GURAT BADAG KARAJAAN DITATAR SUNDA SALILA 14,5 ABAD (ti taun 130 M. – 1579 M.)

Ku : Kang Asep Idjuddin (Admin Salakanagara)

Bahan- bahan anu digunakeun:
Data-data artefax ngeunaan masyarakat Sunda, kapanggih dina :
1. Warta Cina: Dina taun 132 M raja YE TIAO nu ngaran TIAO-PIEN ngirim utusan ka Cina. Ye Tiao = Jawadwipa, jeung Tiao-Pien = Dewawarman.
2. Warta Ptolemeus; Dina taun 160 M saurang ahli elmu bumi urang Iskandariyah turunan Yunani, nu ngaranna CLAUDIUS PTOLEMEUS nulis catetan, nu sumberna ti pelaut Arab nu sering ngabuniaga ka India,nerangkan yen IABADIO = YAWA-DWIPA nagri nu subur. Aya kota dagang nu disebut ARGYRE = Kota Perak >Rajata pura, di SALAKANAGARA.
3. Warta FA-HIEN inyana pendeta Budha, samulangna ti India , balayar ngaliawatan laut kidul. kasarung tur angkleung-angkleungan hanjat ka hji pulo salila 5 bulan. Pulau teh disebut Ya-Va-Di dina tgl. 14 April tahun 414 M. Inyana nyebutkeun aya nagari endah tur badag, disebut TO-LO-MO = Ta ru ma (Nagara)
4. Prasasti, nu kapanggih aya 20 :
o Prasasti Karajaan Galunggung: di Geger Hanjuang (Tasikmalaya).
o Prasasti Karajaan Pajajaran: di Kabantenan (Bekasi), Batutulis (Bogor).
o Prasasti Karajaan Sunda:
1. Kawali (Ciamis)
2. Cibadak (Sukabumi)

o Prasasti Tarumanagara:
1. Ciaruteun (Bogor)
2. Kebon kopi (Bogor)
3. Pasir Gintung (Bogor)
4. Cidangiang (Pandeglang)
5. Tugu (Bekasi)
5.Titinggal Kuno:
o di puncak gunung Agrabinta , sawareh aya di sawah(Cianjur selatan)
o di puncak gunung Padang (Cianjur kidul)
o di dalem agung Pakungwati (Cirebon)
o di Sunyaragi (Cirebon)
o di Cangkuang (Garut)
o di Bojong Menje (Cicalengka)
o
5. Titinggal mangrupa naskah Kuno:
o Kropak No. 406 CARTA PARAHYANGAN ( Museum Pusat, Jkt).
o Kropak No. 630 SANGHYANG SISKSAKANDA KARESIYAN(s.d.a)
o Kropak No. 632 AMANAT TI GALUNGUNG (s.d.a)
o Kropak No. 410 CARITA RATU PAKUAN (s.d.a)
kabeh ditulis dina daun lontar.
o Naskah kuno PUSTAKA WANGSAKRTA sajarah ti 90 daerah di Nusantara nu ditulis tahun 1677 M.-1698 M. aya 52 nashkah kuno, nya eta:
1. PUSTAKA RAJYA-RAJYA I BHUMI NUSANTARA, 25 jilid.
2. PUSTAKA PARARATWAN I BHUMI JAWADWIVA, 12 julid.
3. PUSTAKA NAGARA KERTABHUMI, 12 jilid.
4. PUSTAKA CARITA PARAHYANGAN, 5 jilid.
Kacindekan:Ngadegna Karajaan di Tata Sunda, salila 14,5 abad, mimiti taun 130 M nepika.taun 1579 M. runtuyanana:
1. Karajaan SALAKANAGARA (Th. 130 M – 363 M.)
Pernahna: di Pulasari-Pandeglang
Puseur dayeuhna: Rajatapura (Kota perak)
Raja munggaran: AKI TIREM SANG AKI LUHUR MULYA
Disebut oge Panghulu Sunda. Hulu=sirah.> Pemimpin.
Raja kawentar: DEWAWARMAN
Agama Nagara: Sanghyang agama/Hindu.
Raja-raja liana: - Pohaci Larasati; Dewawarman I npk Dewawarman VIII. (Prabu DARMAWIRYA DEWAWARMAN) Ku minantu Dewawarman VIII puseur karajaan dipindahkeun ka Jayasinghapura, ngadeg Tarumanagara.
2. Karajaan TARUMANAGARA(Th. 345 - 666 M.)
Pernahna di Bogor kulon
Puseur dayeuh: JAYASINGHAPURA (Jasinga?)
Raja munggaran: MAHARESYI JAYASINGAWARMAN GURU DARMAPURUSA atawa RAJADIRAJAGURU.(mantu Dewawarman VIII –nu nikah ka Iswari Tunggal Pretiwi Warmandewi.
Raja kawentar: PURNAWARMAN.(Raja ka-3)
Agama Nagara: Hindu
Raja-raja sejenna:Aya 12, diantarana: Wisnuwarman, Candrawarman, Suryawarman, Kretawarman,Sudawarman,Nagajayawarman.Tarusbawa.
Tarumanagara 12 kali ganti raja. Ku Tarusbawa.minantu Nagajayawarman, puseur karajaan dipindahkeun ka Sundhapura(Bekasi) ngadeg karajaan Sunda
3. Karajaan SUNDA (669 M-1175 M)
Wewengkon tapelwatesna antara basisir kidul Sumatra (basisir Lampung_ npk. Kali Serayu di Jawa Tengah.
Puseur dayeuh: SUNDAPURA (Bekasi)
Raja munggaran: Prabu TARUSBAWA DARMAWASKITA SUNDA SEMBAWA.(mantu Nagajayawarman, ti Tarumanagara)
Raja pamungkas: DARMAKUSUMA.
Raja kawentar: SRI JAYABUPATI (mantu Raja Melayu + mantu Darmawangsa,Jatim).
Agama Nagara: Hindu-Budha-Sanghyang
Raja-raja lianna: Rakeyan Kamuninggading; Rakeyan Jayagiri; Atmayadarma Hariwangsa; Limbur Kancana; Munding Ganawirya; Rakeyan Wulunggadung; Brajawisesa; Dewa Sanghyang; Sanghyang Ageng.; Langlangbumi, Menakluhur.
4. Kerajaan GALUH (620 M-1350 M).
Pernahna : di wetanneun Citarum npk. Cipamali-Jateng.
Puseur dayeuh : Galuh Pakuan (Kawali-Ciamis)
Raja munggaran : WRETIKANDAYUN (turunan Kudungga nu datang ka Sunda, jeung adina (Sang Kandiawan tur Sang Kandiawati), dibere tanah ku Purnawarman di wewengkon Nagreg, ngadegkeun karajaan Kendal. Nyieun candi Cangkwang di Bojongmenje (Cicalengka). Ngadegkeun karajaan Galunggung, ahirna ngadegkeun karajaan Galuh.
Raja kawentar: PRABU MAHARAJA LINGGAWISESA(nu gugur di Bubat).; Sang Bunisora Suradipati, PRABU WASTUKANCANA.
Raja pamungkas : SANG MANARAH (Ciung Wanara)
Agama Nagara: Hindu-Budha.
Raja-raja liana: Sang Mandiminyak; Sena(Bratasenawa); Sanjaya; Sang Premana Di Kusuma; Rakeyan Tamperan Barmawijaya,jst.
5. Karajaan PADJADJARAN (1330 M – 1579 M).
Pernahna : di Bogor
Puseur dayeuh : Sri Bhima Punta Narayana Mandura Suradipati Pakuan Pajajaran. (ngaran karaton, jadi ngaran puseurdayeuh, jadi ngaran karajaan).
Raja munggaran :Prabu Susuk Tunggal (Putra cikal Wastukancana ti Karajaan Sunda).Wastukancana ngabagi 2 Sunda, jadi Sunda jeung Galuh,watesna Citarum, da putrana 2: Sang Haliwungan gelar Susuk Tunggal(di Sunda/Pajajaran +Ningrat Kancana gelar Dewa Niskala, di Galuh).
Raja kawentar: Sri Baduga /Sang Dewtasrana/Siliwangi, mindahkeun deui puseur dayeuh ka Pakuan Pajajaran,Jenengan aslina Sang Jayadewatas,diistrenan di Galuh warisan ti rama(1482 M) gelar Sang Dewatasrana, taun eta keneh diistrenan di Sunda,warisan ti mertua, gelar Sri Baduga. disebut make gelar Sang Maharaja, sabab ngahijikeun deui Sunda jeung Galuh, tur ngaran karaton/ibukota,mekar jadi ngaran karajaan: Pajajaran.
Raja pamungkas: Prabu Sedah (Suryakencana).
Agama nagara: Hindu, Sanghyang, Islam.
Raja-raja liana : Dewa Niskala; Linggadewata; Amuk Murugul; Surawisesa; Gurugantangan; ,Ratu Dewata; Ratu Sakti Sang Mangabatan; Nilakendra; Ragamulya.
Padumuk (penduduk) puseur dayeuh Pakuan 48.271 jiwa, kadua badag sanggeus Demak,49.197 jiwa, ka tilu, Pasai, 23.121 jiwa.
Dina tanggal 11 paro-terang, bulan Wesaka, taun 1501 Caka sarua jeung tgl. 11 Rabiul awal 987 Hijriyah atawa tgl. 8 Mei 1579 M. puseurdayeuh Pakuan Pajajaran Sirna ing Bhumi ,nyakitu puseurdayeuh heubeul Pajajaran Girang (Salakanagara) di Pulasari Pandeglang.beak dijorag pasukan gabungan Islam, Banten, Cirebon, jeung Demak.
6. HUBUNGAN KULAWARGA
MIMITI Ti pamarentahan Purnawarman di Tarumanagara, aya hubungan getih/kekerabatan, jeung KUTAI /BAKULAPURA .(putri cikal raja Kudungga,ditikah ku Purnawarman). Aswawarman-putra Purnawarman, ti orok keneh, dicandak ti Taruma, dirorok ku eyang ti pihak Ibu ( Kudungga.) jadi raja Kutai. engkena digentos ku Mulawarman.Putu Mulawarman jadi raja munggaran di Sriwijaya,Palembang.
Hubungan getih/kekerabatan saterusna dina mangsa karajaan Sunda.Putra mahkota karajaan Sunda, migarwa putri ti Sriwijaya.
Kakulawargaan diteruskeun, ku nikahna putra mahkota karajaan Galuh, RAKEYAN DARMAJAYA ka Dyah Lembu Tal, putri Mahisa Campaka ti Singosari. nu
ngalahirkeun Rd.WIJAYA. ti burey diaping ku Patih Pakuan RAKEAN BANYAKWIDE (nu diangkat jadi bupati Madura, jujuluk ARYA WIRARAJA). Masih kajadian deui, Sri Jaya Bupati, Raja Sunda, nikah ka putri Erlangga ti Kuripan Jawa Timur. Terus Sanjaya (Raja Galuh) nikah ka putri RATU SHIMA/ RATU BHAKA/ di Jawa tengah. Sagala rupa pernikahan ka urang tatar wetan, ANCUR, TEUMEUNANG, CADU, BUYUT sabada “peristiwa BUBAT”.
Ngadegna karajaan Islam Cirebon jeung Banten, mangrupa seler karajaan Pajajaran.
Catatan leutik, ngeunaan Prabu Siliwangi:
Jenengan nuju alit: Pamanahrasa, saparantos jadi prabu anom robih jadi Jayadewata.
Jayadewata, teh incu munggaran Prabu Wastukancana (Prabu Wangisuta). Jayadewata diistrenan jadi raja 2 kali. ngawitan ku Prabu Dewa Niskala, jadi raja GALUH, kadua ku Prabu Susuk Tunggal (mertua) jadi Raja Pajajaran, kalawan gelar SRI BADUGA MAHARAJA SRI SANGRATU DEWATAPRANA.Dua karajaan dihijikeun, sapertos ku Wastukancana, Gelar Siliwangi kaceluk ku rahayat GALUH. pedah sikep tur perilakuna sarimbag sareng Prabu Wangi (Eyang buyutna nya eta Prabu Maharaja,nu gugur di BUbat, nya kitu seueur sarimbag sareng sikep Prabu Wastukancana/Prabu Wangisuta, (eyangna) nu leuwih condong merhatikeun rahayat, tur teu mikaresep kamewahan dunya.. Eta sababna dianggap sarua jeung Prabu Wangi, Dijadikeun pangganti Prabu Wangi, disebut we SILIHWANGI/ SILIWANGi .Jayadewata boga adi 3, 2 lalaki(Banyakcakra,jeung Banyakngampar)duanana jadi raja di karajaan Pasirluhur Jawatengah. Nu istri Ratna Ayu.
Istri munggaran Siliwangi, NHAY RAMBUT KASIH, putri Ki Gedeng Sindangkasih(Pamanna). Ti istri kadua, NHAY SUBANGLARANG putri pamanna keneh, Ki Gedeng Tapa).Subanglarang tos Islam, alumnus pesantren SYEH QUROO di Karawang.. Istri katilu, adi Prabu Amuk Murugul (putra Prabu Susuk Tunggal), NHAY KENTRING MANIK MAYANG SUNDA gaduh putra SURAWISESA(putra mahkota,engkena jadi raja Pajajaran. ti Nyai Subanglarang, kagungan putra, WALANGSUNGSANG (ngadegkeun karajaan Islam Cirebon), RARASANTANG, jeung JAKASENGARA.tiluanana ISLAM.
Istri kaopat,ti Pajajaran keneh, NHAY EMAS LENGGANG PAKUAN, Siliwangi, kagungan putra saurang (SUNAN BURUNGBAOK) diangkat jadi raja daerah di karajaan Panjalu.. PRABU SILIWANGI pupus tahun 1521 M. Sabada dikubur 12 tahun, dibongkar, diduruk tulang ragana ( panghormatan ka Raja Utama), lebu janazahna disimpen di KABUYUTAN RANCAMAYA, kuloneun puseur dayeuh Pakuan. 58 tahun ti harita, basa Pajajaran dirajaan ku Prabu Sedah, karajaan Pajajaran diancurkeun ku tentara Islam gabungan Cirebon, Banten jeung Demak.
Aya “penghancuran” budaya, nu dipilampah ku Gubernur Jenderal Hindia Belanda, SNOUCK HURGRONYE, inyana mawa misi ngancurkeun Islam, bari nyebarkeun Kristen di Hindia Belanda. Samemehna, inyana diajar heula keislaman di Mesir salila 5 tahun. Di Hindia Belanda (Indonesia) dibaturan ku WILLIAM VANDER PLASH, nu diangkat jadi Gubernur militer (Jawa Timur),duanana nyamur bari nguriling Nusantara. kanyahoan, tina 400 sukubangsa nu aya di Hindia Belanda, aya 2 sukubangsa nu sulit ditalukkeun /dikristenkeun, nyaeta SUNDA jeung ACEH. Sunda teu bisa digempur ku militer, sabab urang Sunda ahli perang, karajaan di Tatar Sunda can kungsi eleh diranjah ku karajaan sejenn,(kaasup ku Majapahit) sabab system pertahanan tur teknik tempurna unggul, ngan teu kungsi dipake narajang kerajaan sejen di luar Tatar Sunda,(teu ngajajah nagara sejen salila 14,5 abad), jeung dipiserab sabab rengkak paripolahna nu handap asor,someah,darehdeh tapi tangoh. Malah jadi panengah/panyapih basa Sriwijaya pagedrug jeung Majapahit, usulan ti kaisar China.
Mangka digorogot budayana, ku nyiptakan DONGENG SANGKURIANG,sakalian devide et impera,sabab Sangkuriang aya 3 ; Sangkuriang Banten awewena Larasati, Sangkuriang Majalengka, awewena Ambetkasih,Sangkuriang Bandung awewena Dayangsumbi.Jeung dongeng SILIWANGI JADI MAUNG (ngamangpaatkeun hasil panalungtikan sersan VOC Scopio, nu kungsi nempo maung badag dina urut karaton Pajajaran),
Saciwit ngeunaan “peritiwa” Bubat dumasar naskah kuno Pustaka Wangsakerta(Nagara KrtaBhumi)s:
Geus kanyahoan, yen Rd.Wijaya nu ngadegkeun Majapahit teh incu Prabu Rakeyan Darmasiksa ti karajaan Sunda. Sedengkeun Prabu Hayam Wuruk (incu Rd.Wijaya) neruskan sumpah akina, nu MOAL NGAGANGGU BHUMI SUNDA. sabab Sunda teh luluhur Majapahit ti pihak laki-laki. Sumpah Rd.Wijaya teh diucapkeun di keraton Kawali basa ngadeuheus ,sarengsena upacara diistrenan jadi raja Majapahit) Tapi kusabab Gajahmada (tadina penyebar agama Budha ti Thailand teu apaleun kana sumpah Rd.Widjaya. malah ngembarkeun sumpahna sorangan(Palapa) hayang nalukeun Nusantara.
Pasukan Sunda nu datang ka alun-alun Bubat, ngan 100 urang, miang ti Sundakalapa make 2 kapal layar. (da datangna ka Majapahit rek ngawinkeun) nya eta; raja, prameswari, 2 urang patih (Rakeyan Sang Anapaken jeung Rakeyan Buyut Mantri), putri mahkota (Dyah Citraresmi Pitaloka),50 urang pengawal istana, sesana wanoja pangiring penganein .satepina ka alun-alun Bubat, Prabu Linggawisesa mgirim surat embaran ka Hayam Wuruk, ditarima ku Gajahmada (nu geus lila panasaran hayang nalukkeun Sunda, pedah sakuliah Nusantara malah nepi ka Philipina geus taluk, iwal Sunda ). Tanpa bebeja ka Hayam Wuruk, dibalesan surat raja Sunda, teh yen putri Dyah Citraresmi Pitaloka kudu diserenkeun sabage UPETI ciri takluk. Puguh we raja jeung para ksatrya Sunda asa dihina.Nepika Maharaja ngucapkeun Sumpah bubat :”Nihan ta wuwusna rudiarana iking bubhat sabha,anamung kastrya sunda tan atemahan ring nagara padajaya mami” hartina: Najan banjir getiha,bedah di Palagan Bubat, Cadu ajen diri kasatrya Sunda ancur di lemah cai sorangan.
Kajadian we pertempuran nu teu saimbang (80 urang dikepung ku 10.000 tentara Majapahit) urang Sunda tumpur, teu nyesa!
Sanggeus eta kajadian, salila 3 bulan Hayam Wuruk gering parna,malah Gajahmada diusir ti karaton Majapahit, nepi ka 3 kali Hayamwuruk menta dihampura ka puseur dayeuh karajaan Sunda di kawali, diluluguan ku pandita agama Hindu Mahayana, Sundayana jeung Tantrayana, bari ngirim 20 dongdang emas berlian minangka tanda bhakti tur handeueul. Parmenta dihampurana, DITARIMA ku Sang Bunisora Suradipati,nu nyuluran rakana jadi raja Sunda, salila putra mahkota WASTUKANCANA (adi Dyah Citraresmi Pitaloka, nu karek yuswa 9 tahun) can dewasa. Eta sababna teu kungsi kacarita aya serangan ka Majapahit, padahal 40 kerajaan di luar Sunda sayaga mantuan Sunda, mun rek nyerang Majapahit.Peristiwa Bubat dianggap geus anggeus,sabab geus menta dihampura,tur ditarima ku Raja nu nyuluran Wastukancana nya eta Mangkubumi Bunisora Suradipati.
Sabada Pajajaran Runtag dina taun 1579 M. Mangka ngadeg karajaan Sumedanglarang, nu mangrupa sekeseler turunan Pajajaran. 

Comments

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona