Elmu Teluh (Dok.Salakanagara)

Kintunan : Japar Sidik

Percaya kana mistik pikeun sawaréh urang Indonesia hususna urang Sunda mah lir ibarat percaya ka diri sorangan, éstuning geus jadi kulit jadi daging téh boa lain bobohongan, teu kitu kumaha, lantaran geus aya tipuhuna kénéh, nyaéta tina anemisme jeung dinamisme téa, nu geus ngakar jadi kapercayaan para karuhun urang. Béh dieu hal-hal nu sifatna mistik téh sacara fungsi jadi ngésér, nu asalna pikeun kabutuhan reliji/sacral - spiritual jadi ritual sérémonial.

Contona larung saji di Palabuan Ratu nu asalna pituin upacara jang nu goib (nyuguh Loro Kidul) kapan ayeuna mah geus leuwih kana aspek seremonial jang narikperhatian turis, atawa gagaman keris misalna, kapan jaman baheula mah keris téh dijieun jimat, dikukusan di mandian ngala tuahna, ari ayeuna geuning jadi bahan pajangan di imah-imah gedong (pikeun elemen estetis). Tapi kukituna teu kabéh jalma ingkar tina mistik, malah lain ngan ukur golongan biasa baé tapi kaom intelék jebolan paguron luhur nu cenah geus dibekelan ku élmu logika ogé masih loba nu percaya kana goib/tahayul, jigana mah alatan akar budayana kana mistik geus kuat ti lemburna kénéh (méméh sakola). Dina kituna keun da kapan mistik téh hiji warna kabudayaan urang, ngan hanjakal sok aya jalma nu salah ngalarapkeun mistik, ngadon muhit kanu teu puguh, ngulik-ngulik élmu hideung tur dipaké pikeun ngagunasika batur.

Di Jampang Sukabumi hususna, umumna ditatar Sunda aya nu disebut élmu teluh, meureun mun di Jawa mah Santet téa atawa Mondong ceuk urang Jawa Timur, tenung di Jawa Tengah, Leak di Bali, leo-leo pedang pekir di Nusa Tenggara, se’er di Madura atawa Begu Ganjang ceuk urang Tapanuli. Tapi enas-enasna mah jigana sarua baé, éta téh élmu gaib pikeun ngagunasika batur.
Teluh téh hiji kabatinan nu mibanda kakuatan pikeun ngagunasika waruga atawa batin manusa ti ka jauhan tur teu kahalangan rohang jeung waktu, sabenerna teluh téh loba rupana, misalna Persabet, Perséndé (séndé), Ganggaong, Werejit, Sak Manah jeung Désti. Di dunia perteluhan ceuk béja mah nu paling hésé dicageurkeun nya éta élmu Sak Manah. Geura urang dadarkeun hiji hiji kumaha karakter éta teluh téh.(kabeh teluh matih, sabab disurung ku iblis –istijrad-MAWA KANA PAMUSRIKAN . red).

1. Persabet, nyaéta élmu teluh nu gangas tur mibanda sipat maténi sakaligus. Biasana tukang teluh mapatkeun jangjawokana tikajauhan bari dicipta tangtungan sasarana. Média-na ilaharna maké endog hayam dara atawa hayam Camani atawa bisa ogé ku Dawegan kalapa héjo. Mun maké endog carana kieu, Sanggeus jangjawokana dipapatkeun tuluy ditiupkeun kana éta endog, geus kitu endog téh dibeubeutkeun kana taneuh atawa batu, balukarna anu diteluhna bakal maot sapada harita. Lamun maké dawegan kalapa, éta kalapa téh sanggeus diparancahan bari nyeungeut menyan tuluy ditilas, caina dicicikeun/dibahékeun bari maca deui jangjawokan, balukarna nu diteluh bakal utah getih lalambaran nepika tiwasna.

2. Perséndé, biasana tukang teluhna muhit jurig nu ngancik di hiji tempat, kayaning wahangan, gunung, leuweung jeung tempat2 sanget liana. Prakprakanana tukang teluh saperti biasa mapatkeun jangjawokan bari nyipta nu rék diteluhna (proses imajinasi ceuk bahasa kerénna mah) tuluy ménta tulung ka nu dipuhitna téa (bisa ka Kunti, Jurig Bugis, Jurig Jarian jrrd) sangkan lelemutan éta jalma téh dicokot ku éta jurig tur dibawa ka tempat manéhna. Balukarna anu diteluh sok gering nangtung ngalanglayung, salahsahiji gejala anu umum karasa nyaéta ari keur saré sok ngimpi ngacapruk pikasieuneun, mun téa diséndékeuna ka jurig cai (Kunti téa) pasti ngimpina sok di wahangan atawa di leuwi baé, tur awak karasana paranas tiris.

3. Ganggaong. Jenis ieu biasana maké media mangrupa boneka, menyan, paku jeung beling. Carana ieu material kayaning beling jeung paku téh diasupkeun kana jero awak nu diteluh kucara goib. Balukarna pohara, awak nu diteluh sok taya daya nyareri satulang sandi, tampolana nepika lumpuh atawa palastra, (kabayang wé na awak aya beling atawa paku heg lobana 3 kilo. He..he..) atawa bisa ogé maké menyan, carana éta menyan dibungkus tuluy ditalian dibakutet, geus kitu dikucumplungkeun kana cai dina gelas, tuluy diturun angkatkeun, balukarna nu diteluh awakna karasa rariged satulang sandi bari awak paranas tiris. Datangna éta panyakit sok leuleunteuhan. Mun maké boneka biasana éta boneka téh ditojos ku jarum atawa paku, balukarna pohara ogé, nu diteluh bakal nyerieun awakna sarua jeung palebah awak boneka nu ditojos téa. Bisa ogé éta boneka téh diruang dina taneuh, balukarna awak nu di teluh bakal eungap kawas nu keur diruang baé. Salian ti éta aya ogé nu ngagunakeun awi Haur Konéng, éta awi téh sok dieusian mémérang awi atawa beling, tuluy diruang dina tatapakan imah, atawa di ruang di unggal juru imah nu rék diteluhna, balukarna nu diteluh sok batuk atawa gering liana, tur hawa di imah jadi kareueung, Pokona éta material téh bisa dikukumaha tergantung kahayang nu boga hasud.

4. Werejit. Béda deui ari werejit mah, ieu teluh téh media nu dipakéna kadaharan. Carana kudu lantip, éta kadaharan anu geus dijiad ku tukang teluh téh kudu kadahar ku anu rék diteluhna, kucara di suguhkeun atawa dibikeun sina didahar, balukarna mun éta kadaharan nu geus diwerejit didahar atawa kadahar ku éta jalma, tanwande éta jalma bakal ngalaman gering parna, malah mun teu kaburu diubaran bisa waé nepika nemahan pati.

5. Sak Manah. Tah nu ieu mah kawilang rada béda, lantaran cara neluhna teu maké média nanaon, mun jalma nu ngagem élmu Sak Manah katideuha atawa kasigeung haténa ku urang, sacara otomatis éta élmu bakal keuna ka awak urang, pokona mun haté manéhna ngalenyap, tanwandé haté urang ogé bakal lelenyapan tur ngadadak jadi gering, jadi mun teu dipiheulaan mah rata2 éta élmu téh arang tumerap atawa digunakeun ku nubogana. Biasana mun hayang ngagem éta élmu, kudu apal heula cukcrukan atawa asal muasal jalma, misalna gubrag ka alam dunia téh jelema mawa naon? atawa saha nu mawa getih urang? saha nu mawa bali urang jrrd, nepika sir jelema téh kakeupeul sakabéhna. Ieu elmu diajarkeunna jiga filsafat, guruna ngan ukur méré siloka atawa cangkangna, si murid kudu néangan eusina kusorangan. Contona jang tahap dasar murid dititah ngajawab pertanyaan kieu, Gubrag ka alam dunia urang mawa naon? Jawabana kieu, mawa bali, tari ari2, mawa kikilieun pangeprok pameuntas jalan. Tah ieu jawaban téh masih cangkangna, eusina atawa tuluyna murid nu kudu néangan sorangan, mun éta geus kajawab kakara guru nurunkeun élmuna.

Mun katerap ku élmu Sak Manah mimitina bakal karasana teu garenah haté, lelenyapan, karareueung asa deukeut kana pipaéheun, pondok pangharepan, euweuh sumanget, laleuleus, (kutud lah) nu ahirna gering nagtung ngalaglayung embung dahar2 acan. Ieu panyakit téh biasana remen datang mangsa peuting. Salain ti éta élmu dasar Sak Manah téh bisa ogé dipaké mélét, biasana rasa atma sukma pangawasana sir éta awéwé ku manéhna dikeupeul kalawan goib tur sina anut ka dirina. Kacindekanna antara teluh jeung pélét téh intina mah sarua baé, bédana ngan ukur dina palebah ngarobahkeun rasa, mun teluh awak jadi gering (cendrung kana nyeri fisik) sedengkeun ari pélét ngarobah parasaan/batin kana kagandrungan alias kasmaran téa. Salian ti éta bisa ogé dipaké ngaheureuyan batur sapagawéan atawa saingan urang, misalna sina horéam gawé atawa pangasihan supaya dunungan nyaaheun totomplokan. Sacara saliwat mun urang nga-mejik dunungan saliwat mah jiga teu ngarugikeun batur, padahal éta élmu téh aya sajenis épék samping ogé ka lingkungan sabudeureun, misalna babaturan urang jadi lalesu horéam gawé, tunduh jrrd.

6. Désti, ieu élmu biasana bisa maké média naon waé, misalna batu, pangpung atawa kandaraan. Carana éta tukang teluh téh minangsaraya ka bangsa lelemut alias Jurig téa, si juring ngahaja muragkeun régang ka jalma nu rék diteluh, balukarna éta jalma nu katinggang régang leutik atawa najong batu sagedé muncang téh bakal gering parna, palebah anu katinggang atawa nu titajongna bakal bareuh nu rohaka, lantaran éta régang atawa batu geus di ancikan ku jurig téa, padahal sacara logika mun katinggang pangpung sagedé kitu kapan moal nanaon. Atawa bisa ogé urang sina ujug-ujug katabrak motor, tug nepika tiwasna.

7. Galonggéng. Ieu minangka kelas handap, karakterna méh sarua jeung werejit, bédana galonggéng mah diterapkeuna dina bungbuahan, ari tujuana sangkan éta bungbuahan téh moal aya nu wanieun maok, sabab mun aya nu maok éta jalma bakal késrék atawa gimpa arateul saawak-awak tur moal bisa cageur mun éta bangsat teu gancang ménta dihampura ka anu bogana.

8. Piceuceuban. Ieu élmu teluh téh gunana pikeun nyiptakeun suasana keueung di hiji tempat, mun hiji lingkungan geus katerap ku ieu élmu hawana jadi narikolot teu aya pikabetaheun, balukarna kana usaha hésé sagala sué, atuh kana awak jadi berewit ririwit

Ieu ngaran atawa istilah-istilah aliran teluh téh di daerah lain mah bisa waé ngarana teu sarua, Contona Désti di wewengkon lain mah élmu kadugalan, lain élmu teluh, jeung jigana masih réa jenis élmu teluh liana nu tacan kapaluruh, lantaran élmu téh kacida dirahasiahkeun ku anu ngagemna.

Ceuk salah saurang kolot nu boga élmu teluh di tatar Jampang, teluh hésé nerap ka jalma nu bersih haténa tur tara nguluwut pikiranna, hirup salawasna bungah, resep kana hiburan, komo ka nu kadar kaimanan ka Gusti Alloh-na Tohaga mah hésé pisan nerap, malah ieu élmu téh bisa malikan sagala, senjata makan tuan téa ceuk bahasa Indonesia mah. Salian ti éta keur nu percaya mah biasana jang pangjaga sangkan teu katarajang ku teluh, di lembur mah unggal imah téh sok dipelakan panolak bala ku awi haur konéng nu diruang di unggal juru imah, éta haur téh dijerona di eusian ku isim ti kyai atawa ti ahli hikmat (istilah dukun aliran élmu putih. Harti hikmat didieu leuwih nyoko kana olah kabatinan) Ceuk salah saurang ahli hikmat nu aya di wilayah Sukaraja Sukabumi, élmu teluh mah bakal babari tumerap ka jalma nu héngkér jiwana, contona ka jalma nu leumpeuh yuni atawa masih sieun keneh ku jurig ari keur liar peuting.

Kacindekana urang ulah percaya atawa sieun ku élmu teluh naon baé ogé jenisna, lantaran saeutik baé haté percaya, sanajan satungtung buuk, tapi éta téh ceuk sawatara ahli hikmat jadi hiji lolongkrang pikeun asupna élmu teluh ka awak, salian ti éta ogé urang ulah sombong atawa jumawa ngarasa boga élmu, tapi kudu pasrah sumerah kanu kawasa, tong ragu kana panangtayungan mantenna nu murbeng alam, Allah Subhanahu wata’ala nu maha gagah maha perkasa, pangeran urang sadaya.

Ngeunaan bener hanteuna éta élmu teluh nyata, éta mah hésé dibuktikeunna, ahirna mah percaya atawa hanteu gumantung ka pribadi masing-masing baé. Nupuguh mah mun ditengetkeun kalawan daria éta jangjawokan teluh téh bet mirip sajak, Sajak buhun boa. Kapan ceuk sawatara dedengkot sastra Sunda mah cenah mun téa jangjawokan dikelompokeun, tangtuna asup kana kelompok sajak, atawa mémang jangjawokan téh mangrupa bibit buit puisi/sajak Sunda modern. Sugan Kitugé. Jeung muntéa élmu teluh mémang aya tur bisa digunakeun, jigana cocok pisan pikeun nganeluhan para koruptor nu osok ngagasab duit nagara Wallahualam bi shawab.. (Dicutat tina Majalah online Salaka)
Sumber : hasil panalungtikan ti sababaraha narasumber ti wilayah Jampang Sukabumi.

Ilustrasi gambar tina Google

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona