Jangjawokan (rajah sunda)

Dalam keseharian orang sunda tentu banyak didengan kata rajah, atau jampe dan jangjawokan, beberapa diantaranya adalah :
 
Bisi budak hareeng

bismilahirohmanirohim
tiis batan cau kole di ala ku odeng odeng
ceup tiis 3x

Nyarang Hujan

bismilahirohmanirohim
nini raspati jaya ning angin
embah buyut dalem jaya kusumah,,,,

:: bari nahan nafas baca 7 x

Jampe Nguseup

nini beutekuk hulu
aki betekuk hulu
nu mondok di gowok cadas
sor blenong 3x
kirim aing cacing kuning
tali na rantay emas
jol aing jol sia
ah lauk 3x

Arateul alatan tangkal anu merang

bismilahirohmanirohim
Hantu daun baruang tangkal
di ala ku sang kuda putih
hurip
waras

Dug sira gumulung nyanghulu ka sagara,
nunjang ka balangbangan, nyagigir ka lingga manik, 
nangkarak ngalingga tarang, nangkuban turut bayuan, 
ulah katindih ku jangji, ulah katinggang subaya, istan palias
istan palias

SINGLAR ANU JAIL KANIAYA

Tutup gedong kancing wesi

Dipager ku Sang Rumuhun

Ku Ratu anu ngajajar

Nay Ratu anu ngajejer

Anu ngajajar dina karang

Anu ngajejer dina lawang

Manusa tinggal ngadeg


Jampe NYERI BEUTEUNG

sanjati tli ari2

Peujit pabeulit puseur pacangreud

Dibeungkeut ku tali kincir

Dikeureut ku hinis putih

Tiis dingin tali purna

Hurip waras

Hurip waras

Hurip waras

Waras hurip!

Jampe nu Gering


Kaula deuk ngabuktikeun nu nulis diri, 

mukakeun wekasan badan Si…..(sebat ngaran nu gering nyambung ka INDUNG BAPANA)

Asal cai anu putih

Lain cai anu putih

Ngaguruntul geus jadi balung

Ngagerentel geus jadi hate

Ka luhur embun-embunan

Ka handap jadi sari jadi rasa

ADI SARI MANGUN RASA


RAJAH SAWAN



NINI KUNJUNG AKI KUDUYUNG

CELEMBENG CELENG PALEMBANG

CELENG TIMBUL TI MALAYU

UNDUR MUNGUNDUR HUNYUR

DITUTUG KU TAMIANG PUGUR

DITUJAH KU TAMBE-TAWA

DITALIAN KU AREUY BULU

DITEUKTEUK KU KUJANG POTONG

DIKAITKEUN KANA WARU CONDONG

TEBEH TIMUR CAH BURANCAH

PAKEMPEL-KEMPEL



RAJAH NGABABAKAN / NEANG PIHUMAEUN


NAY USUK-USUK BUMI

AKI USUK-USUK BUMI

MANYUSUP BUMI PAKUAN SRI ANGKO WULU

TUMPUK TIMUR TATAR WETAN

NYA DI DIDIEU LMAH PUTIH PIPAREEUN

SRI BANGBENG SRI BUJANG

KA KIDUL ISTAN

ISTAN

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona