Pidato Seserahan Basa Sunda

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN 

Asalamualaikum Warohmatulohi Wabarokatuh Bismillah Alhamdulillah Asolatu Wa salamu Ala Rosulillah Wa ala alihi wasoh bihi wama walah Wa Lahaula wa lakuwata ila bilah. Ama ba’du 
Hadirin rohimakumulloh 
Sadaya puja sareng puji syukur nu utama saleresna eta kagungan gusti Alloh nu murbeng alam, rohmat miwah kawilujengan mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. ka kulawargina ka para sahabatna sareng kasadaya umatna nu tumut kana sunahna tigin kana ajaranan dugi ka akhir Zaman. 
Kanca Mitra miwah Sepuh-sepuh anu mulya 
Simkuring sakulawarga miwah pun dulur sadaya tumorojog tanpa larapan nyanggakeun wilujeng tepang, tipayun manuhun seja nyambat nyebat ma’af, cukup lumur jembar hampura, bilih kirang tata titi duduga peryoga. 
Hadirin rohimakumulloh 
Simkuring sakulawarga miwah pun dulur sadaya, jauh dijujugjug anggang diteang paripaos nete akar ngeumbing jangkar, kumarayap dina gawir, leueur-leueur kundang iteuk, poek-poek dadamaran, seja nyusul tepus bukur catur nu kapungkur, asil sawala ti baheula, badanten anu ti payun, badami anu kamari, kalayan kasunduk karujuk sesepuh, mupakat kadang warga. Samiuk sauyunan, saluyu sapagodos yen pun anak anu wastana………………………… sareng tuang putri anu nami………………….... anu parantos sami-sami pasini ti bihari jinis sareng jinis dilaksanakeun sangkan ngahiji lalaki rabi. Kumargi kitu danget ieu kasanggakeun jirim jinisna, anu baris janten papasangan tuang putri. 
Hadirin Anu Mulya 
Nanging Insya Alloh, sim kuring seren-sumeren teh ulang-along marga hina, indit peuting miang beurang, labuh curug ragrag jurang, katinggang pangpung dihakan maung, baliluna, wangkelangna, culangungna, nyanggakeun kana atikan urang dieu, ka kotana, ka lautna, ka gunungna, teu rumaos leungit da sanes bade dipingit. Bilih bade dipiwarang naktak mundak, nanggung sundung, ngala pangpung ka gunung mangga teh teuing. Geutih na satetes, buukna salambar, ambekana sadami, ti hareup sakiceup sieup,ti gigir sarincik manik, ti tukang saringkang wayang, ti luhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, ti tengah-tengah kahandap sajengkal tina bujal, dina waktos ayeuna sim kuring teu ngaraos ngagaduh-gaduh deui, mangga nyanggakeun, saur paripaos rek dibeureum rek dihideung sanaos rek sina macul sapeuting teu eureun-eureun oge, mangga teh teuing. Bilih aya batu galieun, cadas tugareun da linggis mah tos sayogi.  
Kanca Mitra miwah Sepuh-sepuh anu mulya 
Mung Hapunten sim kuring masrahkeun teh saur pari paos: “ Daun jeungjing jeung sandawa, di gantelan daun cula. Henteu jingjing henteu bawa, datang seja kumawula.” Teu harta teu harti teu ka bisa, anggeuy-anggeuy mawa seureuh, cunduk ukur mawa curuk, sumping ngan ngajingjing cinggir, datang ukur mawa tarang, mangkaning curuk na ge curuk bengkung, cinggir nage cinggir garing, tarang nage tarang lenang, kitu ge pinuh ku kesang, manggul kulit taktak ngagagandong tulang tonggong, ngagembol nu sok ngompol. Kukituna saur pun anak salaku calon panganten pameget cumarios ka simkuring: “Sok sanaos jalan rumpil, regang cucuk saliara, kalandeuh bade ngeureuyeuh, kalamping moal teu sumping, sanaos kedah di sinjang asal nyampak anu lenjang.” Kahayang mah nurutkeun galur karuhun, mapay tapak wongatua, mung nyakitu galurna teu katuturkeun, tatana teu kanyatakeun, lintang awi koneng saleunjeur, dihapit ku muncang kembar nu ngagantung teu di tanggung, nu ngagawing teu dijingjing. 
Hadirin Anu Mulya 
Etang-etang tilam sono nyanggakeun kagegelan, ka asih sareng ka tineung, panyombo kanu bahenol, ngupahan kanu lenjang, ngupah-ngapeh nu rancunit. Nanging sih hapunten nu kasuhun da babantunan oge mung sakadarna, kukintuna ulah ditingal barangna nanging ditingal tina niatna sumangga nyanggakeun. Salajengna mangga urang sami ngadu’a mugi-mugi rumah tangga pun anak sing raweuy beuweungeun, rambay alaeun, bari genjah ku pidu’a ti para sepuhna, tiasa ngawangun rumah tangga anu sakinah, mawadah, warohmah, kalayan kenging rido ti gusti nu maha suci Alloh ilahi robbi. Birahi jadi pamatri, asmara jadi pangjaga, jadi benteng nu tohaga dina ngawangun rumah tangga, teu ingkar ti mardhotillah. Amin ya robal alamin....................... 
Hadirin Anu Mulya 
Panungtung catur pamungkas carita, bobo sapanon carang sapakang, paralun ampun nu kasuhun, jembar hampura anu kateda. 
Bilahitaufik wal hidayah wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh 

PIDATO NAMPI PANGANTEN 

Asalamualaikum Warohmatulohi Wabarokatuh Bismilahirohmanirohim, alhamdulillahirobil alamin, asolatu wasalamu ala sayidina muhammadin wa ala alihi wasoh bihi ajmain, Ama Ba’du. 
Hadirin rohimakumulloh 
Nu utama dina munggaran cumarita lintang ti mangga urang sadaya, Muji syukur kanu agung, ngadu’a kanu kawasa, anu parantos maparinan kanikmatan sareng kabarokahan ka urang sadaya, dina danget ieu urang tiasa patepung lawung, patepang raray, riung mungpulung silaturahmi dina ieu pajemuhan. Rohmat sareng salam mugi tetep ngalir ka kanjeng Nabi jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad S.A.W. ka kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka umatna nu taat kana ajaranana dugi ka akhir Zaman. 
Kanca Mitra miwah Sepuh-sepuh anu mulya 
Alhamdulillah sim kuring atas nami kulawargi panganten istri ngahaturkeun sewu nuhun laksa ketikabingahan ku kasumpingannana para sepuh miwah wargi sadayana. Purwana kalayan di pitembeyan kuhatur pangbagea, jalaran puguh ditunggu-tunggu ti kapungkur, dianti-anti ti kamari kiwari sumping, hatur nuhun kasadayana. Ngahaja sim kuring ngulem tatangga nu caraketna nu tarebihna, tinu anggang datang, tinu tebih sumping, tinu jauh rawuh, mangga bae tingali sanes bae para sepuh nanging bujang-bujang garandang, mojang-mojang lalenjang, parantos sami hempak merbayaksa. Sim Kuring sapiriumpi estu asa kagunturan madu ka urugan menyan putih, bingah amarwatasuta bingahna kagiri-giri bingah tanpa wates wangena, kuningali aleutan nu ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang, saur kidalang mah lir sela sibalakitik, lir sireum bijil tina batu. 
Hadirin Anu Mulya 
Cenah eta nyandak bedog nyandak linggis sareng sagala rupina mani angkaribung, sim kuring sakulawargi ngahaturkeun nuhun pisan. Nanging sayaktosna mah da sanes barang jingjing nu di pambrih, da etamah sakadar adat biasa talin paranti bihari, nu penting mah ati suci anu wening janglar manah ti sadayana. Sawangsulna simkuring nampi teh ukur tiasa nyalikeun, teu sasayagian naon-naon, henteu pusak-pasak, teu nguah-ngaeh, nu disayagikeun teh ukur balungbang timur, bulang-baling balungbang bala biwirna. 
Hadirin rohimakumulloh 
Majar teh nyandak bedog sareng linggis, estu kukaleresan pisan. Di dieu mah mung gaduh pasir nu bulistir, leuweung leutik lebak jero, areuy kembang geusan muntang. Asep bilih hidep ngarasa hanaang, kapan aya dewegan keur ngaleueut, peueut nu matak kareueut, gula kawung amis sapasi. Mun engke ngaraos lapar ulah ringrang salempang, margi sangu koneng geus nalengtong, lalab leunca geus sadia, paisan mangga dibuka, bakakak hayam geus nembrak. 
Hadirin Anu Mulya 
Sakitu nu kapihatur, bilih ngalantur loba catur tanpa bukur, bilih aya carios kirang patotos, pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakang, margi tebih tina marganing utami, tina sagala katunaan miwah kasudaan, pamugi sarebu teu janten bendu kalbu, salaksa teu rengat manah, wening galih nu dipambrih, paralun ampun anu kasuhun, jembar hampura anu kateda ti lahir dugi ka batin. 
Dipungkas Bilahitaufik wal hidayah wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh

Comments

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona