RUMPAKA SATUTAS PERANG BUBAT
Oleh Ki H Ihwan Natapradja
di KANDAGA SUNDA - KOMARA WIBAWA JAYA DI BUWANA (Berkas)
LAWANG SAKÉTÉNG
Ngagali peupeuyeuman nu geus ratusan taun disidem, kiwari diguar
malah mandar jadi cacaang, ka sing saha anu ngagunemcaturkeun hiji
kajadian nu dibéré ngaran Perang Bubat. Sampurasun… Lawang sakéténg
kiwari dibuka dina enas galur intina, nalika Majapait nu diluluguan ku
Hayam wuruk nu gaduh papatih Gajah Mada. Hiji kaayaan nu tempatna di
wewengkon Jawa Timur, masih na amparan hiji nusa atawa pulo, di Beulah
kulon kacatur aya hiji wanoja nu kawentar ku kageulisasanana, turunan
rundayan ti hiji pamangku karajaan Galuh Kawali, ieu dua karajaan boga
kamerdékaan séwang-séwangan. Dijéntrékeun karajaan nu di beulah kulon
téh, nya dipupuhuan anu gaduh asma Prabu Maharaja Lingga Buana,
astakalih putrana nu binékas wastana Dyah Pitaloka Citraresmi. Nya, Nyi
Putri ieu pisan anu ngajadikeun Raja Hayam Wuruk gering nangtung
ngalanglayung, kabungbulengan rasa nu anteb katresna nu teu kabendung.
Teu dicaturkeun kumaha mimitina, nu écés ti Galuh arindit ngétankeun
diwuwuh ku sahampalan prajurit.
Cag…tunda da geus tépi ka wewengkon nu geus diperenahkeun.
Hayam Wuruk bungah anu dianti-anti geus cunduk, sakumaha ilaharna tur
geus disayagakeun ti anggalna, rék dipapag ku kahormatan karajaan, nya
harita direureuhkeun heula di tempat anu ngaran Bubat téa, lilana éta
ngareureuh 7 poé bingbilangan.
Dina waktu keur nungguan bingbilangan kana tujuh poé, nya aya nu
daratang nu ngakukeun utusan ti Majapait, ti dinya kajadian gunem catur
antara anu ngakukeun utusan ti Majapait jeung ti pihak karajaan Galuh.
Ti pihak karajaan Galuh tetep ngadagoan nepi ka 7 poé sakumaha anu geus
dirarancang téa, sedengkeun ceuk utusan nu ngakukeun ti Majapait kudu
harita indit ka karaton Majapait kalawan némbongkeun surat anu dicap
karajaan. Ku lantaran dina adu rényom éta pada-pada embung éléh, nya
antukna kajadian garelut anu kiwari disarebut Perang Bubat. Dina ieu hal
urang lenyepan kumaha posisi Gajah Mada anu sabenerna? Nu datang ka éta
tempat téh utusan anu ngaku-ngaku Patih Gajah Mada. Patih Gajah Mada
anu asli harita disamunikeun ku kelompok nu ngayakeun makar ka dirina,
kadatangan rombongan ti karajaan Galuh Kawali anu tujuanana rék
ngadahupkeun antara Raja Hayam Wuruk jeung Putri Sunda, dijadikeun
kasempetan ku maranéhanana. Ieu hal dilantarankeun aya intrik politik
anu mémang teu resepeun kana ketak pulitikna Gajah Mada anu mangsa
harita keur ngagedurkeun sumanget persatuan Nusantara.
I. NYUNGSANG NA PAKÉWUH NU SULAYA
Hampura ka
balaréa, lain rék megatkeun baraya katut rundayan tapi kitu igelna
kahirupan nu geus kajamanan. Dina lolongkrang, rénghap na nafas, nu
tagiwur ku rasa, nyidem asmananing titis tulis, ngahanca léngkah pajueun
hirup, sanggeus ngukur lampah. Muru ngétan seja nemonan pangangkir hiji
raspati nu ngaguar tur mupuhuan Karajaan nu nelah tanah Majapait. Teu
kaungkab dina rasa, teu kajudi dina hulu kolbu, éstu mangsa nu nyérélék
mawa poék. Sugan, pédah haté kebek ku kabungah diangkir ku pupuhu nagari
anu didadasaran ku kameumeut rasa kacinta, tapi dalah di kumaha???
Anjog ka hiji tempat, éta mustika kabungah sirna, nu aya ngajadikeun
hiji gurat kapeurih, kapait, jauh tina lukisan nu minuhan rasa nu
dipiboga ku sakabéh manusa, nyatana ngagedur rasa katresna. Sanggeus
apal pasungsang dina nyatana, ngabéla hirup nangtungkeun hiji ajén
pinajén, anu kacangkalak ku napsu kadunyaan, ngadhohirkeun nepi ka
ngaleungitkeun, ngaku satria, nu aya nimbulkeun rasa hawek, ngajauhan
tur ngaragragkeun komara maranéhanana nu moal leungit, geus ngawewejét
nepi ka moal lila deui nagarana ancur tideuha tina jangji nu sulaya.
Geura heug tarempokeun ku dulur-dulur sakabéhna. Ahirna medar jurit
pikeun ngabélaan basa nu cenah diangkir kalayan ngemban kaajegan nagara
séwang-séwangan, ngaliurkeun rasa kahéman.
Teu loba balad nu milu lumampah, matak teu kasebut tur teu bisa
dilandi naha nu kitu téh perang? Da ceuk kuring luyuna mah disebut
campuh garelut nu teu saimbang. Ngorolos nyalametkeun diri, paburencay,
pikeun ngaleungitkeun raratan, aya nu salamet aya nu perlaya. Ngejat
muru jalan ka kulonkeun malikan jalan nu geus kasorang, patebih jeung
ingkang rama, dibarengan ku dalapan para dayang, teu kasusul teu
kaberik, teu ngarasa aya nu ngudag, katipu ku panyamaran, malih rupa
sangkar kurungan. Moal loba nu dicatur sanggeus tepi ka nagari deui,
geus diniatan ti dituna moal arék ka Kaputrén deui, seja lunta ngawisit
diri, pikeun néangan jatining leumpang ka pamulangan.
Na hiji dadampar ngarandeg rareureuh (kiwari éta tempat disebut
Randegan) teu jauh ti tempat kaluarna cai nu ngaburial lir kaluar tina
tikoro (kiwari disebut Sanghyang Tikoro sanés Sanghiang Tikoro nu aya di
walungan Citarum tapi torowongan alam nu aya di walungan Cijolang nu
ngawates antara wewengkon Jawa Barat jeung Jawa Tengah panjangna kurang
leuwih 500 metéran).
Maju deui lalampahan, mangsa nu aya harita maju ka sareupna, dina
gémbolan dikaluarkeun makuta (kiwari éta tempat katéeah Kampung Kuta),
cicirén putri nagari. Bubuara di dinya rada lila, nempatan sédong dina
batu (kiwari éta tempat katelah Kampung Sodong), bisa mamprak sila nu
tumaninah komo deui pami émok. Timbul kasono na haté hayang lunta, nempo
nagara tapi haben ditahan, dikuat-kuatkeun, teu méré béja ka sasaha,
nya kitu deui ingkang rama waktos tepang di Cigurandil meupeujeuhan ulah
rék mulang deui ka Karajaan.
Ménding nyidem ngasah diri jeung deui mupus tapak, sangkan teu
diudag-udag ku prajurit urang Majapait. Sabab lamun arapaleun urang teu
perlaya tangtu urang Majapait teu weléh nyusul sangkan bener-bener urang
perlaya pikeun ngamusnahkeun ingkang rama jeung heula, nya nyamuni tina
iburna urang sakabéh perlaya, antukna boh ingkang rama Prabu
Linggabuana boh kula teu marulang deui ka Kawali, da tinangtu di Galuh
aya deui nu mupuhuan, ngan hanjakal, deuleu ku maranéh kabéh kajadianana
ngajadikeun nyatru kabuyutan antara Majapait (Jawa) jeung Galuh
(Sunda), sanajan enya hal éta kaasup manusiawi, tapi lain éta nu
dipiharep.
Euweuh deui nu diseja pikeun nyungsi sajatining diri, éta nu
ditéangan, hayang apal ka mana jatining diri pangbalikan. Porosot
tarumpah kaménakan, ngaleupaskeun kadunyaan, ngabagawan ngahiap mapag ka
nur jatining diri. Teu ngalandi diri, teu némbongkeun diri, da euweuh
nu nganyahoankeun yén kuring Dyah Pitaloka. Kula nu nyungsi diri putri
sajati terah Galuh Pakuan.
Dina sajeroning ngalalana, hiji wanci kula leumpang semu ngidul
meuntas walungan anjog ka hiji mumungggang pasir nu kiwari nelah Dayeuh
Luhur (hiji tempat kaasup wewengkon Jawa Tengah), pilemburan nu pinuh ku
tangkal kawung. Ari jaganing géto di dinya nelah sidemna Prabu
Siliwangi, éta gé tetep miceun-miceun salasah, teu jauh ti dinya
peuntaseunana deukeut-deukeut ka pulo Majeti, tapi kula teu nincak ka
dinya, mulang deui ka Sédong (kampung Sodong). Hiji mangsa kula lugay ka
béh kalér, anjog ka hiji tangkal nu keur pinuh ku buahna, ciibun katojo
panonpoé, katempona lir inten (ti harita éta tangkal nelah tangkal
saninten). Kungsi deui kula molohok tur ngarasa anéh aya kadu cucukna
parondok pisan (ku hal éta di dinya nelah jadi lémbur Kadu Pandak). Kula
teu incah balilahan tetep tumetep di sakuriling éta tempat nu kiwari
katelah KAMPUNG KUTA, nu teu jauh ti KAMPUNG SODONG ayeuna.
II. SAADEGAN TINA LALAKON
Dasar nu geulis teu pupus ku kageulisanana mangsa
ngarundaykeun rambutna dina leuwi, bari ngeueum sadadaeun, dampalna
napak dina batu. Rambut baseuh diangir, diluluntur ku daun dadap
cangkring, diberesihan ku kembang campaka munding seungit ngadalingding
satungkebing leuwi, warna-warni kukupu ngurilingan Nyi Putri tedak ménak
ti Galuh nu keur ngalunta ngarereb di hiji tempat Sédong pamulihan.
Tina éta kajadian unggal taun dina hiji mangsa nu maneuh, kukupu
warna-warni ti saban madhab daratang ka éta tempat murulang deui lir
kawas nu geus ditulisan, jaganing géto éta tempat katelah PANULISAN
(kiwari éta tempat kaasup ka wewengkon Banjar).
III. NGAWISIK DIRI
Mangsa na lumampah, kula ngébréhkeun ka balaréa. Satutas kajadian anu
nimbulkeun rasa hémeng dina pikiran, nu nyangkaruk dina batin, nu hésé
disingkahkeun, ngemu kapanasaran, jauh tina sawangan tapi nyatana kitu.
Bubat geus ngaguratkeun na jiwa nurih haté kula sangkan neuleuman tina
ieu kajadian, murugulna kahayang nu teu sapagodos jeung Ki Lanceuk di
Galuh nu teu satuju leumpang milampah pikeun indit ka Majapait, nemonan
pangulem Ingkang Rai nu nelah Hayam Wuruk. Kula karék eunggeuh ngarumpak
kapamalian awéwé nemonan lalaki, Ahirna kula lumampah, leumpang muru ka
béh kidul sangkan anjog ka laut kidul seja muru ka hiji wewengkon, nya
Cijulang anu dituju leumpang ngembat kungsi eureun di Jati Tujuh
ngarereb di hiji guha bari neda-neda ka nu Agung, Si Nyai Dyah Pitaloka
neneda sangkan salamet tepi ka nu dituju wates Galuh nu cirina cai
ngocor lir tina tikoro (torowongan alam nu aya di walungan Cijolang nu
kiwari jadi wates antara wewengkon Jawa Barat jeung Jawa Téngah).
“Anaking Ama lain téga teu babarengan dina lunta, Ama yakin jeung boga
kayakinan, hidep bakal tepi ka nu diseja”. Kula, ahirna tepi ka nu
dijugjug nya ka Cijulang tea, di Cijulang tumetep teu mulang ka Kawali,
bari kalan-kalan dina sajeroning ngalalakon, sok rajeun Kula leumpang ka
séjén wewengkon.
Ku Nimasgaluh (SKKS 1244)
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.