MAGEUHAN ADEG-ADEG KASUNDAAN

Oleh-oleh ti International Conference Sundanese Culture (ICSC)
Kintunan :Rara Dotcom
Dina “Nyukcruk Galur Kasundaan’ (Reinventing Sunda) anu kasebut tingkat Internasional mangrupa salah sahiji kareueus pikeun urang Sunda mah. Aru reueusna dina nyuckruk galur kasundaan dibawa ka tingkat internasional, lain ukur tingkat nasional wae, ieu teh salah sahiji tarekah anu kawilang pentingna, reueus, aheng malahan mah. Ari pentingna, sugan wae ku diangkatna ka tingkat internasional, bisa nambahan kawewegan pikeun urang sunda dina mageuhan adeg-adeg kasundaanana. Perlu dipikareueus, kituna mah. Ari ahengna? Enya aheng tur’aneh bin ajaib, diangkat ka tingkat dunya teh, padahal mah urang lemburna sorangan loba anu ngarasa era, teu wani ngaku.

Diayakeunana International Conference Sundanese Culture (ICSC) teh ku pangrojongna ti komisi Nasional Indonesia keur UNESCO. Atuh ieu kagiatan anu diayakeun 3 poe 3 peuting bulan Oktober taun anu kaliwat di Hotel Salah The Heritage Bogor teh, salilana ditungkulan ku utusan UNESCO, Dr. Ir. Tresna Dermawan Kunaefi, nu ngahaja sumping ka Indonesia.

Ari materi nu dipedar hareupeun teu kurang ti 300 urang pamilon teh, diantarana The Role Of UNESCO on Cultural Diversity, dipedar ku Prof. Dr.H. Arief Rachman, M.Pd., pengembangan Kebudayaan di Indonesia melalui Revitalisasi Kebudayaan Daerah, ku Prof. Dr. Edi Setiawati, Pelestarian & Pengembangan Warisan Budaya ku Dr. Yunus Satrio, Implementasi Program Kebudayaan di Jawa Barat ku Wakil Gubernur Jabar, kamari, kiwari, Baring Supagi (Sunda Masa Silam, Masa Lalu, Masa Kini dan Masa yang Akan datang) ku Drs.H.R. Hidayat Suryalaga, Arckeology and Cultural Values In Batujaya Sites, ku Dr. Hasan Djafar, The History Of Canal Civilazation Between Persia, Sriwijaya and Tarumanagara, ku Okki S. Jusup, Book Review on The Lost Atlantis Finally is Found and Sudaland Civilazation Sites According to Prof. Dr. Arisyo Numes Desantos, ku Dr. Frank Jossef Hoff, The Discovery Of Kereunial Philosophy Tradisions and Local Indonesian Culture to Solve the Core Problem Modern Human Life, ku Prof. DR. Harry Oldmeadow, Eden in the East the Importance of Sealevel canges over the Sunda Shelf in the Spread of People and Culture in Sounhtheast Asia and the Pasific over the last 15000 years, ku Prof.Dr.Stephen Oppenheimers, Geological of Sundaland and Possibily of the East Continent of Atlantis, ku Prof. Dr. Adjat Sudrajat, Kebudayaan Austronesia dalam masyarakat Sunda Kuno, ku Dr. Agus Aris Munandar, Batujaya Site Between Energy Resources and Arckeological Ressourers, ku Prof. Dr. RP.Koesumadinata, The Raltion Between Nature Philosophy & Cultural Development, Cases Study on Worl Civilizations, ku Prof. Dr. H.M.Ahman Sya, Philosopy Emerging From Local Wisdom and Culture, Cases Study from Auciet Nusantara Maritim & Canals Civilizations ku Dr. Radhar Pancadahana.

Seni Budaya Sunda Kudu Leuwih Jembar jeung Mekar
Kabungah jeung kareueus, malahan padungdengan dina konferensi (riungan) teh, jigana kudu diteruskeun dina kahirupan sapopoe.

Ieu teh luyu jeung amanatna utusan ti UNESCO, Dr. Isr Tresna Dermawan Kunaefi, nu milu ningalikeun kana kagiatan ka Sunda-an. Malah waktu ieu nutup acara, ngebreuhkeun kasanggupan mantuan pikeun wewegna kasundaan kudu pada miara jeung pada mageuhan, ulah dina acara ICSC eungkul! Cenah.
Kabudayaan sunda perlu diperhatikeun, dilaksanakeun sangka ulah leungit kitu wae, malah apan bakal jadi kareueus jeung nambahan beungharna Budaya Nasional.
Dina buku “ The Lost Atlantis Finally is Found” bisa oge jadi kacindekan saheulaanan, yen mun ditilik tina ‘ Geology geografis’ nu disebut Sundaland (Indonesia), nyaeta tempatna The Lost Atlantis, nepi ka loba anu madungdengkeun pamangih Santos dina taun 2005. Malah anu jadi jejer carita dina mapay raratan kasundaan teh, nyaeta “ Atlantis jeung Tarumanagara”. Pangna kapopohokeun jigana kurangna promosi ka masarakat, malah ukur anu apal teh para ahli Paninten wungkul.
Kiwari geus bray-brayan kaayaan Tarumanagara (358-699M), ku kapanggihna Situs Batujaya di Karawangku Paninten urang Prancis. Anu dina eta situs kapanggih tilu rupa urut kagiatan-kagiatan anu perlu jadi tuladan mangsa kerajaan Tarumanagara harita, pikeun karaharjaan masarakatna.

Maksud tujuanana oge luyu jeung pangabutuh pikeun ngaguar budaya-budaya Sunda. Diantarana pikeun reinveting anu sabener-benerna, malah mandarleuwih ngalengkepan beungharna kabudayaan masarakat sunda anu leubeut ku falsafahna, beunghar ku alamna tur endah ku lingkunganana, bari miara anu matak kudu direvitalisasi ti ayeuna ka hareup, sangkan ningkat ti budaya lokal, nasional jeung globalteh jadi karaharjaan masarakat.

Tujuan sejena tina ICSC, nyaeta sangka jadi wadah gempungan, jeung neuleuman leuwih anteb kumaha karajaan Tarumanagara harita, jenung bener henteu ayana Benua Atlantik nu leungit tea, anu ayana di Sundaland, utamana keur pangwangunan budaya masarakat, sangkan leuwih weweg, jeung leuwih ajeg dina ngahirupkeunana.
Ku ayana ieu konferesi, sakuduna mah kudu leuwih tanggoh ‘akulturasi’ Budaya sunda anu perlu dirojong ku sakumna pihak, jeung sakumna masarakat sunda anu leuwih jembar. Maksudna pikeun kamajuan, karaharjaan, kamekaran, tur kawaluyaan masarakat Sunda kiwari nepi ka mangsa nu bakal dating. Fisiografis urang sunda jeung wilayahna teh kacida merenahna ditengah-tengah kaayaan kamajuan dunya globalisasi, boh teknologi boh informasi, bari urang bisa ngigelanana jeung makena.

Naha Bener Urang Sunda Geus Aya ti 5000 Taun Kaliwat?
Jigana kareueus sabada miluan eta ICSC nu diayakeun di Hotel Salak Bogor, moal laas kitu wae, ngan perlu panalungtikan daria tur anteb, boh maksud jeung tujuanana, teung sabaraha persen anu barisa ‘nyarita bener basa Sunda teh?
Rek teu reueus kumaha atuda, ti mimiti narima daftar pamilon, make basa ‘ leter B’MC oge make Basa ‘ Obama’, atuh dina prugna para guru besar nu nepikeun materi basa deungeun materi make basa deungeun. Malah ceuk salah saurang Juru Adat mah,” Nahanya asa lalajo filem Barat jaman baheula?” cenah, ngaharewos.
Padahal pamilon ti sa Jawa Barat teh aya 300 urangna, semah ti luar mah ukur genepan, mun teu salah mah.

Reueus ………., bener-bener reueus ….. Basa sunda teh dina waktu konferensi teh bener-bener jadi ‘basa asing’ dilemburna sorangan. Kumaha atuh ari sapopoe di masarakat sunda ? piraku jiga namah mun anu rek make basa sunda teh kudu dibayar onaman? Heuheuy … deuh. Mun sikabayan aya mah, matak pikalucuen pisan, judulna “ Ngadahar Roti di Leuit!’.

Anu matak dina buku, Edent in the East” ku Prof.Dr. Stephen Offenheimer, netelakeun sababaraha kacindekan, diantarana :
Kahiji nyaritakeun naekna cai laut anu asalna tina caah anu kajadianana ti 14500 – 7200 taun kaliwat, nu harita neuleumkeun sabagean Sundalaut nu sesana nyebar jadi padumuk cikal bakal di Sundalaut tea.

Kadua, nyaritakeun 90% para luluhur ti padumuk Sundalaut teh ti 5000 nepi ka 50000 taun kaliwat. Nu geus katangen yen padumuk urang sunda geus bisda tatanen di Papaya Sunda teh 3500 taun kaliwat, leuwih tiheula batan urang Taiwan.
Katilu para padumuk Sunda laut geus mibanda budaya linuhung, utamana dina tatanen jeung moro, pamayang jeung jadi padagang nu ngamangpaatkeun wewengkon laut, katut miara ingon-ingon. Maranehanana geus mibanda kaahlian dina era neolitik sorangan nu asli, leuwih ti 10000 taun kaliwat. Nu leuwih reueus teh teknologi lalayaran kuno, nyaeta asalna urang sundalaut (Asia Tenggara) jeung Baratdaya Pasifik, malah sawatara istilah dina basa Austronesia ku,plit ayana di Paparan Sunda.

Nu kaopat nyaritakeun urang Polynesia asalna ti Sundalaut, nu leuwih ti 5000 taun kaliwat. Ieu teh bukti-buktina kumplit ayana di paparan sunda.
Kalima, aweuhan kabudayaan kuno nyebarna ti Sundalaut. Ieu teh buktina tina babandingan mitologi nu disebut diaspora, najan loba fek-efek numeric antar benua, ngeunaan daratan, utamana Eropa – Asia (Eurasia) Benua Amerika jeung Afrika leuwih leutik batan nu aya di paparan sunda tea

Comments

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona