ISTILAH WANDA JEUNG NAMI SUNDA


I. BÉRÉDÉLAN KECAP WANDA HEUBEUL JEUNG WANDA ANYAR

A
asong-saran = masukan, saran, usulan
ambah-buwana = internasional, global

B
bébéné = kabogoh (istri), pacar perempuan
Bendahara = keuangan
balakécrakan = dahar bareng, makan bersama
béwara = pengumuman
beubeureuh = kabogoh (pameget), pacar lelaki.
biantara = pidato

C
Candoli = logistik, perlengkapan
Cipta Gentra = Producer Kasenian
Cipta Karya = Producer Barang
Cittanung maya = pikiran khayal



D
diistrénan = dilantik
dileler = diangugrahi, dipasihan
dipiajén = dihormati
dirgahayu = panjang umur
durjana = penjahat

É
émbaran = pengumuman, selebaran
G
gawé-bareng = kerjasama
Gentra Wicara = Talk Show
guluyur gentra = program run-down, atawa show rundown
Girang Panata Calagara = Ketua Panitia
Girang Pangajén = ketua juri
gotrasawala = musyawarah

H
hundagi = ahli nu nyieun imah/wangunan; arsitek


J
jagabaya = satuan pengamanan/satpam, security
jagariksa = pemerhati, pemeriksa, perawat
jagasatru = pendamaijaler-isteri = sarimbit, suami-istri.
jana = jalma, manusa
jomantara = awang-awang, angkasa
Juru Telik = editor
Juru Duum = distributor
Juru Tulis = sekretaris, penulis


K
kaca-acak = halaman-pencari, googling 
karyagung = karya besar, 
kanistamadyau mottama = balarea ti sagala lapisan  
  

L
layang pangajén = piagam pernghargaan
lurah gending = musical director
lurah sekar = lulugu panayagan


M
madwandayudha = perang tanding, berdebat, bersetru 
mandala = lapangan
mandala maya = website
marga-lantaran =  sabab-musabab, sebab kejadian
milangkala = milangwarsi = ulang tahun
minangsaraya = ménta tulung, ménta bantuan
mitra-pangrojong - sponsor

N
napaktilas = menelusiri jejak terdahulu, nostalgia perjalanan.
Nara Wicara = pembicara
Nara Sumber = akhli pangaweruh
niskarana = teu pernah kajadian
nganjrek = alamat, linggih, cicing

P
padumukan = alamat, adres, linggih
pagelaran = pertunjukan, show, concert
Paguyuban = perkumpulan, club, association
pakétrok iteuk = babarengan nepi ka kolot, bersama sampai hari tua
Pamidang Acara (PA) = pembawa Acara (PA); Master of Ceremony (MC)
pamong = pagawé, petugas - pamong-pradja (patugas nagara)
pamidang garapan = panitia, penyelenggara
panglawungan = tempat rundingan, sawala, gempungan
Pangrawit = komposer, komponis, pencipta lagu
Pangajén = juri ; Girang Pangajén = ketua juri.
Panayagan = pemain musik
Panata Calagara = panitia, pangasuh
papacangan = tundangan
paujar = juru bicara
pinisepuh = para sesepuh
pinustaka = penulis/notulen
pitulung = help, bantuan (dina website)
Pramu Wicara = moderator 
Pramu Wisma = babu, pembantu rumah tangga
Pramugari = stewardes
Pramuria = club hostess
Pramusaji = pelayan restoran
Pramuniaga = pelayan toko
prawicara = kunci-pembicaran, keynote speech
Pupuhu = ketua, pingpinan
Purwacarita = mukadimah, pembukaan


S
samakarya = gotong royong
sarimbit = jaler-isteri = suami-istri
sarjana = jalma pinter
sasmita = siloka, simbul
sawala = rundingan, perundingan, konferensi.
siloka = simbul, symbol
Sutradara = Pangatur Laku

T
titimangsa = pananggalan, kalender

W
widyanipuna = orang yang tinggi ilmunya, berpengetahuan, ulama
wiparita = kaliru


**********************************************************************************

II. HARTOS SAWATARA NAMI SUNDA.
Ngawaler patarosan salah salah sawios baraya, di handap ieu kasanggakeun sababaraha nami nu lumrah dianggo ku urang Sunda sareng hartosna.

A
asih = cinta, nyaah
arum = seungit, kembang
atmaja = kembang
asta = dalapan

B
banyu - cai
bhuwana = alam semesta

C
cahya/sahaya = sinar, nur
Candra = bulan
catur = opat
citra = ajen, nilai, dangiang

D
dasa = sapuluh
diah = sesebutan keur istri (nona, miss)

Dur = dhalim, jail
Dharma/darma = babakti

dwi = dua

E
éndah = alus
ésa/éka/esa = tunggal = hiji

G
ganjar = pahala, hadiah, dipaparin, dib
ér
é
gina = juru, pojok

J
Jana = manusa
Jaga = ngajaga, nungguan, ngariksa
jatnika = ...............
jaya = meunang, unggul
jawara = juara
jomantara = awang-awang

K
Karta = makmur
karna = ceuli
komara = alus, sinar, dangiang
Kusuma = kembang
kumba = gede, ageung

L
Laga = légég, gaya, tandang

M
Man = lalaki
marga = jalan
mitra  = dulur, babaturan, partner

N
Nata = raja
nawa = salapan

P
panca = lima
paksi = garuda, manuk
pratama = pertama, utama
Praja = Pamaréntah, pangawasa, pagawé nagara
Pura = kota, dayeuh, tempat
purwa = mimiti, munggaran

R
Raharja = sejahtera
Riksa = ngariksa, ngajaga, ngarawat, ngutak-ngatik.

S
Sar = pinter
sapta = tujuh
Satia/setia– satia
Santika = satria, gagah
Sastra = basa anu alus
Surya = panon poé
su - alus, lemes
sukma = jiwa

T
tri = tilu
tirta = cai

W
Wan = pameget
Wati = istri
Wangsa = bangsa, kaum, umat
Wijaya/jaya = unggul
Wira/prawira/wiria = satria, perwira
windu = dalapan

Y
Yudha = perang, panglima, prajurit

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona