Candi jaman SALAKANAGARA Kadétéksi ku Satelit NASA
NASA, badan luar angkasa AS, kungsi motrét tumpukan batu di wewengkon Lebak Cibedug Banten. Ieu adegan jiga candi, legana leuwih ti duakalieun Candi Borobudur.ngan jangkungna sahandapeun Borobudur. SAWATARA waktu anu kaliwat badan luar angkasa AS, NASA, kungsi manggihan hiji adegan jiga bangunan candi, perenahna di Lebak Cibedug, wewengkon Banten. Ceuk maranéhna, éta tumpukan batu téh legana duakali ngaleuwihan Candi Borobudur. Ieu papanggihan, teu digegedékeun da meureun teu dianggap penting keur maranéhna mah, keur mah urang Indonésiana ogé jiga teu hayang nyaho, nya kaasup urang Sunda, tempat dimana éta adegan jiga candi aya. Nu nyarahona, pédah kabeneran maca artikel pondok anu dimuat dina salah sahiji web internét. Ngan baé lamun mah urang Sunda eungeuh kana pamoyok deungeun yén Sunda mah miskin ku titinggal nu mangrupa fisik, nya ti dieu waktuna urang Sunda ngabantah kana pamoyok deungeun.