Paribasa


1. Abong biwir teu diweungku, abong letah teu tulangan = jelema nu ngomongna sakarep arep,ngomong
teu jeng wiwaha
2. Adep hidep = kumawula (ka salaki)
3. Asa dipupuk birus = ngarasa tibra hate
4. Asa ditonjok congcot = ngarasa atoh dumeh meunang rejeki atawa pikabungaheun anu teu disangka-
sangka
5. Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas = kacida bungahna jeung kacida bagjana
6. Asa katumbu umur = ngarasa atoh ditulungan dina keur kasusahan
7. Asa nyanghulu ka jarian = teu ngenah rasa,lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun
pangartina atawa harkat darajatna.
8. A sa peunggas rancatan = leungiteun batur nu nalang dina pagawean
9. Asa rawing ddaun ceuli = mindeng ngadenge omongan nu teu ngenah
10. Atung eneh atung eneh = kitu-kitu keneh bae
11. Awak sabeulah = randa nu hirup imah-imah sorangan


12. Awak sasampayan = jangkung leutik atawa lenjang atawa jangjing, pantes make baju
13. Awewe dulang tinande = awewe mah biasana kumaha kahayang lalaki
14. Aya astana sajeungkal = datangna ajal mah teu gumantung ka umur
15. Aya bagja teu daulat = menang bagja tapi teu jadi kaberkahan atawa henteu tuluh meunang bagja
16. Aya di sihung maung = loba hubungan jeung gegeden, jadi babari meunang pitulung
17. Aya kelong newo-newo = aya nu ngusutkeun(ngarorocet) hiji perkara anu geus beres pisan
18. Aya nu dianjing cai = aya nudiheroan
19. Aya piker kapingburi = aya piker atawa rasa nu timbul pandeuri
20. Bias kabala kabala = bias campur jeung jelema ti rupa rupa golongan atawa bias digawe kasar jeung
lemes
21. Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun cece bocek jeung anu saenyana kudu dirusiahkeun
22. Bobo sapanon carang sapakan = teu puguh undak usukna,teu puguh entep seureuhna
23. Bobor karahayuan = katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah
24. Bobot pangayon timbang taraju = pangadilan, timbangan anu adil
25. Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya
26. Bodo katotoloyo = bodo jeung teu daek tatanya
27. Boga piker rangkepan = henteu bolostrong, henteu ujug ujug percaya kana omongan batur anu amis
28. Bogoh nongecang = bogoh sosoranganan, teu dilayanan, ambon sorangan
29. Bosongot bade amprotan = dipikagimir, pasemon jagoan
30. Bujang jengglengan = jajaka tulen sarta tegep
31. Bujang tarangna = lalaki nu can kawin geus teu bujangan deui
32. Buburuh nyatu diupah beas = diajar bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan
33. Buncir leuit loba duit = taya kakurang
34. Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang = hirup taya kakurang, salilana ginding
35. Buruk buruk papan jati = burung palung dulur sorangan = sanajan ngewa atawa ngambek ka dulur,
tapi ari menang karerepet mah teu weleh haying nulungan
36. Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan = rido pisan, taya geuneuk maleukmeuk dina hate
37. Caang padang narawangan = caang piker
38. Cacarakan = kakara diajar, tacan bias bener
39. Cadu mungkuk haram dempak = sumpah yen bener-bener embung ngalampahkeun salahsahiji perkara
40. Caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket = taki-taki ngajaga kaamanan
41. Ceuli lentaheun = sadenge-dengena, sanajan lain dengekeunana
42. Ceplak Pahang = satarabasna teuing, kajeun teuing matak teu ngenah kana hate batur oge
43. Ciduh jeung reyhak = sarua gorengna atawa sarua goring adat
44. Clik putih clak herang = rido, iklas, kaluar tina hate anu bersih
45. Deukeut-deukeut anak taleus = sakitu deukeut teu nyaho yen baraya atawa teu nyaho kajadian
penting padahal deukeut
46. Dibejerbeaskeun = dieceskrun, ditetelakeun, dijentrekeun nepi ka bubuk leutikna
47. Dibeuweung diutahkeun = dipikir dibulak balik
48. Didagoan ku seeng nyengsreng = didagoan ku pangabutuh rumah tangga atawa pangabutuh sapopoe
49. Dihin pinasti anyar pinanggih = sagala rupa nu kaalaman ayeuna, saestuna geus ditangtukeun
ti heula ku pangeran
50. Disuhun dina embun-embunan = ditarimakeun pisan
51. Ditangtang-tengteng dijieun bonteng sapasi = digulang gaper
52. Dogdog pangrewong = milu nyarita minangka estra
53. Dosa salaput hulu = loba pisan dosa
54. Dug hulu pet nyawa = digawe beurat meh taya eureuna
55. Elmu ajug = elmu nu teu dipake ku sorangan, ngan saukur mamatahan batur
56. Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna = hirup kudu bari nyiar elmu pikeun kasalametan
dunya aherat
57. Euweuh elmu panungtungan = elmu mah moal aya beakna sanajan nepi ka ajal oge
58. Galak sinongnong = mimiti aya sir ka awewe, tapi teu wani adu hareupan
59. Galak timburu = babari timburuan
60. Galegeh gado = sareseh, serewel, someah, akuan
61. Gede-gede ngadage = gede awak tapi euweuh kawani
62. Gede gunung panaggeuhan = boga baraya atawa sobat luhur pangkat, gede dunya anu dipake andelan
63. Gede hulu = adigung
64. Gemah ripah low jinawi = gegek cacah jiwana sarta raharja
65. Gentel keak = meh tara lesot (budak ti indungna)
66. Genteng-genteng ulah potong = sanajan hasilna teu sabaraha keun bae tinimbang luput
67. Gereges gedebug = ngalampahkeun pagawean teu di piker panjang heula
68. Getas harupateun = babari ambek
69. Geus aya dina pesak = kakeupeul, geus kanyahoan rusiahna
70. Geus aya kembang-kembangna = geus aya anu nimbulkeun harepan kana hasil nu dimaksud
71. Geus bijil bulu mayang = geus baleg
72. Geus cueut ka hareup = geus kolot, geus liwat tengah tuwuh
73. Geus karasa pait peuheurna = geus kaalaman sagala rupa nu ngenaheun atawa nu matak susah
74. Geus turun amis cau = geus mangkat beger ( awewe)
75. Gindi piker belang bayah = goring hate
76. Ginding bangbara = resep ginding jeung royal ngarah katingal ku batur
77. Ginding kakampis = ginding tapi teu boga duit
78. Goring peujit = goring hate
79. Goring sisit = goring milik
80. Gugon tuhon = kukuh, satuhu
81. Gulak giluk kari tuur, herang-herang kari mata,teuas teuas kari bincurang = asal beunghar jadi
miskin,teu boga naon-naon
82. Gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi = taya wates wangena
83. Gurat batu = kukuh, teguh tangtungan
84. Gurat cai = teu puguh jangjina, sok robah tangtungan
85. Hade gogog hade tagog = hade basa , budi parangi, jeung sikep ; nyaho tata titi

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona