SITU CILEUNCA, Sarana Wisata Pangjugjugan Balarea (Dok.Salakanagara)
Sajarah Situ Cileunca
Dina waktu jumenengna para alim
Anu ayeuna kamashur
Hese neang tandingan
Kirang-kirang perusahaan anu luhur
Nu nepi ka nyaruaan
Tapi weleh henteu manggih
Dina waktu jumenengna para alim
Anu ayeuna kamashur
Hese neang tandingan
Kirang-kirang perusahaan anu luhur
Nu nepi ka nyaruaan
Tapi weleh henteu manggih
Eta guguritan teh mangrupa pada anu munggaran tina guguritan ngeunaan Situ Cileunca, anu masih keneh kaemut ku Bapa Endang (75). Inyana ngaguar deui sajarah ngeunaan Situ Cileunca basa diwangun dina mangsa pamarentahan Hindia-Belanda, ampir saabad katukang.
Situ Cileunca pernahna di Kacamatan Pangalengan Kabupaten Bandung, jauhna kurang leuwih 42 Km ti kota Bandung ka tebeh kidul, ngaliwatan Dayeuh Kolot, Bale Endah, Banjaran, Pameungpeuk sarta Cimaung, pernahna teu kurang ti 2.500 meter luhureun beungeut cai laut. Teu aneh lamun hawana karasa tiis nyecep, antara 15-24oC.

Pikeun ngajugjug Situ Cileunca, lamun ti Bandung, samemeh mengkol ka Pangalengan Kota (pasar jeung poseur kagiatan ekonomi liana), urang bisa ngambah jalan lempeng anu ka kidulkeun. Jalanna kawilang alus, ngan heureut. Kurang leuwih dua kilo, urang baris anjog ka Situ Cileunca, anu di sisi-sisina aya sababaraha warung jeung rumah makan pikeun ngareureuhkeun kacape bari ngeusian padaharan ku rupa-rupa kadaharan katut inuman. Di situ oge disadiakeun sababaraha parahu pikeun para wisatawan anu ngadon lalayaran.
Situ anu mimiti ka jugjug teh nyaeta situ anu anyar, nu katelahna Situ Cileunca Hilir. Nurutkeun Pa Endang, eta situ dijieun taun 1918 ku pamarentah Hindia-Belanda. Samemehna eta lahan anu dipake nyieun situ teh mangrupa lahan bogana masarakat satempat. Anu kawilang paling lega, nyaeta lahanna Bah Jasim, nu dibeuli ku pamarentah dina mangsa pamarentahan Dalem Bandung, R.A.A. Wiranatakusumah anu katelah Juragan Aria.
Cenah, pikeun ngagali eta situ, sabada ngemplang, aya bewara ti pamarentah, ka sing saha anu bisa nuaran tangkal kai nu geus ka keueum cai, nya Bah Jasim anu sanggupeun nuaran eta tatangkalan teh kayaning tangkal rasamala, puspa, saninten, huru, hiur jeung sajabana. Eta kakayon sabada diragajian ku Bah Jasim, diangkut ku masarakat anu nungguan di luhur, di sisi situ. Tunggul-tunggulna dijadikeun bahan pikeun ngadegkeun imah.
Situ Cileunca Hilir the kiwari dilingkung ku sababaraha kampong, nyaeta Kampung Pulo, Cibeunying, Cipangisikan, Puncak Raya, Ciheuleut, Cinangsi, Ciawitali, Cibunihayu, sarta Kampung Baru Rancagirang. “Sadaya pangeusi kampung anu ka keueum janten situ, sadayana dialih-alihkeun ka Kampung Bubulak, diluluguan ku Bah Esti,� pokna Pa Endang.

CILEUNCA GIRANG (CIPANUNJANG)
Pa Endang anu masih keneh katurunan langsung Bah Jasim (1828-1958), oge ngungkabkeun yen Situ Cileunca Girang kiwari katelah Situ Cipanunjang, mangrupa situ anu dibendung pikeun ngagerakeun tanaga listrik (turbin), nyaeta pikeun nyumponan kabutuhan listrik.
Saterusna Pa Endang netelakeun, anu jadi anemer basa nyieun eta situ nyaeta Bah Suta Jayatambakan, urang Cigentur, Banjaran. Inyana dibantuan ku mandor Wikatma, urang Limbangan, Garut. Salila ngagali situ teh Bah Suta sarta Wikatma ngan pagetreng bae. Antukna ku Juragan Kawasa disina tarung padungdung. Lebah tarungna nyaeta di luhureun dam (bendungan) anu harita keur diwangun, disaksian ku para pagawe liana katut masarakat anu dararatang ti suklakna ti siklukna, lantaran jauh samemehna tarung, diuar-uar dibewarakeun. Atuh anu nyaksian tarungna eta jawara teh mani pagegelek.

Bah Suta eleh wewesen. Inyana tatu parna nepi ka kudu digotong, dibawa ka lemburna di Banjaran. Ari Wikatma, saterusna diringkus sarta didakwa anu beh dituna ditibanan hukuman kurungan salila tilu taun. Sabada eta kajadian, dam teh ditambahan luhurna, sarta caina digolontorkeun ngaliwatan torowongan cai anu saterusna ngagerakeun turbin geusan ngahasilkeun tanaga listrik pikeun kaperluan sararea.
Nurutkeun Pa Endang anu oge putrana Pa Watma, cai nu dipake ngemplang eta situ the asalna ti wahangan Cilaki anu ngamalir ka Laut Kidul, tapi dipengkolkeun ka Cileunca, nyaeta Cilaki Ageung ka Cileunca Girang (Cipanunjang), sarta Cilaki Beet ka Cileunca Hilir.
KAAHENGAN CILEUNCA
SITU Cileunca kiwari jadi pangjugjugan balarea, boh turis domestik atawa turis mancanagara, utamana ti Walanda. Henteu suwung ku waktu, unggal poe aya bae anu ngalanto ka eta situ anu geus jadi salah sahiji sarana wisata andelan Kabupaten Bandung. Pikeun urang Walanda mah, Pangalengan teh ngabogaan ajen sajarah anu meungkeut na sanubarina, lantaran lain bae pedah Situ Cileunca the diwangun ku urang Walanda, oge lantaran di eta wewengkon anu kabawakeun ka Gunung Wayang sarta Gunung Windu, ngabogaan harti anu leuwih ti sakadar tempat pikeun mulangkeun panineungan. Eta patempatan the mangrupa pasarean K.A.R. Bosscha (15 Mei 1865 – 26 November 1928), anu ngawangun Perkebunan Teh anu munggaran di Nusantara (1896), anu kiwari aya dina panilikan PTP VIII.
Aya sababaraha hal anu kawilang aheng anu masih keneh hirup dina kahirupan masarakat sabudeureun eta wewengkon, boh ngeunaan Situ Cileunca atawa ngeunaan tangkal enteh anu mimiti pisan dipelak di eta perkebunan.

Ngeunaan asal ngaran Cileunca, nurutkeun Pa Endang cenah lantaran baheulana di eta wewengkon teh aya tangkal leunca anu gedena sagede tangkal kai. Bisa jadi tangkal leunca leuweung anu geus kahot. Salian eta, Pa Endang oge netelakeun yen di Situ Cileunca aya lauk emas anu dingaranan Si Layung. “Eta lauk teh tiasa katingal ku anu kawenehan mah,� pokna.
Di sagigireun eta, Pa Endang oge netelakeun, lamun aya anu tikerelep, diteanganana teh ngan saukur make “tek-tek�, nyaeta seureuheun sapuratina, anu dialungkeun ka situ. Salila tacan kapanggih, eta seureuh teh baris terus palid, ngan lamun geus eureun, henteu palid deui, hartina si korban anu tikerelep tea, bisa ditimukeun di eta tempat. Anu kawentar bisa neangan nu titeuleum, diantarana Bah Jasim, Aki Marhaji, Aki Alpi, sarta Sudarga.
Kaahengan liana, basa situ anu hilir keur dikemplang, Bah Jasim anu sanggupeun ngaragajian sarupaning tutuwuhan anu tumuwuh di eta situ, sajeroning ngaragajian kakayon teh inyana bari ngaroko cacakan sasatna inyana ngaragajian kaina teh bari teuleum na jero cai. Tapi sabada Bah Jasim hanjat tina cai, inyana masih keneh nyerebung ngaroko.
Ari di tempat anu mimiti dipelakan tangkal enteh mah kaahenganana teh nyaeta tangkal entehna sok pundah-pindah nepi ka kudu dibakutet ku rante sagala. Ceuk ujaring carita mah, eta tangkal enteh teh sok pundah-pindah ka unggal pakebonan teh saperti ka Pasirmalang, ka Sedep, ka Santosa, malahan nepi ka Gambung, sakumaha anu dicaritakeun ku Urip (54). Inyana kiwari mancen tugas pikeun ngurus makam Bosscha sabada pangsiun ti Perkebunan Malabar. Harita keur jeneng gawe inyana jadi kaamanan eta pausahaan enteh , jeung inyana turunan anu katujuh nu jadi juru urus di eta kawasan anu kiwari geus dijadikeun cagar alam. (Am/RAF)

Casino game online
ReplyDeleteCasino game 카지노 online. Enjoy free casino 우리카지노 games with up to 200 games to play for real money with no download required.