Posts

Showing posts with the label Istilah

Kecap Panganteur

Bahasa daerah Bandung sebagai salah satu daerah tatar Priangan adalah Basa Sunda (Bahasa Sunda).  Parahyangan atau Priangan (Bahasa Belanda: Preanger) adalah daerah kebudayaan Sunda di Jawa Barat yang luasnya mencakup wilayah Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Sumedang, Cimahi, Bandung, Cianjur, Sukabumi dan Bogor.  Pada kesempatan ini kita akan sama-sama belajar Seri Pelajaran Bahasa Sunda bagian 1 yakni tentang " kecap panganteur " (kata pengantar) yakni kata tambahan yang tidak mengandung arti namun berguna intuk memantapkan sebuah pembicaraan baik pengantar keadaan/ kata sifat maupun pengantar kata kerja.  Contoh penerapan kecap panganteur silakan perhatikan kalimat di bawah ini: "Barang nepi ka sisi susukan jrut manehna turun " (terjemahan dalam Bahasa Indonesia: begitu sampai di pinggir sungai, " jrut " ia turun).  "jrut" pada kalimat di atas tidak mengandung arti apapun, hanya penegasan dari kata kerja "turun", kecap panganteur "...

Ngaran Patempatan Basa Sunda

Untuk suatu nama patempatan di masyarakat Sunda khususnya di Bandung dan sekitarnya, yakni Cimahi, Sumedang dan orang suku sunda lainnya, ada beberapa nama khusus, yakni diantaranya :   Alun-alun = tanah lapang (hareupeun kacamatan, kabupaten, jsb)   Babakan = lembur anyar;  ngababakan = nyieun lembur anyar   Babantar = bagian walungan anu leah sarta deet.  

TILEM/NGAHYANG DI ALAM KAMI

Kintunan : Kang Edy Nugraha PANGANTEUR Ngahyang atawa tilem lolobana dinisbahkeun ka cara ninggalkeun alam dunyana Siliwangi jalma baheula di jaman Pajajaran (lain jalma ayeuna). Harti jeung maksud jalma sunda ayeuna ngeunaan kecap/konsep ngahyang atawa tilem rupa-rupa, misalna, Dina ensikolpedi sunda (2000) entri ngeunaan tilem euweuh. Aya oge ngahyang – dina entri kecap hyang- nu dihartikeun leungit jeung jasadna ngajadi hyang. Ari Hyang di sunda mah luhureun dewa-dewa - ‘Allah’ di sunda mah disebut diantarana Sang Hyang keresa (nu maha pencipta) jeung Hyang Seda niskala ( Maha Gaib). Dina kamus LBSS (1992) kecap ngahyang euweuh aya oge tilem nu dihartikeun ngaleungit jadi siluman. Aya oge nu dinisbahkeun tilem/ngahyangna Siliwangi teh dipercaya lain leungit jeung jasad tapi paeh biasa mun teu salah mah ieu teh salah sahiji pamendak ti, diantawisna, Pa Yoseph Iskandar. Aya oge,… nu saukur ngagolongkeun ngahyang teh mitos (tahayul) jadi lain mang rupa hiji hal n...

Diajar Basa Sunda Kecap Rundayan (Dok. Banyolan Sunda.com)

Rarangken hareup kaasup kecap rundayan, nyaeta kecap anu wangun dasarna geus dirangkenkeun. Rarangken diba basa Sunda aya 4: rarangken hareup (awalan/afiks), rarangken tengah (infiks/sisipan), rarangken tukang (sufiks/ahiran), jeung rarangkeun barung (konfiks). Rarangken hareup nyaeta rarangken anu ngantet hareupeun wangun dasarna. Nu kaasup rarangken hareup nyaeta: 1. Rarangken hareup ba- Gunana ngawangun kecap pagawean nu hartina 'ngalakukeun' Conto dina kalimah: Kang Jack ayeuna geus balayar deui ka Papua make kapal laut. 2. Rarangken hareup barang- Gunana ngawangun kecap pagawean nu hartina 'ngalakukeun pagawean nu teu tangtu atawa teu puguh obyekna' Conto dina kalimah: Eta si Gembul kabeukina teh barangdahar we.

MAGEUHAN ADEG-ADEG KASUNDAAN

Oleh-oleh ti International Conference Sundanese Culture (ICSC) Kintunan :Rara Dotcom Dina “Nyukcruk Galur Kasundaan’ (Reinventing Sunda) anu kasebut tingkat Internasional mangrupa salah sahiji kareueus pikeun urang Sunda mah. Aru reueusna dina nyuckruk galur kasundaan dibawa ka tingkat internasional, lain ukur tingkat nasional wae, ieu teh salah sahiji tarekah anu kawilang pentingna, reueus, aheng malahan mah. Ari pentingna, sugan wae ku diangkatna ka tingkat internasional, bisa nambahan kawewegan pikeun urang sunda dina mageuhan adeg-adeg kasundaanana. Perlu dipikareueus, kituna mah. Ari ahengna? Enya aheng tur’aneh bin ajaib, diangkat ka tingkat dunya teh, padahal mah urang lemburna sorangan loba anu ngarasa era, teu wani ngaku. Diayakeunana International Conference Sundanese Culture (ICSC) teh ku pangrojongna ti komisi Nasional Indonesia keur UNESCO. Atuh ieu kagiatan anu diayakeun 3 poe 3 peuting bulan Oktober taun anu kaliwat di Hotel Salah The Heritage Bogor ...

Sudah “Etnis”, Lupa “Suku”

Oleh: Hawe Setiawan DALAM bahasa Indonesia baku, kata etnis adalah adjektiva alias kata sifat. Kata itu dipakai untuk menerangkan kata yang mendahuluinya. Contohnya, istilah kelompok etnis berarti sekelompok orang yang memperhatikan ciri-ciri entis tertentu. Bahasa Indoensia menyerap kata etnis dari bahasa Inggris. Istilah aslinya adalah ethnic . Dalam bahasa Inggris, kata ethnic terutama berfungsi sebagai kata sifat, tapi sepertinya dapat juga berfungsi sebagai kata benda alias nomina. Salah satu variannya adalah ethnicity , yang dalam bahasa Indonesia biasanya dijadikan etnisitas, yaitu keadaan yang menunjukan ciri-ciri sekelompok orang. Uniknya, dalam Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) edisi 2008, kata etnis hanya diserap sebagai kata sifat. Di situ diterangkan bahwa etnis adalah adjektiva dalam bidang antoropologi yang “berkenaan dengan ilmu tentang persebaran, kedaaan jasmani, adat istiadat, dan cara hidup berbagai macam orang”. Meski begitu, banyak penutur ba...

UCAPAN RINEKA SASTRA (dimuat bilih hilap deui)

Urang Sunda mah gede rasa sumaduduluranana sarta gede kanyaah. Ku kolot mindeng diucapkeun : Hirup kudu sabilulungan jeung dulur kudu akur runtut raut sauyunan nya kitu deui kudu welas asih ka sasama. Sakabeh a nu diucapkeunnana oge henteu luput tina tujuan hayang ngangeunahkeun ka anu ngadengekeun, contona : ANDUK ANDUK PALALAKU Neda agung cukup lumur mugi jembar panghaksami, bilih aya kalepatan, kirang tata titi,kirang duduga peryoga, tuna harta sepi harti, awon garihal basana,pondok nyogok panjang nyugak, matak jaheut mamanahan, ulah kirang nya nawakup, mugi ageing hapuntenna. MASRAHKEUN Nyanggakeun bandanna sakujur,getihna satetes, buukna salambar, ambekanna sadami.Ti luhur sasipat rambut ka handap sahibas dampal. Kabodoanana,katalingeuranana, kalaipanana,siangna,wengina, ilang-ilang marga hina, katinggang pangpung diudag maung,sumangga nyanggakeun. NARIMA Ditampi ku asta kalih, kasuhun kalingga murda, bingah amarwata suta, bingah anu teu aya hingana...

Elmu Teluh (Dok.Salakanagara)

Image
Kintunan : Japar Sidik Percaya kana mistik pikeun sawaréh urang Indonesia hususna urang Sunda mah lir ibarat percaya ka diri sorangan, éstuning geus jadi kulit jadi daging téh boa lain bobohongan, teu kitu kumaha, lantaran geus aya tipuhuna kénéh, nyaéta tina anemisme jeung dinamisme téa, nu geus ngakar jadi kapercayaan para karuhun urang. Béh dieu hal-hal nu sifatna mistik téh sacara fungsi jadi ngésér, nu asalna pikeun kabutuhan reliji/sacral - spiritual jadi ritual sérémonial. Contona larung saji di Palabuan Ratu nu asalna pituin upacara jang nu goib (nyuguh Loro Kidul) kapan ayeuna mah geus leuwih kana aspek seremonial jang narikperhatian turis, atawa gagaman keris misalna, kapan jaman baheula mah keris téh dijieun jimat, dikukusan di mandian ngala tuahna, ari ayeuna geuning jadi bahan pajangan di imah-imah gedong (pikeun elemen estetis). Tapi kukituna teu kabéh jalma ingkar tina mistik, malah lain ngan ukur golongan biasa baé tapi kaom intelék jebolan paguron ...

Kabeungharan Basa (dok.Salakanagara)

Kintunan : Ike Tasrika, S.Pd. (Guru SD ) Panganteur: Pun sapun ampun paralun, sanes bade kokolot-begog, teu gaduh maksad guminter, ieu mah etang-etang ngelingan diri sorangan, jisim abdi bade nyuguhkeun saciwit tina kabeungharan/kajembaran basa Sunda, manawi aya mangpaatna. Kitu oge teu nganggo sistematika ilmiah, nu runut-ngaruntuy, da nu diseratna, mana we nu tipayun mucunghul dina emutan, janten tangtos karaosna gagajlokan. Jisim kuring nampi saran sinareng kritikna. 1. SESEBATAN KA JALMA Sesebatan/predikat, ka jalma, di Sunda kawilang seueur. Nu didamel patokan, aya opat, nya eta: a) Ngabantun tina benten yuswa, b) Ngabantun tina rupa/wanda,sareng kaayananana, c) Ngabantun tina tingkah-laku, sareng d) Ngabantun tina pangkat/kalungguhan/padamelan.

SIKEP URANG SUNDA NU ALUS PIKEUN KAMAJUAN SUNDA

URANG SUNDA TEH KUDU : 1.Congo nyurup kana puhu, ka luhur sirungan ka handap akaran. 2. Cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer. 3. Nu weruh ka semuna apal ka basana, rancingas rasana, rancage hatena. 4. Nu bisa ngajaga panon ku awasna, ngajaga ceuli ku dengena, ngajaga letah ku ucapna, ngajaga hate ku ikhlasna. 5. Subur di lembur, bagja di kota. 6. Heug urang teundeun di handeuleum sieum, geusan sampeureun. cag urang tunda di hanjuang siang, geusan alaeun. 7. Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah, rea ketan, rea keton, buncir leuit, loba duit. Di hareup undeureun, di tukang alaeun, di pipir petikeun, di kolong aya si jambrong, na parango aya si jago.

RUPA-RUPA LEUMPANG - dok Salakanagara

(Pangdeudeul pangajaran basa Sunda) Ku: Iing Firmansyah Boyot = leumpang kendor bangun beurat awak. Déog/péngkor = leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok. Dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho. Égang/égol = leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jsté. Gonjléng = leumpang awéwé bari ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki. Ingkud-ingkuan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jsté. Jarigjeug/jumarigjeug = leumpang bari semu rék labuh (biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering). Jingjet = leumpang semu hésé ngaléngkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing.

Pasipatan jalma (hade vs goreng)

Pasipatan jalma aya dua rupa, nyaeta sipat hade jeung sipat goreng. A. PASIPATAN JALMA NU HADE: Getol = upama digawe henteu loba ngareureuh, budak sakola jarang absen. Rajin = daekan kana gawe Rapekan = sagala pagawean dicabak Wekel = digawe henteu bosenan Singer = kana gawe trampil Berehan = resep barang bere Tanghian = resep hudang isuk-isuk Someah,sarehseh,gerewel = akuan, resep nanya Gemi, rikrik = resep neundeun rejeki Banteran,wanter = wani henteu eraan Daekan = lamun dititah tara hese Pinter = uteukna sagala bias Sopan = nyaho anggah-ungguh tatakrama Parimpen = neundeun barang dina tempatna, henteu asal bae Tartib = ati-ati dina sagala pagawean Satuhu = nurut kana sagala papatah/parentah Apik = Ati-ati kana pagaweann supaya hasilna hade

SAJARAH SAGALAHERANG

Catetan: Gunawan Yusuf Bismilahirohmanirohim. Alhamdulilah ku muji syukur ka Ilahi Rabbi, sim abdi bade nyobian muka Babad Sagalaherang. Ka kasepuhan nu aya di Sagalaherang, abdi nyuhunkeun dihapunteun bilih dina bahasan aya nu teu merenah, atuh ka para anggota milis ieu kritik sareng saran diantos pisan kumargi panulisan babad ieu teu terstruktrur. Anapon sumber panulisan sajarah ieu dicandak tina buku Sajarah Cikundul ti Yayasan Cikundul Cianjur sareng katerangan para sesepuh di Sagalaherang sareng Cikundul, Cianjur. Sagalaherang teh mangrupi hiji daerah nu aya di kabupaten Subang, rada benten sareng wilayah sanesna di Subang, Sagalaherang teh ayana di pagunungan janten hawana rada tiis. Dina jaman pamarentahan Padjajaran nu rajana nyaeta Prabu Siliwangi Maharaja Pasundan, kantos ngadamel jalan antawis Rangkas (Banten) dugi ka Kawali (Ciamis), ananging rutena teh kieu Rangkas lebak) - Jasinga - Bogor(Pakuan) - Cileungsi - Karawang - Purwakarta - Sagalaherang - S...

Filosofi Pandawa Lima dalam diri manusia (Kejawen)

Filosofi Pandawa Lima dalam tubuh setiap manusia yakni: 1. Yudhistira (Lokasi perumpamaan Yudhistira di tubuh manusia adalah di OTAK) Yudhistira merupakan saudara Pandawa yang paling tua dan penjelmaan dewa Yama. Sifatnya sangat bijaksana, memiliki moral yang sangat tinggi, suka memaafkan dan mengampuni musuh yang sudah menyerah. FILOSOFI: Jika manusia ingin mulia dalam hidupnya, maka pergunakanlah otak secara bijaksana dan tidak mengumbar ambisi untuk meraihnya, melainkan mengutamakan strategi untuk meraih kemuliaan hidup di dunia.  2. Bima/Sena/Werkudara (Lokasi perumpamaan Bima/Sena/Werkudara di tubuh manusia adalah pada MATA) Bima merupakan putra kedua yang merupakan penjelmaan dari dewa Bayu sehingga sering dijuluki Bayusutha. Tubuhnya tinggi, dan berwajah paling sangar diantara saudara-saudaranya. Meskipun demikian, ia memiliki hati yang baik. Lantaran kekuatannya, Bima sangat ditakuti oleh sosok Kurawa dan musuh-musuhnya. FILOSOFI: Satu hal yang membuat...

SESEBATAN KA JALMA

Pun sampun ampun paralun, sanes bade kokolot-begog, teu gaduh maksad guminter, ieu mah etang-etang ngelingan diri sorangan, jisim abdi bade nyuguhkeun saciwit tina kabeungharan/kajembaran basa Sunda, manawi aya mangpaatna. Kitu oge teu nganggo sistematika ilmiah, nu runut-ngaruntuy, da nu diseratna, mana we nu tipayun mucunghul dina emutan, janten tangtos karaosna gagajlokan. Jisim kuring nampi saran sinareng kritikna. 1. SESEBATAN KA JALMA Sesebatan/predikat, ka jalma, di Sunda kawilang seueur. Nu didamel patokan, aya opat, nya eta: a) Ngabantun tina benten yuswa, b) Ngabantun tina rupa/wanda,sareng kaayananana, c) Ngabantun tina tingkah-laku, sareng d) Ngabantun tina pangkat/kalungguhan/padamelan. Anu tiasa kasanggakeun mung tilu......

PARABOT DAPUR

Cecenting = boboko leutik kaulinan barudak Boboko = Paranti wawadahan (sangu, balanjaan oge sok dipake ngisikan) Pasegan = said kapalang Said = boboko gede Totolonto = wangunna saperti tolombong (wadah timbel) Tolombong = Wadah bangsal,atawa hasil palawija Dingkul = sagedeeun tolombong Gebog = dingkul gede paranti wadah pare Cecempeh = nyiru leutik paranti moekeun lauk asin Nyiru = paranti napikeun beas beunang nyosoh Tampir = nyiru gede paranti moekeun bangsal, sisikian Besek = paranti wadah dahareun dina hajatan Tingkem = paranti wawadahan upama nyanyabaan (kikiriman) Sumbul = wadah sangu Sumbul garitung = sumbul gede anu aya gantunganana (wadah kadaharan) Tetenong = wadah kadaharan Pangangen = paranti (tempat ngakeul) Ayakan = parantingalo huut lemes Ayakan gede = paranti nyieun opak Aseupan = paranti nyangu

ISTILAH SUNDA (Dok.Salakanagara)

Oleh Raden Wiraatmadja Penggunaan istilah Sunda saat ini sulit dibedakan dengan istilah Jawa Barat, sering dicampur adukan, padahal secara histori memiliki sejarah yang berbeda. Kedua istilah tersebut mengalami perubahan pengertian dan penafsiran, sehingga sering terjadi kekeliruan dan keragu-raguan dalam penggunaannya, terutama ketika istilah Sunda hanya dikonotasikan politis, dianggap sukuisme, sehingga terpaksa istilah Sunda dalam perkumbuhan sosial dan budaya harus diganti dengan sebutan Jawa Barat. Istilah Sunda dalam catatan masa lalu diterapkan untuk menyebutkan suatu kawasan (Sunda besar dan Sunda kecil), sedangkan di dalam prasasti dan naskah sejarah digunakan untuk menyebutkan batas budaya dan kerajaan di pulau Jawa bagian barat (Jawa Kulwon), bukan hanya terbatas didalam yuridiksi penerintahan Jawa Barat saat ini, didalam Catatan Bujangga Manik disebut “Tungtung Sunda”.

Kabeungharan Basa (dok.Salakanagara)

Kintunan : Ike Tasrika, S.Pd. Panganteur: Pun sapun ampun paralun, sanes bade kokolot-begog, teu gaduh maksad guminter, ieu mah etang-etang ngelingan diri sorangan, jisim abdi bade nyuguhkeun saciwit tina kabeungharan/kajembaran basa Sunda, manawi aya mangpaatna. Kitu oge teu nganggo sistematika ilmiah, nu runut-ngaruntuy, da nu diseratna, mana we nu tipayun mucunghul dina emutan, janten tangtos karaosna gagajlokan. Jisim kuring nampi saran sinareng kritikna. 1. SESEBATAN KA JALMA Sesebatan/predikat, ka jalma, di Sunda kawilang seueur. Nu didamel patokan, aya opat, nya eta: a) Ngabantun tina benten yuswa, b) Ngabantun tina rupa/wanda,sareng kaayananana, c) Ngabantun tina tingkah-laku, sareng d) Ngabantun tina pangkat/kalungguhan/padamelan.

Ngaran Pepelakan Mawa Ciri Khasiatna.

1. Pecah Beling: Ginjal, Kencing Batu, Nyeri Kiih (Pecah Nu ngabeling) 2. Sembung: Sesembuhan Nu Katembong. Amandel, Nuhudang Ngajuru 3. Harendong: Hare-hare Ngendong, Harese Ngendong, Lemah Syahwat 4. Handeuleum: Bahan Neueulkeun, Nu Bereum (Ambyen) 5. Kirinyuh: Kiih Nyeri Besi, Nyuuh, Juuh (Karinyuh) Hidrasi, Jeungjeuriheun 6. Dadap: Dada Eungap, Paru-paru, Bronhitis, Asma 7. Bintinu: Bau Biin, Tambah Linu, Nyeri Huntu, Nyeuri Ceuli 8. Waru: Jiwa Kasaru, Sakit Jiwa, Gelo 9. Pringgani: Padi Kanu Gering, Ganjelan Dina Dada, Nyamuni 10. Jarong: Jang Nu Teu Sabrongnrong Nu di Beuteung, Guna-guna, Komplikasi

SASAKALA Kai Kaboa (Dok.Salakanagara)

KABOA kaasup kai langka nu can tangtu kapanggih di sambarangtempat salian di Leuweung Sancang. Malahan tangkal kaboa ngarupakeun kaunikan keur Leuweung Sancang mah. Tangkal kaboa jadi ciri jati diri Leuweung Sancang nu hese dipisahkeun lir ibarat gula jeung amisna. Ari leuweung Sancang teh perenahna deukeut kebon karet Mira Mare ka bawah ka Desa Maroko Kacamatan Cibalong Garut. Mun dijugjug ti garut mah aya kana 118 kilometer. Eta leuweung legana 2.175 hektar. Lian ti loba rupa tatangkalan Leuweung Sancang jadi panonoban sato nu geus jarang langka kapanggih, samodel merak, julang, banteng, maung, jeung mencek. Dina taun 1978 ku Menteri Kehutanan dijadikeun cagar alam jeung suaka margasatwa. Loba dongengna teh nyebar kamamana. Pangpangna dongeng ngeunaan maung kajjajaden jelmaan ra’yat Prabu Siliwangi ti karajaan hindu Pajajaran anu kakaburan lantaran embung arasup Islam. Lian ti eta tangkal kaboa aya dongengna deuih. Cenah lamunurang asruk-asrukan di Leuweung Sancang ...