TARUMANAGARA

Karajaan Gede Di Nusantara
 
Dina taun 348 Masehi, aya saurang maharesi hindu ti kulawarga Calankayana ngungsi ka pulo-pulo kiduleun India. Inditna diiring ku murid-muridna, tentara, rahayat awewe-lalaki, sabab nagarana diburak-barik ku raja Samudragupta. Jenengan eta maharesi teh Jayasingawarman, anjog ka pulo Jawa tuluy matuh di Jawadwipa bang kulwan (Jawa Barat), sanggeus samemehna meunang pangbagea tur diidinan ku Sang Prabu Dewawarman VIII (Raja Salakanagara), nu jenengan aslina Darmawirya, teureuh kulawarga Palawa, sarua aki-buyutna papada pangungsi ti India.

Sang Maharesi Jayasingawarman nyieun babakan pamatuhan di sisi walungan Citarum. Kulantaran beuki lila jadi kajojo tur loba jalma nu marilu matuh, antukna nepi ka jadi desa, disebut desa Taruma. Sapuluh taun ti harita eta desa teh ngalegaan, nepika jadi kota = nagara, atuh katelahna Tarumanagara. Sang Maharesi dipulung minantu ku Sang Prabu dewawarman VIII, dijodokeun ka Dewi Iswari Tunggal Pertiwi Warmandewi, disebut oge Dewi Minati. Beuki lila wewengkon Tarumanagara teh beuki lega, nepi ka ngadeg karajaan Tarumanagara, dipingpin ku Maharesi, nu disebut Rajadirajaguru marentah ngabahudenda jadi raja munggaran di Tarumanagara, kalawan dileler abhiseka (dilantik) jenengan Jayasingawarman Gurudarmapurusa.

Waktos mertuana tilar dunya (Dewawarman VIII) taun 368 M. korsi gading gilangkancana karaton Salakanagara diwariskeun ka adibeuteungna nu bungsu, dileler gelar Dwawarman IX. Tapi kulantaran pamor Salakanagara geus mimiti surem, Dewawarman IX jeung Salakanagara kapaksa ngaub ka Tarumanagara dumasar kasaluyuan dua pihakanana. Jayasingawarman marentah ti taun 358 M nepi ka 382 M, inyana wafat dina umur 60 taun, lebu na dipusarakeun di sisi walungan Gomati.

Nu ngaganti Yajasingawarman teh putra cikal, nya eta Darmayawarman, dileler gelar Rajaresi Darmayawarman-Guru. Sabab jaba ti nyekel pucuk pamarentahan teh oge nyekel kalungguhan guru agama. Sanajan raja jeung kulawarga karaton ngagem agama Hindu, tapi rahayat di padesaan wewengkon Tarumanagara, tetep loba nu muja arwah karuhun (Animisme), nuturkeun adat taliparanti ninibuyutna ti Salakanagara. Padahal raja teh geus ngayakeun rupa-rupa tarekah ngajarkeun agama Hindu, nepi ka ngadatangkeun brahmana ti India, tapi teu kabeh rahayat ngagem agama Hindu.Harita mimitina pangeusi nagri dijadikeun 4 kasta: Brahmana, Ksyatria, Waisya, jeung Sudra. Pangeusi nagri dibedakeun jadi 3 tingkat: Nista, Madya, jeung Utama. Rahayat nu kaasup golongan Nista,kacida sieunna ku agama Maharesi. Darmayawarman, jadi raja ka dua di Tarumanagara salila 13 taun, ti taun 382 M nepi ka 395 M. Sabada tilar dunya, lebu na dipusarakeun di sisi walungan Candrabaga/Bekasi. Katelah weh Sang Lumahing Candrabhaga. Dua taun samemeh Darmayawarman tilar dunya, putra cikal nu jenengan Purnawarman, diistrenan jadi raja anom. Purnawarman dilahirkeun tanggal 16 Maret taun 372 M. Atuh nya inyana nu jadi raja katilu di Tarumanagara. Diistrenan jadi raja tanggal 12 Maret taun 395 M. Ramana (Rajaresi Darmayawarman-Guru) lungsur tina korsi karajaan, teras tatapa ngambah manurajasunya, nya eta tatapa sanggeus turun tina tahta, bari ngadagoan ajal.

Dina ngalaksanakeun pamarentahan, nu pangheulana dipilampah ku Purnawarman, mindahkeun puseurdayeuh (ibukota), ti Jayasingapura (Jasinga), nu diadegkeun ku ramana, dipindahkeun ka sisi walungan Gomati, dingaranan Sundhapura= Kota Sunda (wewengkon Bekasi ?). Kecap Sunda asalna tina basa Sangsakerta sundha hartina bersih,herang,suci. Perlu dikanyahokeun yen di India kidul, aya tempat nu ngaran Tarumapura, aya deui ngaran tempat Sinda jeung Sindapura. Dina The Hammond World Atlas,wedalan Time (USA), ditulisna Sundagarth (red).

Sanggeus tilu taun jadi raja, Purnawarman nyieun palabuan di basisir kaler,dijieunna ti tanggal 15 Desember 398 nepi ka 11 Nopember 399 M. Ieu palabuan teh rame ku kapal-kapal perang karajaan Taruma. Salila mangsa pamarentahanana, Purnawarman ngahijikeun karajaan-karajaan laleutik di Jawa Barat. Kulantaran inyana ahli siasat jeung strategi perang, balarea nyarebutna raja gagah perkasa (Bhimaparakramoraja), lantaran gede wawanen jeung pinter ngolahkeun pakarang perang, inyana disebut Maung Tarumanagara (Wyagrha ning Tarumanagara). Pikeun karahajaan hirup rahayat, Purnawarman kacida merhatikeunana kana lingkungan hirup walungan/cai. Taun 410 M. ngomean sisi walungan Kaligangga, deukeut Cirebon ayeuna. Nu harita aya dina kakawasaan karajaan daerah Indraprahasta.

Nyieun tanggul walungan Cisuba.Tuluy salametan sarengsena garapan, ku cara ngahadiahkeun 500 sapi, pakean, jeung 20 kuda, ditambah kadaharan nu ngareunah, ka rahayat nu milu karyabakti. Dua taun ti harita, Purnawarman ngomean jeung ngawewegan sisi walungan Cupunagara, nya kitu, beres gawe, Purnawarman mere deui hadiah 400 sapi, 80 munding, 10 kuda, bandera Tarumanagara, pakean jeung kadaharan. Boh di sisi walungan Gangga atawa di sisi walungan Cupunagara, Purnawarman nyieun prasasti make kalimah nu endah (sarwabhasana), ngeunaan kaagunganana jeung perwatekna nu memper dewa Wisnu. Taun 413 .

Purnawarman ngalusan jeung ngawewegan sisi walungan Manukrawa (Cimanuk), Ku kitu teh wewengkon Tarumanagara/Jawa Barat tara kakurangan cai najan kahalodoan. Di tempat sejen, Purnawarman loba nyieun prasasti nu dilengkepan ku patung pribadi, tapak suku, tapak suku gajah Erawata, gambar Sang Brahmara (nyiruan), Sanghyang Tapak, Kembang Tarate(Padma), Maung jeung sajabana dina tulisan batu teh. Teu kaliwat Walungan Citarum ge diomean. Komo deui Citarum mah walungan panggedena. Angkatan perang diwewegan, boh darat boh laut.

Gagaman lengkep. Nepi ka pasukan Tarumanagaramindeng unggul dina pangperangan di mana wae. Sanggeus karajaan Taruma jadi nu panggedena di Nusantara, Sang Purnawarman dileler gelar, Sri Maharaja Purnawarman Sang Iswara Digwijaya Bhimaparakrama Suryamahapurusajagatpati. Di pangperangan disarebutna Sang Purandara Saktipurusa (manusa sakti ngancurkeun benteng). Ari panglima perangna nu kamashur, kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria,nya eta Sang Cakrawarman, adi tegesna, ari duta kurilingna nu ngambah unggal nagara, nya eta pamanna disebut Sang Nagawarman., antarana ka nagara; Sangka, Yawana, Cambay di India, Sopala, Bakulapura/Kutai,China,Sumatra,jsb. Bandera Tarumanagara,kembang tarate dina hulu gajah Erawata. Bandera angkatan lautna, gambar nagadwjarupha,(naga), ditambah ku bandera gambar pakarang, ciri kolompok pasukan tempur(batalyon). Karajaan bawahan Taruma aya 44, boga bandera sewang-sewangan, gambar sasatoan.

Nagara - nagara nu jadi bawahan Tarumanagara, nyaeta: Salakanagara, Cupunagara, Nusa Sabay,Purwanagara, Ujungkulon,Gunungkidul(Jateng), Purwalingga(Jateng),Agrhabinta(Cianjurkidul),BhumiSabara(Jateng),Bumi
Sagandu,Paladu,Kosala,Legon,Indraprahasta,Manukrawa, Malabar,Sindangjero,Purwakerta,Wanagiri(Jateng),Galuhwetan(Purwagaluh),Cangkuang(Nagreg),Sagara Kidul, Gunung Kubang,Gunung Cupu, Alengka (Srilangka/Indiakidul),GunungManik,KarangSindulang,GunungBitung, Tanjung Kalapa, Pakuan Sumurwangi, Kalapa Girang,Sagara Pasir, Rangkas, PuraDalem(Karawang),Linggadewata,TanjungCamara,Wanadatar,Setyarata,
JatiAgung,Wanajati,Duakalapa,Pasirmuhara, Pasir Sanggarung, jeung Indihiang.
Ngembatna wewengkon Tarumanagara; ti kulon selat Sunda, ti wetan Kali Serayu, Jateng kidul, jeung ti kaler Brebes. Jasa Purnawarman dina widang sejen, di antarana nyieun: 1) Undang-undang karajaan, 2)Aturan Katentaraan, 3)Siasat perang, 4)Data(geografi) wewengkon Jawa Barat, 5)Silsilah Dinasti Warman, jeung 60 Kumpulan Ma’lumat Karajaan.

Purnawarman tilar dunya dina umur 62 taun, tanggal 24 Nopember taun 434 Masehi. Lebu na dipusarakeun di sisi Citarum, seta sababna gelarna Sang Lumahing Tarumanadi.Saterusna Tarumanagara diparentah ku turunan Purnawarman. Putra cikal Purnawarman nya eta Wisnuwarman, jadi raja ka opat, ti taun 434 M nepi ka 455 M.Raja ka lima Indrawarman ti taun 455 M nepi ka 515 M. Diteruskeun ku rundayanana, Candrawarman ti taun 515 M nepi ka535 M. Raja kagenep, putracikal Candrawarman, nya eta Suryawarman, ti taun 535 M nepi ka taun 561 M. Raja katujuh, putra cikal Suryawarman, nya eta Kertawarman, marentah ti taun 561 M. nepi ka taun 628 M, diteruskeun ku adina nyaeta Sudawarman ti taun 628 M nepi ka taun 639 M. Sudawarman boga adi nu ngaran Dewi Tirtakancana nu ditikah ku Manikmaya, nu engkena ngadegkeun karajaan Galuh. Raja ka sapuluh nya eta Dewamurti, inyana putra cikal Kertawarman, da Sudawarman teu gaduh anak.

Dewamurti marentah ti taun 639 M. nepi ka taun 640 M. Putra Dewamurti nya eta Nagajayawarman jadi raja ka sawelas, ti taun 640 nepi ka 666 M. Putra cikal Nagajayawarman jadi raja ka duawelas di Tarumanagara, nya eta Linggawarman nu nikah ka Ganggasari. Linggawarman ngadeg raja ti taun 666 M. nepi ka 669 M. Putra Linggawarman mah cikalna istri nya eta Dewi Manasih, nikah ka Tarusbawa. Tah ku Tarusbawa, puseurdayeuh dipindahkeun, ngaran nagara dirobah jadi karajaan Sunda, nu puseurdayeuhna di Sundhapura (masih keneh wewengkon Bekasi). Jadi Tarusbawa teh raja Sunda mimiti, ngadeg raja taun 669 Masehi. Jadi kudu dikoreksi, ahli sajarah nu nulis dina sajarah Indonesia keur barudak,nyebutkeun yen “Kerajaan Tertua di Jawa Barat, Tarumanegara, rajanya Purnawarman (wungkul)”.Kecap tertua ge teu keuna, sabab nu pangkolotna mah Salakanagara nu ngadeg taun 130 M.nepi ka taun 363 M. di wewengkon Pulasari Pandeglang.Jadi 400 taun samemeh jungjunan alam rosululloh SAW lahir, di Sunda geus aya system pamarentahan, tatanen,jeung kaamanan. Cag.(Asep Idjuddin)

Gambartapak suku Purnawarman

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona