SAJARAH PALABUAN RATU NURUTKEUN PANTUN BOGOR & BABAD CIANJUR (Cek Buhun Sunda, Nyi Roro Kidul Ngan Saukur Dongeng Ciptaan Mataram)
- Get link
 - X
 - Other Apps
 
Kintunan : LUKI MUHARAM
 
 Runtuhna karajaan Pajajaran teu sakaligus, kusabab wadyabalad Islam 
geus aya 12 kalina ngagempur Pajajaran salila 5 taun angger nagen teu 
bisa ditembus benteng pertahananana. Kakarak dina mangsa karajaan 
dipimpin ku Prabu Nilakendra, benteng Pajajaran nu dibangun ku Prabu 
Siliwangi taun 1478 ahirna ancur ditarajang wadyabala Islam. 
 
 
Kitu oge aya sababaraha sabab anu jadi cukanglantaranna, dina buku 
Sajarah Cianjur nu disusun ku Drs. Bayu Surianingrat ngajelaskeun yen 
ancurna benteng Pajajaran kusabab nu jaga panto gerbangna nyaeta dua 
sadulur Ki Jongjo jeung Ki Jungju hianat ka Pajajaran kusabab nyeri hate
 pangkatna teu naek-naek, ahirna mukakeun panto gerbang benteng 
Pajajaran. Sedengkeun cek Pantun Bogor, jebolna pertahanan Pajajaran 
kusabab Jaya Antea salah sauran gegeden Pajajaran hianat, sarta biluk ka
 pasukan Banten. 
 
 Lian ti eta runtagna Pajajaran kusabab 
kaayaan pamarentahanana geus nyirorot pamorna teu siga jaman Prabu 
Siliwangi buyutna Prabu Nilakendra, korupsi dimamana, gegeden karajaan 
geus loba hianat ka rahayat jeung rajana, ari Prabu Nilakendra raja 
Pajajaran hirupna ngaresi, resep nyepen, puasa saban poe, nepika teu 
paduli kana kaayaan nagara. 
 
 Kaayaan kitu pikeun Sultan Banten 
Maulana Yusup matak pihariwangeun, dilain-lain oge karajaan Pajajaran 
teh warisan karuhuna nyaeta Prabu Siliwangi, kapan Maulana Yusup teh 
putrana Maulana Hasanuddin Sultan Banten ka I, ari Maulanan Hasanudin 
putrana Sunan Gunung Jati Cirebon, Sunan Gunung Jati Cirebon putrana 
Ratu Mas Rara Santang, sedengkeun Ratu Mas Rara Santang putrana Prabu 
Siliwangi Sri Baduga Maharaja ti prameswari Ratu Subanglarang. Jadi 
sabenernamah antara Banten jeung Pajajaran sakokocoran sarua seuweu siwi
 Prabu Siliwangi. Panembahan Yusup ngarasa geus waktuna Pajajaran 
disalametkeun tina sagala rupa krisis moral anu tumiba ka rahayatna. 
 
 Kukituna dina hiji poe, tengah peuting Ki Jungju mawa pasukan kalayan 
lenlencepan muru gapura benteng Pajajaran, ti dinya geus ngadagoan Ki 
Jongjo adina anu mukakeun panto gerbang benteng karaton, sakedet netra 
sanggeus dibuka panto utama benteng mah Panembahan Yusup marentahkeun 
pasukanna asup kajero benteng kalayan ngadadak, atuh puguh dibere 
serangan dadakan ti pasukan tempur gabungan sapangeusi Pajajaran anu 
sarare tibra tagiwur, teu puguh polah, najan aya pasukan karajaan anu 
ngalawan bari taya komando anu utama. 
 
 Matak harita keneh 
tanggal 8 Mei 1579 Pajajaran sirna ing bumi, karaton diduruk teu 
disesakeun saeutik-eutik acan ku pasukan Islam. Makam-makam raja 
dibongkaran make siayah Tumpas Kelor strategi Demak nyaeta anu salawasna
 ngaancurkeun hiji kabudayaan nepika ka akar-akarna. Matak ulah heran 
nepika ayeuna makam raja Sunda ampir taya nu nyesa, anu aya oge loba anu
 disamarkeun jadi makam waliyuloh sangkan henteu diancurkeun ku pasukan 
Islam jaman harita. 
 
 Prabu Nilakendra ngarolos ti Karaton, duka
 kamana jugna makamna taya nu terang dugi ka ayeuna. Putra makuta 
Pajajaran Ragamulya Suryakancana disalametkeun ka gunung Pulosari 
Banten. Ngan nurutkeun pedaran Pantun Bogor, Prabu Nilakendra atawa 
Prabu Siliwangi Pamungkas nyalametkeun diri ka basisir Tegal Buleud 
Sukabumi (aya dina Riwayat Wangsit Siliwangi). 
 
 Sanggeus Prabu 
Siliwangi Pamungkas ngahiyang, Prabu Anom Kian Santang ngaroloskeun diri
 ka gunung Halimun, muka kahirupan anyar jadi somah kalayan nyamurkeun 
diri jadi Batara Cikal anu engkena ngarundaykeun masarakat adat 
Ciptagelar. Sawarehna deui urut Bareusan Bhayangkara (pangawal raja) 
muka kahirupana anyar jadi karuhun masarakat adat Baduy Banten ayeuna. 
Sedengkeun rombongan putri cikal Prabu Siliwingawi nyaeta Putri Gandrung
 Arum, nyalametkeun diri hirup nyamuni jadi Batari di Lebak Cawene, 
disebut Lebak Cawene teh kusabab sang putri di baturan ku 7 
dayang-dayang geulis anu masih keneh cawene / parawan antukna tempat eta
 disebut lebak Cawene. 
 
 Lebak Cawene nepika ayeuna taya nu 
terang dimana persisna, ngan cenah aya diantara gunung Halimun, gunung 
Bengbreng, gunung Beser, Gunung Suren, gunung Pangkulahan, gunung Ciawi 
tali, gunung Panyogehan, gunung Salimbar, jeung gunung Talaga. 
 
 Ngan cenah dilebak Cawene bakal kaluar kakayaan alam anu tohaga pikeun 
anu masih keneh tuhu kana Purbatisti purbajati Sunda, ari ugana nyaeta 
kieu : 
 Wayah Lebak Cawene jadi enggon pindah Pangawinan, dibalabar 
heula ku diwayah janari gede. Manuk ketug bae 7 liliran, rame sora nu 
tungtugulan di gunung Lumpang laju digunung Halimun kadenge rame sora nu
 gogoongan. 
 
 Tanda-tanda kaguarna Lebak Cawene nyaeta sakumaha 
Uga kieu : Amun di ci Sogeh Beulah girang geus aya cukang batu, 
sakendengan gunung Kendeng baris rata katincakan. Lantaran tengah alas 
nu Beulah kidul, ku anu turun tina papatong, aya curug sina digempur 
jeung disogehna gunung Combong, anu ngurugan karaton aheng anu eusina 
putri-putri denok marontok, gareulis arenay koneng…” Teu saeutik korban 
jiwa salila ratusan taun nepika ayeuna anu tadina hayang muka harta 
karun sakumaha Uga Lebak Cawene anu masih keneh misterius nepika ayeuna.
 
 Cag heula ngeunaan Lebak Cawane, ayeuna urang caturkeun lalampahan
 putri bungsu Prabu Nilakendra, nyaeta Dewi Purnamasari nyalametkeun 
diri ka basisi laut kidul. Sanggeus tilu bulan leumpang sakaparan-paran 
antukna Purnamasari netepkeun diri muka kahirupan anyar di muara 
Cimandiri. Dibarengan ku pangawalna anu satia nyaeta Rakean Kalangsunda 
sang putri ngababakan muka kampung dingaran Babakan Cidadap. 
 
 
Ngaran Cidadap nyoko kana hiji sirah cai anu aya tangkal dadapna. 
Lila-lila Babakan Cidadap beuki rame, didaregdeg ku para pamayang marake
 parahu, jukung paying jeung nudaragang nepika jadi hiji kapuunan. 
Dalapan taun ti harita jadi palabuan laut nu rame, ku rahayatna 
dingaranan Cidadap Palabuan Nyai Ratu, sebutan Nyai Ratu nyaeta pikeun 
Dewi Purnamasari anu diangkat jadi Puun / Kapala pamarentahan. Dewi 
Purnamasari jadi Ratu Puun lilana 15 taun, nepika tempatna nelah 
Palabuan Nyai Ratu Puun. Jabatan Ratu Puun dipasrahkeun ka putri 
tunggalna nyaeta Mayang Sagara, tina jatukrami jeung Rahyang Kumbang 
Bagus Setra satria Pajajaran anu gugur sawaktu Pajajaran diserbu tentara
 Islam. Sanggeus masrahkeun kalungguhan  Ratu Puun ka anakna, Dewi 
Purnamasari tuluy hirup mandita nunggu papasten ajalna di gunung Sireum 
(deukeut Warung Kiara Kab. Sukabumi ayeuna). 
 
 Sawaktu mimiti 
marentah Ratu Puun, kaayaan Cidadap Palaban Nyai Ratu Puun geus nyilorot
 pamorna, kukituna ku Mayang Sagara puser dayeuhna ti Cidadap 
dipindahkeun ka lokasi Palabuan Ratu ayeuna. Ditempat anyar ieu Mayang 
Sagara ngawangun karaton agreng, sang putri henteu deui ngan saukur Ratu
 Puun tapi diistrenan jadi Ratu Karajaan anyar anu rek ngawariskeun 
Pajajaran anu geus sirna, karajaan anyarna dingaran Pakuan Pajajaran 
Mandiri. Dewi Mayang Sagara dinobatkeun ku sebutan suci Ratu Kidul. 
Wilayahna jadi karajaan basisir laut nu tohaga, ngalimpudan Gebang 
Kuning (Pakidulan Garut), Tanjung Panto Muara Binuangen (Pakidulan 
Banten), malah Palabuan ratu oge harita remen disebut Dayeuh Pakuan, 
sebutan anu kungsi dipake ku Sri Baduga Maharaja sawaktu ngajadikeun 
Bogor jadi puseur dayeuh Pajajaran. Ngan pikeun rahayatna mah tetep wae 
nyebutna teh Palabuan Nyai Ratu Puun, sedengkeun ka Mayang Sagara 
nyebutna teh Ratu Kidul. 
 
 Karajaan Pakuan Pajajaran Mandiri 
kungsi diserang ku Nyai Ratu Sagara Jampang ti basisir laut Kidul Garut,
 malah nepika bisa ngasupkeun Mayang Sagara ka pangberokan, ngan upaya 
ngarebut kakawasaan bisa dperuhkeun ku Rakean Kalang Sunda manten 
senopati Pajajaran anu teu weleh satia ngaping ngajaringna. Ratu Kidul 
Mayang Sagara sajaman jeung Dalem Cikundul/ Aria Wiratanu I Bupati 
Cianjur ka I (1677-1691). Malahmah Ratu Kidul Mayang Sagara milu 
nungkulan masamoan para adipati digunung Rompang Pakidulan Sukabumi. 
Masamoan para kepala daerah anu di kokolotan ku Sang Hyang Borosngora 
raja Panyalu dihadiran oge ku para Bupati liana saperti Raden Sanghyang 
Panaitan atawa Raden Widaya / Pangerang Rangga Sinom ti Sedang, Kanjeng 
Adipati Sukawayana, Raden Adipati Lumaju Gede Nyilih Nagara ti Cimapag, 
Kanjeng Kyai Aria Wangsa Merta ti Tarikolot, Cikartanagara, Kanjeng 
Dalem Nala Merta ti Cipamingkis,Pangeran Hyang Jaya Loka ti 
Cidamar,Pangeran Hyang Jatuna ti Kadipaten Kandang Wesi, Pangeran Hyang 
Krutu Wana ti Parakan Tilu,Pangeran Hyang Manda Agung ti Sancang. Para 
bupati anu haladir kabeh sapuk ngadegkeun karajaan nu disebut karajaan 
Gagang, sedengkeun anu kapilih jadi rajana nyaeta Dalem Cikundul bupati 
Cianjur diistrenan jadi Raja Gagang. 
 
 Proklamasi karajaan 
Gagang diumumkun tanggal 2 September 1655, anu eusina negeskeun yen 
anggota karajaan Gagang henteu tunduk ka sasaha ( Ka Mataram, Sumedang 
Larang, Banten, Cirebon jeung Belanda). Karajaan Gagang ngan tunduk 
patuh ka hukum Alloh SWT. Karajaan Pakuan Pajajaran Mandiri di Palabuan 
Ratu Sukabumi nu dipimpin Ratu Kidul beuki gede, antukna mawa hariwang 
ka Sultan Mataram Amangkurat I (1646-1677) anu harita keur geten 
ngajajah pulo Jawa kaasup Jawa Barat ti jaman Sultan Agung Mataram 
(1613-1645) keneh.
  Amangkurat I tuluy ngeridkeun pasukana ka 
Palabuanratu ngagempur karajaan nu dipimpin Ratu Kidul Mayang Sagara. 
Tangtu wae Kasultanan Mataram anu didukung ku Belanda lain tandingan 
karajaan Palabuanratu. Karajaan Pakuan Pajajaran Mandiri ancur 
burakrakan digempur pasukan Mataram, Ratu Kidul Mayang Sagara gugur 
dikurebkeun di Karang Hawu.
 
  Ku jahat-jahatna pulitik 
Kasultanan Mataram anu harita keur ngajajah tatar Sunda, hayang 
maksakeun budaya Jawa ka urang Sunda. Nepika sejarah Palabuanratu 
dirubah total, riwayat Dewi Purnamasari jeung Ratu Kidul Mayang Sagara 
dihapus, diganti ku dongeng Nyi Roro Kidul pangawasa karajaan siluman 
basisir laut Palabuanratu. Politik ngahapus sejarah karuhun Sunda hasil,
 antukna nepika yeuna geus ngaurat akar Nyi Roro Kidul raja siluman laut
 dipercaya kuumumna rahayat Nusantara. Sedengkeun riwayat anu samestina 
nyaeta Dewi Purnamasari jeung Ratu Mayang Sagara nu ngadegkeun 
Palabuanratu weleh geus teu dipikawanoh deui, hususna ku urang Sunda 
pituin. (Luki Muharam)
 
- Get link
 - X
 - Other Apps
 
mau yang asik ? adu ayam
ReplyDelete