Subhanallah! Panonpoé bakal mucunghul ti kulon!


Photobucket

Kabenaran ajaran Islam terus-terusan dibuktikeu ku panggih demi pamanggih élmu pangaweruh. Sarébu opat ratus taun (1.400) anu kaliwat Rasulullah SAW geus ngébréhkeun dina haditsna yén engké panonpoé bakal muncungul (terbit) ti Kulon minangka hiji bukti kaagungan Allah SWT jeung cicirén kiamat geus beuki deukeut: “Moal aya kiamat sahingga panon poé mucunghula tina tempat surupna, lamun manéhna geus mucunghul ti kulon tur sakumna manusa ninggal kajadian ieu tangtu kabéh bakala riman, jeung éta téh mangsana anu euweuh gunana keur kaimanan manusa anu henteu kungsi iman saméména.” (Riwayat Bukhari jeung Muslim ti Abu Hurairah. Jeung riwayat Ahmad, Abu Dawud jeung Ibn Majah).


Panon poé mucunghul ti beulah kulon bakal kajadian dina sapoé wungkul, terus pintu tobat bakal ditutup. Sabada éta, pilampahan panon poé bakal balik deui sakumaha biasana mucunghul ti wétan nepi ka mangsana kiamat. Ieu saluyu jeung dibenerkeun ku panalungtik ti NASA dina artikel anu di muat di luhur. Dawuhan Rasulullah saw: Ti Ibn ‘Abbas, “Mangka Ubai bin Ka’ab nyarios: “Mangka sakumaha jadina panon poé jeung manusa sabada éta?” Rasulullah ngawaler: “Panon poé bakal angger nyorot jeung bakal mucunghul sakumaha tadina, jeung jalma-jalma bakam nyanghareupan (pancén) dunya maranéhanana, lamun kuda hiji jalma anakan, mangka manéna moal bisa tumpak kuda éta nepi ka kajadian kiamat” (Fathul Baari, Kitaburriqaq, Juz 11, Thulu’issyamsi Min Maghribiha).


PANON POÉ MUCUNGHUL TI KULON DIENYAKEUN KU ÉLMUWAN FISIKA JEUNG ASUP ISLAM

Élmuwan Fisika Ukraina asup Islam sabab ngabuktikeun kabenaran Al-qur’an yén Muterna Poros Dunya bisa malik arahna. Demitri Bolykov, saurang ahli fisika nu neuleuman kajian sarta riset-riset ilmiah, ngébréhkeun yén panto asupna kana Agama Islam nyaéta fisika. Bener-bener anu kacida ilmiahna, kumaha fisika bisa ngadorong Demitri Bolyakov asup Islam? Demitri ngébréhkeun yén manéhna ngagabung ka hiji panalungtikan ilmiah anu dipingpin ku Prof. Nicolai Kosinikov, salah seurang pakar dinal widang fisika.
Maranéhanana keur aya dina hiji panalungtikan hiji conto anu diuji di laboratorium keur naliti hiji teori moderen anu ngébréhkeun muterna bumi jeung porosna. Maranéhna geus hasil netepkeun éta tiori. Tapi Dimetri nyaho yén diriwayatkeun dina salah sahiji hadis ti Nabi saw anu dipikawanoh ku umat Islam, malahan kaasup puseur akidah maranéhanana anu negeskeun kuduna aya éta teori, saluyu jeung hasil anu dihontalna. Demitri ngarasa yakin yén pangaweruh siga kieu, anu umurna leuwih ti 1.400 taun nu kaliwat minangka hiji-hijina sumber anu mungkin ngan Nu Nyipta Alam ieu.
Teori anu kapanggih ku Prof. Kosinov ngarupakeun teori nu panganyarna jeung pangwanina dina nafsirakeun fenomena muterna bumi dina porosna. Kumpulan panalungtik ieu ngarancang hiji sempel ngarupakeun bal anu dieusian pinuh ku papan ipis tina logam anu dileyurkeun, ditempatkeun dina wujud magnit anu dikieun tina elektroda nu aliranana papalingpang.
Nalika arus listrik mapay dina dua elektroda éta terus nimbulkeun gaya magnet jeung bal anu dip[inuhan ku papan ipis tina logam téh mimiti muter dina porosna fenomena ieu disebut “Gerak Integral Elektro Magno-Dinamika”. Gerak ieu dina substansina jadi aktivitas puteran bumi dina porosna.
Dina tahapan realita di ieu alam, daya panon poé mangrupa “kakuatan gerak” anu bisa ngalahirkeun area magnet anu bisa ngadorong bumi jadi muter dina porosna. Tuluy gerak puteran bumi ieu bog gancang atawa alonna babarengan jeung daya insensitas daya panonpoé. Ku alatan dasar ieu ogé posisi jeung arah gumantungna kutub utara. Geus diayakeun panalungtikan yén kutub magnet bumi nepi ka taun 1970 milamppahna ku kacepetan henteu leuwih ti 10 km dina sataun, tapi dina taun-taun akhir ieu kacepetan ieu jadi nambahan nepi ka 40 km dina sataun. Malahan dina taun 2001 kutub magnet bumi ngised tina tempatna nepi ka ngahonal jarak 200 km dina sakali gerak. Ieu hartina bumi ku ayana pangaruh daya magnet kasebut ngakibatkeun dua kutub magnet piliganti tempat. Hartina yén “gerak” puteran bumi bakal nuju ka arah anu papalingpang. Mangsa ieu panonpoé bakal kaluar (mucunghul) ti KULON!!!.
Élmu pangaweruh jeung informasi saperti kieu moal dipanggihan Demitri dina buku-buku atawa didéngé ti mana baé, tapi manéhna meunang kacindekkan ieu tina hasil riset jeung percobaan sarta panalungtikan. Nalika manéhna nalungtik kitab-kitab samawi lintas agama, manéhna henteu manggihan hiji pituduh ogé informasi kasebut salian ti Islam. Manéhna meunangkeun informasi kasebut ti salah sahiji hadis anu diriwayatkeun ku Abu Huarirah, réhna Rasulullah saw ngadawuh, ”Sing saha anu taubat samééh panonpoé kaluar ti Kulon, magka Allah bakal narima Taubatna.” ( kitab Islam wa Qishshah).

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona