Jampe-jampe kolot Baheula (Dok.Salakanagara)

Bisi budak hareeng
bismilahirohmanirohim
tiis batan cau kole di ala ku odeng odeng
ceup tiis 3x
Nyarang Hujan
bismilahirohmanirohim
nini raspati jaya ning angin
embah buyut dalem jaya kusumah,,,,
:: bari nahan nafas, baca 7 x
Jampe Nguseup:
nini beutekuk hulu
aki betekuk hulu
nu mondok di gowok cadas
sor blenong 3x
kirim aing cacing kuning
tali na rantay emas
jol aing jol sia
ah lauk 3x
Arateul alatan tangkal anu merang:
bismilahirohmanirohim
Hantu daun baruang tangkal
di ala ku sang kuda putih
hurip
waras !!!

PANYINGLAR AMUN AREK SARE:
Dug sira gumulung nyanghulu ka sagara, nunjang ka balangbangan, nyagigir ka lingga manik, nangkarak ngalingga tarang, nangkuban turut bayuan, ulah katindih ku jangji, ulah katinggang subaya, istan palias, istan palias !!

SINGLAR ANU JAIL KANIAYA:
Tutup gedong kancing wesi
Dipager ku Sang Rumuhun
Ku Ratu anu ngajajar
Nay Ratu anu ngajejer
Anu ngajajar dina karang
Anu ngajejer dina lawang
Manusa tinggal ngadeg
Jampe NYERI BEUTEUNG:
Sanjati tali ari2
Peujit pabeulit puseur pacangreud
Dibeungkeut ku tali kincir
Dikeureut ku hinis putih
Tiis dingin tali purna
Hurip waras
Hurip waras
Hurip waras
Waras hurip!
Jampe nu Gering:
Kaula deuk ngabuktikeun nu nulis diri, mukakeun wekasan badan Si…..(sebat ngaran nu gering nyambung ka INDUNG BAPANA)
Asal cai anu putih
Lain cai anu putih
Ngaguruntul geus jadi balung
Ngagerentel geus jadi hate
Ka luhur embun-embunan
Ka handap jadi sari jadi rasa
ADI SARI MANGUN RASA
Ti para wargi Salakanatgara :
Rahmat Hidayat
Jampe kanggo nyisiran:
Bismillahirrohmanirrohim,
sisir aing sisir sikat,
sisir sikat nu pamikat,
pamikat pamalik angen,
pangmalikkeun angen na si (sebut jalmi nu dimaksud sareng bin na)'
Jampe kanggo ngubaran dipacok oray/sato sejen nu aya peurahan:
Si ongklang dtng lanceukna sanghiang widi,
ti gunung ti kahiangan,ulah irak suna gawe,
(tiupken kana cai pek bura ken kana nu dipacokna,ngabura na di tempat nu teu kahalangan tatangkalan/ngan kedah di ijajah hela tiap kaping 14 mulud)
Jampe ngosok waos:
Susur aing susur gintung,
disusut ku batu liwung,
di teuda ku emas perak,
huntu aing geura gumantung,
tungtung na kuwung2 an,
sisina katumbirian,
tengahna karancang emas,
seuk kolenyay seuk kolenyay.
Jampe RAHEUT
Desha Mawardi
Daun cabe daun seureuh
Geura hade ulah bareuh...
poh3x

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona