Pupuh Jeung Conto Tembangna

Asmarandana ngarupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, jeung nyaah.

Conto tembang

Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Balakbak ngarupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun heureuy atawa banyol.

Conto tembang

Aya warung sisi jalan rame pisan; citameng
Awewena luas luis geulis pisan; ngagoreng
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyet; nyanggereng
Dangdanggula ngarupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.

Conto tembang

Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina
Durma mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.

Conto tembang

Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Heunteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit
Gambuh mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.

Conto tembang

Ngahuleng banget bingung
Heunteu terang kamana nya indit
Turug-turug harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun, aya meong

Gurisa mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.

Conto tembang

Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang
Jurudemung mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.

Conto tembang

Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Geus pinasti
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung
Pupuh Kinanti mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.

Conto tembang

Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
eangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih
Lambang mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
Conto tembang
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Magatru mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
Conto tembang
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong
Maskumambang mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.

Conto tembang

Hey manusa mana kaniyaya teuing
Teu aya rasrasan
Kawula make disumpit
Naha naon dosa kula
Mijil mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.

Conto tembang

Mesat ngapung putra Sang Arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak-lirik ninggali ka bumi
Milari sang rai
Pangeran Bimanyu
Pangkur mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.

Conto tembang

Seja nyaba ngalalana
Ngitung lembur ngajajah milangan kori
Heunteu puguh nu dijugjug
Balik paman sadaya
Nu timana tiluan semu rarusuh
Lurah begal ngawalonan
Aing ngaran Jayapati
Pucung mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
Conto tembang
Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jaralang belang buntutna
Sinom mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.

Conto tembang

Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang
Wirangrong mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.

Conto tembang

Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara
Ladrang mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.

Conto tembang

Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah
Coba teguh masing telik
Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona