Sunda jeung Islam (Dok Salakanagara)

Aya sawatara jalmi nu nyebat Sunda teh Islam, Islam teh Sunda. Ari nyeples pisan kitu mah rupina henteu, lantaran basis geopolitik (baheula dugi ka ayeuna) antara Arab jeung Sunda langkung seueur bedana batan saruana. Ngan husus mun dina bagbagan "elmu" mah loyog pisan kadinya, natrat raratan kantetan ilmiahna nu bisa nepi kalayan jentre nerangkeun yen Islam jeung Sunda teh puguh tali-tumalina. Kusabab lamun rada leleb nalungtikna mah, ari Sunda teh geus dipikaheman ku Rasulullah saw ti 14 abad ka tukang. Ieu bangsa geus dipicangcam ku Alloh jeung ku Rasulullah ti ajalina, sabab ieu bangsa baris nampi tugas ti Gustina, jadi wewengkon pamanggul kabangkitan peradaban anyar di ahir zaman. Kitu, sahenteuna, eta kasimpulan anu ku simkuring diparcaya tina panalungtikan mangtaun-taun anu enya-enya.

Haaaah ! Emang aya kecap "Sunda" dina hadits Rasululloh saw? Nu bener?
Nya aya atuh, na bet keder. Teu salah-salah teuing lamun baheula si rahul nyarita "Indonesia dicipta Tuhan dlm keadaan tersenyum." Dina basa pantun, sok rajeun Sunda disebut "bangsa Sunda" anu hartosna lain ukur "Sunda etnis" tapi oge "Sunda benoa", da baheula mah Sumatra-Jawa-Kalimantan teh ngahiji keneh disebutna Sundaland. Kabehdieuna saba'da permukaan cai laut naek 120 meter, nya sabagian daratna karerem, Sundaland pecah jadi tilu pulo garede, muncul weh Selat Sunda nu misahkeun Jawa jeung Sumatra. Titik tengah antara Sumatra-Jawa-Kalimantan eta nu ku Notradamus disebut "aquatic triplicity". Ti dinya baris bijil "the man from the east, he strikes everyone with his rod." Cindekna, kapamingpinan anyar baris muncul ti wewengkon Sunda benoa, cindekna deui ti Sunda etnis, leuwih cindekna deui ti Sunda jati (Sunda anu nyunda). Ieu, lain soal etnisitas, tapi soal jati-itas (autentisitas; autenticity) alias soal elmu lain soal darah wungkul.
Samalah mun telek mah dina ayat-ayar Al-Qur'an oge lain ukur ngaguar Sunda, bahkan kisah Pajajaran oge aya. Piraku euweuh, pan urang teh nagri anu panglobana jumlah umat Islamna. Maenya bangsa anu sakieu gedena teu aya sakecap-kecap acan dina Qur'an pon kitu deui dina hadits !? Baheula, urusan keluarga Zaid bin Haritsah oge bet aya asup dina Qur'an. Ngimpi nabi Yusuf as keur budak oge aya na Qur'an. Kisah Qobil maehan Habil oge aya na Qur'an. Kisah2 nu sifatna pribadi oge aya dina Qur'an. Komo kisah-kisah nagri2 mah pabalatak dina Qur'an. Na, Indonesia anu sakieu gedena, pernah jadi bangsa jajahan mangtaun-taun, asa piraku teu aya cutatna dina Qur'an ?
Ceuk basa tatangga, Gusti Alloh ora sare. Alloh nu nyiptakeun ieu dunya Maha Uninga naon nu baris kajadian di ahir zaman, yen Indonesia teh nagri pangloba-lobana panganut Islam di saantero nagri2 di bumi. Eta kersaning qodrat-irodat Alloh. Indonesia dijajah ratusan taun, eta oge kersaning kodrat-irodat Alloh. Nu kaaos tina ayat2 suci Al-Qur'an, di ahir zaman Alloh gaduh rencana anu kacida ahengna jang ieu bangsa anu "ngahaja" geus dikekeyek lila.
Keun eta mah tuluykeuneun anu panasaran. Ayeuna urang fokus bae kana hadits Rasulullah saw: "uthlubul 'ilma walau bish-shind". Ceuk bahasa populer baheula urang di sakola, belajarlah hingga ke negeri Cina. Teu sadar eta tarjamah teh salah kaprah, salah anu geus mangabad-abad. Aya oge sawatara anu ngamasalahakeun sanadna lemah, bari mopohokeun substansi. Dina ilmu politik, mirip golongan positivism (teori modern). Nu teu puguh sanadna, teu bisa dijadikeun dalil, ceunaaah. Teu sadar yen elmu geus lain deui, sabab dina teori postmodern mah, teu nempo fokus kana sahihna sanad, tapi kana isi (substansi).
Eta hadits mun diterjemahkeun kieu, "belajarlah elmu miski/hingga ka nagri Shind". Ku elmu kiwari kabaca, eta ditulisna ku huruf shod, lain ku sin atawa syin. Mun "sin", enya bisa dihartian Cina. Mun "syin", enya bisa dihartikeun China. Tapi ieu mah pan "shod." Jadi, eta hadits jentre teu aya tali-tumalina jeung Cina/China.
Atuh nagri naon ari "Shind" teh? Di mana eta nagri? Mani hebat dijadikeun rujukan ku kangjeng Nabi?
1). Kajian basa
Emang teu kajeueung yen dina kecap "Sunda" dijerona aya huruf "shod". Lantaran simkuring mah lumintu nalungtik basa-basa, kecap-kecap, huruf-hurup tradisi tutur (utamana uga jeung pantun), nya gorehel wae dina Pantun Bogor lakon Ngadegna Nagara Pajajaran aya kalimah anu unggelna kieu:
"Tah, tiap-tiap dingaranan oge meureun tangtu aya maksudna. Nya kitu oge ngaran Sunda, asalna tina basa heubeul urang. Nyaeta Sou-eunda nu pihartieunnana wareh nu nyampurnakeun."
Ari keur simkuring mah eta jentre, ucap "Sou-eunda" teh mun dina basa Arab ditulisna ku huruf "shod", henteu ku "sin" atawa "syin". Jadi, tina hasil panalungtikan langkung ti 5 taun, simkuring dugi kana kayakinan yen "uthlubul ilma walau bish-shind" teh maksudna "belajarlah ilmu meskipun/ hingga ke negeri Sunda."
2). Kajian geopolitik Sunda-Arab
Sunda ngadeg taun 611, disusul Galuh ngadeg taun 612 (Ekadjati, 2009: 129), semntara Rasul bi'tsah (diutus jadi Nabi/Rasul) dina taun 611 (Mubarakfury, 1997: 90). Nyata saentragan pan !
Pendiri Galuh, Resiguru Wretikandayun, zaman harita tos ngagaduhan Watang Ageung, nyaeta "kitab undang-undang" (Ekadjati, 2009: 129-130). Ceuk simkuring, eta Undang-undang pangheulana nu aya di dunya, sabab Magna Carta wae anu dianggap sabagi dasar2 UUD pertama di Barat karek bijil taun 1215 di Inggris, semntara Piagam Madinah munculna taun 622.
Salain Watang Ageung, Resiguru Wretikandayun oge netepkeun Purbatisti, anu eusina "ajaran leluhur, himpinan peraturan, adat atau tradisi yg berlaku di masa lalu" (Ekadjati, 2009: 132). Dina eta Purbatisti, anak raja anu "semplak wajah" alias ompong teu meunang jadi putra mahkota. Anak raja anu burut (punten) oge teu meunang jadi putra mahkota. Eta ku apik-apikna seleksi kapamingpinan numutkeun Purbatisti di zaman Galuh Wretikandayaun. Komu deui amun anu cacat, pimohalan kataji.
Aya hiji deui dina Purbatisti anu unik, syarat jadi raja, nyaeta kudu "pertapa" (ahli tapa). Tapa dina basa harita lain menekung mujasmedi sorangan di tempat suni. Hartina tapa teh "bekerja menurut status, tugas, dan profesi" (Ekadjati, 2009: 185-186). Tapi tapa oge ngandung harti "puasa alias mengekang diri utk tdk melanggar pantangan" (Al-Banjari, 2017: 36). Ceuk basa teori kapamingpinan, nu disebut "tapa" teh nyaeta self-regulation (Avolio & Gardner, 2005: 325-326). Jinekna, harti tapa teh (1) kerja profesional jeung (2) mengekang diri/self-regulation.
Conto, eta kecap diabadikeun ku raja Galuh, Prb Wastukencana, dina batu tulis Kawali, aya kalimat anu munggaran pisan:
"Nihan tapa di Kawali...", bayangkeun eta ucap andap-asor ti raja Sunda anu adiluhung anu bertahta salila 124 taun. Teu aya balaga, teu aya adigung. Hartosna, "Simkuring anu nuju kerja profesional tur mengekang diri di kerajaan Galuh Kawali." Teu nyebatkeun "ngaing raja" atawa "kaula kawasa," tapi tanda ngabdi ka rahayat bari jeung moal nipu, moal khianat, teu korup, teu makmak-mekmek, teu mampang-mumpung, miski rahayatna sakabeh geus sejahtera. Subhanalloh, Mahasuci Alloh anu ngadamel pamingpin Sunda ngawatak jiga kitu.
3). Kajian tauhid
Urang Sunda ti awal mula keneh geus boga kayakinan ka Nu Maha Tunggal. Aos ieu basa dina Pantun Bogor lakon Ronggeng Tujuh Kalasirna
"Saha anu engke ngadeg Raja Jaman? Apanan inyana tea Parabu Agung Siliwangi Anu Pamungkas, anu balik deui jadi Raja. Lain pieun ngabales nu anggeus-anggeus, tapi pieun jadi bukti Kawenangan Inyana Anu Nunggal Maha Kawasa."
Tah di palebah ieu, sarua jeung kayakinan dina Islam, nyaeta parcaya kana Maha Tunggalna Gusti Alloh. Ieu di antawis alesan, kunaon Islam adaptif di nagri Pajajaran/Sunda ti harita tug dugi ka ayeuna.
Rupina tos cekap argumen, yen sadayana (kajian basa, kajian geopolitik, kajian tauhid) eces ebreh netelakeun yen Sunda jeung Islam kompatibel (saling nguatkeun, saling isi, saling nyampurnakeun).
Harita Rasululloh ngaluarkeun dua kawijakan akbar, kahiji mun nyangkut pasualan "keamanan", para sahabat disarankeun hijrah ka nagri Habasyah, sabab saur Rasulullah, "Di ditu aya Raja Nasrani anu adil." Kadua, mun nyangkut pasualan "elmu" Rasululloh miwarang ngarujuk nagri Sunda, "uthlubul 'ilma walau bish-shind" (belajarlah ilmu hingga ke negeri Sunda/Galuh." Mangga nyanggakeun!
Pun tabe pun,
--ki Lutung
7 Jan 2018

Comments

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona