Biantara Nyerenkeun Calon Panganten Pameget

Alhamdulillaahil ladzi arsala rasuulahu bil huda, wadinil haq, liyudh hirahuu 'alladiini kullihii wakafaa billahii syahiidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu warasuluhuu laa nabiya ba'dah.  

Allahumma shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqaa. Amma ba'du.


Diawitan ku basmalah, nu jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panghias rasa, tur jadi santun ing kalbu. Tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna omel jeung amal. Dituturkeun ku hamdalah, kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud dina kalbu, nu sok jadi panghalang, jorelatna teja Al Qur-an kana manah, ngaheumpikkan tembusna cahaya kudus kana kalbu, sangkan ulah aya rasa riya, sum’ah jeung takabur, nu sok pasolengkrah jeroeun dada. Dipirig ku kalimah kalih, syahadat dua lir sumpah, jangji moal lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang, mo rek ngijing sila, bengkok sembah, rek khusyu sumujud, tuhu nuturkeun galur ti Rasul.


Ibu-bapa, hadirin sadaya, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.
Saba'da bubuka nembe, mitembeyan, minangka pangjajap saur, widian sim kuring medar pamaksadan, sok sanaos teu patos tebih, ti palih wetan, ti.....(tempat panganten pameget) ka dieu.......(tempat panganten istri ), saur basa pujangga mah, jauh dijugjug anggang diteang, ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, matak reuwas nu kasumpingan, sim kuring, minangka nangtung sambung laku, letah sambung carita, ti kulawarga Bapa ...........(Ramana Panganten Pameget), sarimbit, anu maksadna taya sanes :


Kahiji, seja nganuhunkeun ka pribumi, wireh ditampi ku tata titi anu raspati, panyambatna nu bear marahmay, someah hade ka semah, matak luginakana manah, nawiskeun, yen pribumi kalebet jalmi linuhung budi, anu resepngamulyakeun tatamu, hatur nuhun ...., mugia bae kasaeanana ieu dibales kuAllah Nu Rahman Rahim.


Kaduana, seja nyanggakeun silaturahmi nu langkung jembar, minangka panyambung tina silaturahmi nu kantos dilaksanakeun waktos kapengker,antawis kulawarga ............(Ramana Panganten Pameget ) sareng kulawarga...........(Ramana Panganten Istri) didieu, mugia bae beungkeutansilaturahmi antawis rombongan calon panganten pameget, sareng kulawargacalon panganten istri saparakanca ieu, tiasa ngajantenkeun pirang-pirangkasaean.


Katiluna, seja nyambung saur kapungkur, anu kantos pasini, antawis kulawarga .........(Ramana Panganten Pameget), sareng kulawarga .............(RamanaPanganten Istri) didieu, wireh pun dulur, Saderek .............(PangantenPameget), putra lalaki, cikalna, ti kulawarga Bapa ...............(RamanaPanganten Pameget), sarimbit, kantos nyimpen carios sareng tuang putra Neng .........(Panganten Istri), upami teu aya cegahing Allah Nu Murbeng Alam, kalayan didadasaran ku itikad, anu clik putih clak herang, seja tatahar, ngajak sasarengan rumah tangga sareng tuang putra. Mun kapungkur, lamunan teh ngan ukur angen-angen wungkul, kamari nu masih keneh janten beubeureuh maneuh, bebene pamepes hate, kiwari, dina dinten Ahad ieu, aya kahoyong ti saderek Bambang ieu, manawi aya kaweningan galih ti tuang putra, sareng ti sepuhna tangtosna oge, hoyong ka palupuh nangtung saurna teh, hoyong kapimilik, malah dipaparah, diangen-angen, sangkan tiasa kauntun tipung katambang beas, laksanana kapiduriat.


Kaopatna, wireh kawengku ku hukum katalian ku adat kabiasaan, yen sahna rumah tangga, upami aya kaweningan galih, ka iklhasan manah, ti wali calon panganten istri, anu mangrupi "ijabna" ditema ku panganten pameget minangka "qabulna", ayeuna, mangga, kasanggakeun pamegetna, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kabodoanana, kala’ipanana sareng katalingeuhanana, siangna, wengina, mangga, nyanggakeun, sarta pangjajap pidu'ana, malah mandar, rumah tangga para putra urang jaga, aya dina ginanjar kawilujengan, janten wangunan rumah tangga anu sakinah, rumah tangga anu mawaddah warahmah, sangkan tiasa janten wangunan rumah tangga anu baldatun thayyibatun warabbun ghafur.


Kalimana, sok sanaos kalintang isin ajrihna, margi tebih ti utami tea, kituge sanes bade ngaluli-luli, nanging rumaos, tuna tina kagaduh, estu tamba ngalongkewang wungkul, sapulukaneun pangjajap itikad, pangjurung maksud ti pun dulur, saderek .............(Panganten Pameget), beas sacanggeum, encit sacewir, artos satoros teh, sanes mung ukur babasaan wungkul, estuning saujratna, nanging panuhun, ulah ditingal jumlahna, margi tangtos, matak ngisinkeunana, pamugi anu kasuhun, kersa nampi cacandakan saderek ...........(Panganten Pameget) ieu. Kagenepna, hapunten anu kasuhun, upami ieu pamaksadan miwah kadongkapan sim kuring saparakanca ieu, tebih tina harepan pribumi, oge tina sugrining kalepatan sareng kakiranganana, utamina bilih aya saur bahe carek, catur nu teu kaukur, carita anu teu karasa, eta sadaya sanes perkara anu dihaja, estuning tina kakirang sim kuring wungkul.


Pamungkas, sim kuring neneda ka Allah SWT, mugia anu bade ditikahkeun ieu,sing runtut raut, lulus banglus, apanjang-apunjung, parek rijkina, adohbalaina, jatnika salalamina, dina enggoning laki rabina. Deudeul du'a ti awal bae, geulis, kasep : "Barakallahu laka wabaraka alaika, wa jama'a baina kuma fii khair" Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti maparin barakah ka anu bade ditikahkeun ieu, sareng mugi Gusti ngahijikeun ka anu bade ditikahkeun dina kasaean. Amin Yaa Allah Yaa Rabbal 'alamiin, Yaa Mujibas saa 'iliin.


Wasallamu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

Comments

  1. Situs Terbaik Permainan Judi Taruhan Online, website judi dengan permainan terlengkap dan terbesar. .

    Bonus yang diberikan Agen BOLAVITA juga sangat banyak dan menguntungkan, baik member baru maupun member setia:
    �� Bonus Welcome Back Rp 200.000
    �� Bonus 10% untuk new member (SPORTSBOOK & SABUNG AYAM)
    �� Bonus 5% Deposit Harian (SPORTSBOOK & SABUNG AYAM)
    �� Bonus Deposit Harian 10% untuk permainan BOLA TANGKAS
    �� Bonus Referral 7% + 2%
    �� Bonus Rollingan 0.5% + 0.7%
    �� Diskon Togel KLIK4D & ISIN4D up to 66%
    �� Bonus Cashback 5% - 10%
    �� Bonus Cashback Bola Tangkas 10%
    �� Bonus Flash Deposit Setiap Jumat 10%
    �� Bonus Extra BIG MATCH 20%

    Agen BOLAVITA menyediakan permainan yang sangat lengkap, berikut permainan yang disediakan:
    • Bola Tangkas (Tangkasnet, Tangkas88 dan Tangkas1)
    • Casino Online (WM Casino, Green Dragon dan SBOBET Casino)
    • Sabung Ayam (S128, SV388 dan Kungfu Chicken)
    • Taruhan Bola (SBOBET, MAXBET/ICB Bet dan 368 Bet)
    • Togel Online (KLIK4D dan ISIN4D)
    • Poker Online (POKERVITA)
    • Games Virtual / Slot Games (Joker dan Play1628)

    Daftar, main dan raih kemenangan Anda bersama kami di http://159.89.197.59/

    Untuk info selanjutnya, bisa hubungi kami VIA:
    BBM : BOLAVITA / D8C363CA
    Whatsapp : +62812-2222-995
    LINE : cs_bolavita
    TELEGRAM : +62812-2222-995
    Livechat 24 Jam

    ReplyDelete
  2. Mainkan Judi Slot Angry Birds Party Menggunakan Aplikasi DANA Agen Taruhan Slot akan menginfokan bagi yang hobby memainkan Slot. Terutama untuk Slot Angry Birds Party ini bahwa di situs Play1628 kami sudah dapat dimainkan. Untuk dapat Mainkan Judi Slot Birds Party ini dengan cara mencari agen terpercaya yang hanya di Taruhan Slot.

    ReplyDelete

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona