PANCAKAKI

Pancakaki nya éta hiji sistem nu ngagambarkeun hubungan kulawarga. Bangsa-bangsa di dunya atawa nu basana béda bisa waé ngabogaan pola-pola nu ampir sarua. Upami kitu, narjamahkeun hiji istilah ka basa séjén minangka pagawéan nu teu susah. Ngan sakapeung, panarjamah héséeun narjamahkeun istilah-istilah pancakaki ti bangsa nu sistemna béda.

Pancakaki urang Sunda

Dina adat istiadat urang Sunda, pancakaki téh ngabogaan dua harti. Kahiji, pancakaki téh hartina pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh. Upamana baé, kumaha pancakakina si Dadap ka si Waru, naha kaasup indung, bapa, nini, aki, paman, bibi, anak, incu, buyut. alo, suan, jsté. Kadua, pancakaki téh hartina mapay perenahna kabarayaan.

  • Ka handap:
  1. anak: turunan kahiji(turunan pertama)
  2. incu: turunan kadua, anak ti anak (cucu, turunan kedua, anak dari anak)
  3. buyut: turunan katilu, anak ti incu (cicit, turunan ketiga, anak dari cucu)
  4. bao: turunan kaopat, anak ti buyut (turunan keempat, anak dari buyut)
  • Ka luhur:
  1. bapa: ayah
  2. indung: ibu
  3. aki: kakek, ayah dari ayah/ibu
  4. nini: nenek, ibu dari ayah/ibu
  5. uyut: ayah/ibu dari kakek/nenek
  6. bao: ayah/ibu daru uyut
  7. janggawaréng: ayah/ibu dari bao
  8. udeg-udeg: ayah/ibu dari janggawaréng
  9. kakait siwur: ayah/ibu dari udeg-udeg
  10. karuhun: silsilah ke atas yang sudah meninggal
  11. sesepuh: silsilah ke atas yang masih hidup
  • Ka gigir:
  1. lanceuk: abang/kakak, saudara laki-laki/perempuan yang lebih tua
  2. adi: adik, saudara laki-laki/perempuan yang lebih muda
  3. uwa: saudara laki-laki/perempuan yang lebih tua (abang/kakak) dari ayah/ibu
  4. paman/emang: saudara laki-laki yang lebih muda (adik) dari ayah/ibu
  5. bibi: adina bapa/indung (awéwé)
  6. alo: keponakan, anak dari abang/kakak
  7. suan: keponakan, anak dari adik
  8. aki ti gigir: kakek, saudara kandung laki-laki (abang/adik) dari kakek/nenek
  9. nini ti gigir: nenek, saudara kandung perempuan (kakak/adik) dari kakek/nenek
  10. kapilanceuk: sepupu, anak abang/kakak dari ayah/ibu
  11. kapiadi: sepupu, anak adik dari ayah/ibu
  12. incu ti gigir: incuna adi
  13. emang ti gigir: anakna adi aki/nini (lalaki)
  14. bibi ti gigir: anakna adi aki/nini (awéwé)
  • Perkawinan:
  1. salaki: suami
  2. pamajikan: istri
  3. mitoha: mertua
  4. minantu: menantu
  5. lanceuk beuteung: abang/kakak ipar, abang/kakak kandung dari suami/istri
  6. adi beuteung: adik ipar, adik kandung dari suami/istri
  • Anak:
  1. tunggal: anak tunggal
  2. cikal: anak sulung, anak yang lahir pertama
  3. panengah: anak tengah, anak yang lahir tengah-tengah (biasanya untuk jumlah anak ganjil)
  4. pangais bungsu: abang/kakak dari anak bungsu, urutan kedua dari bawah
  5. bungsu: anak bungsu, anak yang lahir terakhir
  • Istilah Séjén:
  1. lanceuk sabrayna: abang/kakak sepupu yang masih satu turunan dari kakek/nenek
  2. adi sabrayna: adik sepupu yang masih satu turunan dari kakek/nenek
  3. dulur pet ku hinis: saudara kandung, saudara satu ibu dan satu bapak
  4. dulur sabaraya:dulur pisan, anakna emang/bibi jeung ua
  5. dulur teges: dulur enya saindung sabapa
  6. indung téré: pamajikan Bapa lain anu ngalahirkeun urang
  7. bapa téré: salaki indung lain anu ngalantarankeun urang lahir
  8. anak téré : anak sampakan ti lalaki/pamajikan
  9. dulur patétéréan: anak indung/bapa téré
  10. baraya laér: baraya anu nurutkeun pancakaki geus jauh
  11. teu hir teu walahir: teu baraya saeutik-eutik acan
  12. bau-bau sinduk: baraya kénéh sanajan geus laér
  13. baraya: sakur anu aya pancakakina
  14. bésan: indung/bapana minantu
  15. dahuan: salaki atawa pamajikanna lanceuk


Sumber : http://su.wikipedia.org/wiki/Pancakaki

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona