Carita Parahyangan - Titilar Karuhun
Tarjamahan tina basa Sunda kiwari:
1. kieu Carita Parahiyangan teh.
Sang
Resi Guru boga anak Rajaputra. Rajaputra boga anak Sang Kandiawan jeung
Sang Kandiawati, duaan adi lanceuk. Sang Kandiawan teh nyebut dirina
Rahiyangta Dewaradja. Basa ngajalankeun kahirupan sacara rajaresi,
ngalandi dirina Rahiangta di Medangjati, oge katelah Sang Lajuwatang,
nya mantenna nu nyieun Sanghiang Watangageung.
Sanggeusna
rarabi, nya lahir anak-anakna limaan, mangrupa titisan Sang Kusika, Sang
Garga, Sang Mestri, Sang Purusa, Sang Puntandjala, nya eta: Sang
Mangukuhan, Sang Karungkalah, sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba
jeung Sang Wretikandayun.
2. Aya manuk ngaranna si
Uwur-uwur, oge katelah Si Naragati, nyayang di pangjarahan Bagawat Resi
Makandria. Anakna dihakan ku jaluna. Dicarekan ku bikangna. Carek
bikangna: "Kacida hinana, lamun urang teu boga anak teh. Bireungeuh tuh
Bagawat Resi Makandria!Tatapa soteh bane bae sangsara da henteu boga
anak." Carek Bagawat Resi Makandria: "Kumaha rek boga anak. Da kawin oge
henteu." Ti dinya, carek Bagawat Resi Makandria: "Aing dek indit ka
Sang Resi Guru, ka Kendan." Manehna datang ka Kendan. Carek Sang resi
Guru: "Na nahaon bejana, hidep Bagawat Resi Makandria, nu matak datang
ka dieu?" "Pangampura bae, saleresna aya piwartoseun. Dek nyuhunkeun
pirabieun. Lantaran kawartosan ku manuk si Uwur-uwur, nu nelah oge si
Nagaragati. Sanggemna kacida hinana, lamun urang teu gaduh anak." Carek
Sang resi Guru: "Jig hidep ti heula ka patapan deui. Anaking Pwah Rababu
geuwat susul Bagawat Resi Makndria. Lantaran nya manehna pijodoeun
hidep teh, anaking."
Pwah Rababu terus nyusul, dating ka
patapan Sang Resi Makandria, teu diaku rabi. Kabireungeuheun aya
widadari geulis, ngarupakeun Pwah Mandjangandara, nya geuwat Rasi
Makandria ngajadikeun dirina Kebowulan. Terus sanggama. Carek Sang Resi
Guru: "Enten, anaking Pwah Sanghiang Sri! Jig hidep indit ngajadi ka
lanceuk hidep, ka Pwah Aksari Jabung." Ti dinya Pwah Sanghiang Sri indit
sarta terus nitis, nya lahir Pwah Bungatak Mangalengale.
3. Carek
sang Mangukuhan: "Nam adi-adi sadaya urang moro ka tegalan." Sadatang
ka tegalan, kasampak Pwah Manjangandara reujeung Rakean Kebowulan.
Diudag ku limaan, sarta beunangna pada jangji, yen saha anu pangheulana
keuna numbakna, nya manehna piratueun. Keuna ditumbak ku Sang
Wretikandayun, Kebowulan jeung Pwah Manjangandara teh. Kebowulan lumpat
ka patapan, sadatangna hos bae paeh. Ku Sang Wretikandayun dituturkeun,
kasampak pwah Bungatak Mangalengale keur nyusu ka Pwah Manjangandara.
Pwah Bungatak Mangalengale teh ku Sang Wretikandayun di bawa mulang ka
Galuh, ka Rahiangta di Medangjati.
4. Rahiyangan di
Medangjati lawasna ngadeg ratu limawelas taun. Diganti ku Sang
Wretikandayun di Galuh, bari migarwa Pwah ngatak Mangalengale. Ari Sang
Mangukuhan jadi tukang ngahuma, Sang Karungkalah jadi tukang moro, Sang
Katungmaralah jadi tukang nyadap sarta Sang Sandanggreba jadi padagang.
Nya ku Sang Wreti Kandayun Sang Mangukuhan dijungjung jadi Rahiangtung
Kulikuli, Sang Karungkalah jadi Rahiangtang Surawulan, Sang
Katungmaralah jadi Rahiyangtang Pelesawi, Sang Sandanggreba jadi
Rahiangtang Rawunglangit. Sabada Sang Wretikendayun ngadeg ratu di
Galuh, nya terus ngajalankeun kahirupan sacara rajaresi sarta ngalandi
dirina jadi Rahiangta di Menir. Dina waktu bumenbumen, harita teh nya
nyusun Purbatisti. Lawasna jadi ratu salapanpuluh taun. Diganti ku
Rahiang Kulikuli, lawasna jadi ratu dalapanpuluh taun. Diganti ku
Rahiangtang Surawulan, lawasna jadi ratu genep taun, katujuhna
diturunkeun, lantaran goring lampah. Diganti ku Rahiangtang Pelesawi,
lawasna jadi ratu saratusdualikur taun, lantaran hade lampah. Diganti ku
Rahiangtang Rawunglangit, lawasna geneppuluh taun.
5. Diganti
ku Rahiangtang Mandiminyak. Anak Rahiangta di Menir teh aya tiluan, nu
cikal nya Rahiang Sempakwaja, ngadeg Batara Dangiang Guru di Galunggung;
Rahiangtang Kidul, ngadeg Batara Hiang Buyut di Denuk; Rahiangtang
Mandiminyak ngadeg ratu di Galuh. Carek Sang Resi Guru: "Karunya aing ku
Rahiang Sempakwaja henteu boga pamajikan. Anaking Pwah Rababu! Hidep
leumpang ungsi Rahiang Sempakwaja, lantaran aya manehna pibatureun hidep
tatapa."
Sang Resi Guru ngagesek totopong jadi jaralang
bodas, nya indit nyampeurkeun Rahiang Sempakwaja, nu harita kabeneran
keur ngawelit. Carek Sanghiang Sempakwaja: "Na naha nya aya jaralang
bodas etah?" Cop nyokot sumpit, terus diudag rek disumpit. Pwah Rababu
kapanggih eukeur mandi di talaga Candana. Carek Rahiang Sempakwaja: "Ti
ma etah nu mandi?" Sampingna dileled ku sumpit, beunang. Aya baturna
para Pwah Aksari, tuluy lalumpatan ka tegalan. Pwah Rababu dibawa ku
Rahiang Sempakwaja, dipirabi. Kacida dipikaasihna. Nya lahir anakna
lalaki duaan, nya eta Rahiang Purbasora jeung Rahiang Demunawan.
6. Barang
ngadenge tatabeuhan ngaguruh teu puguh rungukeuneunana, tatabeuhan di
Galuh, Pwah Rababu terus mulang ka Galuh di dinya teh taya kendatna nu
ngigel. Sadatangna kaburuan ageung, cek Rahiangtang Mandiminyak: "Patih,
na naon eta ateh?" "Bejana nu ngigel di buruan ageung!" "Eta bawa
pakean awewe sapangadeg, sina marek ka dieu. Keun tanggungan aing.
Geuwat bawa sacara paksa!" Patih indit ka buruan ageung. Pwah Rababu
dibawa ka kadaton. Dipirabi ku Rahiangtang Mandiminyak. Kacida bogohna
ka Pwah Rababu. Tina sapatemonna, nya lahir anak lalaki dingaranan Sang
Sena.
7. Carek Rahiang Sempakwaja: "Rababu jig
indit. Ku sia bikeun eta budak ka Rahiangtang Mandiminyak, hasil jinah
sia, Sang Salahlampah." Rababu tuluy leumpang ka Galuh. "Aing dititah ku
Rahiang Sempakwaja mikeun budak ieu, beunang sia ngagadabah aing tea."
Carek Rahiangtang Mandiminyak: "Anak aing maneh teh, Sang Salah?" Carek
Rahiangtang Mandiminyak deui: "Patih ku sia budak teh teundeun kana
jambangan. Geus kitu bawa kategalan!" Dibawa ku patih ka tegalan,
Samungkurna patih, ti eta tegalan kaluar kila-kila nepi ka awang-awang.
Kabireungeuh ku Rahiangtang Mandiminyak. "Patih teang deui teundeun sia
nu aya budakna tea!" Ku patih diteang ka tegalan, kasampak hirup keneh.
Terus dibawa ka hareupeun Rahiangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang Sena.
8. Lawasna
jadi ratu tujuh taun, geus kitu Rahiangtang Mandiminyak diganti ku Sang
Sena. Lawasna jadi ratu tujuh taun, diganti lantaran dilindih ku
Rahiang Purbasora. Kajaba ti eta Sang Sena dibuang Gunung Merapi, boga
anak Rakean Jambri. Sanggeusna manehna sawawa indit ka Rahiangtang
Kidul, ka Denuh, menta dibunikeun. Carek Rahiangtang Kidul: "Putu, aing
sangeuk kacicingan ku sia, bisi sia kanyahoan ku ti Galuh. Jig ungsi
Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di Kuningan, sarta anak
saha sia teh?" Carek Rakian Jambri: "Aing anak Sang Sena. Direbut
kakawasaanana, dibuang ku Rahiang Purbasora." "Lamun kitu aing wajib
nulungan. Ngan ulah henteu digugu jangji aing. Muga-muga ulah meunang,
lamun sia ngalawan perang ka aing. Jeung deui leuwih hade sia indit ka
tebeh Kulon, jugjug Tohaan di Sunda." Sadatangna ka Tohaan di Sunda,
tuluy dipulung minantu ku Tohaan di Sunda. Ti dinya ditilar deui da
ngajugjug ka Rabuyut Sawal. Carek Rabuyut sawal: "Sia teh saha?" "Aing
anak Sang Sena. Aing nanyakeun pustaka bogana Rabuyut Sawal. Eusina teh,
'retuning bala sarewu', anu ngandung hikmah pikeun jadi ratu sakti,
pangwaris Sang Resi Guru." Eta pustaka teh terus dibikeun ku Rabuyut
sawal. Sanggeus kitu Rakean jambri miang ka Galuh. Rahiang Purbasora
diperangan nepi ka tiwasna. Rahiang Purbasora jadina ratu ngan tujuh
taun. Diganti ku Rakean Jambri, jujuluk Rahiang Sanjaya.
9. Carek
Rahiang Sanjaya: "Patih, indit sia, tanyakeun ka Batara Dangiang Guru,
saha kituh anu pantes pikeun nyekel pamarentahan di urang ayeuna."
Sadatangna patih ka Galunggung, carek Batara Dangiang Guru: "Na aya
pibejaeun naon, patih?" "Pangampura, kami teh diutus ku Rahiang Sanjaya,
menta nu bakal marentah, adi Rahiang purbasora." Hanteu dibikeun ku
Batara dangiang Guru. Carek Batara Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya,
indit beunangkeun ku sorangan. Elehkeun Guruhaji Pagerwesi, elehkeun
Wulan, Sang Tumanggal, elehkeun Guruhaji Tepus jeung elehkeun Guruhaji
Balitar. Jig indit Rahiyang Sanjaya, elehkeun Sang Wulan, Sang
Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan. Maranehna meunang kasaktian, nu
ngalantarankeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan
henteu kabawah ku dangiang Guru. Lamun kaelehkeun bener maneh sakti."
Rahiang Sanjaya tuluy perang ka Kuningan. Eleh Rahiang Sanjaya
diubeuber, nepi ka walungan Kuningan. Rahiang Sanjaya undur. "Teu
meunang hanteu aing kudu ngungsi ka dieu, lantaran diudag-udag, kami
kasoran." Ti dinya Rahiang Sanjaya mulang deui ka Galuh, Sang Wulan,
Sang Tumanggal mulang deui ka Arileu. Rahiang Sanjaya tuluy marek ka
Batara Dangiang Guru, Carek Batara Dangiang Guru: "Rahiang Sanjaya, naon
pibejaeun sia, mana sia datang ka dieu?" "Nya eta aya pibejaeun, apan
kami dipiwarang, tapi kami eleh. Ti mana kami unggulna, anggur kami
diuber-uber ku Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di
Kuningan." Sanggeus kitu Rahiang Sanjaya tuluy mulang ka Galuh.
10. Carek
Sang Wulan, Sang Tumanggal, sang Pandawa di Kuningan: "Mawa pisajieun,
urang miang ka Galunggung, pakean lalaki sapangadeg, pangcalikan,
munding sarakit, beas sacukupna pikeun dahar." Sadatang ka Galunggung,
eureun di Pakembangan. Kasampak ku (Sang) Pakembangan. tuluy popojan ka
Batara Dangiang Guru. Carek Batara Dangiang Guru: "Aya beja naon?" "Pun
Batara Dangiang Guru! Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa
di Kuningan." "Kacida bagjana sia datang ka dieu. Jung miang ka Galuh.
Ondang Rahiang Sanjaya, caritakeun, kudu mawa pisajieun, pakean lalaki
sapangadeg, pangdiukan wulung, munding sarakit?, kawali beusi jeung beas
sacukupna pikeun dahar." Sadatang sia ka Galuh, carek Rahiyang Sanjaya:
"Aya pibejaeun naon, sia Pakembangan?" "Kami teh dititah ku Dangiang
Guru. Rahiang Sanjaya supaya mawa pisajieun salengkepna. Aya Sang Wulan,
Sang Tumanggal jeung Sang Pandawa di Kuningan." Rahiang Sanjaya indit.
Barang nepi ka hareupeun Dangiang Guru, carek Dangiang Guru: "Rahiang
Sanjaya! Lamun kaereh ku sia Sang Wulan, Sang Tumanggal jeung Sang
Pandawa di Kuningan, aing bakal nurut kana sagala ucapan sia. Da beunang
ku aing kabawah. Turut kana ucapan aing. Da aing wenang ngelehkeun,
hanteu kasoran. Da aing anak dewata." Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang
Pandawa di Kuningan kabawah ku Batara Dangiang Guru. Sang Wulan
dijenengkeun Guruhaji di Kajaron. Sang Tumanggal dijieun Guruhaji
Kalanggara di Balamoha. Sang Pandawa di Kuningan jadi Guruhaji
Lajuwatang. Sang Puki jadi Guruhaji di Pagerwesi. Sang Manisri
dijadikeun Buyuthaden Rahesa di Puntang. Buyuthaden Tujungputih di
Kahuripan. Buyuthaden Sumajajah di Pagajahan. Buyuthaden Pasugihan di
Batur. Buyuthaden Darongdong di Balaraja. Buyuthaden Pagergunung di
Muntur. Buyuthaden Muladarma di Parahyangan. Buyuthaden Batuhiang di
Kuningan.
sumber : http://www.kalangsunda.net/apps/forums/topics/show/7137220-carita-parahyangan-titilar-karuhun?page=last
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.