Candi jaman SALAKANAGARA Kadétéksi ku Satelit NASA

NASA, badan luar angkasa AS, kungsi motrét tumpukan batu di wewengkon Lebak Cibedug Banten. Ieu adegan jiga candi, legana leuwih ti duakalieun Candi Borobudur.ngan jangkungna sahandapeun Borobudur.
SAWATARA waktu anu kaliwat badan luar angkasa AS, NASA, kungsi manggihan hiji adegan jiga bangunan candi, perenahna di Lebak Cibedug, wewengkon Banten. Ceuk maranéhna, éta tumpukan batu téh legana duakali ngaleuwihan Candi Borobudur. Ieu papanggihan, teu digegedékeun da meureun teu dianggap penting keur maranéhna mah, keur mah urang Indonésiana ogé jiga teu hayang nyaho, nya kaasup urang Sunda, tempat dimana éta adegan jiga candi aya. Nu nyarahona, pédah kabeneran maca artikel pondok anu dimuat dina salah sahiji web internét. Ngan baé lamun mah urang Sunda eungeuh kana pamoyok deungeun yén Sunda mah miskin ku titinggal nu mangrupa fisik, nya ti dieu waktuna urang Sunda ngabantah kana pamoyok deungeun.

Pangaweruh urang Sunda ngeunaan kabeungharan bukti arkéologi, sabenerna mah geus nyampak, sakurang-kurangna keur para kolot nu aya di lembur. Da ceuk maranéhna mah, naon-naon anu jadi bukti lahir ngeunaan sosial-budaya di Sunda téh geus nyampak ti jauh mula kénéh. “Kabudayaan mah, datangna ti Sunda. Mimitina saréréa nyangka, ieu budaya Sunda téh (ti kulon), dibawa ka wétan (Jawa), ku urang wétan kakara dimekarkeun. Tétéla kabeungharan budaya Sunda teu basajan sarupa kitu. Malah ampir satengahna planét bumi, dieusian ku budaya anu mimitina datang ti wilayah Sunda,” ceuk almarhum Radén Lalam Wiranatakusumah dina paguneman sataun ka tukang jeung UGa di Majalaya. Harita, mimitina mah ukur dipapagkeun ku heueuh-heueuh bueuk, sabab can manggihan référénsi nu dianggap sohéh ti para ahli. Ngan béh dieu béh dieu, geuning kalahka beuki narémbongan bukti-bukti fisik mangsa lawas tatar Sunda téh. Majalah UGa dua nomer ka tukang ogé pan kungsi ngalaporkeun yén di wewengkon Wanaraja Garut, di jero taneuh, nyao sabaraha puluh méter ka handap, kapanggih aya adegan jiga piramid. Ceuk kolot-kolot di dinya, éta adegan pamujaan téh, geus aya ti 40.000 taun kalarung. Malah tepikeun ka jaman Karajaan Galuh, urang Galuh gé masih kénéh apaleun. Dina mass-média séjén ogé pan aya papanggoihan anyar deui, yén cenah adegan jiga piramid, sarua geuskapanggih di wewengkon Gunung Lalakon, Kabupatén Bandung, umurna geus puluh-puluh abad.
Balik deui kana inpormasi kadétéksina adegan jiga candi Borobudur di Lebak Cibedug ku satelit NASA, sabenerna ukur ngeuyeub-ngeuyeub inpormasi wé. Da jauh saméméhna ogé ari kolot ti wewengkon Banten mah geus loba anu cacarita. Ngan meureun teu dipalercaya téh, ari béja anu datangna ti kolot baheula mah teu dianggaop ilmiah,malah deukeut-deukeut ka dianggap dongéng, anu nu ngabuktikeunana bangsa deungeun mah, nyatana Amérika, saréréan papada unggeuk ngaenyakeun da ieu mah écés ngawakilan pangaweruh anu jembar ku paélmuan modérn. Ari ngadéngé kecap modérn mah urang téh sok tara hamham.
Inpormasi anu jolna ti masarakat tradisional ngeunaan adegan jiga candi di Lebak Cibedug mah kieu.
Éta adegan pamujaan anu jiga candi téh, perenahna di mumunggang Gunung Pulasari, kaéréh ka Kacamatan Menés, Pandéglang, Banten. Ieu téh titiggal Karajaan Salakanagara, dijieunna dina jaman Raja Déwawarman VIII, antara taun 348-363 Maséhi.
Ieu raja dina taun 348 ngararancang hayang nyieun bangunan puseur pamujaan. Tapi kakara dua taun ti harita ari prakna mah. Nya raja téh masrahkeun proyék pangwangunan ka para arsiték anu dipingpin ku insinyur bangunan nu katelahna Ki Mahadhir Réndra. Ngan ku sabab di tengah-tengah nganggeuskeun proyék, Ki Mahadhir Réndra maot, pingpinan proyék disérénkeun ka Ayi Réndra, anakna insinyur nu maot téa.
Nu migawéna 350 urang kuli bangunan, dianémeran ku putra raja nu katelahna Ramayaksanwarman tur dikawal ku 93 ponggawa.
Salila 20 taun ieu proyék téh kakara réngsé, ladang beurang peuting dipigawéna. Sanggeus réngsé, adegan pamujaan téh dingaranan Pura Trasna Mandir, atawa ogé disebut Rakashan Déwa Natus.
Ieu adegan téh mémang leuwih ti dua kalieun rubakna Borobudur. Ngan duméh ka luhurna, jangkung kénéh Borobudur. Borobudur mah luhurna téh leuwih ti 144 méter, ari Pura Trasna Mandir mah ukur 63 méter. Mun Borobudur ponclotna mangrupa stupa agung, nyungcung ka luhur, ari Pura Trasna Mandir mah, di puncakna datar, duakalieun lapang volly sabab dihaja jang dipaké tempat sarila para jamaahna. Cenah mun sarila ngabérés rapih, bisa dipaké sila ku 275 urang.
Pura Trasna Mandir diwengku ku salapan umpak jiga Borobudur. Saumpak téh jangkungna salapan méter. Ieu pura ngagunakeun bahan batu kapur. Arsitekturna leuwih basajan. Jeung anu ngabédakeun jeung Borobudur, Pura Trasna Mandir teu maké arca. Hal ieu ukur ngécéskeun yén urang Karajaan Salakanagara teu muja kana arca. Kawas ceuk ucapan Raja, Pura Trasna Mandir jang ngagungkeun anu yiptakrun bumi jeung langit katut sagala eusina. Jaman harita nyebutna ka Anu Murbeng Alam téh Sanghyang Langlayang Déwa Rangketan Bumi.
Hanjakal, umur ieu pura kawilanag pondok, sabab dina taun 372 Maséhi aya musibat alam, nyaéta musibat lini (gempa) anu kawilang badag. Pura Trasna Mandir ancur burakrakan, batu-batuna ngaleuya ka mamana. Nu matak anu katéwak ku sateliut NASA téh sabenerna mah ukur tumpukan batu.

Tina : https://www.facebook.com/groups/www.fauzisalaka/permalink/10155382097243723/

Comments

  1. Your post was a fantastic contribution. Thank you for sharing your knowledge! Also check the 3d printed gun laws by state

    ReplyDelete

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona