Ngaran Patempatan


alun-alun tanah lapang di hareupeun kabupatén, kawadanaan, jsté.

babakan lembur anyar; ngababakan, nyieun lembur anyar.

babaladon kotakan leutik anu pernahna di bagian tanah sésém­péran; di sawaréh tempat disebut ogé baladoan.

babantar bagian walungan nu ngocorna leuwih tarik. Disebut ogé parung.

balungbang kamalir gedé sarta rada jero tadah cileuncang.

bangawan walungan nu kacida gedéna.

basisir sisi tanah (keusik) nu adek ka laut.

bojong/bobojong tanah anu nyodor ka cai (walungan, talaga, laut); jojontor, jajirah.

bubulak sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lam­ping atawa di pasir.

bungin pulo di muara walungan. Disebut ogé délta.



dayeuh kota, nya éta ibukota nagara propinsi atawa kabupatén, bisa ogé hartina lembur pamatuhan.

dungus gundukan tatangkalan laleutik nu rada rembet (di leu­weung). Disebut ogé rungkun atawa ruyuk.

émpang balong atawa kulah gedé (lega).

galengan tambakan leutik (ngagaleng manjang) ngawangun kotakan sawah.

gawir sisi jurang, tanah anu mudunna nyuksruk atawa sisi tanah anu lungkawing.

girang tempat jol ngocorna cai: cai ngocorna ti girang ka hilir.

gunung tanah anu munjukul kacida luhurna, saluhureun pasir, biasana luhurna leuwih ti 600 méter.

hilir tempat nu dituju ku cai nu ngocor lantaran leuwih handap, sabalikna tina girang.

hulu cai/sirah cai tempat kaluar cinyusu nu engkéna jadi wa­lungan.

huma tanah darat nu dipelakan paré teu dikocoran cai (ngandel­keun cai hujan), di sisina sok dipelakan palawija.

hunyur taneuh nu munjukul siga imah rinyuh di tegal atawa dina tetelar; imah rinyuh.

jajirah bagian tanah daratan nu méh kakurilingan ku laut (méh mangrupa pulo).

jami huma tipar, robahan tina jarami; geus rumpak jami, geus réngsé panén di sawah.

jojontor tanah nu nyodor ka cai, leuwih panjang ti batan tanjung; bobojong.

jungkrang/jurang bagian tanah anu legokna jero sarta sisi-sisina gurawés.

kabuyutan tempat anu dianggap karamat, patilasan jaman baheula.

karéés sisi walungan nu réa keusikan minangka kikisik; cadas.

kebon tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan saperti bungbuahan, palawija, jeung sarupaning ti éta.

kikisik sisi laut nu mayat sarta keusikan.

kuburan tanah tempat ngubur mayit; makam, astana.

kulah balong leutik, tempat miara lauk. Mangrupa cai ngemplang dina tanah beunang ngali.

lamping bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutug­an­ana; bagian gunung luhureun tutugan atawa sukuna.

landeuh tempat anu leuwih handap ti tempat urang, sabalikna tina tonggoh (tempat, pakarangan atawa jalan anu leuwih luhur).

laut bagian dunya nu dieusi cai asin, sarta nu misahkeun daratan jeung daratan; sagara.

lebak tempat nu leuwih handap ti batan tempat urang cicing, sabalikna tina tonggoh; landeuh.

legok tempat nu rada handap ti tempat nu aya di sakurilingeunana.

legon bagian basisir anu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leu­wih leutik.

lembur kampung di luar kota, padumukan jelema nu diwangun ku sababaraha imah.

léngkob tempat anu legok antara dua lamping.

leuweung tempat lega atawa wewengkon nu pinuh ku kakayon (tatangkalan) sarta teu dipaké matuh ku jelema. Kajaba ti nu ngajaga, biasana panonoban sato jarah.

leuweung geledegan leuweung anu sakuriling bungking pinuh ku rupa-rupa kakayon sarta teu kasaba ku manusa iwal saru­paning sasatoan.

leuweung gerot leuweung geledegan, leuweung gedé.

leuweung ganggong simagonggong leuweung nu kaayaanana geueuman, pikasieuneun.

leuweung larangan/tutupan leuweung nu teu meunang digang­gu boh sasatoanana boh tutuwuhanana.

leuweung luwang-liwung leuweung geledegan nu teu kasaba ku jelema.

leuwi[b/] babagian walungan nu rada jero tur biasana rada rubak.

[b]mandala
daérah, wilayah lembur; lembur singkur mandala sing­kah: lembur nu jauh ka ditu ka dieu.

momonggor/monggor pasir nu rada handap sarta leuwih leutik.

muhara[b/] tungtung walungan di hilir, tempat patepungna wa­lu­ngan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gedé.

[b]mumunggang/geger
bagian gunung pangluhurna, tonggong gunung anu manjang.

pabuaran tempat bubuara matuh di tempat anyar. Anu ngumbara sok loba nu terus bubuara, tara balik deui ka lembur asalna.

padépokan/dépok kampung, patapan; patapan biasana ayana di nu suni.

padukuhan padumukan nu jauh ti kota; padusunan

padusunan pakampungan nu jauh ti kota.

pamakaman patempatan/wewengkon anu dipaké kuburan/as­tana.

pasir gunung leutik tur teu sabaraha luhur.

pasiringan pakampungan, padésan (asal tina siring: kampung).

ponclot/poncot bagian pangluhurna tina gunung, munara, jsb.; puncak.

puncak bagian gunung anu pangluhurna, atawa ponclot.

régol kampung nu pernahna aya sabudeureun gedong kabupatén beulah tukang.

reuma tanah darat urut huma anu keur direureuhkeun lantaran geus teu subur deui.

rorah cai ngocor sarupa susukan, ayana di leuweung.

sabang tanah darat nu dihapit ku dua walungan.

sagara ilikan laut.

sampalan tegal tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah.

sarakan/paku sarakan tempat lahir, lemah cai.

sawah tanah anu dipelakan paré, dikembeng, dikurilingan ku galengan.

sédong angkrong di sisi walungan di jero leuwi.

situ balong nu leuwih lega sarta rada jero.

somang jurang anu gurawés sarta jero.

sungapan tempat ngocorkeun cai ti walungan atawa solokan ka sawah, ka balong.

susukan solokan jalan cai beunang nyieun jelema.

talaga situ alam nu jadi ku manéh lain meunang nyieun jelema (upamana Talagawarna, Talagabodas).

taman/patamanan kebon kembang jeung tatangkalan séjén nu alus sarta lega.

tambakan bendungan panjang sarta rubak (tambakan balong); panahan cai balong, ayana di sakuriling balong. Mun di sawah mah ilaharna sok disebut galengan.

tanjung jojontor, tanah anu nyodor ka laut.

tarikolot tempat/daérah urut lembur, lembur nu tadina gegek imahna kaayaanana robah jadi coréngcang.

tegalan tanah lega sarta rata nu sabagian gedé pinuh ku jukut wungkul.

teluk bagian sisi laut anu ngelok ka darat, sabalikna tina tanjung.

tepiswiring sesebutan séjén keur pasisian atawa pilemburan.

tetelar tanah datar di tengah sawah nu teu kahontal ku cai, biasana sok dipaké pangangonan.

tipar pihumaeun méméh disasap atawa dipacul.

tonggoh tempat anu leuwih luhur ti batan tempat urang cicing.

tutugan suku gunung, bagian gunung beulah handap.

wahangan jalan cai anu jadi ku manéh, nyaéta walungan anu leuwih gedé batan solokan.

walungan wahangan gedé. Disebut ogé bangawan


(Kénging nyutat tina Pepernian Urang Sunda, Kiblat Buku Utama, 2005)

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona