain pikeun saulineun, lain pikeun sapoéeun, tapi cinta Engkang nepika liang kubur!” kitu pokna. Tapi teu kurang-kurang kajadian anu laki-rabinangan meunang sababaraha bulan baé, cacakan jangji jeung sumpah mah manisatelebug, bari kaayaan aya dina kabeungharan, gedong sigrong, harta bru dijuru bro di panto, cék saliwatan mah asa piraku imah-tanggana jadi teu bérés.
·       Jadi cicirén keur jalma nu ngabogaan akal atawanu mikir. Dawuhan Allah : jeung dijadikeun kacintaan jeung welas asih pikeunjalma-jalma anu ngagunakeun akal ppikiranana. Ari anu henteu ngagunakeun akalmah duka teuing, cinta naon ngaranna?

3.     WISMA.

Ari WISMA téh pihartieunana IMAH.Ieu perkara penting pisan pikeun anu geus laki-rabi mah kudu ngabogaan imahsorangan.  Geuningan baheula mah waktuakad-nikah ogé sok ditalék ku naib atawa ku bapana “sanggup ngaimahanpamajikan?” Disarankeun, upama geus mampuh mah nu geus laki-rabi kudu nganjrektéh di imah sorangan. Ulah di “Mertua Indah” ceuk istilah jaman ayeuna mah.Sabab lamun geus boga imah nu sorangan sanajan leutik moal aya nu ngaharu-biru.Komo upama geureuha ngabebenah éta imah, paparabotan disusurup sanajan lainbarang mahal, buruan resik sanajan teu lega, dipelakan kekembangan, sanajandina pot, komo mun imah jeung buruan lega mah, tada teuing pikabetaheunana. Atuhbabaturan atawa baraya nu nyémah ogé matak resepeun, manjangkeun silaturhmi diimah sorangan ngalap barokah Allah swt.. Jadi singgetna maksud WISMA téhngeunaan wujud JASMANI jeung ROHANI urang kudu aya dina kabarokahan, tumaninahtéa.

4.     TURANGGA.

Ari TURANGGA basa baheula anumaksuda KUDA TUNGGANGAN anu alus, boh dina adeganana atawa dina buluna, nyakitu deui dina lumpatna. Upamana jalma anu ngabogaan éta kuda geus pinternumpakna jeung geus pinter ngawarahna, tangtu éta kuda téh bakal nurut ka nubogana atawa kanu numpakanana; Babari lamun dititah adéan, nyirig, congklangatawa torolong-derap, pasti bisaeun gumantung kanu tumpakna.
Tapi upama anu numpakananasambarangan, can nyaho kana adat éta kuda, jol jol clak terus jebrod dipecut!Atuh belesur baé éta kuda téh kabur mangprung teu beunang dipegeg deui.Akibatna: nu tumpak ngaringkuk di susukan, tukang baso jeung tukang bajigurtanggunganana ancur kadupak kuda!
Tah ieu gambaran turangga tadi. Maksudna:turangga téh siloka NAPSU urang anu aya di jero awak urang. Pribadi urang ulahtepi ka dipangaruhan ku napsu, tapi sabalikna pribadi urang anu kudu ngaturnapsu-napsu éta. Apan aya dawuhan Rasulullah saw anu unggelna kieu: “Musuh manéhnu pangjahatna jeung pangrongkahna nyaéta napsu anu aya di jero diri manéh”.
Tasauf Islam nyusun napsu poko(elementary instinct) nyaéta mangrupa syahwat jeung gholab. Syahwat nyaétakahayang-kahayang anu marengan ampir ssaumna pikiran urang. Aya dua aspek: 1)kahayang anu goréng, anu disebut SUFIAH, jeung 2) kahayang suci anu disebut:MUTHMAINAH.
Ari GHOLAB nyaéta kamurkaan  anu salawasna mangaruhan pikiran urang.Gholab ieu ayana di hiji jalma atawa di masyarakat. Aspek gholab ieu nyaétakamurkaan jeung napsu miara diri, disebutna AMARAH jeung LAUWAMAH. Lamun ayanadi masyarakat Gholab ieu mangrupa napsu masyarakat atawa napsu golongan (socialinstinct).
Di dieu urang kudu pinterngadalikeun napsu, boh napsu diri atawa napsu masyarakat.

5.     CURIGA.

Nu dimaksud CURIGA téh nyaéta pakarang(gagaman/senjata) upamana: Keris, kujang, tombak, iteuk sjbn. Ari keris wujuddasarna seukeut dua sisina, kaasup barang pusaka. Baheula ieu keris saméméh dijieunku para Mpu atawa Bujangga, nu nyieunna kudu puasa heula atawa tapa heuladibarengan ku ngawatek kalimah khusus pikeun keris nu rék dijieunna.

Jaman baheula dina umumna ieu keris sokpada mikahayang, sabab dipercaya “aya maunat jeung mangpaat atawa khasiatna” –wallohu alam!
Nu saenyana ieu keris dijieun siloka, nyaéta: ”OMONGAN”. Utamana omongan atawa caritaan pamingpin kudu seukeut. Tapi lainseukeut matak nyeri haté batur, atawa ngajaheutkeun batur, tapi caritaan anugancang ditarima ku masyarakat, kaharti, écés jeung lamu paréntah gampang dilaksanakeunana.

Dawuhan Rasulullah saw: “Ucapkeun caritaanmanéh ka manusa, numutkeun pamanggih anu saluyu jeung pikiranana”. “Kaula paraNabi, diparéntah ku Allah, pikeun guyub jeung umat manusa, numutkeun kaayaananadi masyarakat, jeung supaya manéh badami jeung maranéhanana numutkeun pamanggihakal pikiranana.”

Ulah babadamian jeung hiji golongan kalawanéta hasil sawala téh teu bisa ditarima atawa teu kaharti ku akal pikiran maranéhanana,lantaran perkara anu sarupa kitu bakal nimbulkeun fitnah jeung bahaya.

Kasauran Rasulullah saw ieu mangrupa guarantina dawuhan Allah dina Surat Al Baqarah ayat 263 anu unggelna: “Caritaan alusjeung pangampura téh leuwih alus tibatan sidekah anu diimplik-implikan kungayenyeri. Jeung Allah téh Maha Beunghar jeung Maha Pangasih”.

6.     KUKILA.

Ari KUKILA maksudna MANUK. Anu dipakésiloka di dieu nyaéta manuk titiran atawa Perkutut anu hadé sorana. HartiKUKILA ampir sarua jeung CURIGA. Ngan KUKILA mah loba ansur SENI-NA (SENI SORA)– Apan ari manuk titiran mah siorana téh alus pisan. Teu kurang kurang éta soramanuk matak jadi ubar kanikmatan keur jalma nu keur ambek (amarah), nu keurbingung, sok bisa nginsyafkeun nu keur amarah jeung sajabana. Malahan éta soramanuk téh sok ningkatkeun harga jual sakadang manuk, teu kurang-kurang hargamanuk nu hadé sorana mah mani mang juta-juta!

Kitu deui di manusa, jalma nu miboga sorahadé, contona para sinden, biduan, artis, sakali pagelaran téh dibayarna sakitumahalna, kitu deui urang nu hayang ngadéngékeun sorana atawa meuli rékamananaatawa lalajo pagelaranana, pan kudu dibeuli kalawan mahal boh harga karcisnaatawa rekamanana.

Kanyataanana sora anu halimpu tur keunakana wirahmana bisa nembus RASA anu teu bisa dicaritakeun. Babasan matakmuringkak bulu punduk, sok loba nu ceurik alatan ngadengekeun lagu atawatembang. Aya kasauran hiji ulama luhung Maulana Jalaludin Rummi, kieu: “Kasusatraan téh LAGUNA HIRUP, Kasenian téh HIASAN HIRUP”.

Jadi siloka KUKILA dina ieu ajaran, khususnamah pikeun pamingpin. Singgetna hiji pamingpin kudu perténgtang dina nyarita,kudu jelas omonganana, matak kaharti jeung ngeuna didéngéjeunana, nepi karahayat téh kapélét ku caritaanana,

7.     WARANGGANA.

WARANGGANA ieu maksudna BADAYA anu hartina “tukangngibing (penari)” Dina pagelaran wayang golék saméméh Raja magelaran sok ayaibingan Badaya anu biasana mah ku Topéng Wadon Jatiswara, tah ieu nu disebutBadaya.

Baheula jaman para ménak disebutna téhNAYUBAN. Anu ngibingna di unggal juru panggung aya hiji pria. Di tengah-tengahpanggung aya panari wanita. Éta panari wanita ngibingna téh bari ngawih, ieudisebutna RONGGÉNG. Ieu ronggéng tina rupa jeung sorana éstu matak narik nuhaladir. Malah teu kurang-kurang mangsa harita loba para gegedén kapélét kupara ronggéng.
Saupama éta ronggeng geus bisa kabéngbat kusalah sahiji pria anu ngigelan di juru panggung téa, tuluy si pria jeung sironggéng téh turun ti panggung, bari jeung panas haténa. Katambah ku nu lalajosok dikeprokan atawa disurakkan.

Ari maksudna siloka ieu kieu: Ronggéng anungigel jeung pria tadi diibaratkeun cita-cita urang anu luhur tur mulya geuskacangking ku urang. Ku kituna, urang masing hadé-hadé miarana, mupustina,supaya éta cita-cita tadi anu meunang hésé-capé téh ulah leungit deui. Nyaétakarebut atawa kadéséh ku batur. Boh dina pangkat atawa kalungguhan, atawangeunaan perkara dunya. Ari anu jadi lulugu gogoda atawa ujian dunya téh henteubireuk deui nyaéta HARTA – TAHTA jeung WANITA.

Hakékatna urang téh kudu bisa ngadalikeunnapsu urang pribadi, nyaéta anu digambarkeun ku opat pria anu ngigel di unggaljurupanggung. Ari napsu anu opat nyaéta: AMARAH (Polemos) , LAUWWAMAH(Egocentros) , SUFIAH (Eros) jeung MUTHMAINAH (Religios).
Bahasan ieu kaopat apsu insyas Allahdidugikeun dina seratan anu misah!

8.     PRADANGGA

PRADANGGA maksudna saparangkat GAMELAN. Lamun gamelan ditabeuhna hiji-hiji tangtu moal nikmat kadéngéna, tapilamun ditabeuh babarengan kalawan teu maké aturan, kadéngéna matak gandéng,brang-bréng-brong teu puguh matak gandéng. Tapi lamun ditabeuhna kalawantartib, ku ahlina tur anu bener lagu jeung wirahmana matak nikmat nungabandunganana.
Tah siloka PRADANGGA ieungagambaran kaayaan nagara katut masyarakatna, anu diwangun ku rupa-rupakamantrian, departemen, dinas, bagian jsbn. Tug nepi ka masyarakatna ti mimitiPresiden nepi ka RW. Upami baé dina raraga ngolah ieu nagara kumna eusi nagara tartib,sauyunan, babarengan salagu jeung sawirahma, moal henteu ieu nagara téh AdilMakmur Kertaraharja.
Sakieu heula guaran HASTA BRATA,pamuga aya mangpaatna.
Pangumbaraan, 20 Maret 2013

tina :
http://www.kalangsunda.net/apps/forums/topics/show/8782331-hasta-brata?page=last

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona