Silsilah Ngaran Tempat
Oléh-oléh Priangan dilingkung gunung
Majalaya, Soréang, Banjaran Bandung…
Tina Cupumanik No.17/2004
Majalaya, Soréang, Banjaran Bandung…
Sempalan lagu “Borondong Garing” di luhur téh ngandung déskripsi sawatara ngaran tempat nu aya di Tatar Sunda. Demi nataan ngaran-ngaran tempat téh ilaharna sok disebut toponimi. Nurutkeun kajian folklore, toponimi téh bagian tina élmu onomastika (onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma, ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana ’sajarah’ ngajanggélékna.
Nataan ngaran tempat tangtu bakal loba rambat kamaléna lantaran
ngajujut ngaran tempat mah teu cumpon ku nyawang ngan tina hiji aspék
baé. Nya sawadina kudu dijujut deuih rupa-rupa informasi nu nyampak
disatukangeun kaayaan éta tempat. Kumaha pakuat-pakaitna antara ngaran
tempat jeung éta informasi? Ilustrasi di handap saeutikna baris méré
gambaran anu écés.
Upamana, mun ti Subang rék ka Bandungkeun urang tangtu bakal
ngaliwatan Tanjakan Émén. Éta tempat téh pernahna di kebon entéh, méméh
gerbang Tangkuban Parahu. Mun dititenan éta ngaran tempat téh ngandung
sababaraha informasi. Kahiji, pangna disebutkeun Tanjakan Émén nurutkeun
setting fisikal (morfogéologis atawa kontur permukaan bumi) lantaran
éta jalan téh nanjak (nanjeur). Kadua, di éta tanjakan téh nurutkeun
setting sosial, cék sakaol mah (kira-kira taun 70-an) kungsi aya
kajadian nu matak geunjleung. Di éta tempat, kungsi aya supir ompréngan
Bandung-Subang cilaka, ngan duka alatan tabrakan duka tigebrus, nepi ka
maotna. Ngaranna Émén. Ari cék mitos (setting kultural), lamun nu rék
ngaliwat ka éta tempat kudu ngalungkeun roko ngarah salamet.
Kasus-kasus modél kitu téh bisa baé kapanggih di unggal tempat. Tina rupa-rupa informasi nu diébréhkeun dina ilustrasi téh tétéla ngaran tempat téh ngurung kana aspék-aspék fisikal, sosial jeung kultural ngeunaan éta tempat.
Mun dijujut, di urang (Tatar Sunda) teu saeutik ngaran tempat nu
diasosiasikeun jeung rupa-rupa talajak alam (setting fisikal) nu pernah
aya. Aya sababaraha pola nu maneuh raket jeung asosiasi, biasana ku cara
matalikeun ngaran tempat jeung talajak alam téa. Éta pola téh bisa
dicirian ku: kahiji, pola linier nyaéta ngaran tempat sacara langsung
diadaptasi tina talajak alam. Demi talajak alam téh bisa ngawengku aspék
hidrologis, aspék morfogéologis (kontur permukaan taneuh) jeung aspék
biologis. Ari nu dimaksud pola nu kadua nyaéta ngaran tempat nu dicokot
tina dua atawa leuwih boh talajak alam boh aspék sosiokultural
dibarungkeun jadi hiji ngaran (konsép).
Ngaran patempatan nu ngindung kana aspék hidrologis di urang mah teu wudu beungharna. Mun cek istilah Karl A. Witfogel (urang Jerman) mah urang Sunda téh kakolomkeun kana hydrolic society,
masarakat nu teu leupas tina cai. Ari kituna mah geus pada-pada maphum
yén tanah Sunda téh cenah kawentar daérah nu subur ma’mur. Ari
salasahiji ciri suburna taneuh téh nyaéta ku cur-corna cai. Ceuk nu
resep heureuy téa mah cenah diciptakeunana Tatar Sunda ku Gusti Alloh
téh ngadamelna ogé bari “marahmay, tur imut ngagelenyu”.
Geura urang guar, aspek hidrologis nu patali jeung pola linier,
ngaran Andir upamana. Éta kecap téh seuhseuhanana mah kalawan torojogan
diadaptasi tina talajak alam aspék hidrologis, anu saharti jeung
huluwotan (springs), séké atawa cinyusu. Disawang tina jihat sajarah,
munasabah Andir (lebah Bandara Husen Sastranegara) téh baheulana teu
bina ti sumur. Ku lantaran éta tempat téh subur ku cai, Andir téh harita
jadi tempat anu kagiridig. Jadi tempat pangimpungan jalma-jalma nu
lumampah jauh boh nu badarat boh nu tumpak kuda pikeun ngaso jeung
ngaleungitkeun hanaang. Lila-lila mah éta tempat téh jadi ramé, jadi
pangjugjugan ti mana-mana. Nilik kana talajak alam nu aya di tatar
Sunda, bawirasa mun di unggal tempat aya lembur nu dingaranan Andir. Di
éta tempat bakal manggihan kalawan langsung aspék hidrologis anu disebut
cinyusu, séké nu pernahna di suku gunung atawa lamping. Conto pola
linier nu pakait jeung aspek hidrologis séjénna upamana ngaran: Empang,
Parigi, Dano, Bendungan; Léngkong; Parung; Dermaga, jsté.
Ari pola nu kadua, lantaran gabungan téa tina dua aspek atawa leuwih (aspek hidrologis jeung aspék séjén kaasup rupaning istilah) di antarana: ci(cai): Ci-malaka; séké: Sékéloa; leuwi: Leuwidaun; curug: Curugsigay; bantar: Bantarmara; muara: Muararajeun; balong: Balonggedé; sawah: Sawahkurung; parakan: Parakansaat; situ: Situaksan; émpang: Émpangsari; solokan: Solokanjeruk; kali: Kalipucang; karang: Karangnini; ranca/rawa: Rancapurut, Rawa- badak; sagara: Sagaraanakan; sumur: Sumurbarang; talaga: Talagawarna; tambak: Tambaksari; lebak: Lebaksiuh; parigi: Parigimulya jrrd.
Tah lebah akumulasi tina ngaran-ngaran tempat di Tatar Sunda nu
ditataan di luhur, bawirasa mun diproséntasekeun téh tangtu bakal
didominasi ku ngaran nu dimimitian ku kecap ci. Naon sababna? Perlu aya
panalungtikan nu leuwih jero.
Lian ti aspék hidrologis, ngaran tempat téh sok dipatalikeun ogé
jeung aspék morfogéologis (dumasar kana kontur permukaan bumi) deuih.
Ari pola linier nu patali jeung aspek morfogeologis di antarana:
Punclut/Penclut, Legok, Tegal, Talun; Genténg jsté. Sedengkeun pola nu
ngindung ka nu kadua Lemah Neundeut, upamana. Éta ngaran téh diadaptasi
tina kaayaan lemah (taneuh) anu neundeut akibat ayana rohang di jero
taneuh anu kosong (téktonik) nu ahirna ngareunteutkeun struktur taneuh.
Conto-conto séjénna ngaran tempat nu diadaptasi tina aspék morfogéologis
nu ngindung kana pola nu kadua, upamana baé: tina kecap tegal jadi
ngaran Tegalkalong; kebon: Kebonjukut; cadas: Cadasngampar; pasir:
Pasirjati; batu: Baturéok; guha: Guhapawon; legok: Legokhuni; bojong:
Bojongméron; ujung: Ujungkulon; geger: Gegerkalong; tanjung:
Tanjungsari; pulo: Pulomajeti, jrrd.
Kasus nu spésifik, deskripsi ngaran tempat nu patali jeung aspék
morfogéologis bakal leubeut kapanggih di daérah pakidulan Tatar Sunda nu
manjang ka tebéh wétan. Éta tempat téh mangrupa kawasan pagunungan anu
katelah Southern Mountains, nu nuduhkeun hiji daérah pagunungan (non
vulkanik). Tina kontur taneuh modél kitu munasabah mun di éta tempat
loba nu dicokot tina talajak alam. Kota Tasikmalaya, apan salah sahiji
cirina loba ngaran tempat nu maké ngaran gunung, nepi ka sohor ku
jujuluk the ten thousand hill of Tasikmalaya. Kesan pernah ayana talajak
alam modél kitu téh bisa diidentifikasi ngaliwatan ngaran tempat nu
maké kecap gunung. Upamana bagian wilayah kota nu dibéré ngaran: Gunung
sabeulah, Gunung lipung, Gunungroay, Gunung sari, Gunung gadog, Gunung
pereng, Gunung awi, Gunung jambé, Gunung putat, Gunung Ki-Cau, Gunung
Pongpok jrrd.
Sedengkeun aspek biologis sok dipatalikeun jeung lingkungan alam (sistem ékologis) nu aya di sabudeureunnana. Ngaran tempat biasana dicirian atawa ngarujuk kana aspek flora jeung fauna. Upamana flora, nyaéta tangkal nu aya atawa nu hirup di éta tempat. Geura urang pedar nu patali jeung pola linier dina aspek biologis. Upamana ngaran Kosambi. Mungkin baé éta tempat téh harita mah can boga ngaran. Pikeun kapentingan nuduhkeun éta tempat, kabeneran deuih di dinya téh aya tangkal kosambi nya tuluy ditarelah baé ngaran Kosambi, malah nepi ka ayeuna. Di tatar Sunda bawirasa asa loba pisan ngaran tempat nu maké ngaran tutuwuhan/tangkal tina pola linier. Geura urang tataan ngaran-ngaranna, saperti: Garut, Bayongbong, Sentul, Kosar, Katapang, Dangdeur, Calingcing, Dukuh, Rambutan, Balingbing, Cangkuang, Baros, Loa, Menteng, Bintaro, Bencoy, Jati, Paséh, Kopo, Kirisik, Haramay, Petir, Kawista, Kroya, Gorda(h), Gempol; Gandasoli; Gambir; Gadog, Jamblang, Jambu, Jampang, Darangdan, Bugel, Bihbul. Gombong, jrrd.
Demi pola nu kadua, nya eta Haurkonéng, Haur Pancuh, Haur Pugur,
Buahdua, Warudoyong, Kalapanunggal, Kasomalang, Kiaracondong,
Gintunglempeng, Jatitujuh, Kawungluwuk, Pakuhaji, Kadungora,
Rengasdengklok, jrrd. Kaasup ngaran tempat séjénna, Dungusmaung (dungus
atawa rungkun; maung), Leuweungtiis (leuweung; tiis (aspék
klimatologis)), Pengkolan Asem, Warung Togé, Leuwilaisah, jrrd.
Kumaha ari ngaran tempat nu dicokot tina aspék sosial? Ngaran Banceuy
(lebah alun-alun Bandung beulah kalér) upamana. Banceuy téh sacara
étimologis ngabogaan harti kompléks kuda, kaasup istal jeung nu
ngurusna. Ieu patempatan téh gelarna sabada aya jalan raya pos (Grote
Postweg) nu ngembat ti Anyer ka Panarukan téa. Ieu Banceuy téh sok
dipaké tempat pangreureuhan atawa bagantina kuda pikeun kapentingan
transportasi jeung kaperluan pos (pasuratan) harita. Mun aya surat atawa
barang ti Batawi kudu dianteurkeun ka Semarang, nya tangtu baé moal
kuateun mun kudu meleter kuda hiji nepi ka Semarang. Munasabah pisan
upama ngaran Banceuy téh aya méh di tempat (kota) nu kaliwatan ku éta
jalan.
Conto séjén, Balubur. Apan éta ogé teu leupas tina aspék sosial jaman
pangawulaan. Harita balubur téh ngaran tempat aya dina kakawasaan
bupati (boga hak istiméwa). Mun cara ayeuna mah meureun sarua jeung
kompléks perumahan pejabat (para menak) kabupatén. Conto séjénna nu
patali jaman pangawulaan: Patrol, Karéés, Régol, Pamager sari, Pungkur
jsté. Atuh ngaran-ngaran nu maké kecap kekebonan luyu jeung tangkal nu
dipelakna (lelewek Bandung), upamana: Kebon Kalapa, Kebon Jukut, Kebon
Kawung jrrd. éta ogé teu leupas tina aspék sosial harita. Kebon kopi di
Ciaruteun (Bogor), apan teu leupas tina sétting sosial malah kaasup
setting kultural, nyaéta tempat dkapanggihna prasasti batutulis Kebon
Kopi. Éta tempat téh ngait kana jaman ‘tanam paksa’ Culturstelsel nu
ngawajibkeun masarakatna marelak kopi. Harita leuweung dibabad pikeun
dijadikeun kebon kopi. Nepi ka ayeuna éta tempat téh nelah kampung Kebon
kopi. Titinggal cultur stelsel téh, nu abadi nepi ka kiwari sok
dikarawihkeun, cenah:
Dengkleung déngdék, buah kopi raranggeuyan
Ingkeun anu déwék ulah pati diheureuyan.
Ari ngababad leuweung pikeun kapentingan pitempateun ilaharna sok disebut ngababakan. Mun rék ngababakan tara leupas sistem kapercayaan masarakatna ngeunaan hadé-goréngna hiji tempat. Tina sistem pangaweruh masyarakatna kana panataan patempatan nya lahir istilah-istilah topografi saperti: galudra ngupuk, pancuran emas, satria lalaku, kancah nangkub jsté. Tah lembur meunang muka anyar téh sok ditarelah wé kampung babakan.
Ari ngababad leuweung pikeun kapentingan pitempateun ilaharna sok disebut ngababakan. Mun rék ngababakan tara leupas sistem kapercayaan masarakatna ngeunaan hadé-goréngna hiji tempat. Tina sistem pangaweruh masyarakatna kana panataan patempatan nya lahir istilah-istilah topografi saperti: galudra ngupuk, pancuran emas, satria lalaku, kancah nangkub jsté. Tah lembur meunang muka anyar téh sok ditarelah wé kampung babakan.
Di Bandung gé apan sakitu ngaleuyana ngaran tempat nu maké kecap
babakan, saperti Babakan Surabaya, Babakan Ciamis, Babakan Sumedang,
Babakan Ciparay jsté. Éta ngaran-ngaran tempat téh raket pisan patalina
jeung talajak sosial waktu ngadegkeun éta tempat. Babakan Surabaya
upamana, dalit pisan jeung talajak sosial, ku kajadian dipindahkeunana
instalasi militér, pabrik senjata/mesiu nu sok disebut Artillerie
Contructie Winkel (ACW) ti Ngawi jeung Surabaya ka lelewek Kiaracondong.
Ayeuna mah éta pabrik senjata téh katelah PINDAD. Ti dinya loba pagawé
ACW (urang Surabaya jeung Ngawi) nu pindah ngaradon “bedol désa” ka
Tatar Sunda. Cék Haryoto Kunto, nya ti harita aya kacapangan dina wangun
sisindiran keur ngageuhgeuykeun urang Jawa nu unina “Jawa Kowék dagang
Apu, datang poék teu diaku”. Ieu geuhgeuyan téh lantaran loba “bedoler”
datangna ka Bandung kapeutingan. Boa boa pedah naék spur “Si Kuik”
kawasna mah, anu ngadided majuna jeung loba eureunna téa. Sadatangna ka
Bandung, tuluy baé muka lembur, arimah-imah, nya katelah wé babakan
Surabaya.
Masih cék Haryoto, aya talajak sosial anu unik sabudeureun kota
Bandung harita. Bawirasa ayeuna ogé masih dipaké. Nyaéta sebutan
‘dayeuh’. Dayeuh téh mangrupa istilah anu populér pikeun ngarujuk kota
Bandung. Jadi nyaba ka ‘dayeuh’ maksudna indit ka Bandung.
Ari sétting kultural nyaéta ngurung kana ngaran tempat nu dipatalikeun jeung unsur-unsur gagasan atawa ide saperti: aspék mitologi, folklore, sistem kapercayaan masarakatna. jsb. Najan dina émprona mah dalit jeung seting sosial. Saupama ngajujut ngaran tempat, teu kakobet ku cara boh setting fisikal, boh setting sosial nya tarékah pamungkas téh maké setting kultural. Lamun loba ngaran tempat/kota di tatar Sunda nu teu bisa dijujut maké perspéktif fisikal, nya wayahna kudu dibantuan ku mitologi, folklore jeung sistem kapercayaan. Majaléngka pan ngaitna téh jeung mitologi Nyi Rambut Kasih, Bandung nyantélna jeung carita legénda Sangkuriang, Sumedang jeung étimologi Insun Medal jste. Réa kénéh ungkabeun mah saperti Tanjakan Sahrudin? Dago Jawa? Selagedang? Gado Bangkong? Curug Pangantén? Gunung Tampomas? Gunung Galunggung? jrrd. Lebah dieu perlu metakeun jampé pamaké téh. Dina nyukcruk ngaran tempat, informasina téh biasana nyamuni disatukangeun budaya nu jadi bagian integral tina kahirupan masarakatna.
Nyukcruk sarsilah ngaran Plumbon, Karapyak, Palimanan jste. mun
kurang-kurangna urang apal kana kasangtukang budaya, tangtu bakal
lebeng, bakal poékkeun. Nya cara maluruhna, kahiji ku jalan mesék éta
kecap sacara étimologis; nu kadua dipatalikeun jeung aspék sosial budaya
jaman harita ngeunaan éta tempat, saperti conto kasus Tanjakan Émén di
luhur.
Geura urang pesék, upamana Palimanan. Naon sababna bet dingaranan
Palimanan? Singhoréng aya sasakalana. Kecap palimanan téh sacara
étimologis asal kecap tina liman (Kawi) nu hartina gajah, dibéré
rarangkén barung (konfiks) pa-an nu hartina tempat. Sabada dirarangkenan
éta kecap ngandung harti tempat nu dicicingan ku gajah. Ceuk légégna
mah komplék gajah.
Naha maké aya gajah di éta tempat? Demi kota Palimanan, aya di daérah
bawahan karajaan Cirebon (Sultan Cirebon). Ari Sultan téh nya raja téa.
Demi nu jadi raja harita, (patalina jeung kontéks sosiokultural
mitis-magis) boga anggapan yén miara gajah (satwa kalangenan) mangrupa
salahsahiji kasaktén anu gedé pisan pangaruhna kana kalungguhan jeung
komara éta raja. Nurutkeun B. Anderson dina seuhseuhanana tradisi
pikiran politik Jawa (Sunda) kacida muhit jeung mentingkeunana kana
kamampuh museurkeun kasaktén. Tah lebah miara satwa di lingkungan
karaton/karajaan, dianggap bisa népakeun karakter nu sarua ka raja.
Mawat gajah (salaku mitos) dipercaya bisa ngalambangkeun kaagungan,
kakuatan sarta kasaktén éta raja/sultan.
Tina pedaran di luhur, katitén yén ngaran-ngaran pilemburan husus di
Tatar Sunda teu sagawayah. Unggal ngaran tempat téh ngabogaan
kasangtukang kasajarahan (sasakala) nu patali jeung setting fisikal,
setting sosial jeung setting kultural. Nya kekecapan karuhun urang yén
lembur matuh, dayeuh maneuh banjar karang pamidangan téh ninggang dina
kekecrék. ***
Tina Cupumanik No.17/2004
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.