Makam Prabu Hayam Wuruk Kapanggih di Walahir, Paséh

Kintunan : Kang Aan Merdeka Permana

WILAYAH Kabupatén Bandung tétéla boga ajén mandiri pikeun wargana. Naon sababna kitu, sabab ceuk maranéhna, di tempatna euyeub ku titinggal sajarah. Saha anu nyangka yén makam Bunisora (adina Prabu Linggabuana) aya di Kampung Walahir? Anu leuwih ngagebeg, tétéla deuih Prabu Hayam Wuruk ti Majapahit ogé, makamna aya di éta tempat.

NAHA enya kitu? Bisa waé. Da bongan aya masarakat nu boga pamanggih sarupa kitu. Anu dipaké pikeun pituduh awal, pédah aya anu kungsi nyebutkeun yén di Gunung Batutulis, Kacamatan Ibun, Kabupatén Bandung, aya makam Hayam Wuruk. Malah, lain makam Hayam Wuruk waé, dalah di handapeunana aya deuih hiji makam deui. Anu ieu mah nyaéta makam Prabu Mangkubumi Bunisora.

Ieu dua tokoh sajarah kahirupan mangsa lawas téh, makamna teu pati jauh. Perenahna di Kampung Néglasari Desa Loa, Kacamatan Paséh, Kabupatén Bandung.
Naha makam Bunisora jeung makam Hayam Wuruk bet aya di dinya? Ah, da teu kudu anéh. Soal dimakamkeun mah, dimana waé ogé dimeunangkeun ari geus aya kasapukan ti saréréa mah. Komo deui ieu pantar raja. Bisa dimakamkeun dimana waé sakahayangna. Apan jaman kiwari gé loba pajabat anu maotna di Jakarta, dikurebkeun di Bandung, di Surabaya, di Solo, malah aya anu kudu meuntas lautan sagala. Jadi, soal jauh jeung deukeut mah teu kudu dipadungdengkeun deui. Ngan meureun anu kudu ditanyakeun mah, naha Hayam Wuruk jauh-jauh ti Trowulan Majapahit bet hayang dimakamkeun di wilayah Walahir, nyaéta wewengkon anu aya Gunung Batutulis, Kabupatén Bandung. Nya kittu deui, Mangkubumi Bunisora, jauh-jauh ti Kawali malah ménta dikurebkeun deukeut jeung Hayam Wuruk.
Sasat dua pamingpin karajaan badag anu kungsi pagétréng alatan ayana kajadian Perang Bubat, bet ngadak-ngadak kuburanana bisa saampar, sanajan, boh Bunisora boh Hayam Wuruk, saenyana mah henteu pati ulubiung langsung dina prakna perang mah. Da anu perang mah Prabu Lingga Buana jeung pasukan Majapahit pingpinan Gajah Mada. Jadi, saenyana mah, Hayam Wuruk jeung Bunisora mah, malah teu nyangka saeutik-eutik acan bakal kitu jadina. Da maksudna gé rék mageuhan duduluran ku cara tali perkawinan. Ngan sigana Gajah Mada teu satujuan ku ayana tali perkawinan ieu, lantaran ceuk anggapanana bisa ngahalangan kana maksud ambisina pikeun naluk-nalukkeun karajaan-karajaan di Nusantara. Ti dinya pangna jadi Perang Bubat téh.

Perlu Panalungtikan
Lamun ngeunteung kana ngaran-ngaran tempat anu aya di sabudeureun Candi Tangulun (mun téa mah bener dijieun ku Prabu Hayam Wuruk) anu diduga bisa dipatalikeun jeung Prabu Hayam Wuruk anu asalna ti Karajaan Majapahit, bisa waé ngaran Majalaya, Majasetra atawa Majakerta dipaké pikeun muka lalangsé saheulaanan saméméh aya katerangan anu dianggap valid.

Wilayah Majasetra, bisa jadi tempat anu pangheulana dibaladah ku Hayam Wuruk dijadikeun lembur. Ti dinya maju ka wilayah Majakerta, anu maksudna sanggeus lila ngabukbak leuweung jadi pilemburan di Majasetra, lila ti lila beuki loba kaimpungan ku jalma anyar nepi ka Prabu Hayam Wuruk terus ngadegkeun tempat-tempat atawa lahan-lahan jang padumukan warga di sabudeureunana. Ieu kajadian téh méh ngaharib-harib kana akajadian waktu Raden Sanjaya muka leuweung Wilwatikta saméméh jadi Karajaan Kahuripan atawa Majapahit ka dieunakeun.

Sigana waé, Prabu Hayam Wuruk cicingna di wilayah anyar téh lain waktu anu saeukeudeung. Malah bisa jadi nepi ka tutup umur, nepi ka perlayana. Malah ceuk sakaol mah, Hayam Wuruk nu geus malih warni jadi rahayat biasa, méh aya kana satengah umur tina hirupna dipaké babakti di wilayah wates Galuh, nyieun dayeuh manggung anyar dibarengan ku Ki Pacalang jeung Ki Juru Basa.
Nepi ka danget ayeuna ngaran Pacalang dipaké ngaran salah sahiji lembur di Kacamatan Paséh. Sedengkeun makam Ki Juru Basa kapanggih teu jauh jeung makam Ki Pacalang. Masih kénéh di sabudeureun Paséh jeung Ibun.
Boh makam Ki Pacalang boh makam Ki Juru Basa ayana di tutugan pagunungan. Béda jeung makam Hayam Wuruk. Perenahna aya di Gunung Batutulis, di wilayah Situs Walahir. Tegesna di Kampung Néglasari, Désa Loa, Kacamatan Paséh. Di dinya aya dua makam. Ku urang dinya disebutna makam Eyang Sepuh jeung makam Eyang Anom.

Malah, ari kuncén Méméd mah saenyana teu nyebutkeun yén makam anu aya di Walahir téh makam Hayam Wuruk. Sabab, ieu kuncén anu sapopoéna kungsi jadi pagawé désa téh boga vérsi séjén anu béda pisan. Ceuk Méméd, anu disebut Eyang Anom jeung Eyang Sepuh téh katelahna Raden Kisamaun Sembah Anom, anu ti oorok geus bisa nyarita jeung ngucapkeun dua kalimah syahadat. “Anjeunna téh salah saurang incuna Sunan Gunung Jati,” pokna.

Béda pisan jeung pamanggih R. Lalam Wiranatakusumah anu kungsi panggih jeung kuncén béh ditueunana. Hanjakal ayeuna mah geus maot. Éta kuncén téh nyebutkeun yén makam Éyang Anom téh taya lian nyaéta makam Hayam Wuruk. “Anjeunna téh raja,” omong kuncén harita bari semu haharéwosan.

Ayana katerangan kuncén anu béda-béda, bisa méré gambaran yén Situs Walahir masih kénéh perelu panalungtikan. Saha saenyana Éyang Anom jeung Éyang Sepuh téh? Naha enya makam Eyang Anom téh makam Prabu Hayam Wuruk? Jeung lamun enya, sigana kudu geus waktuna ditalungtik sacara kaélmuan sajarah. Sabab Prabu Hayam Wuruk sorangan kaasup salah saurang Raja Majapahit anu geus remen disabit dina sajarah-sajarah resmi nasional tapi ari maotna di mana mah ku ahli sajarah teu dicaturkeun. Nya kitu deui pikeun kapentingan sajarah Jawa Barat, sigana perelu deuih ditalungtik kalawan teleb makam Eyang Sepuh, anu ceuk sakaol mangrupa makam Prabu Mangkubumi Bunisora, raja anu ngaganti Prabu Lingga Buana satutas Perang Bubat. Da bongan, boh tokoh Hayam Wuruk boh tokoh Bunisora geus asup kana sajarah anu diaku sacara resmi Atuh merenah pisan mun lalangsé kasajarahan di tatar Sunda, kudu loba dibuka .(Dadan Sungkawa)***

Comments

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona