Pasukan Panah Pajajaran Di Talaga Warna
- Get link
- X
- Other Apps
Kintunan : Kang Aan Merdeka Permana (Dok.Salakanagara)
DINA sawatara catetan sajarah kungsi didadarkeun mumusuhan antara
Pajajaran jeung Cirebon. Dina jamanna Prabu Surawisésa (1521-1537),
Pajajaran salila 14 taun ngalaman 15 peperangan jeung Cirebon. Duanana
euweuh nu meunang euweuh nu éléh. Pasukan Cirebon jago perang di laut
jeung Pajajaran jago perang di leuweung. Ari Pajajaran jago perang di
leuweung téh sabab boga pasukan panah anu katelahna Pasukan Basura.
Sanajan di jero euweung luwang-liwung anu embet ku kakayon, pasukan
panah tara gagal ngabinasa lawanna. Cirebon kacida sieuneunana. Nu matak
dina perang ngalawanPajajaran,Cirebon mah milih nyéntang-nyéntangkeun
mariem ti tengah laut ka basisir, mun pareng adu hareupan di basisir.
Pasukan panah téh geus aya di jaman Sri Baduga kénéh.
Dua taun saméméh Sri Baduga turun tahta, loba nu hayang ngabinasakeun,
di antara ti Kelompok Baliang Ulung. Dipingpin ku Muria Sang’ar. Dina
bulan purnama ka 13 malem legi, dina acara suci Sembah Triwastu,
(mieling gugurna tilu sénopati di médan perang di Cisompét, Garut),
perkumpulan karaman Baliang Ulung mecak pati, ngajorag ka Kangjeng
Prabu. Duapuluh hiji anggota Pasukan Pajajaran binasa, Sri Baduga anu
tas mandi suici, satengah tataranjang, nyekel keris agemanana, dirempug
ku 40 karaman.
“Hyang, kula nangtung ngangkat bélapati.
Sungkeun tangtayunganana,” ceuk Sri Baduga. Keris anu dicekel jiga
nyekel péso, geus kitu tarung. Tapi tina sakitu karaman, aya tiluan anu
bedas, Suria Palék, Nengtayu Sambar jeung Anangkeling. Nyaéta tilua
anggota karaman Baliang Ulung anu ditempatkeun di Cirebon. Bitotama
salila 4 jam can éléh can meunang tepika soré. Ngan sabot kitu, pasukan
panah nu katelahna Pasukan Basura ti Pakuan datang. Pasukan Panah Basura
ngabinasa tilu karaman.
Pasukan panah téh jagona liwat saking.
Sakitu musuh keur huthét ngarempug Sri Baduga, tapi maranéhna dina
mentangkeun jamparing tara nyalahan. Harita gé anu keuna jadi wadal
panah mah nya musuh nu tiluan, da ari Sri Baduga mah teu kakeunaan.
Ngan najan kitu, pasukan panah ngarasa handeueuleun, ku naon cenah
datangna telat, tepikeun ka loba korban ti Pasukan Pajajaran. Harita
sawaktu Sri Baduga rék ngayakeun mandi suci di Talaga Warna, teu dikawal
kalawansamakta. Ngan baé sanggeus didagoan salila-lila ka karaton teu
baé mulang, nu di karaton ngarasa melang. Ku kituna geuwat nyusulan bari
mawa pasukan panah.
Kahandeueul para anggota pasukan panah,
lantaran maranéhna teu nyangka musuh sakitu kejemna, nyaéta ngajorag
keur anu ngayakeun upacara suci. Talaga Warna téh tempat mandi suci para
raja. Mun rék mangadep ka Hyang, mandi suci heula di dinya. *** Dimuat
dina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh No.10
ilustrasi gambar tina Google
Kintunan : Kang Aan Merdeka Permana (Dok.Salakanagara)
DINA sawatara catetan sajarah kungsi didadarkeun mumusuhan antara Pajajaran jeung Cirebon. Dina jamanna Prabu Surawisésa (1521-1537), Pajajaran salila 14 taun ngalaman 15 peperangan jeung Cirebon. Duanana euweuh nu meunang euweuh nu éléh. Pasukan Cirebon jago perang di laut jeung Pajajaran jago perang di leuweung. Ari Pajajaran jago perang di leuweung téh sabab boga pasukan panah anu katelahna Pasukan Basura. Sanajan di jero euweung luwang-liwung anu embet ku kakayon, pasukan panah tara gagal ngabinasa lawanna. Cirebon kacida sieuneunana. Nu matak dina perang ngalawanPajajaran,Cirebon mah milih nyéntang-nyéntangkeun mariem ti tengah laut ka basisir, mun pareng adu hareupan di basisir.
Pasukan panah téh geus aya di jaman Sri Baduga kénéh.
Dua taun saméméh Sri Baduga turun tahta, loba nu hayang ngabinasakeun, di antara ti Kelompok Baliang Ulung. Dipingpin ku Muria Sang’ar. Dina bulan purnama ka 13 malem legi, dina acara suci Sembah Triwastu, (mieling gugurna tilu sénopati di médan perang di Cisompét, Garut), perkumpulan karaman Baliang Ulung mecak pati, ngajorag ka Kangjeng Prabu. Duapuluh hiji anggota Pasukan Pajajaran binasa, Sri Baduga anu tas mandi suici, satengah tataranjang, nyekel keris agemanana, dirempug ku 40 karaman.
“Hyang, kula nangtung ngangkat bélapati. Sungkeun tangtayunganana,” ceuk Sri Baduga. Keris anu dicekel jiga nyekel péso, geus kitu tarung. Tapi tina sakitu karaman, aya tiluan anu bedas, Suria Palék, Nengtayu Sambar jeung Anangkeling. Nyaéta tilua anggota karaman Baliang Ulung anu ditempatkeun di Cirebon. Bitotama salila 4 jam can éléh can meunang tepika soré. Ngan sabot kitu, pasukan panah nu katelahna Pasukan Basura ti Pakuan datang. Pasukan Panah Basura ngabinasa tilu karaman.
Pasukan panah téh jagona liwat saking. Sakitu musuh keur huthét ngarempug Sri Baduga, tapi maranéhna dina mentangkeun jamparing tara nyalahan. Harita gé anu keuna jadi wadal panah mah nya musuh nu tiluan, da ari Sri Baduga mah teu kakeunaan.
Ngan najan kitu, pasukan panah ngarasa handeueuleun, ku naon cenah datangna telat, tepikeun ka loba korban ti Pasukan Pajajaran. Harita sawaktu Sri Baduga rék ngayakeun mandi suci di Talaga Warna, teu dikawal kalawansamakta. Ngan baé sanggeus didagoan salila-lila ka karaton teu baé mulang, nu di karaton ngarasa melang. Ku kituna geuwat nyusulan bari mawa pasukan panah.
Kahandeueul para anggota pasukan panah, lantaran maranéhna teu nyangka musuh sakitu kejemna, nyaéta ngajorag keur anu ngayakeun upacara suci. Talaga Warna téh tempat mandi suci para raja. Mun rék mangadep ka Hyang, mandi suci heula di dinya. *** Dimuat dina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh No.10

Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.