P(M)urwakanti

Purwakanti nya éta sarupaning mamanis basa anu digunakeun kana sora boh vokal boh konsonan. Iskandarwassid (2003: 120) nétélakeun wangenan purwakanti sakumaha kaunggel di handap ieu:
“Purwakanti téh nya éta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi); pernahna boh ngarandeg, ngajajar, horisontal (dina sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy, pértikal (antara jajaran, padalisan )”
Salmun (1936: 32-46) nétélakeun yén purawakanti dibagi-bagi jadi sapuluh rupa, éta purwakanti téh ngawengku:
1) Pangluyu, nya éta purwakanti nu ngaluyukeun sada atawa wianjana dina kecap-kecap.
Contona nya éta:
Nya jorok nya botrok (rok-rok)
Nu méncrang mani hérang
2) Maduswara, nya éta purwakanti anu mamanisna téh sora.

Contona:
Diri anu ngarasa nyeri (i-i)
Raga nu ngarasa lara (a-a)
3) Cakraswara, nya éta sora anu patukeur tempatna dina kecap.
Contona:
Hirup jeung hurip ( hirup-hurip)
Alus teu karana pulas (alus-pulas)
4) Laraspurwa, nya éta engang anu sarua sarta ayana di hareup, dina ngamimitian kecap.
Contona:
Numawi matak mandawa (ma-ma-ma)
Kolot-kolot kokorobet (ko-ko-ko)
5) Mindoan kawit, nya éta upama kecap anu murwakantina téh kecap-kecap anu panghareupna.
Contona:
Ulah sirik ka pangampih (ulah)
Ulah kabawa ku sakaba-kaba (ulah)
6) Mindoan wekas, nya éta upama anu murwakantina kecap lebah tungtung.
Contona:
Tong nuduh saméméh aya bukti (bukti)
Anu daékeun jeung anu sumakti (sumakti)
7) Laras madya, nya éta anu murwakantina di tengah.
Contona:
Nu hurung sariga layung (sariga)
Nu hérang sariga béntang (sariga)
8) Laras wekas, nya éta nu murwakantina di tungtung engang .
Contona:
Burudul ménak ti kidul (ul-ul)
Nyeri peurih geus kapanggih (ih-ih)
9) Margaluyu, nya éta anu biasana malikan deui kecap anu aya di tungtung ungkara diteundeun di awal ungkara
Contona:
Sing tapik ngawisik diri,
diri kudu diriksa
hadé luar jeung jerona,
jerona kabatinan
10) Mindoan kecap, nya éta maké kecap éta-éta kénéh dina hiji kalimah, tapi béda-béda hartina.
Contona:
Estu matak buntu laku, duméh dagang henteu laku.

Dicutat tina Skripsi Eka Herianto SPd

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona